Ku DHIPA GALUH PURBA
SASARINA mah ngojay téh
tara ngajak motor. Ari dina peuting harita mah (23/04/06), kapaksa kudu ngojay bari
nungtun motor. Kétang, da teu aya niat rék ngojay tadina mah. Biasa baé, rék nepungan
si manéhna di wewengkon Dayeuhkolot. Najan hujan ngagebrét dibarung kilat patingburinyay
tur dor-dar gelap matak kapiuhan jalma sawan, tapi pikeun kuring henteu jadi
halangan. Geus kadung jangji, najan kudu ngayonan galura motah atawa unggah
gunung, moal rék pugag léngkah pikeun nepungan si manéhna.
Bada Magrib, ngabiur ti Cibiru, nyorang Jalan Bypass nepi ka Cigéréléng. Tuluy
méngkol ka kénca, Jln. Moch. Toha, bras ka wewengkon Palasari—anu ngahubungkeun
Jl Moch Toha jeung Dayeuhkolot. Teu wudu rada hookeun ningali jalan anu ngadadak
robah jadi balong.
“A, mending uih deui! Jero pisan...!” aya hiji lalaki mépélingan, basa nyaksian
kuring anu tuluy nyebrut, meulah cai nu nguyumbang saparat jalan. Teu didéngé,
angkanan téh geus pangalaman ieuh motor kuring mah, da ampir saban hujan, pasti
ngaliwatan banjir cileuncang di Gedebagé. Palakiah mawa motor dina banjir mah
gampil, kari panteng wé gasna. Sabab, manteng gas, hartina kenalpot ngaluarkeun
angin. Sabalikna, lamun gas dikendoran, kenalpot nyedot angin. Puguh baé ana kaayanana
banjir mah, anu kasedot téh lain angin, tapi cai. Ari motor kaasupan cai, nya tangtu
bakal paéh.
Hanjakal pisan palakiah éta téh, henteu metu ngayonan banjir di wewengkon
Palasari mah. Teu mangga pulia deui, motor téh paéh. Kilang kitu urang teu kudu
hariwang, da motor mah najan paéh ogé, sok bisa hirup deui (conto séjén nu paéh
bisa hirup deui). Taya deui jalan, iwal ti didorong, da piraku ari nu
nyupiranna kudu milu paéh mah tangtu moal bisa hirup deui.
Jok motor ampir kakeueum. Kuring asa keur ngojay wé, ngan bédana harita mah
bari nungtun motor téa. Sangkan henteu pati karasa capé, kuring ngabayangkeun anu
keur dituungtun téh si manéhna anu keur diajar kokojayan bari maké baju ngojay.
Tapi bangga diajak badamina imajinasi téh. Nu puguh mah haté ngocoblak, nyarékan
laklak dasar ka manusa tukang ngaruksak alam, anu temahna matak balangsak masarakat.
Sabab, kajadian banjir téh tangtu aya sabab-musababna. Buktina, di lembur
kuring mah tara aya banjir, da kalumangsungan alam téh masih kapiara.
Lamun kaayaanana wanci beurang, kawasna bakal kaciri, yén cai anu ngeueum
Palasari mah béda warnana, henteu sakadar coklat. Sabab, lain sakali-dua kali nyorang
banjir cileuncang di wewengkon Palasari. Tong boro hujan ngagebrét, dalah hujan
leutik ngaririncik ogé di wewengkon éta mah sok banjir cileuncang samet
mumuncangan baé mah. Warna caina rupa-rupa, aya beureum, héjo, abu-abu, jsb. Boa-boa
éta mah lain sabanjir-banjirna, siga limbah industri anu ngahaja dipiceun kalayan
ngagunakeun kasempetan dina mangsana hujan.
Puguh deui ari walungan mah, saperti Citarum anu geus jadi pamiceunan limbah
industri tina rébuan pabrik anu ngajajar sapanjang sisi walungan. Kangaranan cairan
anu dipiceun ku pabrik, sajabana ti bau téh katambah ngandung zat racun anu
ngabahayakeun (B3). Sanajan méméh dipiceun diolah heula ku IPAL
(Instalasi Pengolahan Air Limbah) atawa water
threathmen, tetep baé lain hiji jaminan cairan ti pabrik aman (komo anu
henteu diolah heula). Tong boro bisa diinum, dipaké masak, atawa dipaké mandi,
dalah dipaké kaperluan tatanén ogé moal bisa. Kilang kitu, ulah aya nu kumawani
nyarék pabrik, da maranéhna mah apan geus nyepeng Surat Izin Pembuangan Limbah
Cair (SIPLC). Ka
hareupna, SIPLC téh alusna mah kudu meunang idin heula ti masarakat. Sabab,
lamun Citarum henteu diurus baé, 76 héktar kacamatan Dayeuhkolot bakal
salawasna jadi langganan banjir.
Ayeuna, sabada geus taya lolongkrang pikeun miceun limbah ka walungan, naha
jalan raya ogé rék ‘dirékrut’ jadi pamiceunan? Deudeuh teuing urang Bandung, mani
bangga rék leumpang-leumpang ogé. Lemah cai nu subur ma’mur téh kiwari mah
tinggal susuluk. Solokan, walungan, tug nepi ka jalan raya, geus pinuh ku
limbah industri. Pamaréntah ogé kawasna geus ngarasa weudeu ngaspal jalan di
wewengkon Palasari, sabab tara kungsi awét. Rék awét kumaha, da ampir saban
mangsa kakeueum cai buruk nu milu mijah (wewengkon éta, lain hiji-hijina tempat
anu mindeng kakeueum ku cai buruk dina mangsana hujan). Ceuk sawangan, cai warna-warni
anu mindeng mijah di jalan raya téh, asa piraku ari jolna ti sabangsaning limbah
loték atawa bajigur mah, pamohalan kabina-bina.
“A, badé didorong?” aya budak leutik nyampeurkeun, kukucuprakan dina cai.
“Sok, dorong lah!” témbal téh. Budak leutik semu atoheun.
“Wios ku duaan, A?”
“Pék baé tiluan ogé...”
Tilu urang budak leutik katingali mani ocrak. Motor hiji didorong ku
opatan, dibarung ku tingcikikik.
Aya kénéh seuri dina mangsa katarajang musibah alam. Sanajan rada bangga
ngabédakeunana, naha éta seuri téh kaasup kana seuri maur, seuri konéng, atawa
seuri nanahaon.
*
“Geus nyata karuksakan di darat jeung di laut
dilantarankeun ku pagawéan leungeun-leungeun manusa, supaya Alloh ngarasakeun
ka maranéhna sabagéan tina akibat pagawéanana, sangkan maranéhna mulang ka
jalan anu bener.” (Q.S. Ar Rum: 41)***
Dayeuhkolot, 25 Rabiul Awal 1427 H
Naskah Juara II Hadiah Sastra LBSS 2006, dimuat di KSM Galura, Minggu
I, Juni 2006
Komentar