Sabtu, 02 Juni 2018

Carita Saheulaanan



Cartibag Dhipa Galuh Purba



‘ Néleng néng kung-néléng néng kung, geura gedé geura jangkung, geura sakola di Bandung. ’

I

            Bandung paranti padungdung. Tandang ngalawan kamelang. Tanding nyanghareupan wiwirang. Ninggalkeun lembur kahéman. Nahan Saheulanan rasa  sono ka bojo pupujaning ati. Ninggalkeun geugeutna anaking jimat awaking.

            Bandung. Di kota ieu kuring ngumbara. Kota anu katelahna kota kembang. Kuring tempur geusan ngalaksanakeun kawajiban hiji salaki. Tempur dina jaman kiwari. Tempur ngadu résiko hirup. Lain tempur ngalawan penjajah cara baheula. Ceuk Mama Ajengan mah kasab ngaranana. Tapi asana leuwih merenah disebut usaha. Padahal hartina éta-éta kénéh. Anu puguh mah kuring téh kuli. Enya kuli. Aya nu nyebut tukang témbok. Padahal mah kuring téh buruh bangunan. Sanajan buruh bangunan atawa kuli bangunan, hartina sarua-rua kénéh.

Unggal poé pagawéan téh taya robahna. Numpuk-numpukeun bata, ngawur-ngawur keusik, ngacak-ngacak semén, narik méteran, ngagugulung benang, mentangkeun benang, nakolkeun palu, ngagutak-gitek séndok semén, ngagésék-gésékeun ragaji, ngécéngkeun panon, menerkeun pasangan, ngusap-ngasép témbok jeung ngusapan …awak.

            Teuing geus anu kasabaraha puluh atawa boa nincak ratus wangunan anu kacampuran ku pagawéan leungeun kuring. Sabab keur  kuring mah, wangunan anyar téh minangka kahirupan anyar pikeun kuring jeung saanak pamajikan. Dina unggal wangunan, kuring nukeurkeun késang kana duit. Dina unggal wangunan ogé, kuring nukeurkeun tanaga kana sahuap sangu.

            Lamun teu salah, ti mimiti taun 1980 tug nepi ka kiwari, hirup kuring ukur ngandelkeun buburuh dina bangunan. Ceuk légégna mah sok disebut proyék. Proyék. Mangnyieunkeun wangunan batur. Imah, gedong, kantor jeung sabangsana.  Dialus-alus, diluis-luis. Saheulanan mah kuring pisan anu mimiti nyicinganana. Dahar, saré, mandi, pokona sagala rupa di dinya. Tapi lamun geus alus, kuring kudu ingkah. Malah asa pamohalan upama isuk jaganing géto bisa nincakeun deui suku ka tempat anu kungsi jadi pangidek liheran téh. Barina ogé, rék nanahaon kuring unggah ka tempat-tempat alagréng kitu. Kuriak  kaburu ditéwak mantén ku satpamna. Imah agréng, gedong anu ngajul langit, ukur jadi tempat cicing kuring saheulanan, saméméh bisa diparaké sakumaha mistina.

            Demi hirup, bulat-beulit. Nawur hutang, nyieun hutang. Nawur hutang, tuluy dijieun deui. Ditawur deui, Dijieun deui. Kitu jeung kitu, nepi ka hirup téh rarasaan mah ukur pagulung-gulung jeung hutang. Poé Senén muka bon ka warung, Salasa ngagedéan, Rebo nambahan, atuh poé Kemis téh beuki ngipisan keur bawaeun balik, jumaah ngipisan pisan. Poé Saptu nampa bayaran, ditungkulan ku tukang warung bari ngagigiwing buku catetan hutang. Sanggeus dibayar, tuluy balik ka lembur. Poé Mingguna ogé kudu ngitung bayareun hutang urut pamajikan. Taya robahna hirup téh.

            Komo sanggeusna si cikal manjing SMU, kabutuhan téh beuki ngagedéan. Uang ituh, uang inih. Buku ituh, buku ieu kudu dibeuli. Nu panengah ogé bayaran SPP-na kaluli-luli. Nu  bungsu ngurihit hayang sapatu, jaba pamajikan geringan. Teu anéh upama warung di lembur geus eureun méré nganjuk. Masalahna mah teu pira, alatan  gajih minggu  kamari teu mahi dipaké mayar hutang. Enya, teu pira sotéh ceuk kuring. Da ceuk Bi Éméhna mah kacida mangaruhanana kana permodalan dagang. Padahal Bi Éméh téh kurang kumaha beunghar. Sawah jeung kebonna lega, barudakna ogé geus digarawé kabéh. Ah, dasar tukang dagang.

            Awak kuring nambahan hideung ledeg. Beuki lestreng kapanasan. Kulit péot. Ngolotan, rangkidut. Buuk beureum pias balas kapoé. Kokoloteun dina beungeut ogé ngarubakan. Puguh deui ari sasanggalan dina dampal leungeun mah, atawa rorombéheun dina dampal suku. Dasar, buruh proyék.

            Kacida bédana jeung kaayaan mandor kuring. Anggeus saproyék téh béjana tuluy meuli motor. Anggeus proyék anyar,  meuli mobil. Nambahan proyék, nambahan pamajikan. Meunang proyék anyar, nyandung deui. Awakna beuki lintuh. Beuteung burayut. Padahal pagawéanna ukur tutunjuk jeung popolotot. Nyarékan jeung ngajejeléh pagawéan. Kitu salah, kieu teu bener. Dasar mandor.

            “Mang Unén, gancang atuh pindah ka dieu yeuh! Tuh, ruangan kamar encan diaci! Kumaha gawé téh asa beuki kendor baé? Sakitu bayaran ku sayah geus ditaékeun. Sing balég atuh digawé téh. Rugi sayah!” kitu ceuk Mandor Somad ka kuring. Tapi teu ieuh ditémbalan. Haroréam rék ngomongna ogé. Sajabana ti capé téh, asa moal pibenereun deuih. Sabab Mandor Somad mah cadu pisan kana éléh ngomong. Nurut baé, ngarah eureun ngacacangna. Kuring digawé husu pisan. Lain pédah ditalingakeun ku Mandor Somad. Rék ditungguan atawa henteu ditungguan, kuring mah tara aya bédana. Lain sieun teu kapaké ku Mandor Somad. Kuring mah sieun teu kapaké ku Gusti Alloh. Sabab lamun kuring korupsi waktu, naon bédana jeung korupsi duit? Susuganan atuh dosa téh teu pati nambahan teuing.

            “Kang, istirahat, kang,” Si Ubéd, ladén kuring nyarita rada halon. Rét katukang, Mandor Somad geus euweuh.

            “Heueuh,” cekéng téh bari bari gap kana séndok témbok jeung palu leutik. Tuluy  Diasupkeun kana kantong anu ngagantung dina éstégér. Rada beurat ogé kantong téh, sabab eusina sagala aya, ragaji leutik, palu, babandul, lot, méteran, paku-paku anu béda ukuranana, benang jeung kampak mintul, nepi ka bako jeung roko kéréték dua batang satengah. Gedé jasana ieu kantong téh. Kantong Jén’s. Enya maksud téh dijieunna tina sabagian calana jen’s butut anu geus teu kapaké. Ku pamajikan diteukteuk lebah sukuna, tuluy dikaput ngarupa kantong. Béda pisan jeung kantong mahasiswa anu pinuh ku buku élmu pikeun diajar korupsi, pakéeun jaga lamun geus diwisuda. Lain. Ieu mah kantong usrip alias usaha ripuh. Aéh, naha maké jeung suudzon ka mahasiswa sagala rupa. Padahal teu sakabéh mahasiswa sok karitu peta. Malah anu ngagedurkeun sumanget répormasi ogé apan para mahasiswa pisan. Hasilna…

            “Jang, boga korék api?” cekéng téh bari miceun pikiran anu beuki teu pararuguh. Pikiran anu lain pikiraneun kuring.

            “Aya, kang,” témbal  Si Ubéd bari kokodok kana pésak calana anu pinuh ku aduk. Calana anu diseuseuhna matuh unggal poé Saptu. Dipoéna ogé asal baé katingalina téh,  dina séng bédéng paranti saré. Tapi naha kuring téh  kalah mikiran calana Si Ubéd sagala rupa.

            Cekrés, pentul korék api téh dicekréskeun kana wadahna anu geus lecek. Serebung haseupna kaluar tina séla-séla biwir kuring. Dudukuy samak dilaanan, dipaké ngageberan dada jeung beungeut anu luut-léét ku késang. Minangka nuuskeun késang, kuring nyarandékeun awak kana témbok hanca gawé poé kamari.

            “Kang, abdi ka jamban tipayun …” ceuk Si Ubéd bari kop nyokot kérésék hideung anu ngagantung gigireun kantong jén’s kuring. Eusina kuring ogé apal pisan, ukur sikat gigi anu geus méh ledak jeung sabun colék.

            “Enya sok, akang mah da jibrég kénéh késang,” témbal kuring. Léos Si Ubéd indit, dituturkeun ku paneuteup kuring. Léngkah-léngkahna semu anu lungsé naker. Deudeuh teuing Si Ubéd. Umurna mah ngora kénéh. Tapi naha bet dadaékanan jadi nuluykeun tapak kuring. Na teu apalaeun kitu upama Kuring ogé ngarasa hanjakal jadi tukang témbok téh. Hanjakal pisan. Gajihna teu pira, ari tanaga diperes. Leuheung lamun teu diémbohan ku polototna mandor mah.

            “Astagfirulloh,” kuring ngagerendeng.  Reuwas. Apan istirahat téh waktuna ukur sajam. Jaba awak tacan diberesihan, pakéeun  salat. Mangkaning beuteung geus kukurubukan ménta dieusian.





***

 






 

II


            Teu pati lila solat téh. Kurang husu sigana mah. Atuda haté téh asa hésé pisan diajak husu solat mah. Teu cara ngalamun anu teu pararuguh, aya kalana nepi ka digebahkeun ku batur. Teuing lamun pikiran téh inget baé kana dahar. Buktina, sangu liwet dina panci hideung téh mani ledis. Rada rewog ogé dahar téh. Padahal deungeunna mah ukur peda bolocot, diccocolkeun kana gerus céngék.

            “Kang, kumaha cios ?” Si Ubéd jol-jol nanya, bareng pisan jeung teurab kuring.

            “Naon téa, Jang?” kuring rada ngahuleng, tapi leungeun mah teu poho ngarongkong kana gelas. Regot nginum.

            “Éta anu dicarioskeun kamari téa,” pokna deui. Sakedapan mah kuring nginget-nginget anu geus diobrolkeun poé kamari. Ras, pikiran téh ngalayang ka lembur. Pamajikan jeung barudak siga anu ngagupayan dina kongkolak panon. Ngajadikeun kuring jadi inget kana obrolan jeung Si Ubéd. Lain poé kamari atuda, mun teu salah mah poé mangkukna kuring nyaritakeun perkara éta ka si Ubéd téh.

            “Oh, jigana mah tulus, Jang. Pék baé manéh mah geura ngaladénan si Doya. Heug sing rapékan gawéna. Ngarah teu lila teuing jadi tukang laladén. Lamun pareng aya waktu kosong, kop kana séndok témbok, diajar masang bata, méléstér jeung ngaci. Sabab lamun teu ngawani-wani diajar mah, tangtuna ogé moal bisa-bisa,’ kuring mapatahan  Si Ubéd. Manéhna ngabandungan daria naker bari unggut-unggutan. Asa beuki karunya baé ka Si Ubéd téh.

“Jang, mun bisa mah mending ganti baé pacabakan téh. Sabab euweuh tukang témbok anu beunghar. Rata-rata warurat baé hirupna, cara akang.  Apan loba kénéh pacabakan mah anu leuwih pantes. Rék dagang atawa rék digawé dikantor. Lain béjana manéh téh kaluaran SMA, aéh SMU?” ceuk kuring bari neuteup kalayan anteb.

            “Leres Kang, namung badé icalan téh ti mana atuh modalna. Ngadamel di kantor, sesah lebetna, teu gaduh konéksi. Sanaos cenah KKN dihapuskeun ogé, buktosna mah geuningan sami baé sareng kapungkur. Sesah pisan, Kang. Anu ditampi damel mah tetep baé ukur sadulur-dulur,”

            “Enya, sing sabar baé. Urang mah da jalma leutik. Teu bisa magar kumaha iwal ti sabar,” antukna kuring ogé nyarita kawas kitu. Sanajan kuring ogé teu pati yakin upama kuring geus jadi hiji jalma anu sabar. Nu puguh mah kuring teu bisa kukumaha nandangan hirup anu kacida ripuhna.

            “Kang, tadi Si Asép ngahadap ka Pa Imron,” si Kohar méngkolkeun paguneman.

            “Aya naon cenah?” kuring rada panasaran.

            “Rék protés cenah mah, Kang,” témbalna.

            “Protés nanahaeun, kawas anu démo baé. Naha teu sieuneun disebut kontraktor  kitu?”

            “Propokator panginten,”

            “Enya éta maksud téh. Naha teu sieuneun disebut Proktor?

            “Ah, da Si Asép mah wanian jeung pinter deuih. Apan manéhna mah Sarjana Hukum,”

“Sarjana Hukum?”

“Muhun Sarjana Hukum. Kadé, sanés Sarjana dihukum, Kang. Manéhna mah enya sotéh digawé bangunan, ukur sementara. Sateuacan kénging padamelan anu pantes baé,”

            “Kadé, sementara-sementara jadi salawasna, “ kuring némpas bari seuri leutik. Tapi aya kénéh anu hayang ditanyakeun deui ka Si Ubéd téh.

            “Rék protés gajih anu dipotong téa kitu?” kitu pananya kuring.

            “Sumuhun, Kang,” témbalna giak naker.

            “Kumaha, ari Mandor Somad apaleun?”

            “Teu acan sigana mah, Kang,”

            “Kadé ulah pipilueun manéhna mah, bisi dipecat. Jaba rada hésé ayeuna mah néangan gawé téh. Loba pemborong jeung kontraktor anu bangkrut,” Ngadéngé omongan kuring, Si Ubéd teu pati némbalan. Atuh kuring ogé buru-buru cengkat, rék tatan-tatan nuluykeun hanca pagawéan. Tapi barang jung nangtung, hawar-hawar aya sora anu ceuceuleuwangan bari hohoak. Barang ditingali, horéng Mandor Somad anu ngagidig ka lebah babaturan gawé anu keur ngariung deukeut gundukan keusik.

            “Asép, ka dieu siah, goblog pisan manéh téh. Boga naon sia téh, hah?!” kitu ceuk Mandor Somad. Ngajadikeun kabéhanana jadi caruringhak.

“ Cucungah pisan ka aing téh. Manéh téh teu cara keur butuh gawéna!” sora mandor Somad beuki awong-awongan. Kaciri ambekna téh. Amarahna mani siga anu geus teu kaampeuh deui. Éta wéh, barang srog ka Si Asép, Mandor Somad langsung ngaheumbatkeun peureupna.

“Sabar heula, Pa,” Si Asép nyoba-nyoba ngajak dami, bari ngagiwarkeun teunggeulan Mandor Somad.

“Asép, poé ieu sia bakal modar!” Mandor Somad kalah beuki napsu. Tuluy narajang maké sukuna.  Untung pisan Si Asép rikat ngagiwar deui. Atuh tajongan Mandor Sobad téh ukur keuna kana pasangan bata. Borolo,  pasangan bata téh jadi rempag. Atuda kakara ogé dipasang bieu.

            “Sabar heula, Pa,” Si Asép nyarita deui.

            “Alah, loba bacot pisan sia téh! Modar manéh!” kituna téh bari ngalugas balati tina jero jakét kulitna. Atuh lain kuring baé anu reuwas téh, malah Si Among mah geus rék ngarontok Mandor Somad. Hadéna dicarék ku Si Asép.

            Sret, péso balati diarahkeun kana lebah beuteung si Asép. Tapi ngan sakilat Si Asép miheulaan najong leungeun mandor. Cleng, balatina mecleng. Tuluy buru-buru dipulung ku Si Among. Teu pati lila, séak  téh Si Asép nonjok iga burung Mandor Somad. Jebrod, nenggel pisan kana mamarasna. Bru, awak mandor Somad saharita rubuh. Nangkuban dina lebah adukan. Malah siga anu teu empés-empés deui. Atuh kuring ogé geus kitu mah kakara wani ngadeukeutan.

Mandor Somad kapiuhan. Teuing alatan teunggeulan Si Asép anu matih, atawa mémang awak Mandor Somad anu héngkér.

 “Aya naon éta téh?” aya nu nanya tukangeun kuring. Barang dilieuk, gebeg téh, kuring kacida reuwasna. Atuda anu nangtung tukangeun kuring téh taya lian Pa Amran, pemborong di ieu proyék.

            “Euh, ieu, euh…” kuring kalah rampang-reumpeung, bingung, teuing kudu nyarita naon. Untungna Pa Amran siga anu surti. Manéhna ngadeukeutan ka lebah Mandor Somad anu ngababatang, dituturkeun ku Néng Rini, sekertarisna anu teu weléh maké erok pondok. Tukangeunana ogé aya Pa Caca, anu ceuk Si Kohar mah Pa Caca téh propokator, aéh kontraktor. Sok pahili baé nyebutna.

            “Aya kajantenan naon, Pa?” Néng Rini tumanya. Taksiran mah nanyana ka Pa Amran, sanajan ku Pa Amran teu dirérét-rérét acan. Néng Rini tuluy nutupan irungna ku buku leutik anu sapopoéna tara lésot tina leungeunna. Teuing alatan kebul, atawa nyumputkeun kaérana pédah teu diwaro ku Pa Amran. Dasar sekertaris.

            “Cing atuh gotong ka bédéng, euy!” ceuk Pa Caca bari ngaluarkeun sisir tina jero pésak calanana. Dibandungan téh mémang Pa Caca mah tara lésot ti sisir. Méh samenit sakali nyisiranna téh. Meus-meus nyisiran, meus-meus nyisiran. Padahal sulahna ogé geus rada lega. Dasar Kontraktor.

            “Satpam ka mana?” Pa Caca nanya deui bari ngasupkeun sisir kana urutna.

            “Kamarana ari satpam?” Pa Caca rada tarik nanyana. Tapi teuing nanya ka saha.

            “Paling ogé di warung Bi  Karsih, Pa. Biasa, ngaheureuyan si Popon, budak parawannna,” Si Among anu némbalan téh. Biasa si éta mah ari nyarita téh sok bulutak-beletuk. Tapi kituna téh sok remen ditaranggap ku babaturan, sabab loba pikaseurieunana. Pantesna mah Si Among téh jadi tukang ngalawak, lain jadi tukang kayu. Dasar tukang kayu.

            “Sok atuh garotong ka Bédéng!” antukna Pa Caca maréntah bari panonna mencrong ka Si Among.

            “Buru, bawa ka bédéng! Na kalah melong manéh téh?” Pa caca nyaritana rada nyentak.

“Bawa ka kantor baé kétang. Anu séjénna mah mending digarawé deui baé. Geus jam satu apan ayeuna téh. Kacuali Si Asép, wayahna milu heula ka Kantor,” kitu ceuk Pa Amran bari malikeun awakna. Léos indit, dituturkeun ku Néng Rini.

“Ceuk sayah ogé, gancang bawa ka kantor!” Pa Caca rada halon nyaritana. Atuh geus kitu awak Mandor Somad digarotong ku Si Among jeung Si Ukro.

            Babaturan gawé anu ngagimbung téh buru-buru balubar deui. Tapi kituna téh bari jeung sarurak mani ayeuh-ayeuhan. Teuing, teu puguh déngékeuneunana.  Nu ngahéot, nu seuseurian. Teuing ngahéotan saha, jeung teuing nyeungseurikeun saha. Malah aya anu silih siku sagala rupa minangka oconna téh. Kampungan pisan heureuyna. Da kuring mah rarasaan téh geus kotaan. Dasar kuli bangunan.

***

 

III



Jam opat burit, anu digarawé geus areureun, ninggalkeun hancana séwang-séwangan. Komo kuring mah mani langsung beberesih mandi. Katara babaturan téh Beungeutna halégar marahmay. Teu anéh, Kawantu poé Saptu mah bagian  nampa amplok bayaran. Kaasup kuring. Unggal poé Saptu mah sok ngarasa bungah pisan. Sajabana ti nampa bayaran téh, anu matak teu sabar mah hayang geura-geura balik ka lembur. Panggih jeung barudak, tur anu pentingna mah nyumponan kabutuhan batin pamajikan. Teu cara Si Among, anu béjana mah ngaduda geus aya kana lima taunna. Teuing kumaha  rarasaanana lamun hayang kitu. Atuda kalah pepegatan. Keur nahaon atuh maké jeung kawin, ari rék pipisahan mah. Dasar duda.

            Jam lima soré. Amplok tacan dibagikeun baé. Padahal sasarina mah ti jam opat mula ogé geus dibagikeun ku Mandor Somad. Tapi kuring surti. Apan mandor Somadna ogé  keur meunang bancang pakéwuh. Boa ayeuna ogé kapiuhan kénéh. Ari babaturan kuring anu séjénna mah kalah patingceuleuweung cara di leuweung. Komo Si Ukro mah euweuh gawéna pisan, wadah aduk  ditakolan. Dikecrékan ku triplék anu ditabeuh ku Si Sarkowi. Si Ubéd ogé jadi kabawakeun, milu ngagoongan maké dreum butut. Gandéng pisan puguh gé. Teu pati nyeni. Padahal tiluanana téh bubujangan kénéh. Mani kawas anu didagoan ku anak pamajikan baé. Paling ogé rék apél. Telat sakeudeung mah paling ogé teu dibéré nyium. Dasar bujangan.

            Teu pati lila, Satpam kaluar ti rohangan kantor. Tuluy ngajega bari nulak cangkéng. Kop kana piriwit. Priiiiiit! Piriwit téh disadakeun. Malah maké jeung nitah baris sagala, cara dina pramuka baé. Dasar Satpam.

            “Bayaran, euy!” si Among geus nyeuleukeuteuk deui baé. Ditéma ku nu séjénna mani récét kawas manuk.

            “Sok-sok atuh, baris heula sing rapih!” kitu ceuk satpam téh. Basa Jawana mani medok pisan. Abong Jawa réang. Sangkilang geus mangtauun-taun cicing di Bandung ogé, angger baé logat Jawana teu bisa leungit. Dasar, aéh naha maké jeung ngomongkeun suku séjén sagala. Padahal, Jawa, Sunda, Batak, Batawi,  jeung sajabana ogé, mangrupakeun dulur-dulur kénéh. Sabangsa, salemah cai. Ceuk aki kuring mah, bangsa Indonésia téh moal merdéka upama bangsa Indonésia teu ngahiji. Satu nusa, satu bangsa, satu bahasa ceuk lagu ogé. Ari ayeuna geus merdéka?

            “Merdéka!” Si Among ngajorowok, ngajadikeun kuring ngagebeg. Reuwas kareureuhnakeun. Sugan téh Si Among bisa ngabadé kana pikiran kuring, Ari pék ukur kabeneran baé. Kawasna mah alatan ku satpam dikomandoan. 

            “Bayaran Minggu ayeuna mah rék langsung ku kantor. Wayahna bisi rada lila, sabab rék diabsén saurang-saurang!” kitu ceuk Pa Caca anu geus ngajanteng gigireun satpam. Teu pati lila, ti lawang kantor aya anu ngagotong méja jeung korsi. Tuluy disimpen hareupeun Pa Caca. Gék, Pa Caca diuk. Tina lawang panto kantor, Néng Rini gura-giru bari mamawa map anu kandel. Néng Rini ogé diuk gigireun Pa Caca. Boléklak, pingpingna katara  pisan mani beresih jeung mulus. Saliwatan karérét Si Among nepi ka neureuy ciduh. Rumasa, kuring ogé upama ningali Néng Rini téh sok hayang geura balik ka lembur. Komo ayeuna mah Néng Rini téh katingalina asa béda ti sasari. Néng Rini kawas aya leuwihna upama melong kuring. Malah mani asa ngimpi, Néng Rini malédog  ku imut anu ngagelenyu ka kuring. Enya kitu, ka kuring? Boa ka Si Ubéd. Buktina Si Ubéd siga anu sura-seuri baé, gumasép naker. Nu puguh mah siga anu gélo anyar, sura-seuri sorangan. Tapi boa enya kétang ka Si Ubéd. Sabab poé mangkukna Si Ubéd kungsi cacarita ngeunaan Bah Dinta, dukun pélét anu kakoncara di lemburna. Enya kitu Néng Rini téh kapélét ku Si Ubéd? Mun enya téh, kuring ogé asa panasaran hayang nepungan Bah Dinta.

            Hiji-hiji ngaran téh diabsén ku Satpam.  Tuluy ngahadep ka Pa Caca jeung Néng Rini. Gutrut néken. Song amplok. Diitung eusina. Léos indit. Dipegat ku tukang warung. Kitu jeung kitu baé, nepi ka ahirna bagéan kuring.

            “Unén!” sora kuring digeroan rada bedas. Atuh kuring mani tibuburanjat nyampeurkeun Néng Rini.

            “Bapa Unén?” Néng Rini tumanya bari neuteup kuring. Anéh. Maké jeung nanya sagala rupa. Padahal lain kakara poé ieu wawuh téh. Tapi anu leuwih anéhna mah, naha Néng Rini nyebut bapa sagala rupa. Sasarina ogé lamun ngageroan téh cukup ku  nyebut Mang Unén.

            “Sumuhun,” kuring teu burung némbalan. Néng Rini nyiapkeun keretas anu kudu ditéken ku kuring. Sajeroning kitu téh, panon kuring maké jeung kaburu nyelang ngarérét ka beulah handap. Bréh deui baé, leuwih écés, kawantu leuwih deukeut.

            “Mangga tawis, Pa,” ceuk Néng Rini bari ngasongkeun keretas. Gutret baé leungeun kuring néken éta keretas anu saméméhna ogé tara ieuh dibaca heula.

“Dua kali nawisna, Pa,” Néng Rini nyarita deui.

            “Naha, Néng?” kuring ngahuleng.

            “Har, apan Bapa mah nampi amplokna ogé sok dua, sanés?”

            “Ké,ké,ké… henteu, Néng,” kuring beuki teu ngarti.

            “Naha geuning bet teu ngartos Bapa téh. Apan Bapa mah tos genep sasih ogé dipasihan dua amplok. Éta téh mangrupi penghargaan ti kantor kanggo Bapa,”

“Penghargaan?”

“Muhun. Penghargaan, kanggo  anu panglamina didamel kalayan gaduh tangggeng waler anu saé. Atanapi ieu téh sebat baé bonus.” Néng Rini ngajelaskeun kalayan panjang lébar. Bonus? Geus genep bulan? Sanajan haté galécok, kuring buru-buru ngagutrut néken sakali deui, sarta amplok ogé ditampa duanana.

“Bapa teu kénging uih heula. Saur Pa Amran, Bapa kedah ngahadep heula ayeuna!” caritaan Néng Rini geus ngabingungkeun deui baé. Tacan ogé bérés mikiran perkara amplok, geus datang deui paréntah anyar anu matak nimbulkeun kapanasaran.

“Ayeuna?” kuring nanya deui, bisi salah déngé.

“Sanés, énjing,” témbal Néng Rini bari imut ngagelenyu.

“Oh, manawi téh ayeuna,” ceuk kuring bari rék ngaléos.

“Éh, Pa Unén, Ayeuna kétang! Leres, ayeuna pisan!” Néng Rini nyarita rada meueusan. Ngajadikeun kuring kaéraan. Horéng Néng Rini nyebut ‘énjing’ téh ukur ngabanyolan. Tapi, ké, naha Néng Rini maké jeung ngajak ocon sagala rupa ka kuring? Meureun tatadi ogé ngajak imut téh ka kuring, lain ka Si Ubéd.

Kuring asup ka rohangan kantor. Kasampak Pa Amran keur diuk bari nyanghareupan Asép jeung Mandor Somad.

            “Bapa nyauran sim abdi?” tanya téh rada asa-asa.

            “Enya. Sok bawa tuh korsi anu itu!” kitu pokna bari nunjuk kana korsi anu teu dipaké, deukeut lawang jandéla..

            “Tah kitu, Pa Somad. Nu enggeus mah enggeus baé,” kadéngé Pa Imron nyarita.

            “Nampi sadaya-daya, Pa,” témbal Mandor Somad bari ngeluk tungkul.

            Sajongjongan mah taya anu lémék. Kuring ogé sajeroning merenahkeun korsi téh mani ati-ati pisan. Sieun ngaganggu Pa Amram anu keur anteng ngagutretkeun pulpénna kana keretas. Teuing nulis nanahaon.

“Asép, ogé Pa Somad. Sanggeus aya kajadian ieu, kahadé ulah aya rasa dendam, komo jeung silih arah pati mah. Éra, Pa Somad geus kolot. Asép ogé geus déwasa. Pék ayeuna mah geura sasalaman!” kitu ceuk Pa Amran. Atuh Asép buru-buru miheulaan nyodorkeun leungeun ka Mandor Somad. Katara beungeut Mandor Somad bareureum, siga wirang naker.

Kuring tacan diajak nyarita nanaon ku Pa Amran. Padahal mah naon atuh  hubunganana jeung kuring. Naha maké jeung digeroan sagala rupa. Mangkaning ieu téh poé Saptu. Sigana Pa Amran mah moal apaleun. Sakitu ari poé Saptu téh hararésé kandaraan keur balik ka lembur. Jaba macét. Ongkos sok ngadadak naék. Da kitu, ongkos ka Panjalu mah sok nagadadak naék. Pajarkeun téh maréma ceunah. Teuing saha anu nyieun aturanana. Nu sidik mah panumpang ogé narurut baé, taya anu baha. Atuda batan kudu leumpang. Nepina ogé teuing bulan mana. Dasar Supir.

Aya sora sapatu anu asup ka rohangan kantor, dituturkeun ku hawa anu seungit ngadalingding. Moal salah, Néng Rini tangtuna ogé. Apal sotéh, pédah baé kakara bieu kuring ngangseu seungit awakna.

Bener pisan. Néng Rini asup bari tuluy nyampeurkeun ka Pa Amran. Sok, nyimpen map kana luhur méja.

“Atos, Pa,” ceuk Néng Rini bari ngarérét ka kuring. Belenyéh, manéhna ngajak imut. Ari Pa Amran mah, tuluy mariksa map anu dibikeun ku Néng Rini.

“Naha amplok téh aya kénéh sésana lima deui, Rin?” Pa Amran nanya bari kerung.

“Éta mah teu aya jalmina, Pa,” témbal Néng Rini.

“Na ari Rini, Lain Pihapékeun baé atuh ka babaturanana. Karunya, bisi keur gering,” kitu ceuk Pa Amran.

“Maksad téh, anu didamel mah teu aya anu namina éta, Pa. Tos ditaroskeun ka Pa Caca sareng ka padamel ogé,” Néng Rini némbalan kalem pisan.

“Oh,” ceuk Pa Imron bari neuteup seukeut ka Mandor Somad. Atuh anu diperong téh kaciri mani beuki ngeluk baé. Beungeutna reup geuneuk, ray pias. Dasar Manusa doraka. Bangsat pisan Mandor Somad téh. Mangtaun-taun pagawéanana ngadaharan gajih kuli. Ngahakanan késang kuring. Kakara nyaho upama gajih kuring dicatut satengahna.  Ti    pemborongna sakitu, dibikeun ka kuring sakieu. Nu digawé sakitu puluh, kali sakitu poé, kali sakitu rébu, total saanu. Nyieun catetanna jeung daptar gajihna  mah geuningan dua rangkep. Hiji keur bikeuneun ka pemborong, hiji deui keur bikeuneun kanu digawé. Ka pemborong digedéan, ka nu digawé dileutikan.  Sésana disakuan. Padahal gajihna téh panggedéna. Dasar Mandor…Manusa Doraka.

Pa Amran malik neuteup ka kuring, bari teu pati lila tuluy nyarita.

“Pa Unén, sanggeus dibadamikeun sarta dipertimbangkeun ku stap kantor,  Mimiti poé senen isukan, Pa Unén diangkat jadi mandor anyar. Bapa percaya ka Pa Unén. Kahadé Pa Unén mah kudu jujur jeung bisa dipercaya. Perkara gajih, saheulaanan mah disaruakeun baé jeung mandor Somad,” ngadéngé caritaan Pa Amran, kuring méh baé ngajengkang. Reuwas. Cangcaya. Bungah. Pagaliwota minuhan dada kuring. Asa kagunturan madu jeung karagragan menyan  ceuk paribasana mah. Naha bener ieu téh? Ah, boa ngimpi. Tapi geuning ngégél curuk ogé bet nyeri. Hartina ieu téh lain ngimpi.

Ras inget kana paniatan anu geus dicaritakeun ka Si Ubéd. Naha kuring kudu ngabedokeun?

…Minggu kamari, mitoha mépélingan rada kapapanjangan. Tapi anu écésna mah nitah ganti pagawéan. Kawasna mah awahing ku nyaaheun pisan ka kuring. Bubuhan pamajikan téh mangrupa budak awéwé hiji-hijina. Ceuk mitoha, kuring mah mending cicing di lembur baé. Ngurus sawah, ngukut domba, ngingu hayam, éntog atawa meri. Percumah hirup di kota ogé. Di lembur mah, najan pangalana leutik, tapi kulawarga bisa katungguan. Kaurus lahir batinna. Katempo sapopoéna.

Omongan mitoha téh nembus pisan kana mamaras haté kuring. Nepi ka Kuring ogé antukna mah léah. Kuring geus jangji pikeun  nurut ka mitoha. Keur mah dina enyana deuih, karasa pisan capéna digawé bangunan téh. Katambah jeung kulawarga mindeng pajauh. Teu wawuh jeung batur salembur. Mending mun ladangna gedé mah. Ari ieu?

“Anu penting mah, urang tiasa ngariung baé,” kitu omongan pamajikan kuring anu salila ieu teu weléh sabar babakti ka salaki. Kuring surti kana kahayangna. Hirup ayem tengtrem tur ngariung saanak pamajikan..…

Tapi ayeuna geus rék robah. Kuring diangkat jadi mandor. Moal enya ari  kalah rék ditinggalkeun kitu baé mah. Nyaah. Gajihna gedé, pagawéan ukur tutunjuk. Bisa meuli motor, mobil, imah anu agréng jeung…nyandung. Imut Néng Rini, seungit awakna, nyambuang dina satungkebing haté.

“Naha bet ngalamun, Pa?” Néng Rini nyiwit pigeulang leungeun kuring. Gebeg téh, reuwas kareureuhnakeun.


***

Ranggon Panyileukan, 1422 H




           

Comments
0 Comments

0 komentar: