Keur Panutan (1)






KEUR PANUTAN  ( 1 )


Dhipa Galuh Purba

Hariring dangding, kiwari geus lain nu kuring
Haleuang sora, ayeuna teu miboga

Keretas bodas, pinuh gurat mangsi beureum
Tinggeleber, tingsariak dina kongkolak panon
Nutupan paneuteup nu angkeub
Nyimbutan kadeudeuh nu laas

Panutan anu minuhan kereteg dada
Dimana atuh haréwosna rasa
Naha suling sorana jadi silung
Gentra kuring jadi linglung
Manuk tikukur oge jadi ngaruyung
Pikir liwung matak kasarung

Caringin, 1998

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post