Maluruh Penari Sanggar Dinika di Bogor -

Hj. Rina jeung Miranti



Catetan DHIPA GALUH PURBA

ANJOG ka Komplék Bina Marga, Jl. Loader No. 2 Baranangsiang, Bogor, kaayaan mutuh ramé naker.

Sora gamelan, nu ngawih, nu surak, nu éak-éakan, nu ceurik, nu seuri, pagaliwota jadi hiji. Bubuhan anu boga hajatna seniwati nu moal bireuk deui; Ma Ageung.

Nya pasti upama rupa-rupa kamonésan digelar dina panggung. Para seniman ti Bogor, Bandung, jeung sajabana, mani tumplek di bumi Ma Ageung.

Geura wang tataan diantarana aya Arthur S Nalan, Éka Gandara, Éndang Caturwati,  Tati Saléh, jrrd. Pokona mah matak barieukeun ngabandunganna, awahing ku ramé. Teu kaleuleuwihi upama disebut réuni para seniman Sunda.

Dina kaayaan sakitu ramena, meunang milik ditepungkeun jeung pupuhu Sanggar Dinika, Hj. Rina Hendrayanti.

"Manawi uninga ka penari ieu?" tanya téh bari némbongkeun  foto helaran kesenian di Bogor, 14 Juni 2003 nu kaliwat.

"Nya tangtos wé da éta mah pun anak," témbalna bari némbongkeun pasemon anu hégar marahmay.

"Alhamdulillah,"  Nu ditanya téh mani kabeneran anu rék dituju téa.

Teu loba catur deui, Hj. Rina diajakan ngawangkong leuwih daria.  Harita Hj. Rina dibaturan ku hiji penari asuhanna anu cenah mah éta ogé putrana kénéh.

Horéng di Sanggar Dinika mah sakur anggotana sok nyarebut "Mamah" ka Hj. Rina. Pang kitu téh, sangkan leuwih ngaraketkeun tali batin. Jeung dina enyana deuih,  mani enyaan kawas indung jeung anak. Raket pisan.

Ngawangkong téh di buruan imah. Sora gamelan ogé masih kénéh kadéngé hawar-hawar.  Hj. Rina diajak ngawangkong kalayan salsé.

Sebut baé Sanggar Dinika. Diadegkeunna mah geus rada lila. Tapi kamekaranna kakara 3 taun ayeuna. Diadegkeun di tengah lingkungan masarakat, pikeun nyadiakeun lahan kagiatan (hususna) para rumaja dina kasenian.

Lain baé ngalatih tari. Sanggar Dinika sok ngayakeun kagiatan sabangsaning kasenian degung, calung, réog, kacapi suling, jeung sajabana.

Malah pelatihna ogé da henteu sagawayah. Ceuk Hj. Rina, para pelatihna ngadatangkeun ti STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonésia) Bandung.

Nepi ka kiwari, anggotana kurang leuwih aya 50 urang, anu karéréaanna didominasi ku para rumaja. "Perceka sareng maléncrang barudak mah…" kitu pokna Hj. Rina rada ngabanyolan.

Lain ukur banyol kétang, da puguh jeung kanyataanna. Kabuktian, Sanggar Dinika kapilih ngeusian acara rutin Sabuk Emas di RCTI. Paingan atuh rada asa-asa, kungsi kawénéhan ningali dina layar kaca. Horéng grup ieu pisan anu sok nari, saméméh prung tinju sabuk emas RCTI dimimitian.

Ku lantaran ngancikna di tengah masarakat téa, nurutkeun Hj. Rina, masarakat téh aya nu resepeun, aya ogé anu sok protés alatan ngarasa kaganggu.

Pangpangna upama keur mangsana latihan.  Mangkaning sanajan geus biasa maén ogé, di Sanggar Dinika mah teu weléh latihan jeung latihan.

Unggal tampil, Hj. Rina hayang nyieun kreasi anyar. Teu anéh upama pangalaman manggungna ogé geus kaitung euyeub.

Puguh deui ari di Bogor, Bandung, Cimahi, Karawang mah. Sanggar Dinika ogé kungsi ngaranjah Cilegon tug nepi ka Propinsi Bali.

Puguh baé kungsi dilélér mangrupa pangajén. Saperti ti Walikota Bogor, ku ayana mibanda jasa mawa ngaran hadé kota Bogor.

Hj. Rina, anu kiwari jadi "nyonya" Bambang téh, mémang ti jaman kuliah kénéh di IKIP, geus resep diajar tari klasik.

Mimitina ukur intern kulawarga. Tapi lila-lila ngalegaan, ku sabab diurus kalayan daria. Ieu seniwati wedalan Bandung, 22 Juni téh, boga tékad hayang némbongkeun mun yén kasenian Sunda, hususna nu aya di Bogor, lain kasenian kampungan. Malah boga "kelas" anu luhur. Hj. Rina, miharep sangkan para nonoman Bogor, leuwih mitineung kana kasenian Sunda.

"Ari Ibu, gaduh putra tos sabaraha hiji?" tanya téh rada panasaran.

"Putra Ibu mah tos lima,"

"Putra asuh di sanggar?"

"Hih, sanés... ieu mah putra kandung..." pokna.

"Baruk?"

"His, naha bet cangcaya? Apan yuswa ibu mah tos kepala empat…" témbalna deui.

"Punten, dupi putra ibu dialajar kasenian Sunda?"

"Nya tangtos wé atuh. Sanaos aya di antarana anu dipaksa heula." Hj. Rina mungkas wangkongan. Teu poho Hj. Rina nitah nganjang  ka sanggarna, di Ciléndék Barat, Bogor. Katingalina mah lain tawar gatra nitah nganjangna.


Miranti Sirégar
HJ. RINA méré kasempetan  pikeun ngawangkong jeung 'budak'na téa. Tatadi mula ngan merhatikeun wé, teu kecét-kecét.

Tapi barang diajakan ngawangkong mah, geuning teu burung ngaleunjeur. Miranti ngaranna. Lengkepna mah Miranti Sirégar.

Ditilik tina ngaranna ogé kawasna bakal kabadé, mun yén Miranti aya sékésélér urang Batak.

“Pun bapa ti Batak, pub biang mah urang Bogor asli,” kitu pokna, teu nyalahan.

Miranti lahir di Bogor, tanggal 18 Méi 1982. Mimiti ngagabung jeung Sanggar Dinika kira-kira dua taun katukang.

Tapi ari diajar tari mah geus ti keur leutik mula. Malah mimiti daria basa geus asup kelas 1 SMU.

Miranti masih kénéh réréhan Hj. Rina. Cenah mah alona. Da puguh mimitina ogé, sanggar Dinika mah dimimitian ku simpay kulawarga. Malah Miranti pisan anu kapeto jadi “humas” sanggar Dinika téh.

Pang kitu, apan Miranti anu sok ngajakan sobat-sobatna pikeun ngagabung ka Sanggar Dinika. Kiwari Miranti geus lulus kuliah ti IPB (Institut Pertanian Bogor).

Teu pati kapapanjangan ngawangkong perkara patalina élmu anu diteuleuman Miranti di IPB jeung kasenian tari.

Nu écés ieu mojang anu masih kénéh “nyorangan” téh umajak ka para nonoman, hususna urang Bogor, pikeun mikanyaah kasenian Sunda.

*




Intan:
Intan Nurul Ulfah

Intan Nurul Ulfah
SARÉNGSÉNA ngawangkong jeung anu duaan téa, saterusna mundut widi ka Hj Rina kanggo ngawangkong jeung penari nu fotona dibekel dina tas. Penari nu kalintang nyongcolang basa minton dina acara helaran Bogor.

Teu hésé, Hj. Rina nyalukan asuhanna. Na atuh, ana burudul téh, aya kana limaanna nyalampeurkeun. Puguh wé  rada kaweur, diriung ku mojang Dinika. Tara pati biasa pangpangna mah.

Teu nyalahan, horéng anu dipaluruh téh antukna mah patepung lawung paamprok jonghok. Surup jeung rupa, ngaranna téh Intan Nurul Ulfah. Kiwari masih kénéh nyuprih pangarti di IPB.

Ieu mojang anu kungsi kapilih jadi “Mojang Bogor taun 2001” téh, kakara sataun ngagabung jeung Sanggar Dinika, diajakan ku Miranti.

Kilang kitu, ku lantaran kaparigelanna dina kasenian geus kauji, Intan langsung dipercaya pikeun milu ngarojong garapan Sanggar Dinika, nyaéta milu ngarojong acara helaran Kota Bogor sawatara waktu kaliwat.

Najan pangalaman nari dina helaran mangrupa anu munggaran keur Intan, tapi kabuktian pisan Intan jadi penari anu nyongcolang.

Mémang karesepna neuleuman kasenian Sunda, geus katingali ti jaman sakola kénéh di SD. Ieu mojang wedalan  Bogor, 10 April 1984 téh sok rajeun diajar kasenian degung jeung diajar tari.

Teu anéh upama ayeuna leuwih daria, sanggeus ngagabung jeung Sanggar Dinika. Malah Intan ogé kawasna bakal nuturkeun tapak lacak Miranti, anu saréngséna kuliah di IPB téh milih ngokolakeun kasenian Sunda.***


Bogor, 2003

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post