Senin, 04 Juni 2018

Nyungsi Hariring, Mapay Haleuang

Juru Tembang kawentar, ti Kenca: Rina Usman, Euis Komariah, Neneng Dinar, Rosyanti 



Catetan DHIPA GALUH PURBA

TI mimiti diajar nyarita, budak geus dilatih nyanyi. Sakurang-kurangna lagu ”Balonku Ada Lima” mah sasarina kungsi ngahaleuangkeun. Hanjakal lagu dina basa Sunda geus arang diajarkeun ka barudak nu kakara diajar nyarita. Padahal Mang Koko nyanggi sawatara lagu anu kalintang loyog pikeun barudak. Mang Koko, maéstro kawih Sunda geus bisa nyawang pentingna barudak diwanohkeun kana kawih Sunda ti leuleutik. Matak harita Mang Koko ngadegkeun Taman Bincarung jeung Taman Cangkurileung, kalayan bisa ngakar tug nepi ka tepis wiring.

Haleuang diwewegan ku musik atawa karawitan, ngalahirkeun karya seni nu ti mangsa ka mangsa teu weléh dipikaresep ku balaréa. Malah teu bisa disingkahan deui, musik geus jadi bagéan tina kabutuhan sabagéan loba manusa. Dina télévisi, komo dina radio, musik téh kalintang dominan. Hartina, réa nu sapopoéna geus kacanduan ku lagu. Ku kituna, wajar lamun sihir musik ogé pangaruhna luar biasa. Aya nu igel-igelan, jujumpalikan, sakurang-kurangna milu hahaleuangan mangsa keur ngadéngékeun lagu anu dipirig musik. Saeutikna urang bisa wawanohan jeung basa-basa di alam dunya ngaliwatan lagu. Malah teu saeutik di antarana anu bisa paséh ngagunakeun hiji basa ku alatan mindeng ngalenyepan basa anu digunakeun dina hiji lagu.

Basa Sunda ogé kacida éndahna diracik jadi galindeng nu dipirig karawitan.  Dina jaman kiwari, teu saeutik lagu-lagu pop Sunda anu dipikalandep ku balaréa. Contona lagu-lagu karya Nano. S., Doel Sumbang, Uko Héndarto, jsté, anu dihaleuangkeun ku biduan saperti Rika Rafika, Ina Hamid Tria, Wina, jsté. Tangtu baé pangaruhna ogé kaitung gedé dina kalumangsungan basa Sunda di masarakat. Lagu pop Sunda ogé henteu éléh géngsi jeung henteu éléh genahna jeung lagu-lagu anu ngagunakeun basa séjén.

Kawih Sunda jeung tembang Sunda Cianjuran ogé sabenerna masih kénéh réa nu mikahéman. Di sawatara télévisi lokal jeung radio anu aya di tatar Jawa Barat, kawih Sunda masih bisa diandelkeun keur ngaraéh kaum dangu. Malah lain baé golongan kaum sepuh, da para nonoman ogé henteu saeutik anu mikahéman kawih Sunda. Komo deui lamun dibarung ku leuwih rempegna média anu ngawanohkeunana. Sabab aya ogé di antarana anu henteu resep téh lantaran tacan mikawanoh. Ana geus wanoh mah, manahoréng geuning tuluy “bogoh”.

Kawih Sunda jeung Tembang Sunda Cianjuran tangtu henteu idéntik jeung kalangenan kaum sepuh, da réa di kalangan rumaja anu mikaresep. Sangkan leuwih dipikaresep deui,  tangtu anu ngahaleuangna ogé perelu dieuyeuban ku juru kawih jeung juru tembang ti kalangan kaum rumaja, paling henteu ti barudak ngora. Upama anu ngawih téh para nonoman saperti Ani Sukmawati, Rosyanti, Néng Dini, jsté, tangtuna ogé bisa ngahudang rasa cinta para nonoman séjénna. Ku kituna, acara-acara pagelaran kawih jeung tembang Sunda Cianjuran perelu diundakeun kuantitasna, sarta leuwih reumbeuy deui kalangan rumaja. Lamun kitu carana, moal aya generasi anu peunggas dina mikacinta kawih Sunda, sabab ngabuka kalayan lébar kasempetan ka kaum rumaja pikeun ngumbar kréativitas dina widang kawih.

Bras kana téma laguna. Asa moal éléh ku téma lagu-lagu nu ngagunakeun basa séjén. Puguh deui ari kawih Sunda jeung Tembang Sunda Cianjuran mah rata-rata ngandung kadar sastra linuhung. Ti baheula ogé, Mang Koko geus ngagelar musikalisasi puisi. Sabab, réa kawih Mang Koko anu disanggi tina sajak karya para sastrawan. Contona kawih anu diangkat tina sajak karya RAF  diantarana “Bulan Dagoan”, “Pangungsi balik”, “Leungiteun”, “Hamdan”, jsté. Kawih anu rumpakana diangkat tina sajak Wahyu Wibisana diantarana “Samoja”, “Carita Peuting Tadi”, “Kembang Tanjung Panineungan”, “Angin Priangan”, jsté. Kaasup nyanggi sajak Dédy Windyagiri diantarana “Girimis Kasorénakeun”, “Kembang Impian”, “Tina Jandéla”, jsté.

Kumaha ari téma lagu pop Sunda? Sanajan aya diantarana anu cawokah, tapi teu saeutik rumpaka lagu nu nyosok jero, nyastra, tur ngandung rupaning pituah geusan lenyepaneun. Ku kituna, rumpaka nu nyastra téh lain baé dina tembang Sunda atawa kawih, da geuning kapanggih ogé dina sawatara lagu-lagu pop Sunda. Contona lagu “Dadali Manting” (dinyanyikeun ku Darso), “Ka Angin” (Dinyanyikeun ku Détty Kurnia), “Layung Galunggung” (dinyanyikeun ku Rika Rafika), “Baluweng” (dinyanyikeun ku Oon Bawani), “Bonganna” (dinyanyikeun ku Détty Kurnia), jeung sajabana. Upama dilenyepan, éta rumpaka henteu dapon jadi. Aya nu bisa dicukcruk deui di satukangeun rumpakana.

Lagu-lagu Pop Sunda réligi ogé kaitung réa tur dipikalandep ku balaréa. Contona lagu “Dina Amparan Sajadah” (Cipt. Doel Sumbang), “Jang” (Cipt. Oon Bawani), jeung sajabana. Lagu-lagu pop Sunda réligi (Islam) tetep karasa hawa réligina sanajan henteu ngagunakeun diksi Arab. Leuwih nandeskeun deui yén basa Sunda kacida ampuhna pikeun syiar Islam. Boh dina lagu, pon kitu deui dina mimbar, basa Sunda minangka basa rasa nu gampil nyerep kana dadasar kolbu.

Upama mikaresep lagu Sunda, otomatis bakal wawanohan jeung basa Sunda. Ka dituna dipiharep mikacinta, ngamumulé, miara, tur ngamekarkeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Basa mémang lain pikeun dipadungdengkeun, tapi geusan dipaké komunikasi malahmandar di antara manusa sangkan papada surti.***

Comments
0 Comments

0 komentar: