Minggu, 26 Januari 2020

Kembang Gadung jeung Ki Lapidin



Pagelaran drama "Kembang Gadung"Teater Kresta Purwakarta, dina acara Festival Drama Basa Sunda XI, di Gedung Kesenian Rumentangsiang, Bandung



Dicaritakeun Deui Ku DHIPA GALUH PURBA


Bismillah ngawitan manggung
Muji syukur ka Yang Agung
Neda widi Maha Suci
Neda ngemat sapaatna
Kembang gadung nu kahatur
Neda jembar hampurana
ka Gusti Nu Maha Suci
Neda diaping dijaring
Neda sapaat pangriksa

Sareng ka para karuhun
Nyanggakeun ieu pangbakti
Ulah badé hiri dengki
Kembang gadung nu kahatur
Nyanggakeun ieu pangbakti
Neda katampi pangbakti ti seuweu-siwi

RUMPAKA di luhur téh mangrupa rumpaka lagu “Kembang Gadung”, anu ditulis ku Ki Lapidin, salahsahiji tokoh légéndaris di tatar Subang. Nepi ka kiwari, éta lagu dianggap lagu sakral, kudu digalindengkeun ku juru kawih saméméh ngahaleuan lagu séjénna. Upama keur ngagalindengkeun “Kembang Gadung”, dipahing aya nu ngigel, sabab bakal dianggap calutak.

Saha sabenerna Ki Lapidin téh? Nurutkeun carita anu sumebar di tatar Subang, Ki Lapidin téh tokoh pahlawan anu kacida dipikacinta ku masarakat Subang. Ki Lapidin saurang santri pedalan pasantrén, anu kakoncara jawara nu mibanda kasaktén luar biasa.Ki Lapidin hirup dina jaman Walanda, mangsa lemah cai keur meujeuhna aya dina sengkeran kaum penjajahan. Kasaktén Ki Lapidin kakoncara ka mamana, teu neurak ku pakarang naon baé, kaasup dipéstol ogé béjana mah tibang béntol.

Ki Lapidin téh sapopoéna ngaluluguan grup kasenian dogér kontrak, mangrupa kasenian anu dipikalandep ku masarakat Subang. Éta kasenian téh, luyu jeung ngaranna, dina jaman kontrak, sok nguriling tingalabring pikeun ngamén ka perkebunan.sasarina mah ngaménna téh dina malem ahad. Atuh mimitina anu sok rajeun lalajo téh saukur para mandpor jeung buruh-buruh kontrak. Tapi lila-lila mah urang Walanda ogé kabitaeun, antukna sok milu lalajo. Malah beuki lila, dogér kontrak téh jadi lalajoanan primadona urang Walanda. Réa tuan-tuan Walanda anu kagégéloan ku Nyi Ronggéng dina kasenian dogér kontrak.

Sajabana ti mingpin dogér kontrak, Ki Lapidin ogé kakoncara jadi bangsat gerot. Tapi Ki Lapidin mah bangsat hadé haté, siga Si Pitung di Batawi, atawa siga Robin Hood di Inggris mah. Malingna ka bangsa Walanda, sarta hasilna dibagikeun ka rahayat leutik anu kalintang ngabutuhkeun bantuan. Ki Lapidin mah tara kungsi ngadahar ladang tina malingan, sabab ngutamakeun jalma séjén. Ki Lapidin ku anjeun  mending lapar jeung hanaang batan ningali rahayat nu kalaparan. Éastuning Ki Lapidin mah ngagunakeun kasakténna pikeun ngabéla rahayat. Sabab harita rahayat keur meujeuhna sangsara katideresa, lantaran dijajah ku Walanda nu tangtu baé samemena. Balangsak pisan dijajah téh, réa anu nepi ka henteuna alatan kalaparan jeung teu kuat nandangan panyiksa Walanda.

Ki Lapidin budal amarahna ka bangsa Walanda. Anu antukna Ki Lapidin sok ngabangsat ka imah tuan-tuan perkebunan. Sakali deui, hasil ngabangsat henteu didahar ku sorangan, tapi dibagikeun ka masarakat nu ngabutuhkeun. Pokona mah upama aya béja tuan Walanda aya nu kabangsatan, pasti rahayat mah aratoheun. Pangna atoheun, lantaran bakal aya nu moncor-moncorkeun duit ngaliwatan kenténg.

Sakali mangsa, Ki Lapidin meunang béja yén perkebunan Ranggawulung anu dikawasa ku Tuan Hoplan hasilna sok ceuyah baé. Hartina Tuan Hoplan téh loba duit., malah ku loba-lobana, cenah mah éta duit téh sok dibuntel, tuluy ditunda dina lomari beusi. Ki Lapidin panasaran, sarta terus wé nalungtik kaayaan perkebunan Ranggawulung. Ki Lapidin api-api ngamén ka perkebunan Tuan Hoplan. Kabeneran harita Tuan Hoplan keur meujeuhna kaédanan ku dogér grup Ki lapidin anu ngaranana Nyai Karsinah, béntangna Subang. Ki Lapidin ogé apaleun pisan, tapi diantep wé pura-pura teu apal, padahal Ki Lapidin mah geus pada nyaho kalintang iatna dina ngajaga kahormatan dogér téh. Pikeun Ki Lapidin, dipahing pisan aya dogér anu bangor kayaning bisa dibawa ulin ku lalaki, komo leuwih ti kitu. Lamun aya lalaki nu ngaheureuyan dogér sacara kaleuleuwihi, pasti langsung digelutan ku Ki Lapidin.

Kacaritakeun dina malem Ahad, Ki Lapidin jeung rombonganana ngamén ka pekebunan Ranggawulung. Tuan Hoplan teu sirikna dagdag-dégdég awahing ku bungah, lantaran rék nyaksian Nyi karsinah ngigel. Dogér Kontrak Ki Lapidin téh diperenahkeunna ogé di buruan gedong. Padahal sasarina mah upama nanggap dogér téh paling ogé di buruan bédéng buruh.

Pintonan dogér kontrak geus dimimitiankalayan dibuka ku tatalu. Satuluyna, sakumaha sasari, dibuka ku haleuang Kembang Gadung. Barang ningali Nyi Karsinah ngibing, ana belenyeng téh Tuan Hoplan ka satengahing aréna, ngéngklak jeung Nyi Karsinah. Mimitina noél saeutik, tapi lila-lila beuki wani, malah antukna ngagabrug. Puguh baé Nyi Karsinah teterejelan. Dina kaayaan sarupa kitu, Ki lapidin ngabelesat ka satengahing aréna. Kerewek, kerah baju Tuan Hoplan diranggeum.

“Tong wani-wani ngaganggu dogér kuring!” kitu ceuk Ki Lapidin bari teu antaparah deui, jelebét! Beungeun Tuan Hoplan ditonjok. Burudul pangawal Tuan Hoplan.

“Kurang ajar kamu orang! Apa kamu orang sudah bosan hidup!!!” Tuan Hoplan hahaok bari kerewek kana bedil.

“Lamun anjeun teu ngamimitian, aing ogé moal ngayakeun tindakan nanaon siah!” témbal Ki Lapidin bari angger jongjon wé ngajega, taya riuk-riuk némbongkeun kagimir.

“Saya témbak kamu orang!”

“Ha ha ha... aing teu sieun ku péstol anjeun. Kahormatan dogér aing leuwih penting batan nyawa aing.” ceuk Ki Lapidin.

Teu antaparah deui, jedor, jedor! Belentrang kana dada Ki Lapidin.  Pélor téh kalah muruluk, henteu neurak kana awak Ki Lapidin. Pon kitu deui, para pangawal Tuan Hoplan anu milu ngabekaskeun témbakan, taya hiji ogé nu bisa nembus kana awak Ki Lapidin. Puguh baé Tuan Hoplan jeung pangawalna soak. Komo barang ningali Ki Lapidin ngaléngkah ka hareupeun Tuan Hoplan.

“Lamun ieu perkebunan teu hayang diacak-acak ku aing, sok geura bayar rombongan dogér aing!” kitu pokna Ki Lapidin.

Tuan Hoplan buru-buru ngodok saku, nyokot duit bari ngadégdég. Tuluy dipasrahkeun ka Ki Lapidin. Geus kitu mah, Ki Lapidin nitah anak buahna pikeun bébérés waditra dogér, sarta ninggalkeun perkebunan Ranggawulung.

Peuting isukna, aya béja yén perkebunan anu dikawasa ku Tuan Hoplan téh dibangsat. Sakabéh kakayaanana ledis diringkid. Ari rahayat mah puguh baé aratoheun, sabab aya nu moncorkeun duit tina kenténg, mangkaning jumlahna kaitung réa.

Tapi kangaranan manusa, loba nu mikaresep, tapi loba ogé anu mikangéwa.  Sebut baé ngaranana Si Béwok. Manéhna ogé sarua bogaeun grup dogér kontrak. Tapi ari Ki Béwok mah tara pati miduli kana kalakuan dogérna, da anu penting mah meunang duit sing réa. Rék halal, rék haram, nu penting mah beunghar. Ku kituna, Ki Béwok ngarasa sirik ka Ki Lapidin.

Basa Walanda keur ngaprak pilemburan pikeun néangan bangsat, Ki Béwok asa rék mobok manggih gorowong. Teu asa-asa deui, Ki Béwok ngadadarkeun yé anu sok pulang-paling ka urang Walanda téh taya lian téh Ki Lapidin. Puguh baé urang Walanda ngarasa bungah geus manggih laratanna mah. Mangsa tengah peuting jemplang-jempling, imah Ki Lapidin didatangan ku Walanda. Tuluy Ki Lapidin dicerek. Ki Lapidin teu  ngalawan. Padahal mémang lamun niat rék ngalawan mah da kalintang gampil, da puguh Ki Lapidin mibanda kasaktén anu punjul.

Kunaon pangna Ki Lapidin teu ngalawan? Manahoréng urang Walanda anu kakoncara licik téh geus nyieun pitapak anu kalintang asak. Ki Lapidin diancam, lamun wani-wani ngalawan, mangka sakur anggota rombongan dogér kontrak anu diluluguan ku Ki Lapidin bakal dipaéhan kabéhanana! Kitu ancamanna téh. Antukna Ki Lapidin teu ngalawan basa awakna diborogod, lantaran melang hariwang ka sakur anggota dogér kontrak.

Isukna urang Walanda ngumumkeun ka masarakat yén rék ngagantung tukang maling di Alun-alun. Puguh baé rahayat ti suklakna-ti siklukna ngaleut ka Alun-alun, hayang ningali raray tukang maling anu kalintang dipikacinta ku masarakat. Rahayat mah ngarasa sedih kingkin barang nagdéngé tukang maling dikerewed tur bakal digantung téh.

Barang anjog ka Alun-alun, sakur rahayat ngajenghok nyaksian Ki Lapidin. Tétéla jalma anu dianggap pahlawan téh taya lian Ki Lapidin. Loba rahayat anu nyurucud cimata awahing ku sedih nyaksian awak Ki Lapidin dibakutet ranté. Ki Lapidin ditaékeun kana panggung. Rahayat beuki sedih.

Inlander-inlander sadaya... dina dinten ieu, kompeni parantos néwak saurang bangsat anu salami ieu ngaruksak kaamanan urang sadaya. Peryogi kauninga, wiréh garong anu sok nyusahkeun kompeni sareng urang sadaya téh taya sanés Si Lapidin, anu sadidintenna mingpin pakumpulan dogér “Nyai Subanglarang”. Si Lapidin sarua jeung bangsat! Bangsat sarua jeung Si Lapidin. Ku kituna, dina waktos ayeuna, Si Lapidin baris ditibanan hukum gantung ku kompeni. Muga baé ieu téh sing jadi conto kanggo sadayana, sing saha nu wani-wani ngalawan ka kompeni, mangka nasibna bakal sami sareng Si Lapidin. Dihukum gantung!!!” kitu pokna bangsa Walanda. Jempling, taya nu némbalan.

Tuluy urang Walanda téh ngalieuk ka Kilapidin bari pok nyarita, “Hai Lapidin, hari ini kamu orang akan mati. Tapi kami bangsa Belanda sangat baik hati. Kami memberi kesempatan kamu orang  untuk meminta sesuatu sebelum kamu orang mati. Jangan ragu-ragu, katakan saja jika kamu orang mau minta apapun, harta, wanita, atau mau minta maaf...”

Jep jempling. Ki Lapidin neuteup sakumna rahayat pinuh rasa kageugeut, kanyaah.

“Hofland, kuring ukur boga dua paménta. Kahiji, kuring hayang dipanglagukeun “Kembang Gadung” ku Nyai Karsinah. Kadua, kuring hayang ningali bandéra Kompeni diturunkeun....” kitu témbal Ki Lapidin.

Puguh baé saréréa ngaranjug. Rék maot, hayang dipangnyanyikeun lagu Kembang Gadung. Ari Walanda anu geus kadung jangji hareupeun rahayat, antukna pok nyarita, “Hotperdom! Kai Lapidin, paménta jij nu kahiji, ku kompeni badé dikabulkeun. Tapi paménta jij anu kadua, dugi ka iraha ogé moal dikabulkeun. Teu kénging ngimpi hoyong nurunkeun bandéra kompeni, ngarti! Bawa éta Karsinah Nyai kadieu!” pokna

Langgéor, Nyi Karsinah naék kana panggung. Ki Lapidin imut. Ari Nyi Karsinah mah tetep tungkul semu alum, bari sakapeung nyusutan cipanon anu teu weléh ngalémbéréh maseuhan pipina. Bari nginghak, Nyi Karsinah ngagalindengkeun lagu Kembang Gadung.

Bismillah ngawitan manggung, muji syukur ka Yang Agung, neda widi Maha Suci, neda ngemat sapaatna...” teu kebat nuluykeun laguna, sabab kapegat ku patingkocéakna sakur rahayat nu minuhan Alun-alun. Nyi Karsinah milu ngocéak bari nutupan beungeutna, sabab ningali Ki Lapidin geus paragat, digantung ku kompeni. Kelepek, Nyi Karsinah kapihan. Alun-alun hujan cipanon, ngajajap Ki Lapidin, pahlawan Subang nu dipikacinta.***

Comments
0 Comments

0 komentar: