Musikalisasi Jazz “Jan Cornall Singing Srengenge” (2006)




Sanggeus ngayakeun loncing album “Jan Cornall Singing Srengenge”  di Ubud Writers Féstival (Bali, 30 Séptémber), Téater Utan Kayu (Jakarta, 13 Oktober), Jan Cornall ngayakeun loncing di Opulence Lounge, Jl. Ir. H. Juanda 145, Bandung (20/10). Éta acara digelar kalayan gawé bareng jeung Yayasan Jendéla Seni Bandung, anu diluluguan ku Érwan Juhara. *

JAN Cornall téh penulis sakaligus penyanyi ti Sidney, Australia anu ngalalanyahan nété karir minangka aktor, penyanyi, jeung penulis rumpaka lagu di Melbourne, Australia, 1969. Dina taun 1970-an, kungsi ngayakeun tur keliling dina pintonan solo ka Amérika Serikat jeung jadi anggota Portland all Girll Latiin Jazz band, Baba Yaga, tur mintonkeun albeumna anu judulna “On The Edge”.

Dina taun 1979, Jan Cornall mulang deui ka Australia tur jadi penulis di panganjrekan “Pram Factory”, nulis sakaligus mintonkeun rumpaka lagu “Failing in Love Again” kalayan minton jeung partner musikna, Élissabeth Drake dina hiji féstival di Australia. Awal taun 80-an, Jan Cornall jadi pimpinan komédi/ kabarét babarengan jeung aktor Wendy Harmer, Gretel Kileen, Denise Scott, Jeany Lewis, Margaret Roadnigt, jeung Robyn Archer. Saterusna Jan Cornall jadi penulis naskah téater jeung film, maén solo téater jeung musik.

Taun 2004, Jan Cornall mintonkeun deui puisi lagu-laguna di féstival anu diayakeun di Australia jeung Indonésia. Jan Cornall beuki dipikawanoh. Di Indonésia ogé cukup dipikawanoh mangsa jadi presenter sababaraha acara workshop penulisan sastra jeung musik. Awal taun 2006, mangsa Jan Cornall ngalaksanakeun program Asia Link Residency di Téater Utan Kayu Jakarta, Jan Cornall bisa nulis novél “Take Me to Paradise”, anu latarna Ubud-Bali kalayan ngisahkeun penjelajahan harti Firdaus jeung ma’na cinta hiji wanoja modern (Marlyn) pasca musibah Bom Bali, 11 Séptémber 2004. Iwal tio éta, Jan Cornall babarengan jeung sitok Sréngéngé katut Imél Rosalin (pianis Jazz Bandung) bisa ngahasilkeun kolaburasi musikalisasi jazz puisi dina albeum “Jan Cornall Singing Srengenge” anu diluncurkeun di Opulence Lounge, kalayan gawé bareng jeung Yayasan Jendéla Seni Bandung.
Erwan Juhara, Ketua Umum Jendela Seni Bandung

Acara anu dipandu ku Wawan S. Husin, diluuhan ku sawatara seniman jeung masarakat umum. Iwal ti mintonkeun musikalisasi Jazz Puisi, dina éta acara ogé ngagelar maca puisi ku Iman Soléh jeung Évi Sri Rezeki. Dina biantara pangbagéa, Erwan Juhara nétélakeun kareueusna ka Sitok Sréngéngé anu puisina kapilih ku Jan Cornall pikeun disanggi jadi lagu jazz. Masih ceuk Érwan, pangna Yayasan Jendéla Seni sayagi jadi event organizer éta acara, lantaran masih raket patalina jeung sastra.

Evi Sri Rezeki


Teu pati béda jeung anu dikedalkeun ku Niman, aktivis Klub Jazz, Bandung, anu miharep sangkan ka hareupna ogé leuwih ngundakeun gawé bareng antara para sastrawan jeung musisi jazz. Ceuk Niman kénéh, sanajan di sawatara kota gedé mindeng digelar Féstival Jazz, tapi sasarina mah ukur dijadikeun saukur hiburan. Tangtu béda karasana lamun dibandingkeun jeung Jazz anu digarap kalayan lain saukur pikeun hiburan, siga beunangna Jan Cornall. Aya warna séjén anu mibanda kakuatan (dangiang), sarta sanggup ngagambarkeun naon rupa anu dimaksud dina rumpaka. Niman ogé ngakukeun saméméh resep kana jazz, leuwih tiheula mikalandep kana sastra. Teu poho, Niman nganuhunkeun ka Imél Rosalin jeung jendéla Seni anu ngondang manéhna pikeun méré koméntar kana pintonan musikalisasi jazz puisi karya Jan Cornall.

Dina acara peluncuran “Jan Cornall Singing Srengenge”, Jan Cornall dipirig ku Imél Rosalin & band. Demi Imél Rosalin téh hiji wanoja kalahiran Bandung anu kakoncara salaku pianis Jazz, vocalis, jeung komposer. Ieu komponis anu kakara mulang ti Kamérun-Afrika téh dipikawanoh ogé salaku hiji intéléktual anu boga gelar Master Arsitéktur. Imél Rosalin diajar neuleuman musik di Bandung Center of Music Education (YPPM). Satuluyna Imél Rosalin diajar tur miluan workshop musik jazz ti musisi pianis jazz, Imam Pras. Albeum munggaranna kapilih jadi soundtrack sinétron stroberi “Di Ladang Strobéry” taun 2002. Rarancangna,  moal lila deui ogé Imél Rosalin baris ngarilis dobel albeum jazz anu anyar, kalayan judulna “I’m On My Way” jeung “I’m in Love”. Imél Rosalin ogé jadi aktivis di salah sahiji LSM (Lembaga Swadaya Masyarakat), sarta mindeng ngeusi rupaning acara akademik, sosial jeung budaya. Imél Rosalin & Band, mirig Jann Cornall anu midangkeun sababaraha judul lagu, saperti He Hwo Walks Alone, I Read You Body, jsté.***(DGP)

Foto-foto Acara peluncuran “Jan Cornall Singing Srengenge”











0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post