Minggu, 03 Juni 2018

Puasa Kendang jeung Puasa Ayakan





Ku DHIPA GALUH PURBA

PUGUH baé kendang mah henteu milu puasa sanajan urang Sunda mikawanoh istilah “puasa kendang”. Éta babasan téh mangrupa kritik anu rada pikaseurieun, ditujukeun ka sing saha baé anu puasana ukur dina poé kahiji jeung poé pamungkas di bulan Ramadhan. Kendang kaasup waditra kasenian tradisional anu kaitung populér di kalangan masarakat Sunda, dijieun tina kai nu buleud, tengahna gorowong, sarta dua tungtungna ditutupan ku kulit. Upama nyukcruk kana kamus mah, di Sunda téh aya “gendang” jeung “kendang”. Gendang mah kendang gedé nu rarawatna kénca-katuhu, sarta pageuhna disambungkeun ku karawat jeung tengah-tengah kuluwungna saperti melendung. Demi kendang nyaéta gendang anu ukuranna leutik (Kamus Basa Sunda RA. Danadibrata, Kiblat, 2006).

Taya nu anéh tina waditra nu ngaranna kendang,  anu antukna sindiran “puasa kendang” moal ngalantarankeun anu disindiran kahudang amarahna, sanajan anu disindiranna jalma anu bener-bener ukur puasa dina poé kahiji jeung pamungkas bulan Ramadhan. Kamungkinan gedé, manéhna moal nyeri haté, komo deui nepi ka dendam ka kendang upama dina sakali mangsa amprok jeung pintonan kasenian anu diwaditraan ku kendang. Asana moal ujug-ujug ngabalng-balangkeun kendang.

Mémang hésé nyindekeun hiji jalma puasa atawa henteu, lantaran tacan kungsi diayakeun sabangsaning razia mariksa nu teu puasa. Anu écés mah ukuran dasarna nyaéta barang dahar jeung nginum, sanajan réa di antara ustad anu sering nétélakeun yén puasa anu pangbabarina nyaéta nahan hanaang jeung lapar. Tapi pikeun jalma anu tacan bisa ngadalikeun beuteung, nahan hanaang jeung lapar ogé tétéla henteu babari. Wajar upama di tatar Sunda populér istilah “puasa kendang”.

Karuhun Sunda anu nyiptakeun rupaning ungkapan kritik ka jalma anu tara puasa, kawasna geus kacida surti yén dina mangsa keur puasa dipahing ngumbar amarah atawa nyarékan lak-lak dasar. Ku kituna kritik anu dijieun ogé sari-sari bari ngabodor. Conto kritik séjénna nyaéta “puasa ayakan” (singgetan tina: saaya-aya dihakan). Éta ungkapan ditujukeun ka jalma anu ngaku puasa, tapi manéhna ngadahar naon baé anu bisa didahar. Puguh baé ieu mah leuwih parna batan “puasa kendang”, sabab anu “puasa ayakan” mah enas-enasna henteu puasa pisan.

Sigana “puasa kendang” jeung “puasa ayakan” téh antukna jadi inspirasi pikeun sabagéan para Kepala Daérah anu nyekel kakawasaan. Maranéhna katingali soléh malah suci dina mangsa kompanye atawa dina poé-poé panungtungan mancén. His, puguh baé pikeun ngondang simpati masarakat sangkan dipilih deui. Salila mancén tugas, méh henteu kungsi ngalakukeun nanaon iwal ti kukumpul duit pikeun ngagentian modal waragad salila kompanye tur pikeun nyiapkeun kompanye satuluyna. Kaciri soléhna ukur di awal jeung ahir mangsa mangku jabatan, nepi ka cocok disebut kadar kendang” (kepala daerah kendang). Untungna di tatar Sunda mah euweuh nu siga kitu, meureun.

Pon kitu deui aya Kepala Daerah anu méntalna “ayakan”. Puguh baé leuwih parna. Sabab manéhna bakal “ngahuapkeun” naon baé nu katingali jeung dianggap “ngeunah”, bari teu kudu mikiran halal atawa haram. Rupaning kasus korupsi anu ngajiret para Kepala téh  geus nuduhkeun yén “kadar kendang” jeung “kadar ayakan” téh tétéla henteu saeutik. Maranéhna satékah-polah mintonkeun dirina anu keur “puasa”, tapi dina mangsa manggih kasempetan tur nu séjén keur malaweung, mangka dihuapkeun duit rayat jeung naon baé nu “pingeunaheun”.

Karuhun Sunda ogé kawasna baheula téh geus rada bayeungyang nyaksian jalma anu ngaku muslim tapi henteu puasa di bulan Ramadhan. Jeung anu leuwih parna deui, maranéhna henteu ngajénan atawa teu paduli ka jalma di sabudeureunana anu keur meujeuhna paruasa. Maranéhna henteu ngarasa éra sanajan dahar, nginum, atawa ngaroko di tempat umum. Leuheung kénéh anu saukur kaciri sukuna wungkul mah. Nya ti dinya mah kaitung lumrah lamun satuluyna aya carmina (pantun kilat) anu nepi ka kiwari masih kénéh populer, “puasa kuda lebaran munding/ puasa teu kaduga lebaran ginding. Hiji sindiran anu ditujukeun ka jalma anu ngedul puasa puasa, tapi dina mangsana ngarayakeun lebaran hayang panggindingna.

Geus lain rusiah deui tur jadi fenomena umum yén ngarayakeun lebaran di pakampungan téh réa diantarana nu kalah ngadu géngsi. Pangpangna pikeun anu sapopoéna ngumbara di kota-kota gedé. Pakéan sing sarwa anyar, dahareun sagala aya, kandaraan méwah, ngecét imah, jeung sajabana, salawasna jadi bagéan tina ngarayakeun lebaran pikeun sawatara jalma. Malah keur ngahontal éta kaméwahan téh aya kalana maksakeun. Contona nginjeum duit ka réntenir atawa ngagadékeun pakakas imah keur sakadar ngaréntal kandaraan. Pokona mah rupaning cara dilakonan sangkan lebaran bisa ginding, pikeun némbongkeun kasuksésanna ngumbara di kota gedé. Matéri beuki weweg jadi barométer keur ngukur darajat manusia. Naha kiwari masarakat téh beuki réa nu materialistis? Apan di payuneun Gusti Nu Maha Agung mah, jalma anu pangmulya-mulyana téh lain jalma beunghar, lain pajabat, lain ménak, tapi jalma anu iman, anu taqwa, anu silih wasiatan dina bebeneran, anu silih wasiatan dina kasabaran.***


Dimuat di Majalah Seni Budaya, taun 2009

Comments
0 Comments

0 komentar: