Carita Pondok Guyon: Aki Ukro VS Aki Kowi



Heureuy Bandung DHIPA GALUH PURBA


Rupa-rupa pisan kamonésan dina raraga mapag piala dunya téh. Di lembur Cigorowék ogé, Aki Ukro ngaluluguan nyieun ‘Kleub Lalajo Maén Bal Husus Aki-Aki’ (KLMHA). Luyu jeung ngaranna. Ti mimiti pupuhu nepi ka anggotana ogé, tangtu baé aki-aki. Ngahaja cenah mah, ngarah uteukna can kakiruhan ku sabangsaning Kolusi, Korupsi, jeung Népotisme. Padahal KLMHA téh, kagiatanana ogé teu kurang, teu leuwih, ukur babarengan lalajo maén bal.

            Kakara ogé KLMHA diresmikeun, isukna Aki Kowi ngaluluguan pikeun ngadegkeun deui KLMHA anu anyar. Béjana mah, KLMHA pimpinan Aki Ukro dianggap kurang patén. Teuing kumaha écésna mah. Nu penting, KLMHA vérsi Aki Kowi geus boga base camp. Minangka kantor pusatna téh, saheulaanan mah Aki Kowi kapaksa kudu ngajabel heula imah minantuna.  Mangkaning budakna téh kakara ogé diriakeun saminggu katukang, keur meujeuhna sosonoan bulan madu. Tapi ceuk Aki Kowi, perkara bulan madu mah bisa diisuk pagétokeun keun deui. Anu leuwih penting mah piala dunya, cenah.  Atuh teu bisa baha. Budakna kapaksa kudu sosonoan, bari kuriak. Nyayagikeun opieun keur sakur aki-aki anu lalajo maén bal. Béjana mah anggotana ogé,  sawaréhna meunang ngarékrutan ti Ranca Katél, lembur tatangga Cigorowék. Ngaladénan aki-aki téa atuh, kurang-kurangna mah matak utah uger. Komo aya Aki Junéh, anu geus teu anéh deui, keudeung-keudeung peledos, nyaho-nyaho bauna wéh geus ngahiliwir angin-anginan.

Dina kaayaan KLMHA  anu kabagia dua vérsi cara kitu, meunang tilu poé mah loba loba aki-aki anu ngarasa bingung. Pangpangna mah bingung kudu asup kana kleub anu mana. Mangkaning di unggal kleub ogé diayakeun taruhan, tur disadiakeun susuguh sabangsaning goréng boléd jeung bubuy hui. Tapi béjana dina kleub Aki Kowi mah aya implik-implikan anu anyar. Sing saha anu pangjétuna ngitung skor, bakal dibébaskeun saumur hirup; ngala sampeu jeung ngala hui di kebon warisanana anu beulah girang. Teuing enya, teuing bohong. Nu écés mah da éta kebon téh apan keur disaeur, rék dijieun imah ku incuna. Sajabana ti éta, ceuk Aki Kowi kénéh, sing saha aki-aki anu pangcapétangna nyaritakeun perkara maén bal, bakal dibéré kalaluasaan pikeun numpak motor ojég anu anakna kalayan gratis. Ngeunah pisan matak ogé, jaba saumur hirup deuih. Bah Dinta mah, mani geus riweuh ngabayangkeun kumaha éndahna ngurilingan Cigorowék jeung pamajikanana bari numpak ojég. Teuing pédah saumur nyunyuhun hulu, Bah Dinta can kungsi diparengkeun numpak motor.

Aki Ukro ogé embung éléh kawasna téh. Da éta atuh nepi ka susumbar kieu: "Sok lah, Aki mah moal kapalang, lamun perelu kop tah Si Nini dibikeun!" kituna téh bari némbong-némbong poto Nini Iwah anu (béjana mah) ngahaja meunang dipotrét di studio poto. Tivina anu sok leungit gambarna ogé, ayeuna mah geus dioméan.  Najan kasebutna tivi hitam-putih, tapi ari gambarna mah sidik pisan mani cékas. Najan ku aya waé gogodana téh. Rajeun alus gambarna,  sorana ngadadak leungit. Nurutkeun Nini Iwah mah, pangna euweuh soraan téh, lantaran tivi-na teu maké rémot. Puguh baé ditémpas ku Aki Ukro, " Rémot mah taya patula-patalina jeung urusan kualitas tivi! Anu nyababkeun tivi euweuh soraan mah, pédah kandang domba dipindahkeun ka beulah kidul." Kitu pokna bari rada muncereng.

Mémang dina urusan tivi mah euweuh anu sahulueun pisan. Kaasup anu Aki Kowi ogé, teuing kumaha mimitina, gambarna jol ngiles. Ari sorana mah jelas jeung tarik, bisa distreokeun sagala. Kungsi dibongkar ku Si Among. Tapi batan bener mah kalah beuki euweuh gambaran. Malah masangkeunna ogé, Si Among téh pohoeun-pohoeun acan. Mun euweuh Cép Isud mah, boa kapuluk deui tivi anu Aki Sarkowi téh.

Basa pertandingan kasawelasan Spanyol ngalawan Koréa geus rék dimimitian, dua kleub aki-aki, mani geus silih panasan. Kleub Aki Ukro nyepeng Spanyol, sabab ngarasa kataji ku kiperna. Ari Kleub Aki Kowi mah ti mimiti ogé geus ngabulaéh bakal nyepeng Koréa. Sigana mah pédah budakna anu bungsu, jadi TKI di nagara Koréa. Nurutkeun pamajikanana, basa keur lalajo Koréa ngalawan Italia, budakna téh kafilem. Kaciri weh cenah cudag-cideugna. Lalajona ogé gigireun pelatih Korea, bari mamaké kaos Persib. Teuing enya, teuing ukur titingalian Nini Sarmi'ah wungkul. Tapi piraku ari ngabohong mah, da Nini Sarmi'ah nepi ka adug lajer sagala rupa. Tivi ogé ngadadak dipangku, tuluy dibalangkeun kana kasur. Tah, sigana ti harita pangna tivina jadi euweuh gambaran téh.

Basa pertandingan geus dimimitian, Aki Kowi teu burung rada paciweuh, da euweuh gambaran téa. Pikeun ngakalanana, Aki Kowi kapaksa kudu nanggap Nini Sarmi'ah, ngigel hareupeun tivi. Batan euweuh tingalieunna pisan.

Beda deui jeung di imah Aki Ukro, anu tivina euweuh soraan téa. Teu pati bingung teuing éta mah. Kabeneran Aki Sarmud rada pangalaman dina widang pidato seserahan anu kawin. Harita ogé langsung meunang pancen jadi réporterna. Puguh baé rada ngacaprukna mah. Pangpangna palebah nyebutan ngaran pamaén. Moal enya atuh maké jeung nyebutan ngaran pamaén Persib sagala. Nepi ka palebah aya gul anu dianulir ogé, ku Aki Sarmud mah disebut asup wéh.

"Catet, euy!" kitu pokna Aki Sarmud. Puguh baé sanggeus réngsé pertandingan babak ka-2, Aki Ukro saparakanca langsung ajrag-ajragan awahing ku atoh. Dina catetan Aki Juhri, skor pamungkasna 2-0 keur Spanyol. Tivina langsung dipareuman. Teu nyarahoeun aya perpanjangan waktu jeung ngadu pinalti. Malah geus puguh kitu mah, bring baé kabéhanana, muru ka imah Aki Kowi, rék nagih taruhanna téa, hayam jago.

Barang anjog ka imah Aki Kowi, bareng pisan jeung réngséna ngadu pinalti. "Hidup Koréa!" Aki Kowi ngagorowok tarik pisan. Ngalantarankeun rombongan Aki Ukro ngarandeg meunang sakedapan.

"Naha dina tivi Si Kowi mah, siga Koréa anu meunang?" ceuk Aki Ukro bari ngahuleng.

"Kumaha atuh? Jadi atawa moal nagihna?"

"Teuing atuh. Wang baralik baé lah. Bisi enya dina tivi Si Kowi mah meunang. Da mémang sakapeung mah sok béda. Kamari ogé, dina tivi Si Kowi mah sinetron, ari dina tivi kuring mah apan keur acara lalaguan. Wang anggap drow baé lah..." kituna téh bari ngaléngkahkeun sukuna, muru deui ka beulah kaler.

**

Ranggon Panyileukan, 2001


dimuat dina Koran GALAMEDIA, TAUN 2001

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post