Sajak Sunda: Wirangrong Mingsal







WIRANGRONG MINGSAL

 Dhipa Galuh Purba


Cipruk cimata
di lelemah wirangrong
Nu ngahuyungkung
tisolédat na walahar
Budra-bidru ngaléngkah
tikoséwad na amlongan
Sadariah tos lamokot leutak
anjog kana tapak Nabi
ukur supena saban mangsa

Murubmubyar ratna campaka
salasap-sulusup kana watamalik
mabra nobros pancaksuji

Duh, wara
basa anjeun melak kamuning
tingraringeuh, tingpolohok
geutrak acong-acongan
aya nu hilap ka ajawajala

Salaku batu karang
anjeun teu régrog-régrog
najan kawih balilihan
ngagalindeng tina lambey
warangas
tangtu, mamandaluan

Kocap pepelakan tos sirungan
mangkak ngarandakah
beu, naha?
kuniang sangga langit!
belegedeg rincik bumi!
areuyna manjangan
luar-léor jadi wisaya

Duh, wara...
geuna-geuna melak
tangkal suliga
karunya anu kapidangdung
apan urang bakal tepung
di ditu, di Arah-arah Mashar

Ranggon Panyileukan, 10 Rajab 1426 H


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post