Sajak Sunda: Hiji Peuting di Situ Panjalu (1)


HIJI PEUTING DI SITU PANJALU (1)

Dhipa Galuh Purba

Samarukna unggal anca, aya nu baris kaala
Da puguh ngarahuh mah,
Ukur ngagayuh sabot reureuh dina iuh-iuh
Teu kaci, ngurilingan Nusa Gedé bari uring-uringan

Kuméok sanggeus dipacok
Luncat balilahan, ngejat ka awang-awang
RĂ©k ngacacang di langit kulawu
RĂ©k ngarungkup, ngacak-ngacak jaladara.

Ibun beureum euceuy, ibun Situ
Keclakna, rancucut getih,
pagalo tina juru soca
Merebey, ngeueum buleudan rupa
Nu salawasna rosa, ngagedurkeun tunggara
Cenah mah: rék nyingraykeun ruruntuk!
Nu ngalantarankeun biwir nguyung ku carita

Hujan miripis; ibun kaibunan,
ceurikna kénéh
Dalah mun teu kaampeuh,
Cimatana bakal mulangkeun cai Situ nu kiwari saat
Banjarwaru jeung Simpar baris kakeueum deui Situ

Langit sumegruk

Peuting Ă©ta,
Biwirna rék dikonci
Panonna rék dikonci
Haténa ogé rék dikonci

Nyi Ratu Permana DĂ©wi….
Kuring papag mawa kohkol pangentrong rasa,
Ngampar samak di Nusa Pakél,
LĂ©ngkong, Kalong, uyah, moal asa-asa
Hayang tepung-lawung jeung salira.

Situ Panjalu, 1 Syawal 1425 H





0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post