Carpon Imas Rohilah
Pinunjul I - Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008
“Ééh... ééh...ééh...!” ceuk budak sakumaha ilaharna antara satengah genep tepi ka satengah tujuh isuk-isuk, mun beuteungna keur normal. Karacam-keureuceum kana jam, satengah genep ayeuna gé, tapi asa isuk kénéh, asa poék kénéh.
Horéam rék hudang téh. Mun teu inget ka budak jeung teu inget kana salat subuh hayang terus wé ngaréngkol, disimbut. Kabeurangan puguh hudang téh.
Puguh sok rada salsé ari euweuh salaki mah. Rada sakahayang jadwal téh, paling diatur ku budak, tah jiga ayeuna, hayang ééh cenah, buru-buru atuh hudang, tuh, terus ceurik. Karunya teuing. Budak dijingjing ka jamban, bruuutt.... wéh mani mucekil.
Terusna mah manéhna bacéo bari sagala dirawél. Ngopépang leungeunna, kana sisiuk, kana sabun, nepakan cai bak, nepakan ubin jamban.
“Antosan, nya, Embu wudu heula,” cekéng. Budak pindah ka luareun jamban, pantona ngablak. Cur wudu tina keran, seger. Regeyeng budak dipangku deui, awakna tina beuteung ka handap dibulen ku anduk.
“Tuuh...!” Budak tutunjuk ka luhur. Kuring nenggak. Bulan sapasi, sarua kabeurangan, tapi meni méncrang dina langit nu hideung kénéh. Langit téh mani hideung-hideung teuing? Éta bulan mani méncrang.
Ti imah ka jamban téh kahalangan ku buruan tukang saeutik, tapi masih kalingkung ku témbok jangkung pager imah, jadi asa di jero wé éta jamban téh. Keur mah wangunanana ngahiji jeung wangunan utama, ukur muka panto wungkul. Kaluar, kajero deui. Beurang-beurang gé salat subuh, diturut budak téh da mani merejel hayang turun bari tutunjuk ka luhur.
“Buulan,” cekéng nyontoan. “Heuh?” cenah ngaleu. “Buulan...!” cekéng deui “Laaluu!” cenah beuheungna rada déngdék.” Kunaon tina bulan jadi lalu? Nyénghél. Biasa da Si jalu mah, bumi ogé jadi mémoh, monyet jadi enyoh, buka jadi embah, ngan acis meureun nu rada jiga téh aciih, cenah. Jajah cenah kana jajan. Nu béntés pisan mah nyaman! Nurutan iklan pémper awéwé dina TV.
“Tos nya, Embu awoh heula, siang.” Peperejelan gé dipaksa dibawa kajero. Cong solat, budak kukulintingan sabudeureun sajadah. Geus biasa ieuh, tara wér ngompol da sok hideng bébéja, pipih... cenah ari hayang ngompol téh. Hésé hayang kitu téh, lila, ngalatihna.
Bérés ka dapur deui, naheur cai keur mandina. Ceg kana sapu injuk sadua-dua, sok ka Si Jalu hiji. Sumanget naker sasapu pipilueun.
Bari teu puguh téa tujuna runtah téh. Lain mantuan kalah mingkin riweuh. Béres gawé sapu injuk, néma kana sapu nyéré. Gocrék konci panto hareup dibuka, bray, sedot-sedot sasapu, biasa Si Jalu miluan.
Reyy... angen murel. Hég waé lah runtah séjén mah dipiceun kadieu ogé, asal ulah korék kuping wé, geuleuh.
Ihyy.. kacipta semu konéng na dua tungtungna, kaibunan, nampuyak, ngahiji kokotorna, campur nu harideung, nu semu coklat, kuman jeung rupaning pikageuleuheun séjénna kana jukut sumebar. Leuheung mun bisa ku disapukeun, da ieu mah kudu wé dicokot ku ramo, apan sok magut kana jukut.
Can runtah lianna kayaning kapas baseuh urut meresihan beungeut, gulungan buuk anu marurag, guntingan keretas, cangkang coklat, cangkang biskuit, sipat halis mintul, tai pirol.
Unggal isuk éta téh. Piligenti runtahna. Ngan unggal-unggal manggih korék kuping jeung kapas baseuh, angen sok langsung murel. Hayang utah tara tadah. Sok belenyeng wéh kajero, muru jamban, ohék-ohék. Budak olohok, kadang-kadang sok ngalewé rék ceurik, karunyaeun meureun ningali indung kasiksa.
Leuheung euweuh salaki. Ari aya salaki, sok paheula-heula sasapu di buruan hareup. Lain ku nanaon, sieun geuleuheun, sieun nyahoeun tatangga hareup sok miceun runtah ka buruan imah.
Sieun ambekeun, mangkaning bapa Si Jalu téa ambekna hésé diungkulan, teu kaop katodél angenna, teu kaop kasigeung harga dirina, sok langsung mudigdig, hésé dileumpeuhkeun.
Kakara rék sabulan nyicingan imah ieu téh. Imah di jero gang saeutik, imah kadua ti sisi jalan. Rada nyingkur sabenerna mah ngeunaheun, teu kagiridig teuing ku balawiri motor-mobil.
Ngan teuing kumaha mimitina, curugan imah tatangga hareup jeung daun jandélana murag kana buruan hareup imah kuring.
Nu boga imah sok sangeunahna lang-lung miceun rupaning runtah ka buruan kuring. Mimitina mah teu opén ieuh, keun wé da bisa disapukeun. Lila-lila jadi keuheul, unggal isuk pasti nimu runtah, leuheung runtah biasa, apan ieu mah runtah geugeuleuh.
Bangunna mah baheulana ngahiji imah nu dicicingan ku kuring jeung tatangga hareup téh, atawa milik sadulur, henteu jadi pasualan da meureun jeung dulur ieuh buruan kacurugan jeung kapiceunan runtah tina jandéla ogé.
Rék ngomong ka salaki, sieun ambekeun, nyéta béda adat téa. Rék didatangan ka imahna ka hareup, sok tariiseun baé,jeung dadakuana mah éra wé. Rék nyarita ka Pa RT éra deuih, runtah-runtah waé cenah meureun.
Kuring yakin anu sok miceun runtah téh awéwé ngora, éta wé tina runtahna loba urut alat ngageulis. Dipapantes, ari awéwé mah sok leuwih apik, miceun runtah moal pati sangeunahna, komo ka buruan batur, komo bari runtahna geugeuleuh wungkul.
“Embuuh...!” ceuk budak. Panonna melong panasaran jeung katémbong sieun. Éta pédah ningali kuring uhak-ohék waé meureun. Budak ditangkeup. “Ibak?” tanya téh. “Baks, baks!” Budak haget bari unggeuk-unggeukan. Kahibur deui haté téh ku budak nyebut ibak maké basana sorangan gé.
Luis, kasép, dipakéan baju bola beureum meunang meuli bapana. Torres nomer salapan. Limalas rebu sasetél, murah, kaénna gé bangun pihareudangeun. Tapi mani hurung budak dibajuan kitu téh. Kulitna konéng ngala ka kuring.
“Mam?” cenah nagih.
“Ké sakedap nya.” Pagawéan maneuh ngahaneut-haneutkeun pasakan ari isuk. Bérés mah camuil-camuil Si Kasép sasarap, mani ngalimed. Sok resep ngahuapanana, ngan édas sok hayang bari ngopépang, séndok kudu dua. Da hayang ku sorangan daharna, leuheung mun bener, leueuh... umprat-amprét, pipina kalotor deui, bajuna kalan-kalan kudu diganti deui.
“Mabah...?” nanyakeun bapana.
“Ké siang uih,” jawab téh.
Nyaan, pabeubeurang salaki datang, dipapag ku jempling ngadedempés, da budak keur saré sieun kagareuwahkeun. Celengok-celengok budak keur tibra disunan. Ngulisik saliwat, reup deui saré.
“Sapu mani pasoléngkrah di hareup,”
Gebeg. Duuh mangkaning runtahna, tadi poho teu dianggeuskeun. “Tadi teu bérés, kaburu Si Ujang nangis.”
“Ku naon kitu?”
Ah, biasa wé rungsing gugah bobo.”
“Sok kitu unggal poé?”
“Tara, tadi wé, tunduh kénéh tayohna mah.”
“Tong waka ngurus supa-sapu atuh, urus heula wé budak sing rinéh, sasapu di buruan mah bisa pabeubeurang ogé, teu kudu unggal poé barina gé.”
Teu ditembal ieuh.
“Iraha mangkat deui?” tanya téh.
“Na tatéh, kakara gé jol geus nanyakeun iraha balik deui?”
Kuring nyéréngéh, “Ambéh siap-siap wé” Hayang aya salaki sapopoé di imah, tapi ari di imah bakal nimu masalah mah mending kénéh sina nyaba, kasab.
“Ké lila kénéh, keur euweuh pigawéeun di proyékna gé.”
“Nuju ngadamel naon kitu ayeuna?”
“Bupati anyar nyieun imah keur anakna, ampir bérés, geus euweuh pigawéeun Abah.”
“Raos nya, jadi putra Bupati mah, Bah, ngadamel bumina gé mani diproyékkeun, sabaraha puluh jutaeun meureun.”
“Milyar, lain juta deui.”
Kuring cuneungneung. Na ari kuring, hayang ngontrak imah gé mani capé haté, anjuk ngahutang ka dulur. Untung wé haraateun ngahutangkeun. Mayarna ku panghasilan Bapana dicicil.
“Upami bérés pisan proyék bumi putra bupati, Abah damel dimana deui?”
“Ké cenah aya deui ngabangun pabrik minyak jarak di kidul.”
“Tebih atuh.”
“Asal aya kulianana wé.”
Kacipta, jauh di kidul mah, balikna tangtu mingkin arang.
“Kunaon ngahuleng?”
“Henteu, éta wé tebih.”
“Keun waé atuh da aya balikna.”
Enya keun waé, kasab ngaranna gé. Hayang aya salaki di imah, tapi teuing kunaoan haté jadi lewang.
Isukna Si jalu hayang ningali lalu deui, ku bapana ayeuna mah dipupujuhkeun. Kuring ohék-ohékan deui ka jamban, salaki molohok.
“Kunaon, Embu? Eusi?” cenah nyureng.
“Eusi naon? Sarebel wé, énjing kénéh.”
“Nginum cihaneut,” cenah.
“Bener ieu téh eusi atawa lain?” bari mencétan punduk.
“Henteu,!” kuring magak bari seuseurian.
“Eusian deui teu nanaon, da Si Ujang geus gedé....méh aya baturna karunya,” cenah.
Kuring ukur ngahéhéh.
“Tong maksakeun manéh tuturubun sasapu di buruan, hawa halodo tiris pisan, pantes asup angin ogé.”
Tara ngawaro ieuh, unggal isuk sasapu di buruan, unggal manggih nu pisebeleun ohék-ohékan.
“Kadieu ku Abah sasapuna,” cenah, metot sapu nyéré tina leungeun, “Budak tuh!” Kuring pasrah mangku budak. Kanyahoan ayeuna mah ku salaki.
“Éta mah jiga runtah ti imah hareup geuning?” cenah bari kokocok. “Gareuleuh aya korék kuping sagala!” ngomongna naék. Taah mimiti, haté teg-tegan.
Aya kana tilu kalina salaki manggihan korék kuping di handapeun jandela imah hareup, di buruan imah.
Beurangna sanggeus rinéh, “Rek milu?” cenah.
“Kamana?”
“Ka imah hareup.”
Can wawuh puguh jeung tatangga hareup téh, da bangun embung diwawuhan, pédah beunghar kitu. Suudon kétang, saribuk wé meureun, boga urusan séwang-séwangan.
“Mangga.” Sugan wé bisa ngontrol kaambek salaki.
Nu aya di imah hareup geus carueut ka hareup, Ibu Mimi jeung salakina, indung-bapana Nénéng. Nénéng, nu boga kamar, nu jandélana murag ka buruan kuring, teu aya nuju angkat damel cenah.
Sapantar kuring ningali na potona mah Nénéng téh, camperenik, geulis. Ngan kunaon atuh jorok-jorok teuing, pan kaluaran sakola.
“Wios engké ku Ibu dicariosan,” tumarima naker. Satuluyna indung-bapa Nénéng ngaranéh ka Si Ujang.
Sugan téh rék aya hasilna, anu ceuk indung-bapa Nénéng rék dicariosan téh. Masih kénéh éta runtah ka buruan kuring tina jandela kamarna. Diantep ayeuna mah teu disapukeun boh ku kuring, boh ku salaki. Keur bukti ka Pa RT cenah.
Ngadatangan Pa RT, didongéngkeun naon masalahna, Pa RT ngartoseun. Nu boga imah didatangan deui ku opatan ayeuna mah, katambahan ku Pa RT. Aya ayeuna mah, pirang-pirang, bubuhan poé Minggu.
Enya wé geulis camperenik, ningali pamuluna mah kaluaran sakola luhur. Bangun éraeun didatangan téh. Manéhna jangji moal deui-deui miceun runtah ka buruan kuring.
**
“Nénéng! Éta kabiasaan goréng ti baheula, teu eureun-eureun sangkilang geus pada ngomongan? Baréto ku bibi méhna, ku Pa RT, ku tatangga tukang, teu éra éta téh?” Leungeun Bu Mimi néwak leungeun Nénéng, teu katéwak, puguh geus lung mantén.
“Duh, hilap Mamah!” Nénéng nungkup baham, katémbong reuwas. Jandéla ditutupkeun ku Bu Mimi. “Tong dibukakeun ti semet ayeuna mah jandéla téh! Tuh, tingali!” Enya wé korék kuping geus nyangsaya na luhur jukut di buruan imah tatangga. “Teu beunang dicaram!”
Teu lila,
“Tok tok tok!” panto tihareup diketrok bedas. Bray dibuka ku Bu Mimi
“Mana Si Nénéng?”
Bu Mimi ngarempod.
Nénéng ngadedempés, Bapana ka hareup.
“Mana Si Nénéng?”
Kalékéd Nénéng muru nu napsu.
“Rék ngahina sia téh ka aing? Aing jalma balangsak, tapi dihina ku sia, aing teu sudi! Abong ka nu malarat, nyacampah téh kabina-bina!” Leungeunna tipepereket meureup. Nénéng undur-unduran bari henteu-henteuan. Bu Mimi soak ngajejempé. Ngan salakina nu rada teger téh.
“Tos Jang, tos, hampura anak bapa, pohoan, lain maksud ngahina ka Ujang, lain, hampura....
“Sakali deui, awas!” Peureupna buleud ngacung ka lebah irung Nénéng.
**
Mani hayang geura aya proyék deui, meh salaki geura miang. Teu paduli ayeuna mah rék miceun tai sugan ka buruan imah kuring, rék miceun urut sopték sugan, teu paduli, asal ulah nyahoeun salaki we.
Tapi proyék teu datang waé.
**
Babaturan Nénéng ngéndong di imah Nénéng. Bari beubeureukeuteukan, bray jandéla dibuka ku manéhna. “Eungap Néng ah, lebar udara pagi,”
Lung, korék kuping kaluar jandéla.
**
Héang...héang...sora ambulan, sora mobil pulisi.
Haté ngaleketey. Lalu bulan sésa tinggal saencrit, langit hideung, banget hideung, hawa tiris kacida. “Mabaah... Lalu....!” Sujang tutunjuk, awakna peperejelan tina leungeun kuring hayang turun muru bapana.
Teu direjengan gé salaki pasrah, naék sorangan kana mobil patroli.*** Wrk’08
Komentar