Senin, 04 Juni 2018

Ngahuripkeun Basa Sunda



Catetan DHIPA GALUH PURBA

KARASA hirup jeung huripna hiji basa téh lamun éta basa dipaké dina rupaning hal. Lain baé saukur dipaké basa jadi basa obrolan sapopoé, tapi dihariringkeun dina wanda lagu, ditulis dina winangun laporan jurnalistik, karya sastra, téater, film, jeung sajabana. Basa Sunda, nepi ka kiwari masih kénéh karasa hirup jeung hurip makalangan ti jaman ka jaman. Lagu-lagu nu ngagunakeun basa Sunda, ti mimiti pop Sunda nepi ka tembang, masih kénéh kapiara kalumangsunganana. Para kréator jeung afrésiator teu weléh nyampak.

Pop Sunda minangka salahsahiji lagu nu dipikalandep ku balaréa. Anu mikalandepna réa para rumaja. Atuh penyanyina ogé ti mangsa ka mangsa tingpucunghul sirung-sirung nu ngarora. Nilik kana kaayaan kitu mah, katingalina kahirupan basa Sunda téh panjang kénéh. Di dunya pop Sunda, gumelar ngaran-ngaran artis sohor nu dipakalandep ku balaréa. Asa moal bireuk deui upama ngadangu nami Nining Méida, Doel Sumbang, Rika Rafika, Wina, jeung sajabana. Puguh deui ari Detty Kurnia jeung Darso mah, sasatna jadi maéstro pop Sunda. Boh Détty atawa Darso, teu eureun ngagelar karya tug nepi ka rénghap panungtungan. Anyar-anyar ieu, urang Sunda kaleungitan dua penyanyi pop Sunda nu lagu-laguna masih kénéh ngalingling wiati ngalanglang jomantara. Lagu-laguna tetep hirup tur henteu weléh dipikatineung ku masarakat nu micinta pop sunda.

Bras kana téma laguna. Asa moal éléh ku téma lagu-lagu nu ngagunakeun basa séjén. Sanajan aya diantarana anu cawokah, tapi teu saeutik rumpaka lagu nu nyosok jero, nyastra, tur ngandung rupaning pituah geusan lenyepaneun. Ku kituna, rumpaka nu nyastra téh lain baé dina tembang Sunda atawa kawih, da geuning kapanggih ogé dina sawatara lagu-lagu pop Sunda. Contona lagu “Dadali Manting” (dinyanyikeun ku Darso), “Ka Angin” (Dinyanyikeun ku Détty Kurnia), “Layung Galunggung” (dinyanyikeun ku Rika Rafika), “Baluweng” (dinyanyikeun ku Oon Bawani), “Bonganna” (dinyanyikeun ku Détty Kurnia), jeung sajabana. Upama dilenyepan, éta rumpaka téh henteu dapon jadi. Aya nu bisa dicukcruk deui di satukangeun rumpakana.

Lagu-lagu Pop Sunda réligi ogé kaitung réa tur dipikalandep ku balaréa. Contona lagu “Dina Amparan Sajadah” (Cipt. Doel Sumbang), “Jang” (Cipt. Oon Bawani), jeung sajabana. Lagu-lagu pop Sunda réligi (Islam) tetep karasa hawa réligina sanajan henteu ngagunakeun diksi Arab. Leuwih nandeskeun deui yén basa Sunda kacida ampuhna pikeun syiar Islam. Boh dina lagu, pon kitu deui dina mimbar, basa Sunda minangka basa rasa nu gampil nyerep kana dadasar kolbu. Minangka babandingan, juru dawah KH. Gazali dipikaresep ku umat, lantaran ngagunakeun basa Sunda nu kacida merenah. Kadieunakeun, para juru dawah loba nu ngagunakeun basa Sunda, sanajan saukur mangrupa alih kode atawa campur kode. Contona, Aa Gym, Mamah Dédéh, jeung sajabana. Salahsahijina, bisa jadi, ku ayana mindeng ngasupkeun kosakecap basa Sunda, anu antukna dipikaresep ku umat.

Tétéla, basa Sunda lain sakadar basa keur gogonjakan, ambek, atawa cawokah. Kalungguhanna éstuning luhur upama dimanpaatkeun keur ngagelar karya linuhung. Kuduna mah urang Sunda téh reueus kana basa Sunda, leuwih daria miarana, leuwih tarapti mupustina. Basa Sunda, basa rasa, basa indung, basa nu jadi lambang luhurna ajén-inajén budaya Sunda.****

Comments
0 Comments

0 komentar: