Kumpulan Dangding (Guguritan) Religi


Ilustrasi - Masjid Al Irsyad Satya, Kota Baru Parahyangan (Foto DGP)

Karya Dhipa Galuh Purba

Bedug
(Pupuh Sinom)

Sora bedug hawar-hawar
Datangna ti lebah masjid
Ditéma ku sora adan
Écés ti munara masjid
Ngageuing nu can Ă©ling
Ngingetan anu kasarung
Ngagugubrag nu can hudang
Ngajak sumujud ka Gusti
Pasrah sumerah ka Nu Maha Kawasa

Aya sora nu ngadulag
Diselangan ku nu takbir
Ting-alocrak suka bungah
Mapag bulan idul fitri
Hayang paginding-ginding
Ngadu jumlah eusi saku
Harta pada muja-muja
Poho kana temah wadi
Aya kénéh nu keur mandi ku cimata


Sekar Tandak:
Jalan désa leubeut huma
Munding begang gé ka sawah
Batan tibra taya guna
Mending hudang wang ibadah

Ngadulag sapanjang jalan
Ulah mopo ku tanaga
Dina mangsa kabagjaan
Ulah poho ka tatangga

Ranggon Panyileukan, 1424 H


Sandékala Tara Lila
(Pupuh Asmarandana)

Nu nanceb dipusti-pusti
Aya sirung teu kembangan
Lantaran poho ngalongok
Katumbiri méré béja
Rék datang sandékala
Euntreup kana eusi nyiru
Da napian salah mangsa

BĂ©as beunyeur katut bangsal
Geuwat pisahkeun ayeuna
Bisi kabobodo ténjo
Paur kasamaran tingal
Mending ngampar sajadah
Mapag Nyi Purnama imut
Sandékala bakal ngejat


Sekar Tandak:
Boa-boa nya ki boa
Sandékala mapag pati
Rupa-rupa nu tumiba
Urang nu kurang tarapti

Bulan ngempray di wiati
Kalapa ulah diala
Pasrah ka Nu Maha Suci
Sandékala tara lila

Ranggon Panyileukan, 1424 H

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post