Kasus Cisumba - Carpon Dhipa Galuh Purba

 



Dimuat di Harian Umum Pikiran Rakyat, 3 Mei 2025

Carpon Dhipa Galuh Purba

 ASA beuki jauh tina saripatina. Padahal basa mangkukna mah pedaranna tĂ©h geus rada ngadeukeutan. Ku sabĂ©ngbatan ogĂ© geus loba anu bisa ngajudi saha uteuk kajahatanna. Moal jauh. Sabab euweuh karuksakan nanaon. Panto henteu ruksak, taya tapak nyokĂ©l jandĂ©la. Ti dinya ogĂ© bisa dicindekeun yĂ©n pelaku rajapati tĂ©h pasti moal jalma jauh.

RĂ©t kana durasi. Tina video anu panjangna sajam, geus  45 menit Sanjay ngaguar pamanggihna ngeunaan kasus rajapati. Kaciri boga kapunjulan dina widang hukum. Wajar lamun kanal youtubena loba anu ngalalajoanan. Subscriber-na geus ampir lima juta.

Sabada  Yoni jeung budak awĂ©wĂ©na ditandasa, loba pisan para youtuber nu ngarontĂ©n kasus rajapati. Meni rabeng judul-judul “Kasus Cisumba” dina youtube. Aya anu kacirina ukur hayang nambahan viewer, tapi teu saeutik nu pamianganna mĂ©mang hayang milu nanjeurkeun bebeneran. Sanjay kaasup youtuber nu kacirina mah ihlas, taya kapentingan nanaon salian ti hayang milu ngawal nu berwajib pikeun ngungkab  kasus Cisumba.

Nepi ka poĂ© ieu, geus nincak bulan kalima, pulisi tacan bisa nyerek logojo nu nandasa  Yoni jeung budakna anu katelah NĂ©ng Tika. MĂ©dia sosial beuki haneuteun ku kasus Cisumba. Anu mindeng jadi bahan paguneman tĂ©h diantarana Nina, pamajikanna almarhum. Nina mindeng dipadungdengkeun kulantaran aya sababaraha urang anu kungsi manggihan Nina keur paduduaan jeung Dorka di kafĂ©.

Yaya, lanceukna Tika, kaasup anu sarua sok jadi bahan padungdengan. Ari alesanna, lantaran  hubungan Yaya jeung jenat bapana kurang akur. Dina Yayasan anu dipimilik ku kulawarga Yoni, Yaya tara kungsi dilibetkeun. BĂ©da jeung  Tika anu sapopoĂ©na jadi bendahara Yayasan. Sajabana ti Ă©ta, Yaya ogĂ© kaitung raket jeung Durka. Najan Durka mindeng digosipkeun jeung indungna, tapi henteu mangaruhan kadalitanana jeung Durka.

Tapi alibi tiluanana kawilang weweg. Dina peutingan kajadian rajapati Yoni jeung Tika, cenah mah Nina keur nganjang ka indungna tug nepi ka meuting. Loba saksina. Malah dina peuting éta, Nina liliwetan jeung babaturanana jaman SMP

Yaya jeung Durka mémang aya di lembur. Tapi dina peuting harita, duanana gararapléh di pos ronda méh sapeuting jeput. Malah nepi ka tinggalolér karérék di pos ronda. Kira-kira jam genep, Yaya kakara mulang. Nya, harita pisan Yaya nu mimiti nangenan rajapati anu tumiba ka bapa jeung adina.

Imah paburantak, getih ngabayabah, sarta layon Yoni jeung Tika ngababatang di lawang kamar. Yaya langsung ngabiur ka kantor pulisi, ngalaporkeun kajadian anu tumiba di imahna. Kitu pangakuan Yaya anu sumebar dina rupa-rupa média.

SapoĂ©, dua poĂ©. Saminggu, dua minggu. Nu matĂ©ni tacan kapaluruh ku pulisi.  Anu matak ngaranjug, Nina jeung Yaya kalah nyĂ©wa pangacara. Ku kituna mĂ©dia sosial beuki geunjleung. AnĂ©h, lain nyĂ©wa dĂ©tĂ©ktif, kalah nyĂ©wa pengacara.  Lamun yakin henteu ngarasa salah, naha bet kudu nyĂ©wa pengacara? Kitu diantara pamanggih para nĂ©tizen. Kacurigaan beuki mokus ka Nina jeung Yaya.

 

Geus menit ka-50 pedaran Sanjay. Tadina mah hayang lalajo kanal Misteri Neng Santi  pikeun babandingan. Tapi tara-tara ti sasari, mos ngadadak error. MencĂ©tan keyboard ogĂ© sarua, bet ngadadak teu jaralan. Antukna daĂ©k teu daĂ©k kudu terus ngabandungan kanal Sanjay.

Sanjay hayuh wé ngabahas alibi Yaya jeung Nina. Lamun terus-terusan kitu, nepi ka iraha ogé asa moal kapaluruh mangkelukna. Aya bahan leuwih yakin yén di lembur Cisumba mah saban aya kajadian rajapati tara kungsi kacerek nu maéhanna. Aki Jumsih kungsi ngadongéng, ti jaman Walanda ogé, saban aya rajapati I Cisumba mah tara kungsi kapaluruh jalma jahatna.

Duapuluh taun katukang, basa kuring keur kelas 3 SD, masih kénéh inget kumaha geunjleungna rajapati anu tumiba ka kulawarga Pa Tono katut anak pamajikanana. Dina waktu sapeuting, nyawa lima jalma paragat. Méh sarupa, taya panto atawa jandéla nu ruksak , jeung taya harta banda anu diringkid. Duit, perhiasan, atawa barang-barang séjénna di imah Pa Tono weuteuh taya nu noél.

Tacan pati usum mĂ©dia sosial jaman harita mah. Iburna ukur ti biwir ka biwir. Nu Ă©cĂ©s, harita aparat kawilang lila ngungkabna. Teu bĂ©da jeung ayeuna, ukur mariksa puluhan saksi, bari mangbulan-bulan tacan aya kacindekan saha tersangkana. Anu matak kagĂ©t, Mang Aco ujug-ujug dicerek. Cenah mah kabuktian logojo nu nandasa Pa Tono sakulawarga tĂ©h taya lian Mang Aco, jalma kurang saeundan. Jalma nu sok ceuceuleuweungan sorangan niru-niru sora Rhoma Irama. MĂ©h sakur urang Cisumba  cangcaya lamun  Mang Uco sanggup ngalalakukeun rajapati nu sakitu gangasna.

Tayangan Sanjay geus ampir rĂ©ngsĂ©. Tapi angger teu bisa mindahkeun chanel, sanajan laptop mah da teu ruksak. Kungsi Sanjay nyebut-nyebut ngaran Dani, kabogohna Tika. Wajar pisan, lantaran dina peuting kajadian rajapati, Dani pisan anu pamustungan di-WA ku Tika. MĂ©dia teu pati  nyorot Dani, sanajan kungsi dua kali  dipĂ©nta kasaksian ku pulisi.

Tangtu wĂ©  wanoh ka Dani tĂ©h, najan nganjrekna di lembur tatangga. Harita, dina hiji poĂ©, kuring keur ngadorong motor, lantararan  bĂ©akeun bĂ©ngsin. Keur meujeuhna ngĂ©sang, aya mobil ngalalar. Mimitina mah mobil tĂ©h teu siga-siga rĂ©k eureun. Tapi teu lila kaciri ngahurungkeun sĂ©n kĂ©nca.

Mobil Tika. Wanoh pisan da ampir unggal poĂ© mobilna ngaliwat ka hareupeun imah. HRV beureum, kaluaran anyar, pelat nomorna ogĂ© sigana husus pesen da puguh lamun dibaca tĂ©h jadi nuduhkeun ngaran nu bogana. 

Panto mobil beulah kénca muka. Tika kaluar.

“Kunaon, Kang? Mogok?” tanyana bari imut.

“Muhun,” tĂ©mbal tĂ©h. Asa gĂ©ngsi kudu nyebut beak bĂ©ngsin mah.

“Aduh, jaba tebih kĂ©nĂ©h bĂ©ngkĂ©lna nya…:”

“Ah, teu sawios… santuy wĂ© NĂ©ng,” tĂ©mbal tĂ©h bari satĂ©kah-polah nĂ©mbongkeun paroman hĂ©gar.

Tika muka tasna. Siga nu geus disiapkeun, Kusiwel ngaluarkeun amplok.

“Kamari tilas ngalereskeun komputer..” pokna bari nyodorkeun amplok.

“Atos dipasihan ku bapa,” tĂ©mbal tĂ©h, teu wani narima.

“Muhun Ă©ta mah ti bapa. Ieu mah pan ti abdi,” pokna deui bari maksa mikeun amplok. Antukna mah ditarima dibarung bungah.

Nineung pisan ka Tika téh. Enya ogé kuring lain sasahana, tapi teuing meni ku geregeteun ka mangkeluk anu téga nandasana. Meni hararésé. Padahal éta bukti jeung saksi meni geus nalalembrak. Kungsi nyieun akun palsu, terus ngabéréndelkeun pamanggih dina rohangan koméntar kontén Sanjay. Nu ngalaik komén téh aya kana sapuluh rébuna. Tapi anéh, tacan kungsi disabit-sabit ku Sanjay.

Dua bulan katukang Dani ngajak tepung di kafĂ©. Sajabana ti ngedalkeun rasa kingkin, Dani ngajakan diskusi  ngeunaan rajapati. Mimitina mah ukur loba ngabandungan. Tapi saterusna, Dani mindeng pisan ngajakan tepung bari tuluy ngawangkong. Pamanggihna bet asa sarua jeung anu aya dina pikiran. Tidinya mimiti lahaola ngedalkeun rupa-rupa pamanggih kuring.

“Aya duit haram ngagolontor ka yayasan…”

“Yakin?”

“Yakin pisan,”

“Ari Si Durka?”

“Si Durka mah keuna paribasa aya jalan komo meuntas…” kitu tĂ©mbal tĂ©h.

Kuring ogĂ© medar lalakon saminggu katukang ngabuntutan Si Durka.  Si Durka asup ka hiji hotel. Selang sababaraha jam, aya mobil Avanza asup ka palataran hotel. Panumpangna taya lian Nina. Lain mobil Nina. Kamungkinan gedĂ© mah taksi online. Nina asup ka jero hotĂ©l.

Geus nalalembrak. Matak, sabenerna mah bieu téh geus kapikiran rék nyieun kanal youtube. Rék dibolékérkeun wé sagala rupana. Sigana ku jalan éta hiji-hijina pikeun nanjeurkeun kaadilan keur Tika jeung bapana.

**



JAM 02.00. Masih kĂ©nĂ©h gogolĂ©ran bari nĂ©njokeun lalangit kamar. Uteuk motah nĂ©angan ideu ngaran kanal youtube nu rĂ©k dijieun.  Panon  anteng nyĂ©rangkeun dua cakcak anu keur papuket dina lalangit. Cakcak jeung cakcak ragot garelut marebutkeun hakaneun.

Koréjat hudang. Tuluy ngahurungkeun laptop. Muka youtube. Siga sasari, néang heula kanal Sanjay. Geus aya kontén anyar anu durasina sajam. Panasaran, rék dibandungan deui. Susuganan wé teu hayuh waé ngabahas Yaya jeung Nina. Bosen.

Kakara ogé lalajo dua menit, hapé disada. Nomerna teu wawuh. Tapi hayang nyaho, ditarima wé.

“Dani? Aya naon nelepon wayah kieu?”

“Wayahna ayeuna didagoan di deukeut tugu. Penting pisan! Ditungguan!”

Rék nanya deui, tapi hapéna kaburu dipareuman. Teu loba itu-ieu deui, belenyeng wé ka tempat anu disebutkeun ku Dani.

“Ulon-ulon nu matĂ©ni Tika tĂ©h keur ngarumpul  di imahna Pa Aji!” pokna Dani.

“Pa Aji???” tangtu ngaranjug pisan. “Geus aya  opat poĂ© Pa Aji jeung anak pamajikanna keur liburan di Pangandaran. Imahna kosong, dikonci, euweuh sasaha,” tĂ©mbal kuring.

“Alibi. Hayu urang buktikeun. Urang toong ti pipir imahna,”

Teu loba catur deui, harita kénéh muru ka imahna Pa Aji. Rerencepan muru ka pipireunana. Rada ngaranjug basa kadéngé aya sora nu keur gegerendengan, siga nu ngalobrol. Késang badag késang lembut mimiti ngabanjiran awak.

“RĂ©kam!” Dani ngaharĂ©wos. Kuring langsung ngodok pĂ©sak. Tuluy nĂ©angan lolongkrang nu leuwih laluasa pikeun ngamĂ©ra.

Teu kanyahoan, panto muka. Opat urang lalaki tinggarajleng, sarta tuluy ningker kuring jeung Dani.

“RĂ©k sosoroh kojor manĂ©h?” tanyana. Jelas pisan Si Durka. Gigireunna Yaya nulak cangkĂ©ng. Ari anu dua urang mah teu pati wanoh. Taya deui pilihan. Siap ngadu jajatĂ©n.

**

Sanjay masih keur ngabahas rajapati Cisumba. Menit ka-45.

Asa hanaang. Rét kana cikopi. Tadina rék disuruput, tapi teu kebat nyepeng gelasna ogé, lantaran aya cakcak dina cikopi. Rét ka luhur, cakcak nu hiji deui mah keur anteng ngalegleg siraru. Sigana nu aya dina cikopi téh éléh jajatén nepi ka ragrag.

Geus tamat pedaran Sanjay. Hanjakal mos ngadadak error, teu bisa pindah ka kanal séjén. Antukna ukur melongkeun layar laptop.

Jam 06.00. KadĂ©ngĂ© di luareun imah meni rĂ©ang sora jalma.  Tina sorana, kadĂ©ngĂ© semu nu tagiwur, ketir, pikahariwangeun.

“Kumaha lalakonna di imah kosong bet aya rajapati?”

Kitu diantara wangkongan di luar. Teu lila kadéngé sora sirene pulisi. Ukur mésem. Tangtu pulisi bakal bangga néangan ulon-ulonna. Geus jadi kutukan sigana mah yén di lembur Cisumba mah saban aya rajapati ogé tara kapaluruh jalma nu maéhanna.

Léos ka imahna Pa Aji. Sakuriling imah geus dipasangan garis pulisi. Jelema ngagimbung. Wartawan jeung youtuber ogé teu tinggaleun pakepuk ngaméra. Sawaréh aya nu tatanya ka warga.

“Abdi nembĂ© wangsul ti Pangandaran…” kitu pokna Pa Aji.

Basa aya patugas Inafis nu ngalalar ngaléngkahan garis pulisi, kuring nuturkeun. Blus manéhna ka jero imah, sarta muru ka dapur. Kuring nuturkeun tukangeunana, nepi ka anjog ka lebah hiji layon anu ngababatang. Aéh, naha? Naha? Geuning? Rasa kingkin nyaliara satungkebing batin.

“Katampi pisan katineungna, Kang. Katampi pisan…” rĂ©t ka gigireun. Teuing ti iraha Tika geus ngajanteng bari imut ngagelenyu. RĂ©t deui kana layon, ras kana diri.***

 

Cinambo, Novémber 2022

0/Post a Comment/Comments

Lebih baru Lebih lama