Kamari jeung Isukan Nyaéta Poé ayeuna…



Catetan DHIPA GALUH PURBA

JUDUL di luhur mangrupa tarjamahan dialog Abisavam, kepala suku Naga, dina lalakon drama “Kisah Perjuangan Suku Naga” karya WS. Réndra.

Lengkepna  nyaéta: “Kemarin dan ésok adalah hari ini, bencana dan keberuntungan sama saja. Langit di luar, langit di dalam, bersatu dalam jiwa”. Drama “Kisah Perjuangan Suku Naga” nyaritakeun pamaréntahan anu hanaang ku pangwangunan kalayan henteu miduli kana kaayaan alam jeung budaya.

Cindekna, dina éta lalakon, tokoh-tokoh pamaréntah digambarkeun minangka tokoh anu sarakah, ngahalalkeun sagala rupa cara pikeun ngahontal kahayangna demi kapentingan pribadi jeung golonganna.

Pagedrugna pamaréntah jeung suku Naga dimimitian ku rarancang pangusaha asing nu hayang ngagali tambang emas di Bukit Saloka, anu bakal ngalantarankeun Suku Naga kaléléd tur bakal dijieun kota pertambangan.

Abisavam henteu cicingeun. Kalayan dirojong ku anakna anu kakara mulang ti luar nagri, Abivara,  katut warga kampung Naga, nolak Suku Naga disingkirkeun. Perjuangan suku Naga ogé dirojong ku Carlos, wartawan luar nagri nu anu simpati ka suku Naga.

Ieu drama téh dipilih ku panitia “Bandung Mengenang Réndra” (BMR) pikeun digarap tur dipagelarkeun dina acara puncak BMR, anu lumangsung di Saung Angklung Udjo, Jl Padasuka 118 Bandung.

Drama “Kisah Perjuangan Suku Naga” disutradaraan ku Yusef Muldiyana, asistén sutradara Gusjur Mahesa, panata artistik Herry Dim, panata musik Dody Satya Ekagustdiman, panata gerak Ine Arini, Ayo Sunaryo, Oos Koswara; panata lampu Joko Kurnaen; dramaturg Yoyo C Durachman, sarta  dirojong ku 60 aktor/aktris téater di Bandung jeung Jawa Barat, saperti Ayi Kurnia, Irwan Guntari, Irwan Djamal, Ria, Dhipa Galuh Purba, jsté.

Runtuyan kagiatan BMR dibuka sacara Resmi ku Wakil Gubernur Jawa Barat, Dédé Yusuf, 28 Oktober 2009, di Gedung Indonesia Menggugat (GIM) Bandung. Acara-acara anu dipidangkeun téh lain baé lumangsung di GIM, tapi di tempat-tempat kagiatan kabudayaan séjénna, saperti di Yayasan Pusat Kabudayaan (YPK), Saung Angklung Mang Udjo, Redaksi PR, Gedung Kasenian Déwi Asri STSI Bandung, Balé Rumawat Unpad, jsté.

Acara-acara anu dipidangkeun téh diantarana: seminar “Hukum Adat dalam Persfektif Kebangsaan”, kalayan panyatur Abdon Nababan, Taufik Rahzen, Miranda Risang Ayu, Aat Soeratin (panumbu catur); Paméran Seni Rupa “Nyanyian Angsa: Hanafi Maria Zaitun Rendra” Karya: Hanafi; Paméran Seni Rupa “Megatruh Kambuh” karya: Agus Zimo, Arman Jamparing, Dede Wahyudin, Deden Sambas, Diyanto, Ganden Witono, Harry Pochang, Hendrikus, Herry Dim, Irman A. Rahman, Isa Perkasa, Rahmat Jabaril, Rosid, Suaibun Ilyas, Tisna Sanjaya; 

diskusi: “Nasionalisme Hari ini” kalayan panyatur M. Fadjroel Rachman; Diskusi “Sastra & Teater Rendra: Perjuangan adalah Pelaksanaan Kata-kata”  kalayan panyatur Afrizal Malna, Radhar Panca Dahana, Hawé Setiawan, Hikmat Gumelar (Moderator); Diskusi jeung Pemutaran Film: “Kantata Takwa” karya Erros Djarot”;

Diskusi: “Budayawan di Tengah Arus Zaman”  kalayan panyatur: Ganjar Kurnia, Acil Bimbo, Yesmil Anwar, Ahda Imran (Moderator); Diskusi: “Film Musikal sebagai Medium Penyadaran”, kalayan panyatur Remy Sylado, Jakob Sumardjo, Erros Djarot, Moderator: Benny Johanes; Diskusi: “Filsafat Kebudayaan: Melihat Peranan Rendra dalam Menjaga Suluh Peradaban”, kalayan panyatur  Goenawan Mohamad, Moh. Sobary, Rm. Febianus Heatubun,  Agus R. Sarjono (moderator).

Anu matak kataji, dina runtuyan acara BMR, hususna tanggal 7 Novémber, diayakeun déklarasi  “Hari Kebudayaan Nusantara”. Dina acara dépklarasi, diluuhan ku para seniman jeung budayawan ti Tasikmalaya, Ciamis, Bandung, Jakarta, Yogyakarta, Depok, Cirebon, jeung salian ti éta.

Muga baé ku ayana déklarasi poé kabudayaan téh sing jadi panggedor sumanget masarakat sangkan leuwih miduli kalumangsungan budaya daérah. Pikeun urang Sunda, tangtu baé budaya Sunda. Nyaritakeun perkara budaya, tangtu baé nyaritakeun kasenian, basa, sikep hirup, jeung sajabana. Majalah Seni Budaya, salahsahiji média nu salawasna konsistén miara tur ngamekarkeun seni budaya bangsa.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post