Carita Pondok Sunda: Cipikat


Carpon DHIPA GALUH PURBA

WANCI tunggang gunung di lebah tikungan. Méh bareng, duanana ngajejek pedal erém. Dua mobil sédan méwah, warna beureum jeung bulao. Lir anu dikomando eureunna ogé, nyésakeun sababaraha sénti pikeun silih cipikat (cium pipi katuhu). Manasina cipikat antara dua beungeut, tangtu baé jadi simbul duduluran. Tapi ari anu cipikatna pipi mobil mah balukarna bisa rangsak duanana. Mangkaning rega cét mobil méwah téa atuh lain bantrak-bantrakeun. Boro-boro silih gasrukeun pipi, dalah kagaris saeutik ogé urusanna bisa panjang. Lebah dinya diantarana au ngabédakeun pipi jalma jeung pipi mobil.

Mobil warna beureum jeung bulao téh sarua oada-pada nyisir sisi, nepi ka tungtung aspal. Tapi dikersakeunna téh duanana siga nu boga itungan sarua. Méh bareng deui baé, duanana pada-pada muka kaca jandéla mobil. Duanana lalaki.

“Manéh mundur heula!” gorowokna nu nyupiran sedan beureum. Nilik kana sorana anu sakitu harusna, geus bisa ngawakilan héab jeroning dadana

“Sia anu mundur!” teu éléh bedas, nu nyupiran sedan bulao malik nyentak.

Sababaraha jongjonan silih pencrong. Silih adukeun seuseukeut sorot panon. Nu nyupiran sédan beureum, najan tarangna geus kaciri lega, tapi kumis baplangna lir ngandung peurah nu pikagimireun. Sabalikna, nu nyupiran sedan bulao mah euweuh kumisan, komo deui janggot. Aya codét ngagerat lebah pipi kénca, siga tapak céda.

“Rék mundur atawa moal manéh téh, Codét!”

“Cadu aing lamun kudu mundur! Tong sangeunahna sia ngageroan aing! Ari sia teu nyaho ka aing, botak?!”

“Cucungah siah manéh nyebut botak ka aing! Ari sia teu nyaho ka aing?! Mundur heula, kéhéd!”

“Najis! Sia anu mundur!”

Duanana sarua nitah mundur. Duanana sarua hayang maju. Lébar jalan lebah tikungan téh mémang pas-pasan. Kénca-katuhuna galengan, kalayan teu nyésakeun jalan satapak keur sakalieun anu leumpang. Matakna, duanana ogé teu wanieun méngkolkeun deui setir ka beulah kénca. Lantaran, résikona geus pasti mobil bakal tikurusuk kana galengan. 

Geus katelah palebah tikungan téh jalanna heureut kacida. Mobil anu perewis di lebah dinya, kurang-kurangna mah matak aral jeung matak ngésang. Padahal mah éta jalan téh mangrupa jalur utama anu nyambungkeun ti jalan raya ka lawang paimahan real estate. Kawilang paimahan méwah. Mémang éta ogé, ari  di  lokasi paimahanna mah jalanna lega. Sigana mahi opat bariseun mobil baé mah. Tapi hanjakal, aksés ti jalan raya ka lawang real estate kudu nyorang heula jalan pilemburan, tempat matuhna warga asli, anu kaayaan jalanna heureut. Tong boroning lebah tikungan, dalah di jalan anu lempeng ogé, angger wé sakalina perewis mobil mah sok rada seuseut pikeun pasalingsingan bari nyingkahan cipikat.

Puguh baé kalintang lumrah lamun lebah tikungan ogé mindeng perewis mobil.  Tapi biasana mah mobil anu jolna ti lebah komplék sok ngéléhan, mundur heula  aya kana lima méterna, nepi ka bisi nyisi di lebah jalan nu rada lega  Lantaran lamun anu jolna ti arah jalan raya mah rada bangga mundurna, sajabana ti jauh  téh katambah loba legok deuih. Kilang kitu, sok aya ogé supir anu jolna ti arah jalan raya, léah milih ngéléhan, mundur heula nepi ka manggih jalan nu rada tumaninah.

Papalimpang pisan jeung kajadian anu keur tumiba antara Si Botak jeung Si Codét. Batan daék ngéléhan, kalah beuki ragot patorong-torong binarung silih polototan. Jebul mobil séjén ti lebah komplék. Jebul deui ti lebah jalan raya. Hiji, dua, tilu, opat, nepi ka geus aya kana salikurna mobil nu ngantay ti dua arah. Macét total. Geus pamohalan ayeuna mah rék mundur ogé, kajaba rék ngadukeun bujur kana beungeut mobil séjén. Sora klakson disarada, paharus-harus, matak sebér ngadéngéna. Puguh baé warga mimiti tingtorojol. Tina saurang jadi dua urang, jadi tilu urang, tug nepi ka ahirna ngagimbung lebah tikungan. Mang Soma, Mang Ubéd, Kang Ihin, katut RT Iwa geus anjog ka lebah tikungan.

Taya nu kumawani pipilueun. Sabab, méh kabéh geus papada nyaho, saha anu disebut Si Botak jeung Si Codét.

 “Piraku ku aing kudu digésrékeun mah!” Si Botak awong-awongan bari ngidek pedal gas. Kadéngé sora kenalpot ngagaur.

“Sok, gésrékkeun sakalian!” témbal Si Codét.

“Tapi manéh kudu tanggung jawab!”

“Sia nu kudu tanggung jawab!”

Beuki ragot pacéntal-céntal dibarung napsu ngagugudug sarta amarah anu méh henteu kawadahan. Dina kaayaan keur harénghéng, torojol Mang Upri. Kaciri awakna jibrug késang, dibarung rénghap-ranjug.

“Paingan atuh nepi ka mendet ti péngkolan jalan raya mula!” Mang Upri ngaharéwos ka RT Iwa.

“Enya… Antepkeun heula, hayang nyaho…” témbal RT Iwa.

Antukna Mang Upri jadi milu ngalalajoanan anu keur pacéntal-céntal. Ras manéhna inget basa sababaraha bulan katukang kungsi nyoba-nyoba muka lahan pagawéan di lebah tikungan. Modalna ukur meuli piriwit. Tuluy mangaturkeun kalancaran patalimarga, pangpangna mangsa aya mobil nu perewis lebah tikungan. 

“Rék disebut pulisi cepé atawa pulisi gopé ogé, kajeun teuing…. Nu penting mah niat uing ibadah. Nyaéta… sangkan lalu-lintas lancar!” kitu ceuk Mang Upri basa ngalalanyahan muka “kantor” lebah tikungan. Ti isuk jedur nepi ka wanci soré jedér, pagawéanna niupan piriwit di lebah tikungan. Lain saukur niupan piriwit, da dina enyana ngatur kalancaran patalimarga. Lamun aya dua mobil anu kaitung bakal perewis di lebah tikungan, biasana sok dieureunkeun heula salahsahijina, sangkan lancar mangsana perewis.

“Asa kabina-bina…” antukna Mang Upri ngedalkeun katugenahna di warung Bi Icih. Nurutkeun Mang Upri, ladang ngatur lalar-liwatna kandaraan téh asa teu diajénan. Arang langka aya mobil anu muka kaca jandélana, bari song méré récéh. Malah mindeng pisan dina sapoé jeput téh henteu kungsi kawénéhan manggih supir mobil nu muka kaca jandéla. “Ukur nglaksonan wungkul. Mémangna beuteung uing bisa wareg ku ngadéngékeun sora klakson? Leuheung kénéh ngadéngékeun lagu dangdut Oma Irama, bisa bisa atuh ngigel…” kitu cenah diantara curhatna Mang Upri ka Bi Icih.

Teu pati béda jeung naon rupa anu didadarkeun ka RT Iwa. Mang Upri kungsi ngajejeléh mobil-mobil anu tinggeuleuyeung lalar-liwat. “Kalah wé mobilna hararadé, tapi korétna lain bantrak-bantrakeun! Mending kénéh di péngkolan jalan raya. Sakali miriwit téh sok aya wé nu ngajénan gopé baé mah…” pokna Mang Upri basa geus paheut rék pindah “lapak” ka péngkolan di jalan raya.

Di lebah tikungan geus taya Mang Upri. Euweuh nu kataji pikeun nuluykeun pakasaban Mang Upri di lebah tikungan. Pangpangna mah mémang mobil-msobil anu ngalalar ka lebah tikungan, arang langka aya nu muka kaca jandéla. Supir jeung muatanna tara kungsi kaciri, ku lantaran maké kaca film anu boa-boa sarébu persén. Teuing awéwé atawa lalaki. Teuing saurang atawa medet muatan. Teuing jelema atawa jurig nyiliwuri. Sakalina aya dua mobil anu muka kaca jandéla, kaayaan jadi harénghéng.

Malah tina asalna ukur silih ségag tina jandéla mobil, antukna duanana tarurun. Ngagedig bari némbongkeun paroman anu beuki geueuman. Leuwih écés, dedeganna imbang. Boh Si Botak pon pilalagi Si Codét, awakna bayuhyuh. Beuteungna leuwih mancung batan irungna. Atuh puguh wé barang amprok paadu hareupan téh beuteungna ampir miheulaan diadu.

“Ari sia téh rék ngajak ribut?”  Si Codét morongos.

“Manéh nu mimiti nyieun gara-gara mah!” témbal Si Botak bari kekerot.

“Sia dititah mundur, kalah nyangangan!”

“Manéh nu kuduna  mundur mah!”

“Teu sudi aing kudu mundur!”

“Komo aing, teu sudi teuing!”

“Sia nyaho ka aing?! Aing téh anggota DPR!”

“Aing ogé sarua!  Manéh teu nyaho ka aing?!”

“Ti partai naon ari sia?! Ku aing dipecat siah!”

“Ari manéh ti partai naon? Na dikirana aing teu sanggup mecat manéh?!”

“Tong loba ngabacot! Gelut jeung aing aya kawani mah!”

“Sok! Der… lah!”

Ngan sakilat duanana silih tarajang, ngaheumbatkeun peureupna séwang-séwangan. Tapi kakara ogé galungan dimimitian, RT Iwa saparakanca buru-buru misah.

“Sabar, Pa… sabar…!” kituna téh bari néwak tur ngarejengan anu keur meujeuhna dihuru napsu.

“Cicing, ulah pipilueun siah!” Si Codét nyengor bari satékah-polah haying ngaleupaskeun dua leungeunna anu dicarekelan.

“Sabar, Pa…. Sabar…. Kirang saé gelut di tengah jalan. Itu mobil tos ngantay panjang pisan…”  RT Iwa satékah-polah ngalelemu dua pajabat anu masih kénéh panasaran hayang silih kakalakeun.

“Kajeun teuing sing ngantay nepi ka Jalan Merdéka ogé! Saha nu rék wani nyarékan aing?!” anéh, kadéngéna bet asa  rampak hahaokna dua jelema téh.

“Tangtos moal aya nu kumawantun…”

“Lamun nyaho, naha sia bet pipilueun?!” siga bareng deui baé nyaritna.

Sakedapan taya nu lémék. Na atuh, ari haok téh Mang Upri hahaok bari tipopolotot. “Rék naék atawa moal maranéh téh?! Piraku ku aing kudu diduruk mah mobilna!” kituna téh bari nyerenteng ka lebah Si Botak. Cacak lamun henteu kaburu dijéwang ku RT Iwa mah, teuing kumaha balukarna.

 “Mangga, ayeuna mah bapa-bapa naraék deui kana mobil. Keun ku Mang Ubéd diparkiran. Saleresna mah jalan téh da lebet sanaos perewis ogé. Mangga, naék, Pa…. Da ku gelut mah moal aya tungtungna…” pokna RT Iwa.

Dua pajabat semu kapaksa ngaléngkah ka lebah mobilna séwang-séwagan. Kalacat naék. Mang Ubéd tatahar rék mangaturkeun.

“Bapa maju sakedik! Heuuup! Mangga nu éta maju sakedik! Heuuup! Maju deui sakedik! Heuuup! Maju duanana lalaunan! Terus, Pa… sakedik-sakedik! Terus! Peré, Pa…! Peréé! Kanan sakedik! Nu éta ka kiri sakedik! Teruuus! Teruuus!” Mang Ubéd gogorowokan bari pepeta. Tug nepi ka ahirna mah dua mobil sedan téh bisa pasalingsingan kalayan lungsur-langsar.  Sédan beureum jeung sedan bulao henteu tulus silih cipikat. Duanana ngadius kalayan teu kungsi muka deui kaca jandélana. Malah teu kadéngé sora klakson-klaksonna acan.***


Ranggon Panyileukan, 26 Rajab 1436 H


Dimuat di Majalah Cupumanik



Dhipa Galuh Purba, lahir di Ciamis, 25 September 1977. Sok nulis carpon , sajak, novel, skenario film, jeung drama Sunda. Karyana kungsi dimuat di sawatara media massa jeung digarap ku sawatara grup téater jeung Production House. 

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post