Carpon DHIPA GALUH PURBA
KAKARA tilu bulan,
Suhartini digawé di pabrik. Miang ti pilemburan, mekel ijasah SMA. Asupna ka
pabrik téh henteu ngalamar sacara ilahar, da geus ilahar bakal bangga nyorang
birokrasina. Suhartini dibantuan ku Badar, hiji pamuda anu mibanda dedegan jangkung
luhur simbar dada, tur sorot panonnna seukeut. Badar katelah lalaki barangasan,
sahaok kadua gaplok katilu ngetrok, kaopat cabok kalima tarok. Di sabudeureun
pabrik mah, ngaran Badar geus kakoncara. Kakara ngadéngé ngaranana ogé geus
matak muringkak bulu punduk.
Pikeun Badar,
perkara ngasupkeun gawé baé mah minangka pagawéan céték. Kabuktian pisan, Suhartini
ogé sakitu lungsur-langsarna bisa ditarima jadi karyawan. Antara Badar jeung
Suhartini, taya hubungan nanaon, éstuning teu dulur teu baraya. Tangtu baé bakal
aya nu panasasaran, naha Badar mani bageur ka Suhartini? Maksud téh, bet daék
ngabantuan Suhartini anu keur koleng néangan pagawéan? Jawabanana,
bageur-bageur tujuh mulud! Saréréa ogé geus pada apal, Badar mah ukur calo.
Manéhna ngahargakeun tilu juta, pikeun sing saha baé anu hayang dipanguruskeun ngalamar
gawé ka pabrik.
Suhartini kakara
mayar satengahna. Tapi Suhartini jangji, sésana bakal dipunahan dina waktu tilu
bulan. Mémang mimitina mah Badar teu daékeun dianjuk. Léah sotéh alatan
Suhartini jangji baris méré paleuleuwih limaratus réwu.
“Heug ari kitu mah. Tapi omat, ulah leuwih ti tilu bulan!” kitu
pokna Badar.
Suhartini digawé
tihothat, indit isuk, balik peuting, da puguh digawéna nyokot dua sip. Ari sip
hiji, gawéna ti jam genep isuk-suk nepi ka jam dua beurang. Sip dua, ti jam dua
beurang nepi ka jam sapuluh peuting. Tadina mah Suhartini ogé rék nyokot sip
tilu, ti jam sapuluh peuting nepi ka jam genep isuk-isuk. Tapi, asa kabina-bina
teuing, da Suhartini téh lain robot. Cacak robot ogé ari dipeleter teuing mah
tangtu bakal héng.
Béda jeung gawé di
instansi pamaréntah, di pabrik mah dipahing pisan leuir asup téh. Lamun asup
jam genep, mangka jam genep kurang genep menit téh kudu geus gura-giru ka rohangan locker, tempat diteundeunna time
recorder pikeun ngetok kartu. Lamun leuwih ti éta, tangtu bakal
dicirian. Tilu kali leuir, bakal meunang Surat Peringatan (SP). Sing saha anu
geus meunang SP nepi ka dua kali, mangka kudu ati-ati. Sabab, sakali deui
meunang SP, ka dituna bakal meunang bancang pakéwuh Pemutusan Hubungan Kerja
(PHK).
Dina mangsana keur
mancén gawé, kabéhanana kudu suhud tur daria. Teu meunang aya nu ngoprék hapé,
ngobrol, komo nundutan. Upama aya anu nundutan, pasti bakal dipoto ku pikét.
Omat, éta poto lain rék dipidangkeun dina koran, tapi pikeun bukti katalédoran
pagawé. Cindekna, ripuh naker digawé di pabrik téh. Mangkaning Suhartini mah kudu
mereketkeun, nahan sagala kahayang. Duit téh dikumpal-kempil keur mayar hutang
ka Badar, mayar indekos, ongkos ojég, barang dahar sapopoé, katut ngiriman ka kolot.
Mangkaning taun ieu téh adina kakara tamat SD, butuh waragad keur daptar ka
SMP. Sasaha tangtu surti, jalma miskin mah rada seueut hayang bisa sakola téh.
Tilu bulan geus
kasorang. Duit anu ngumpul téh kakara sajuta. Puguh baé Suhartini bingung, kudu
kumaha nyanghareupan Badar anu tangtuna bakal ngajorag ka tempat indekos. Naon
deui alesanana? Naha ménta waktu sabulan deui mah? Wah, tangtu ménta ditambahan
deui limaratus rébu.
Suhartini curinghak,
basa ngadéngé sora anu keketrok kana panto. Geus teg baé, anu ngetrokan panto
téh pasti Badar. Najan wegah, Suhartini kapaksa cengkat, bari teu poho ngarawél
tiung nu ngagantung dina kastop. Rap dipaké, tuluy ngaléngkah kana panto. Blak,
di buka.
“Tin… keur naon? Can tidur? Cik pinjem sisir lah…” pokna Wati
bari ngagibrigkeun buukna anu baseuh kénéh.
“Hih, sugan téh saha! Nanaonan mandi wanci kieu? Hayang asup angin!
Tuh sisir mah deukeut kaca!” témbal Suhartini. Keur samentara mah haténa
ngemplong.
“Moal, da maké cihaneut ieuh…” kituna téh bari asup ka jero. Siga
sasari, Wati geus tara asa-asa deui lar-sup ka kamar kost Suhartini.
“Kumaha urusan jeung Si Badar téh?” tanya Wati bari nyisiran
hareupeun kaca eunteung.
“Kumaha engké wé lah…” témbal Suhartini, semu ngarahuh.
“Sigana mah moal datang peuting ayeuna,” ceuk Wati deui.
“Kumaha kitu?”
“Tadi manggihan di warung Ceu Nunis, basa rék meuli sampo. Duka
kumaha mimitina, Si Badar ujug-ujug digebug ku Jang Isud. Der wé garelut mani
ramé…”
“Terus kumaha?” Suhartini curinghak. Haténa bet miharep Si Badar babar
karahayuan, malah kahayangna mah sing nepi ka palastra.
“Teuing, da sayah mah kaburu nyingkir. Teu ari-ari ningalikeun nu
garelut! Tapi… katingalina mah Si Badar kadéséh, da loba kabeunangan… éh, nuhun
nya. Sayah rék aya perelu heula ka luar. Mihapé kamar wé nya. Bisi rék lalajo
tivi, koncina di handapeun kékéséd…”
“Ulah lila teuing nya!”
“Moal, da ayeuna ogé geus peuting. Paling dina lambatna ogé
isuk-isuk…” pokna bari nyéréngéh. Bangun nu rurusuhan, Wati ninggalkeun kamar
kost Suhartini.
Suhartini nutupkeun
panto, dikonci. Boro-boro hayang lalajo tivi, mikiran Si Badar ogé mani
baluweng naker. Rét kana jam dingding. Panceg jam sabelas. Paingan kaayaan di
Pondok Mustika geus simpé. Di antara tujuh kamar kost anu ngajajar, ukur kamar Suhartini
anu lampuna masih kénéh hurung. Maju ka tengah peuting, pangeusi Pondok Mustika
geus aranteng dina impianana séwang-séwangan. Demi Suhartini masih kénéh
nyileuk binarung rasa karémpan jeung kahariwang nu taya sudana.
Sakolébat kungsi
kapikir pikeun ngalaporkeun Badar ka pulisi. Tapi éta pikiran buru-buru
disieuhkeun, sieun kalah jadi mamala ka dirina. Hiji-hijina jalan anu katingalina
aman pikeun disorang, ukur ménta jangka waktu sabulan deui. “Badar, Badar, mudah-mudahan
manéh sing modar!” gerentesna.
“Tini ! Buka pantona siah!” aya nu sesentak bari ngagedoran panto,
ngalantarankeun Suhartini ngagebeg lain meumeueusan. Apal pisan, éta téh sora
Badar.
“Buru, buka! Lamun henteu, diteunggar siah pantona!”
Suhartini
tibuburanjat muru kana panto. Leungeunna ngeleper sajeroning muka tulak panto.
Blak, panto muka. Blus, Badar asup bari rénghap-ranjug, sarta ngabeubeutkeun
awakna kana kasur. Saliwatan ogé katara, beungeut Badar barengep, pakéanana laledok,
sarta awakna ku jibreg késang.
“Tutup pantona! Tulakan!”
“Tapi, A… sieun…”
“Sieun naon? Aing tanggung jawab lamun aya hansip mah!”
Kapaksa Suhartini
nutup panto. Jeprét, ditulakan.
“Abdi nembé gaduh artos sajuta, A. Pami tiasa, nuhunkeun waktos
sasasih deui…” ceuk Suhartini bari ngajengjen hareupeun panto, teu wani
ngadeukeutan Badar.
“Heug, teu nanaon,” témbal Badar.
Sakedapan Suhartini ngahuleng,
ngarasa hémeng ngadéngé walonan Badar. Tara-tara ti sasarina Badar ujug-ujug
léah haténa.
“Tapi… ieu awak mani asa ringsek. Cik, pangurutkeun lah….” Pokna
Badar bari mencrong Suhartini, seukeut naker. Najan keur ngemu kasieun, tapi teu
ngurangan kageulisan Suhartini. Malah katingali ku Badar mah beungeut Suhartini
téh siga deukeut-deukeut ka Ineke Koeshérawati.
“Abdi mah teu tiasa ngurut, A,” Suhartini beuki geumpeur.
“Sabisana wé! Kajeun diusapan wungkul ogé!”
“Tapi…”
“Sok burukeun! Keun hutang mah sing dibayarna lima bulan deui ogé…”
kituna téh bari ucul-ucul mukaan baju jeung calanana. Lung, lung, dibalangkeun
sakarepna. Sanggeus kitu, Badar ngadapang dina kaayaan ukur maké kaos sangsang
jeung kolor. Untung sakitu ogé, henteu bulucun.
“Sok, buru, Tini!”
“Mmm… Mangga, A…” kapaksa Suhartini ngadeukeutan Badar. Tuluy deku,
bari gap leungeunna kana suku Badar. Puringkak, bulu punduk Suhartini ngadadak carengkat.
Késang badag, késang lembut mimiti nyaliara méh sakujur awak. Kahariwang nu
pohara, geus mimiti ngalimpudan dadana. Karisi hiji wanoja anu méh teu walakaya.
Teuing rék kumaha ketak Suhartini, lamun Badar ujug-ujug ngarawél pigeulang
leungeunna, tuluy…
“A… A Badar! A Badar!” leungeun Suhartini ngadadak kateug, sabab sakujur
awak Badar milu oyag.
“A…! A Badar!”
Badar teu némbalan. Hawar-hawar,
sora anjing babaung meupeuskeun simpé peuting. Puringkak deui baé, bulu punduk Suhartini
carengkat. Tapi aya rasa nu béda, antara muringkak saméméhna jeung muringkak
harita.***
Ranggon
Panyileukan, 1426-1427 H
Dimuat di rubrik
“Kujang Putra” Koran Sunda, 21 Juli 207
Komentar