Heureuy Bandung DHIPA GALUH PURBA
TI bulan Juli kénéh ogé, Lurah Ukar
geus paciweuh nataharkeun acara, dina raraga ngareuah-reuah Agustusan. Komo
deui Mang Ulis, anu purah dititah méntaan sumbangan. Unggal kulawarga diwajibkeun papatungan duit, anu gedéna
ditangtukeun dumasar kana loba jeung saeutikna budak. Lamun budakna loba, mayar
sumbangan ogé kudu gede. Pon kitu deui sabalikna, lamun budakna saeutik mah,
mayarna ogé teu pati gedé. Malah anu teu boga budak mah, aya anu diharatiskeun
sagala rupa.
"Ieu téh demi ngamasarakatkeun program KB ongkoh..." kitu
ceuk Lurah Ukar, basa ditanya ngeunaan alesan pangna nangtukeun aturan kawas
kitu. Puguh baé ninggang ka kulawarga Mang Amanta mah, matak ripuh pisan. Apan
budakna téh reuay, aya kana salapan welas urangna.
"Ieu mah perlu diadukeun ka pamaréntahan pusat!" Mang
Amanta susumbar. Kawantu pangala sapopoéna ogé aya kalana teu cukup, pikeun
nyumponan pangabutuh budak anu sakitu bangkoréakanana. Komo deui saprak
warungna anu di sisi jalan, bulan kamari dibongkar paksa ku patugas.
"Apan ayeuna mah usum otda. Pamaréntahan kampung ogé, boga hak
pikeun nangtukeun aturan sorangan." Lurah Ukar teu éléh géléng. Kituna téh
bari ngabulaéh, nyaritakeun rarancang pikeun ngayakeun pésta gedé tanggal tujuh
welas Agustus. Peuting harita téh, kabeneran keur ngayakeun riuangan panata
calagara Agustusan di balé désa.
"Barudak pamuda mah, hayang nyieun garapan pagelaran
longsér!" Mang Kulisi ngajukeun usul. Minangkana mah ngawakilan sora
pamuda Cigorowék.
"Teu bisa! Ieu dana acara téh, rék dipaké keur ngayakeun
turnamén gapléh jeung karnapal." Témbalna rada nyeuneu.
"Da Néng Lina ogé sok ngiring latihan longser..." aya nu
nyelengkeung ti beulah tukang.
"Keun engké, wang carék. Nanaonan sih, kawas rék jadi artis
baé?"
"Haaarr..."
"Lurah Ukar, hadéna mah, dana acara téh mending dipaké
ngabiayaan kréativitas pamuda Cigorowék." Ustad Otong milu nyarita.
"Geus gandéng, Mang Ustad. Keur naon ngalalajoanan Si Among
atawa Si Buruy. Teu ramé! Mending kénéh wang ngangkat kasenian gapléh jeung
olahraga pawéy. Sakurang-kurangna acara Agustusan taun ayeuna mah, kudu dibuka
ku acara anu rada goyang. Tapi lamun barudak pamuda maraksa hayang nyieun
pagelaran longsér, tinggal sina néangan dana sorangan. Méntaan sumbangan di
jalan raya..." kitu pokna. Kaputusan Lurah Ukar teu bisa diganggu gugat
deui. Tungtungna mah jempling. Komo sanggeus Lurah Ukar megat tukang sangu
goréng mah, saréréa ogé ngadadak satuju.
Unggal acara Agustusan, di lembur
Cigorowék sok ngadadak harénghéng usum bangsat. Najan taya patula-patalina, antara
agustusan jeung bangsat. Tapi teuing kumaha mimitina, da geus kitu
kanyataanana. Peuting mangkukna, aya bangsat anu nyasar ka imahna Lurah Ukar.
Tapi anéhna, éta bangsat téh teu maling nanaon pisan. Malah Néng Lina anu
kasaréan dina korsi ogé, teu ieuh diganggu. Jajauheun nepi ka digadabah mah.
Padahal kasus 'ngagadabah' téh, keur rada ngetrénd di kalangan jalma teu balég
mah. Sigana bangsat anu ngalanto ka imah Lurah Ukar, tara pati kabawa ku
sakaba-kaba. Henteu pati kapangaruhan ku kamajuan bangsat. Manéhna mah ukur
ngagaradah lomari pakéan. Tuluy ngudulkeun kaos anyar Panata Calagara
Agustusan, anu kakara réngsé meunang nyablon. Ari sugan éta kaos rék diringkid
ku bangsat, keur dijual ka tukang loak atawa keur kostum maén bal. Ari pék téh
da henteu, kalah ngadeluk ditulisan ku spidol beureum. Teu pira ari kecapna
mah, ukur nulis 'ACAN'. Tapi handapeunana aya tulisan 'Merdeka', anu saméméhna
geus meunang nyablon téa.
Puguh baé basa isukna Lurah Ukar
ngabagikeun kaos, taya saurang ogé anu henteu ngaranjug. Kawasna mah Lurah Ukar
teu mariksa deui kaayaan kaos. Bisa jadi pangna kitu téh, bakat ku riweuh
teuing ngitung bati ladang nyablon.
"Wah, Lurah urang téh kunaon
nya? Ieu kaos maké jeung ditulisan 'Acan Merdeka'?" kitu diantarana
wangkongan warga Cigorowék.
"Boa-boa Jang Lurah téh
hayangeun subversip." Bah Dinta ogé teu tinggaleun, milu mairan.
"Naon subvérsip téh, Bah?"
Si Buruy rada ngahuleng.
"Teu pati béda jeung
Pérsib." Témbalna.
“Kapi naon tah, ka téroris?”
“Nyao.”
Lurah Ukar ogé sarua kagétna. Reuwas
kareureuhnakeun. Poé bieu ogé, teu wanieun nonghol ti imahna. Teuing keur tapa
atawa memang tunduheun kénéh, balas sapeuting jeput ngawangkong jeung artis
penyanyi ondangan ti Babakan Sayang.
Peutingna Lurah Ukar ngayakeun
gempungan deui di Balé Désa. Tapi anéhna téh maké jeung ngondang Si Among
saparakanca. Tara-tara tisasarina.
"Nu balég atuh nyieun kaos téh,
Jang Lurah! Bisi cilaka. Maké jeung nulis 'Acan Merdéka' sagala rupa. Hayoh ké
disangka rék ngayakeun Gerakan Cigorowék Merdéka. Apan pibalaieun
wungkul…" Acan ogé gempungan dimimitian, Bah Dinta geus miheulaan nyelengkeung.
"Enya, kumaha éta téh,
sih?" Mang Kulisi katara semu anu kritis. Teuing pédah tadi peuting, teu
kabagean sangu goreng.
"Kélanan. Ulah waka goréng
sangka, euy. Saméméhna nguruskeun kaos, kuring rék cumarita heula ngeunaan
acara Agustusan." Kitu pokna Lurah Ukar. Sanajan siga anu kalem, tapi ari
tuurna mah katara rada ngeleper. Tapi ngadéngé kitu mah, saréréa taya nu wani
cacarita deui. Jep, jempling.
"Kahiji, urang téh perlu
ngadukung kréativitas barudak ngora. Dana acara Agustusan, mending dipaké
kagiatan pamuda anu sipatna leuwih ngadidik. Kuring, salaku Lurah Cigorowék,
ngarojong pisan kana kréativitas pamuda." Omongan Lurah Ukar, kalintang
bédana jeung peuting saméméhna. Ngalantarankeun para pamuda aléprak ramé naker.
Anu susuitan ogé aya.
"Hidup Lurah Ukar!
Merdéka!" Si Buruy ngagorowok bari ngangkat leungeun katuhu.
"Hidup Néng Lina..." Si
Among teu kebat.
"Geus atuh, ulah nyangkut kana
urusan pribadi..." Jang Isud muncereng.
"Gampang urusan acara pamuda
mah, Jang Lurah. Tapi ieu perkara kaos, naon maksudna maké jeung ditulisan ACAN
MERDEKA?" Bah Dinta keukeuh madungdengkeun perkara kaos. Dirojong ku warga
séjénna, anu kabeneran milu gempungan.
"Kieu, dulur-dulur. Luyu jeung
tékad kuring salaku Lurah Cigorowék. Kuring hayang ngamajukeun kréativitas
barudak ngora. Nya antukna kuring nyieun susuluk tina visi jeung misi
kuring." Ceuk Lurah Ukar.
"Susuluk kumaha, Jang
Lurah?"
"Enya, susuluk Cigorowék, pikeun
ngarojong kawula muda. Nyatana 'Aku Cinta Anak Negeri' atawa disingkat
jadi...ACAN. "
"Ooooh...ngarti atuh ari kitu
mah." Méh bareng.
"Hidup ACAN! !" Mang Lurah
ngajorowok.
"Hiduup!"
"Merdeka!"
"Merdeka!"
“Hidup Acan Merdéka!”
“Hiduuuuup…!”
***
Ranggon Panyileukan, 2002
Dimuat Dina Rubrik "Heureuy Bandung" H.U. GALAMEDIA, Bandung, Jawa Barat
Komentar