Carita Pondok Guyon: Agul Teuing


Heureuy Bandung DHIPA GALUH PURBA




Basa anyaran kawin ogĂ©, mĂ©mang Bi Iroh mah kungsi digosipkeun bureuyeung samĂ©mĂ©h disahkeun ku lebĂ©. Padahal teu singna kitu kanyataanana mah. Bubuhan geus kabiasaan ti leuleutik, upama nyarita tĂ©h sok dileuwihan baĂ©. Ceuk istilahna mah Bi Iroh tĂ©h sok agul teuing. Ngan teuing  asup kana golongan agul nu mana. Bisa agul ku payung butut, agul ku payung alus, atawa agul ku payung sedeng.
            “Tah, ieu baju tĂ©h hargana saratus rĂ©wu!” kitu tah lamun geus agulna tĂ©h. Padahal baju anu dipakĂ©na tĂ©h hargana ukur sapuluh rĂ©wu pĂ©rak, meunang meuli ti Cimol.
            “Taun kamari mah, Ibi tĂ©h ka Mekah…” pokna basa keur ngalalampah, nganteur dulurna anu rĂ©k munggah haji. Teu singna ka Mekah ari Bi Irohna mah, da sidik ukur nganteur tepi ka Jakarta.
            “Geus sabaraha bulan kandungan tĂ©h, Nyai?” kungsi sakali mangsa Mang RT tumanya.
            Alhamdulillah, tos Lima sasih,” tĂ©mbalna kalem naker. Ngalantarankeun Mang RT rada kerang-kerung. Da puguh sarĂ©rĂ©a ogĂ© apaleun, Bi Iroh kakara tilu bulan unggah ka balĂ© nyungcungna ogĂ©. Ti harita kawasna mah Bi Iroh diisukeun kawin samĂ©mĂ©h bureuyeung tĂ©h.
            “Bureuyeung samĂ©mĂ©h kawin, meureun?!” aya anu nyentak di tukangeun. Ari sugan tĂ©h, taya anu ngabandungan sajeroning ngagosipkeun Bi Iroh tĂ©h. Horeng Si Isud mani geus nyureng-nyureng baĂ© bari nitĂ©nan unggal kecap anu ditulis. Kawasna mah sieun milu digosipkeun.                 
            “Aya bĂ©ja anyar deui, yeuh!” ceuk Si Isud.
            “Perkara NĂ©ng Lina, NĂ©ng Ida, atawa NĂ©ng Wiwin?”
            “Is, lain. Bosen nyaritakeun budak awĂ©wĂ© mah. Mending nyorot Bi Iroh waĂ©, ngarah rada ramĂ©,”
            “Na ari Bi Iroh, lain awĂ©wĂ©?”
            “Lain, da geus kawin,”
            “Dasar budak eusleum. Sok atuh geura der cacarita!”
            “Enya heug. Halik, ku uing ngetikna sakalian.” Kituna tĂ©h bari ngarebut mesin ketik. Deker baĂ© manĂ©hna ngamimitian ngetik. Teu ieuh dicarĂ©k, bisi kasigeung. Sanajan ari nurutkeun kodeu Ă©tik kurung-karang mah, dipahing pisan aya tokoh carita anu ngetik sorangan tĂ©h. Babandinganna mah moal pati bĂ©da jeung wayang anu ngadalang. Tapi teu nanaon meureun ari sakali baĂ© mah, da keur mangsana bulan Puasa ieuh. Itung-itung ngareureuhkeun awak. Mending ngabuburit, bari api-api ngaliwat ka imahna NĂ©ng Lina. Sugan waĂ© atuh aya CĂ©p Amran. Bisa meureun rada nyimpang heula.
Sok baé barandungan carita Si Isud:
            Enya, ngaran uing Isud from CigorowĂ©k. Uing rĂ©k nyaritakeun lalampahan Bi Iroh, basa poĂ© Salasa kamari. Kajadianna mah di PasantrĂ©n Al-Ihsan Cibiru Hilir, Ă©cĂ©sna di imah ketua jurusan.
            “Ketua Jurusan Jurnalistik?”
            “Lain. Ieu mah ketua jurusan Cicaheum-Ciamis,”
            “Aya kitu? Asa kakara ngadĂ©ngĂ©?”
            “Kumaha uing baĂ©, rĂ©k aya, rĂ©k euweuh ogĂ©. Apan uing ieuh anu nyieun caritana. Jeun teuing rĂ©k disarebut arogan ogĂ©. Nu penting, uing can kungsi ngagaplok sekertaris uing.”
            “Ari sekertarisna, boga?”
            “Henteu,”
            “Matak ogĂ©, ulah sok sadĂ©ngĂ©-dĂ©ngĂ©na. Da lain digaplok, tapi didegungkeun,”
            “KĂ©, kĂ©, naha bet terus rasa kitu? Asihng baĂ© atuh, ari teu rumasa mah. Tapi ari maksa mah, heug atuh didegungkeun. Tapi didegungkeunna makĂ© tanaga jero, nepi ka sekertarisna ngadayagdag tujuh lĂ©ngkah,”
            “Naha bet tujuh lĂ©ngkah?”
            “Sabab angka tujuh mah mangrupa angka anu rata nurutkeun logika mistis lemah cai. Saminggu aya tujuh poĂ©. Lamun nungtut Ă©lmu pĂ©lĂ©t ogĂ©, kudu dimandian ku cai ti tujuh sumur jeung dicampuran ku tujuh rupa kembang,”
            “Geus gandĂ©ng! Kalah ngajangarkeun uteuk. Ongkoh rĂ©k nyaritakeun Bi Iroh, tapi kalah ngalĂ©r-ngidul…” mesin ketik direbut deui. Da sidik ngobrol jeung Si Isud mah moal aya tungtungna. Geus jauh teuing, lumpat tina matĂ©ri carita.
            Ukur kieu padahal mah carita si Isud tĂ©h; Basa geus mangsana buka puasa, Bi Iroh teu daĂ©keun ta’jil. Ngalantarankeun ketua jurusan rada bendu, asa teu dihargaan.
            “Cik atuh, sakalieun buka puasa mah, teu meunang dileuwihan waktuna. Pan sunah nabi ogĂ©, kudu buru-buru buka dina waktuna geus cunduk,”
            “SanĂ©s kitu masalahna, Pak Ketua,”
            “Ari enggeus, na kumaha kitu?”
            “Abdi tĂ©h kasiangan saur. Gugah-gugah, tabuh salapan Ă©njing,”
            “Terus?”
            “Nya, tadi tĂ©h abdi saur baĂ© tabuh salapan. Matak bukana ogĂ© panginten kedah dilangkungan lima jam…”
            “KĂ©, kĂ©, kĂ©, asa rada rieut…” Ketua Jurusan ngahuleng.
            “Naha kedah rieut sagala, Pa Ketua? Tinggal ngĂ©tang baĂ© atuh, tadi abdi saur-na ogĂ© langkungan lima jam. Nya bukana ogĂ©, kedah dilangkungan deui lima jam, ngarah tamat puasana…” pokna. Puguh baĂ© Ustad Otong mani ngaranjug. Harita kĂ©nĂ©h ogĂ© tuluy nyampeurkeun ka Bi Iroh.
            “Bi, sok ayeuna geura buka heula. KĂ©, lamun geus rĂ©ngsĂ© tarawĂ©han, Insya Alloh diterangkeun perkara Ă©ta…” ceuk Ustad Otong, bari ngasongkeun cai hĂ©rang.
            “Teu tiasa, Mang Ustad. Sareng abdi mah  kedah riil sagala rupi ogĂ©,”  Bi Iroh keukeuh. Tapi Ustad Otong teu Ă©lĂ©h geleng. Gap kana jam tanganna, tuluy dipajukeun jarumna.
            “Jam sabara ieu?” tanya Ustad Otong.
            “Tabuh sabelas,” tĂ©mbalna, bari nĂ©ngetan jam tangan Ustad otong.
            “Sok atuh geura buka!”
            “Tah, pami ieu mah, nembĂ© namina real.” Kituna tĂ©h Bi Iroh bari nampanan cai hĂ©rang dina gelas.
            “Dasar panon badilang. Jam tangan disebut ril…” Bah Dinta ngarendeng.

***



Ranggon Panyileukan 1423 H




Dimuat Dina Rubrik "Heureuy Bandung" H.U. GALAMEDIA, Bandung, Jawa Barat

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post