Sabtu, 02 Juni 2018

Kadar Badar



Carpon DHIPA GALUH PURBA

KAKARA tilu bulan, Suhartini digawé di pabrik. Miang ti pilemburan, mekel ijasah SMA. Asupna ka pabrik téh henteu ngalamar sacara ilahar, da geus ilahar bakal bangga nyorang birokrasina. Suhartini dibantuan ku Badar, hiji pamuda anu mibanda dedegan jangkung luhur simbar dada, tur sorot panonnna seukeut. Badar katelah lalaki barangasan, sahaok kadua gaplok katilu ngetrok, kaopat cabok kalima tarok. Di sabudeureun pabrik mah, ngaran Badar geus kakoncara. Kakara ngadéngé ngaranana ogé geus matak muringkak bulu punduk.

Pikeun Badar, perkara ngasupkeun gawé baé mah minangka pagawéan céték. Kabuktian pisan, Suhartini ogé sakitu lungsur-langsarna bisa ditarima jadi karyawan. Antara Badar jeung Suhartini, taya hubungan nanaon, éstuning teu dulur teu baraya. Tangtu baé bakal aya nu panasasaran, naha Badar mani bageur ka Suhartini? Maksud téh, bet daék ngabantuan Suhartini anu keur koleng néangan pagawéan? Jawabanana, bageur-bageur tujuh mulud! Saréréa ogé geus pada apal, Badar mah ukur calo. Manéhna ngahargakeun tilu juta, pikeun sing saha baé anu hayang dipanguruskeun ngalamar gawé ka pabrik.

Suhartini kakara mayar satengahna. Tapi Suhartini jangji, sésana bakal dipunahan dina waktu tilu bulan. Mémang mimitina mah Badar teu daékeun dianjuk. Léah sotéh alatan Suhartini jangji baris méré paleuleuwih limaratus réwu.

 “Heug ari kitu mah. Tapi omat, ulah leuwih ti tilu bulan!” kitu pokna Badar.

Suhartini digawé tihothat, indit isuk, balik peuting, da puguh digawéna nyokot dua sip. Ari sip hiji, gawéna ti jam genep isuk-suk nepi ka jam dua beurang. Sip dua, ti jam dua beurang nepi ka jam sapuluh peuting. Tadina mah Suhartini ogé rék nyokot sip tilu, ti jam sapuluh peuting nepi ka jam genep isuk-isuk. Tapi, asa kabina-bina teuing, da Suhartini téh lain robot. Cacak robot ogé ari dipeleter teuing mah tangtu bakal héng.

Béda jeung gawé di instansi pamaréntah, di pabrik mah dipahing pisan leuir asup téh. Lamun asup jam genep, mangka jam genep kurang genep menit téh kudu geus gura-giru ka rohangan locker, tempat diteundeunna time recorder pikeun ngetok kartu. Lamun leuwih ti éta, tangtu bakal dicirian. Tilu kali leuir, bakal meunang Surat Peringatan (SP). Sing saha anu geus meunang SP nepi ka dua kali, mangka kudu ati-ati. Sabab, sakali deui meunang SP, ka dituna bakal meunang bancang pakéwuh Pemutusan Hubungan Kerja (PHK).

Dina mangsana keur mancén gawé, kabéhanana kudu suhud tur daria. Teu meunang aya nu ngoprék hapé, ngobrol, komo nundutan. Upama aya anu nundutan, pasti bakal dipoto ku pikét. Omat, éta poto lain rék dipidangkeun dina koran, tapi pikeun bukti katalédoran pagawé. Cindekna, ripuh naker digawé di pabrik téh. Mangkaning Suhartini mah kudu mereketkeun, nahan sagala kahayang. Duit téh dikumpal-kempil keur mayar hutang ka Badar, mayar indekos, ongkos ojég, barang dahar sapopoé, katut ngiriman ka kolot. Mangkaning taun ieu téh adina kakara tamat SD, butuh waragad keur daptar ka SMP. Sasaha tangtu surti, jalma miskin mah rada seueut hayang bisa sakola téh.

Tilu bulan geus kasorang. Duit anu ngumpul téh kakara sajuta. Puguh baé Suhartini bingung, kudu kumaha nyanghareupan Badar anu tangtuna bakal ngajorag ka tempat indekos. Naon deui alesanana? Naha ménta waktu sabulan deui mah? Wah, tangtu ménta ditambahan deui limaratus rébu.

Suhartini curinghak, basa ngadéngé sora anu keketrok kana panto. Geus teg baé, anu ngetrokan panto téh pasti Badar. Najan wegah, Suhartini kapaksa cengkat, bari teu poho ngarawél tiung nu ngagantung dina kastop. Rap dipaké, tuluy ngaléngkah kana panto. Blak, di buka.

 “Tin… keur naon? Can tidur? Cik pinjem sisir lah…” pokna Wati bari ngagibrigkeun buukna anu baseuh kénéh.

 “Hih, sugan téh saha! Nanaonan mandi wanci kieu? Hayang asup angin! Tuh sisir mah deukeut kaca!” témbal Suhartini. Keur samentara mah haténa ngemplong.

 “Moal, da maké cihaneut ieuh…” kituna téh bari asup ka jero. Siga sasari, Wati geus tara asa-asa deui lar-sup ka kamar kost Suhartini.

 “Kumaha urusan jeung Si Badar téh?” tanya Wati bari nyisiran hareupeun kaca eunteung.

 “Kumaha engké wé lah…” témbal Suhartini, semu ngarahuh.

 “Sigana mah moal datang peuting ayeuna,” ceuk Wati deui.

 “Kumaha kitu?”

 “Tadi manggihan di warung Ceu Nunis, basa rék meuli sampo. Duka kumaha mimitina, Si Badar ujug-ujug digebug ku Jang Isud. Der wé garelut mani ramé…”

 “Terus kumaha?” Suhartini curinghak. Haténa bet miharep Si Badar babar karahayuan, malah kahayangna mah sing nepi ka palastra.

 “Teuing, da sayah mah kaburu nyingkir. Teu ari-ari ningalikeun nu garelut! Tapi… katingalina mah Si Badar kadéséh, da loba kabeunangan… éh, nuhun nya. Sayah rék aya perelu heula ka luar. Mihapé kamar wé nya. Bisi rék lalajo tivi, koncina di handapeun kékéséd…”

 “Ulah lila teuing nya!”

 “Moal, da ayeuna ogé geus peuting. Paling dina lambatna ogé isuk-isuk…” pokna bari nyéréngéh. Bangun nu rurusuhan, Wati ninggalkeun kamar kost Suhartini.

Suhartini nutupkeun panto, dikonci. Boro-boro hayang lalajo tivi, mikiran Si Badar ogé mani baluweng naker. Rét kana jam dingding. Panceg jam sabelas. Paingan kaayaan di Pondok Mustika geus simpé. Di antara tujuh kamar kost anu ngajajar, ukur kamar Suhartini anu lampuna masih kénéh hurung. Maju ka tengah peuting, pangeusi Pondok Mustika geus aranteng dina impianana séwang-séwangan. Demi Suhartini masih kénéh nyileuk binarung rasa karémpan jeung kahariwang nu taya sudana.

Sakolébat kungsi kapikir pikeun ngalaporkeun Badar ka pulisi. Tapi éta pikiran buru-buru disieuhkeun, sieun kalah jadi mamala ka dirina. Hiji-hijina jalan anu katingalina aman pikeun disorang, ukur ménta jangka waktu sabulan deui. “Badar, Badar, mudah-mudahan manéh sing modar!” gerentesna.

 “Tini ! Buka pantona siah!” aya nu sesentak bari ngagedoran panto, ngalantarankeun Suhartini ngagebeg lain meumeueusan. Apal pisan, éta téh sora Badar.

 “Buru, buka! Lamun henteu, diteunggar siah pantona!”

Suhartini tibuburanjat muru kana panto. Leungeunna ngeleper sajeroning muka tulak panto. Blak, panto muka. Blus, Badar asup bari rénghap-ranjug, sarta ngabeubeutkeun awakna kana kasur. Saliwatan ogé katara, beungeut Badar barengep, pakéanana laledok, sarta awakna ku jibreg késang.

 “Tutup pantona! Tulakan!”

 “Tapi, A… sieun…”

 “Sieun naon? Aing tanggung jawab lamun aya hansip mah!”

Kapaksa Suhartini nutup panto. Jeprét, ditulakan.

 “Abdi nembé gaduh artos sajuta, A. Pami tiasa, nuhunkeun waktos sasasih deui…” ceuk Suhartini bari ngajengjen hareupeun panto, teu wani ngadeukeutan Badar.

 “Heug, teu nanaon,” témbal Badar.

Sakedapan Suhartini ngahuleng, ngarasa hémeng ngadéngé walonan Badar. Tara-tara ti sasarina Badar ujug-ujug léah haténa.

 “Tapi… ieu awak mani asa ringsek. Cik, pangurutkeun lah….” Pokna Badar bari mencrong Suhartini, seukeut naker. Najan keur ngemu kasieun, tapi teu ngurangan kageulisan Suhartini. Malah katingali ku Badar mah beungeut Suhartini téh siga deukeut-deukeut ka Ineke Koeshérawati.

 “Abdi mah teu tiasa ngurut, A,” Suhartini beuki geumpeur.

 “Sabisana wé! Kajeun diusapan wungkul ogé!”

 “Tapi…”

 “Sok burukeun! Keun hutang mah sing dibayarna lima bulan deui ogé…” kituna téh bari ucul-ucul mukaan baju jeung calanana. Lung, lung, dibalangkeun sakarepna. Sanggeus kitu, Badar ngadapang dina kaayaan ukur maké kaos sangsang jeung kolor. Untung sakitu ogé, henteu bulucun.

 “Sok, buru, Tini!”

 “Mmm… Mangga, A…” kapaksa Suhartini ngadeukeutan Badar. Tuluy deku, bari gap leungeunna kana suku Badar. Puringkak, bulu punduk Suhartini ngadadak carengkat. Késang badag, késang lembut mimiti nyaliara méh sakujur awak. Kahariwang nu pohara, geus mimiti ngalimpudan dadana. Karisi hiji wanoja anu méh teu walakaya. Teuing rék kumaha ketak Suhartini, lamun Badar ujug-ujug ngarawél pigeulang leungeunna, tuluy…

 “A… A Badar! A Badar!” leungeun Suhartini ngadadak kateug, sabab sakujur awak Badar milu oyag.

 “A…! A Badar!”

Badar teu némbalan. Hawar-hawar, sora anjing babaung meupeuskeun simpé peuting. Puringkak deui baé, bulu punduk Suhartini carengkat. Tapi aya rasa nu béda, antara muringkak saméméhna jeung muringkak harita.***

           
Ranggon Panyileukan, 1426-1427 H


Dimuat di rubrik “Kujang Putra” Koran Sunda, 21 Juli 207

Comments
0 Comments

0 komentar: