Suku Naga Ngabéla Lemah Sarakan

Salahsahiji adegan Tokoh Mrs Joelia, diperankeun ku Anita Bintang (Foto Agus Bebeng)

Catetan DHIPA GALUH PURBA

KURANG-leuwih 100 pamaén milu ngarorojong pagelaran “Kisah Perjuangan Suku Naga” karya WS. Rendra, anu digelar di Téater Saung Angklung Udjo, Jl. Padasuka 118, Bandung.

Pintonan téater mangrupa wanda kasenian anu munggaran dipintonkeun di Saung Angklung, kalayan ieu ékspérimén téh kaitung suksés. Salila lima poé (11-15/11), Téater Saung Angklung dipinuhan ku penonton nu hayang nyaksian lalakon Suku Naga, anu kungsi suksés dipagelarkeun ku WS. Réndra dina taun 1970-an.

Pagelaran “Kisah Perjuangan Suku Naga” (KPSN) mangrupa pangéling-éling pupusna WS. Rénda, kalayan jejerna “Bandung Mengenang Réndra”. Ku kituna, ieu pagelaran dirojong ku para personil ti sawatara grup téater, hususna nu aya di Bandung, kalayan disutradaraan ku Yusép Muldiyana, jeung astrada Gusjur Mahésa.

KPSK nyaritakeun kateueucreugan para pamingpin anu diwakilan ku tokoh Sri Ratu, para mentri, jeung ketua katut anggota parlemén. Sri Ratu anu saukur mikirkeun kapentingan dirina, kagégéloan ku pangwangunan, mibanda kabiasaan motong 10% tina dana injeuman luar nagri, écés pisan mangrupa sindiran ka Présidén Soeharto dina mangsa orde baru.

Tug nepi ka sakali waktu aya pangusaha luar nagri  (The Big Bos) anu kataji pikeun ngeduk tambang tembaga di wewengkon Suku Naga. Ku ayana kitu, Suku Naga baris dijadikeun kota pertambangan. Lebah dieu pisan pagedrugna antara pamaréntah jeung masarakat Suku Naga. Satékahpolah masarakat Suku Naga mertahankeun lemah sarakanna.

Sri Ratu (diperankeun ku Adinda Luthviati), sarta dua urang dalang, diperankeun ku Gusjur Mahésa jeung Rinrin Candraresmi (Foto Agus Bebeng)


 Lantaran, tempat anu dicicingan ku kaum Suku Naga téh lain saukur tempat. Tapi ngahaja meunang milih para karuhun Suku Naga dumasar kana rupaning tinimbangan. Geus diatur tata ruangna kalayan merenah, kaasup pakasaban sapopoéna minangka patani. Abisavam, kepala Suku Naga, geus ngabagikeun taneuh ka para patani Suku Naga, kalayan taneuhna wajib dipolah tur henteu meunang dijualbeulikeun, boh ka sasama padumuk Suku Naga komo ka urang kota. Naon rupa kawijakan

Abisavam mangrupa tarékah pikeun ngajaga kasaimbangan kahirupan di Suku Naga. Kari-kari ku pamaréntah rék ditumpurkeun demi ngahontal kauntungan matéri tina pertambangan tembaga, bari henteu mikiran kalumangsungan hiji kabudayaan anu dimumulé ku Suku Naga.

Abivara, anakna Abisavam, geus mulang ti luar nagri sanggeus sawatara lila sakola. Mulangna Abivara téh dina raraga ngamajukeun lemburna, ngarojong kawijakan Abisavam. Abivara henteu kapangaruhan ku urang kota anu materialistis. Justru Abivara hayang tetep miara kalumangsungan kahirupan Suku Naga anu nyobat jeung alam. Sajabana ti éta, mulangna Abivara ogé dibarengan ku Carlos, sobatna, anu pacabakan sapopoéna jadi wartawan.

Puguh baé barang kajadian pagedrugna Suku Naga jeung pamaréntah téh ngajurung Carlos pikeun nulis berita dina koran luar nagri. Hal ieu pisan anu dipikasieun ku Sri Ratu: berita koran luar nagri. Sabab, ku ayana berita dina koran luar nagri, bisa ngalantarankeun komara Sri Ratu ragrag.

Ku ayana Carlos, pamaréntah henteu kumawani nyieun ketak pararadu, sabab mamalana geus kasawang matak pibahlaeun. Hiji-hijina jalan anu pamungkas nyaéta ngusir Carlos ti nagara Astinam (plésétan ti Astina, anu maksudna tangtu baé Indonésia). Éndingna ieu lalakon nyaéta ku dicabutna idin Carlos matuh di Astinam. Sikep éta dicokot ku Sri Ratu ku lantaran ngarasa geus teu metu nyanghareupan Suku Naga. Para mentri taya nu manggapulia, atuh Ketua Parlemén ogé henteu bisa ngayonan debat jeung Abisavam.

**

Tokoh Carlos (diperankeun ku Irwan Jamal) jeung Abisavam (Diperankeun ku Ayi Kurnia) (Foto Agus Bebeng)


Lalakon KPSN digarap kalayan nyokot rupaning idiom téater tradisional, saperti wayang, longsér, lénong, ludruk, ketoprak, jsté. Kilang kitu, ieu pintonan téh tetep mangrupa téater modérn. Peran musik dina ieu pintonan kalintang rongkah. Malah ku ayana racikan musik anu merenah, ngalalajoanan ieu pagelaran téh kalintang genah.

Dody Satya Ékagustdiman, minangka panata musik, kalintang suksés dina ngaracik runtuyan pirigan sapanjang lumangsungna pagelaran. Sajabana ti panata musik, ieu pintonan téh dirojong ku panata artistik Hérry Dim jeung Luki Lukman; panata gerak Ine Arini, Ayo, jeung Oos Koswara; panata cahaya Joko Kurnaé; sarta ngalibetkeun dramaturg Yoyo C. Durachman. Sacara umum, ieu pintonan lumangsung kalayan lungsur-langsar jeung suksés.

Naskah anu dijieun taun 70-an téh bisa diaktualisasaikeun ka jaman kiwari kalayan mémang sacara umum lalakonna tetep aktual. Kilang kitu, aya sawatara dialog anu geus henteu aktual, kalayan ku sutradara diluyukeun jeung kamekaran jaman kiwari, anu antukna taya kesan ieu pagelaran téh tinggaleun jaman.

Tapi sigana bakal leuwih aktual lamun sutradara neuleuman deui tokoh Sri Ratu leuwih gemet. Maksudna, ieu tokoh sri Ratu téh sabenerna bisa diluyukeun jeung kaayaan jaman kiwari, mangsa kapamingpinan Présidén SBY. Bakal leuwih aktual lamun tokoh Sri Ratu diganti baé ku lalaki, anu gayana siga Présidén SBY, saperti leletna dina nangtukeun sikep, siga nyanghareupan kasus cak-cak jeung buhaya anu beuki maceuh, atawa héngkérna tentara dina mertahankeun panghina ti nagara deungeun, saperti ti tentara Malaysia anu mindeng ngarempak tapel wates batas nagri.

Teu béda jeung ketak sutradara ngaganti tokoh Mr Joe ku Mrs Joelia, tangtuna taya halangan pikeun ngaganti tokoh Sri Ratu wanoja ku Sri Ratu lalaki.***


Foto jeung Kateranganna:

Suku_naga-1.jpg: Tokoh Carlos (diperankeun ku Irwan Jamal) jeung Abisavam (Diperankeun ku Ayi Kurnia) (Foto Agus Bebeng)

Suku_naga-2.jpg: Salahsahiji adegan Tokoh Mrs Joelia (diperankeun ku Anita Bintang) (Foto Agus Bebeng)

Suku_naga-3.jpg: Sri Ratu (diperankeun ku Adinda Luthviati), sarta dua urang dalang (diperankeun ku Gusjur Mahésa jeung Rinrin Candraresmi) (Foto Agus Bebeng)



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post