Carita Pondok Sunda: Wates

Carpon DHIPA GALUH PURBA
           

PAINGAN kungsi pinanggih jeung impian nu rada ahéng. Tara-tara ti sasarina pisan. Kuring dibawa ngapung ku Nini Antéh. Ngalalanglang legana wiati. Ngambah satungkebing jomantara.  Nepi ka anjogna  ka hiji tempat anu cenah mah éta téh bulan téa. Bulan anu sasarina ukur diteuteup dina mangsa wanci peuting. Bulan anu biasana ngan saukur bisa disawang kaéndahanana. harita mah diidek pisan ku dua suku kuring. Asa enya jeung asa nyata. Dina tatapakan lemah bulan, kuring bisa ngaleupaskeun paneuteup ka satungkebing jagat raya. Bréh buleudan bumi. Teu écés, tapi samar-samar aya anu gugupay ti luhureun Témbok China. Najan ukur katara dedeganana, tapi kuring apal pisan ka manéhna. Yun Lie.

Impian kuring mibanda dua carita anu béda. Geura wéh, sanggeusna kuring bisa napak di bulan, satuluyna ukur sakilat kuring ogé bisa anjog ka sisi walungan Yangtze. Karasa aya angin ngahiliwir, nebak embun-embunan. Tapi taya Yun Lie di sabudeureun kuring. Anu ngalantarankeun panon kuring ukur neuteup cai anu ngamalir di walungan Yangtze. Enyaan, panjangna ngembat nepi ka satungtung deuleu. Paingan atuh disebut walungan katilu pangpanjangna saalam dunya.

Leupas tina patula-patalina antara ngimpi kuring jeung surat ti Yun Lie. Ingetan kuring jadi ngajamparing kana hiji lalakon anu kungsi karandapan. Bulan Juli katompérnakeun na taun kamari, Yun Lie paamprok jeung kuring. Piraku teuing nepi ka poho, sabab panggihna ogé disaksian ku wangunan Gedong Batu, anu ku Yun Lie mah disebutna téh Klénténg Sam Poo Thay. Nya ti harita, kuring ogé tara nyebut Gedong Batu. Tapi kulantaran embung disebut nurutan manéhna, kuring mah sok nyebut Klénténg Sam Poo Khong.  Padahal sarua ieuh, kuring téh nurutan sesebutan sakumaha anu dipikawanoh ku sélérna Yun Lie.

Peuting harita, kaayaan di Klénténg Sam Poo Khong mutuh matak pikabetaheun. Mangrébu lilin anu diseungeut, ngadatangkeun suasana beuki ritual. Tapi anu leuwih penting mah, cahaya lilin bisa nyaangan rupa manéhna anu geulis bawana ngajadi. Moal éléh ku béntang filem ‘Gong Li’. Pakulitanna anu bodas tur mulus, matak sérab anu ningali. Tapi kuring rada ngaranjug basa sajorélatan, katara aya anu ngeclak tina dua panon sipitna. Teuing ngarasa sedih alatan lokétna leungit, atawa mémang keur nyanghareupan hiji perkara beurat. Urusan leungit lokét mah boa can engeuheun-engeuheun acan. Kilang kitu, lain hartina kuring jadi robah pamikiran. Matak manéhna ditétéangan ogé, lokétna anu bieu ragrag di jalan téh apan rék dibikeun deui. Malah lamun manéhna teu kaburu ngiles mah, titadi ogé pasti langsung dipasrahkeun. Untung wéh teu pati hésé mapayna.


 “Punten…” ceuk kuring rada halon, kalayan ati-ati pisan. Inggis ku bisi, rémpan ku sugan, sok sieun ngaganggu kana kahusuanana. Manéhna langsung ngalieuk. Tapi meunang sakedapan mah ukur molohok mata simeuteun, bari panonna neuteup kuring. Ngajadikeun haté kuring mingkin seseblakan, marengan tingsariakna rarasaan sakujur awak. Kuring teu wani nyarita sakecap-kecap acan. Teuing pangaruh naon. Nu écés mah manéhna buru-buru surti, basa leungeun kuring ngasongkeun lokét. Teu kuat lila-lila aya di hareupeunna téh. Kuring buru-buru malikeun awak sanggeus lokétna ditampanan.


 “Nuhun!” kitu pokna. Éta sora mani halimpu kitu. Najan ukur sakecap, tapi asa ngagalindeng tur matak dédéngéeun. Tapi angger kuring ukur bisa ngalieuk bari unggeuk. Manéhna némbongkeun imut manisna, matak ngaragragkeun jajantung kuring. Caca lamun henteu didaragoan ku babaruran mah, tangtu kuring bakal rada lila paadu hareupan jeung manéhna. Hayang ngajak ngawangkong heula papanjangan bari tuluy pancakaki. Aya hiji hal leuwih narik haté. Tina sakecap carita anu dikedalkeunana, kuring ngarasa yakin mun yén manéhna bisaeun nyarita ngagunakeun basa Sunda. Kawasna mah padumukanna ogé lain di Semarang.

Aya hadéna kuring teu kadalon-dalon jeung manéhna. Sabab basa kuring datang ka tukangeun panggung, pagelaran Kuda Lumping geus rék dimimitian. Mangkaning sakabéh pamaénna geus taratan-tatan sapuratina, kari ngadagoan kuring wungkul. Puguh baé harita kénéh ogé, kuring mani gusat-gesut disalin maké kostum. Sanajan pikiran mah masih kénéh tinggaleun di Klénténg Sam Poo Khong, tapi ari geus der mah dimimitian, teu burung kuring ogé bisa husu kana pagelaran. Ladang latihan opat bulan téh, teu matak nguciwakeun. Salila pagelaran kuda lumping dipintonkeun, anu lalajo mani ngagimbung kalayan  surak ayeuh-ayeuhan. Nu lalajo sugema, nu maraén ogé leuwih sugema. Suksés pisan kasebutna téh. Nepi ka panata calagarana ngarangkul awak kuring. Bakat ku atoh kawasna mah.  Sanajan ari kasugemaan mah, tangtuna ogé loba kénéh karasa ku kuring. Pangpangna mah diantara sakabéh pamaén kuda lumping, ukur kuring sorangan  anu lain urang Jawa. Malah lamun kauber waktuna mah, satadina kuring ogé rék diajakan maén Réog Ponorogo. Mémang saprak asup kuliah ka STSI Solo, kuring ngarasa kataji ku widang seni budaya Jawa. Ti dinya kuring mimitina sok aub jeung para seniman tradisi.

“Saé pisan…” jolna mah ti tukangeun kuring, éta sora téh. Tapi kuring kacida wanohna. Barang dilieuk ogé teu sulaya tina panyangka, manéhna geus ngajanteng bari ngasongkeun dampal leungeunna. Bungah anu tan watesna. Bagja anu lain meumeueusan. Basa pataréma jeung réma-réma leungeuna anu lemes, beuki karasa baé ayana geter-geter asmara anu tatadi mula geus nyaliara dina dada.


 “Ti Bandung, nya?” ayeuna mah kuring wani nanya, sanajan ari panon mah teu pati wani nepi

ka kudu paadu teuteup jeung manéhna.

 “Muhun. Sami deuih?” manéhna unggeuk, bari malik nanya.

 “Ti Bandung pisan abdi mah.” Témbal téh bari nyolong rérét ka beulah pipina anu kempot.


 “Nepangkeun, abdi Yun Lie.” Manéhna ngasongkeun deui dampal leungeunna ngadua kalian. Ti harita, kuring mimiti apal ngaran manéhna. Tapi sanajan manéhna siga anu ngajak loma, keukeuh baé asa aya anu ngawatesan antara diri kuring jeung manéhna.


 “Dharma.” Kilang kitu, kuring buru-buru malik ngawanohkeun manéh.


 “Kang Darma, abdi badé nongton Cap Go Meh. Bilih badé ngiring?” kitu pokna bari imut ngagelenyu. Dihenteu-henteu ogé, manéhna siga anu hayangeun pisan dibarengan ku kuring. Katara tina rindat panonna.


“Cap Go Meh? Hayu ah, badé nongton abdi ogé.” Asa mobok manggih gorowong atawa aya jalan komo meuntas. Sajabana ti panasaran kana rupa pintonan anu disebutkeun ku manéhna, katambah kuring ogé mémang hayang pisan babarengan jeung manéhna. Malah haté kuring geus miheulaan ocrak suka bungah bakating ku ngarasa atoh.

 “Ari kostumna moal digentos heula?” manéhna mépélingan kuring bari seuri leutik. Beungeut kuring asa nyéak, moal henteu kana bareureumna. Atuda mani poho kana disalin-salin acan. Untungna henteu matak ngalantarankeun pugagna acara lalajo Cap Go Méh.

 Ari sugan téh siga kumaha anu disebut Cap Go Meh téh. Singhoréng teu pati béda jeung pagelaran Barongsay, anu mindeng pisan dilalajoanan ku kuring. Tapi anu penting mah, tina lalajo Cap Go Meh, kuring bisa leuwih wanoh ka manéhna. Ngawangkong ngalér ngidul, nepi ka sagala dicaritakeun. Tapi kuring can wani nyaritakeun ketugna jajantung kuring. Piraku teuing kakara wawuh, geus nyebut bogoh mah. Bari jeung aya anu leuwih ngabeungbeuratan haté kuring. Keukeuh teu bisa nyingkahkeun anu jadi wates antara kuring jeung manéhna. Najan dosén kuring lain sakali dua kali nyaritakeun perkara sélér bangsa. Bédana hiji sélér bangsa, lain hiji panghalang pikeun ngaraketkeun hiji tali, boh tali asmara atawa tali duduluran. Ayeuna karasa tur karampa ku kuring. Tapi da lain hal éta anu asa ngawatesan kuring jeung manéhna mah. Lain pisan.

 Patepungna jeung Yun Lie nungtun kuring pikeun mulang ka bali geusan ngajadi. Aya hiji rarancang anu rék disorang ku kuring pikeun ngudag manéhna. Kasono anu minuhan dada, mawa kuring pikeun nyusul padumukanna, luyu jeung alamatna anu kungsi ditulis dina keretas sacewir. Yun Lie. Kuring leuwih wanoh ka manéhna. Kuring beuki yakin kana wates antara kuring jeung manéhna. Hal éta pisan anu ngalantarankeun kuring ngadadak eureun kuliah. Kuring mulang ka lembur. Sawah jeung kebon warisan bapa, harita kénéh ogé dijual. Pindah jalan pileumpangan ceuk cohagna mah. 

Anu nganteurkeun kuring jadi hiji pangusaha matrial di puseur kota. Sakumaha ceuk sobat kuring, urang ditu mah boga ‘karakteristik’ sorangan. Ceuk sobat kuring kénéh, maranéhna mah ngagulkeun dugem alias dunya gemerlap. Usahana soson-soson pikeun ngudag kadunyaan. Teu béda jeung anu geus dilakonan ku kuring salila kurang leuwih sataun. Udagan kuring ogé ukur hiji, kadunyaan. Kuring ngarasa yakin, Yun Lie bisa nyanding jeung kuring, upama kuring geus mibanda pakaya anu ceuk paribasana bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah. Lamun sagalana geus kahontal. Kuring moal kudu ngarasa gimir deui adu hareupan jeung Yun Lie. Tinggal waktu anu jétu, kari néangan wanci anu mustari, nganti mangsana kedal ucap pikeun ngajak Yun Lie unggah ka balé nyungcung. Nyorang éndahna kahirupan di ieu dunya.


“Wilujeng, Yun…” ceuk kuring bari neuteup paromanna anu pinuh kahégaran. Gigireunana aya Si Badar, anu tatadi mula teu weléh sura-seuri, gumasép naker. Najan didangdanan ogé, da angger atuh moal leuwih kasép ti kuring. Katambah pagawéanana ogé apan ukur kuli biasa, anu buburuh di pabrik bogana kolot Yun Lie. Apal modalna Si Badar mah. Lain lépel kuring. Tapi naha…


Boh Yun Lie atawa Si Badar, taya anu nampanan leungeun kuring. Malah katingalina téh, teu ngarérét-rérét acan. Kaasup sakabéh para tatamu ondangan, euweuh hiji ogé anu ningalieun kuring. Enya, mémang moal arapaleun upama kuring aya di dieu. Sabab raga kuring mah geus ngagulantung di tengah imah. Malah kuring sorangan anu ngagantungkeunana ogé, sangeus harita réngsé maca surat ondangan kawin ti Yun Lie. Ukur kaselang heula ku ngenyot udud meunang sabatang.***



Péso Pangot, 2002



Dimuat di Majalah Mangle, taun 2002

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post