Carpon - Carita Sabada Runtag - Pinunjul II - Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008


Carpon A. Girang Pamungkas
Pinunjul II - Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008

Di hiji kota, jam 16.30.

Langit témbong haleungheum. Haseup kulawu beuki kandel kabawa angin nu muter di awang-awang lelet nakeranan.

Panonpoé poé éta bet ngadadak pareum, bareng jeung pareumna jaringan listrik kota. Tiiseun, éstu taya jalma nu ngulampreng. Nu rajeun katémbong ngan wungkul mobil panser nu ngabelesat meulah jalan.

Da bubuhan lalu-lintas keur meujeuhna kosong haronghong. Kari angin nu beuki ngadudud ngahiberkeun runtah pelastik jeung kekebul.

Padahal waktu jarum jam masih kénéh dina angka tujuh mah, kaayaan wuwuh biasa waé. Kantor jeung toko mimiti baruka. Barudak sakola nu geus saged disaragam, rajeg di sisi jalan, bareng jeung pagawé-pagawé nu geus laluis meunang dangdan.

Mobil-mobil mimiti patinggeleser, kaluar ti garasina. Laju kabéh tamplok minuhan jalan-jalan protokol.

Di salah sahiji blok, hiji bapa-bapa anteng maca koran bari ngalepus surutu. Heuleut sababaraha blok ti dinya, pagawé toko keur ngelapan étalaseu.

Ari tatangga sabeulahna mah mimiti ngahirupan mesin mobilna. Sanggeus meundeutkeun panto garasi, geleser mobil sedan Heida 190-na maju. Mobil weuteuh kaluaran pabrik WVA. Hiji pabrik mobil nu geus ngadeg mangabad-abad.

Kawéntar ka mancanagara lantaran ngawasa dalapan puluh persen pasar internasional, anu sababaraha poé kaliwat ramé diarupat dina headline koran-koran terbitan ibukota, lantaran gajih buruhna dalapan bulan can dibayar.

Taya kila-kila nanaon. Kahirupan kota éstu anteng dina roda rutinitasna séwang-séwangan.

Waktu panonpoé lingsir ngulon mimiti riweuhna. Mangréwu-réwu jalma budal ti gedong-gedong jangkung, laju tumplek ka jalan. Pulisi cuh-cih ngatur parapatan nu amburasut, wuwuh nyocok ku kendaraan.

Di parapatan séjénna, mobil silitabrak lantaran itu ieu pada-pada gurunggusuh embung ngéléhan. Sora kelakson awor jeung sora haliwu mangréwu-réwu jalma.

Budak ceurik ditutungtun ku indungna, nu lalumpatan notog-notogkeun manéh, nu lalabuh tikusruk, nu kagencét dina panto lift, kaca peupeus kadupak, paburisat. Pangeusi kota bubar katawuran, bari mawa beungeut pias ngemu kaketir nu tan pohara, lir nu nyanghareupan poé kiamat.

Kabéh ngarénjagna téh sanggeus unggal chanel telepisi nyiarkeun pidato langsung ti ibukota nagara. Acara nu keur meumeujeuhna ramé ku iklan jeung pilem, kabéh ngadak-ngadak ragem nayangkeun hiji jalma begung dibarét beureum, ngembarkeun maklumat dina podium.

Di tukangna rajeg ngabaris jalma-jalma begung lianna bari nyalorén bedil otomatis.

“Presiden ku kami geus diamankeun, Istana Nagara ku kami geus kakawasa!”

Éstu reuwas eusining nagara, tinggar kalongeun ngadak-ngadak alah batan diponcongok maung. Sakedét nétra di ditu di dieu rahayat pahibut teu puguh. Di unggal kota séah: Pamaréntah runtag! Présidén dikudeta! Revolusi bitu di Ibukota!

Huru-hara nerekab ka unggal kota, ngajarah wawangunan jeung gedong-gedong jarangkung. Dina itungan jam, kota-kota salin jinis jadi naraka. Nu pawéy kana treuk surak ngaguruh bari ngabekas-bekaskeun bedil.

“Ganyang! Ganyang! Ganyang!”

Peutingna dimimitian aturan jam malam. Kota-kota simpé, dilimpudan kakeueung jeung poék meredong.

***

Geus sabulan taya cahya. Di tanggul walungan handapeun kota, katémbong seuneu lilin kakalicesan, disanghareupan ku dua urang galandangan. Bajuna rubat-rabét, awakna karuleuheu, saliwatan mah geus teu mangrupa jalma deui.

“Nya ayeuna meureun uga téh ngabuktina,” cék nu pangkolotna, bari ngarénghap.

“Uga naon?” Tanya nu sirahna butak, bari ngalieuk.

“Uga ti alas peuntas, nu ngaguar masalah adeg-adeg nagara.”

Si Butak neuteup bangun panasaran.

“Pédah di luhur ayeuna keur ramé?”

Manéhna unggeuk.

“Kumaha kitu eusina?”

Manéhna ngalieuk. Dua galandangan paadu teuteup.

“Cénah baheula, kira-kira tilu ratus taun ka tukang, kungsi aya hiji jalma ti dunya kulon anu nyieun ramalan. Cénah, jaga lamun jungkrang beuki ngalewangan, gawirna beuki ngajauhan, tanghara nagara bakal aya nu ngarurud.”

Si Butak ngahuleng ngaraga meneng.

“Kumaha cénah pihartieunana eusining uga téh?”

“Kurang leuwih kieu meureun: kajadianana nagara ambruk téh lantaran nu malarat tambah ngabeukahan jeung tambah katalangsara, sedeng nu beunghar jumlahna beuki nyaeutikan tur beuki karokomoan. Nu baleunghar nyekel kakawasaan bareng jeung nu ngawasa nagara. Ari nu malarat ukur dijieun sapi peresan. Tah, cénah, lamun kaayaan geus siga kitu, tanwandé bakal kajadian babaruntakan nu rohaka kacida. Moal bisa disinglar deui ku singsaha baé ogé.”

Reg eureun heula sakeudeung. Bangun aya nu dipikiran. Ngarénghap panjang, tuluy neuteup umpalan cai walungan nu katara hideung kentel semu beureum, lantaran pacampur jeung radioaktif tina mangpirang-pirang instalasi jeung réaktor.

“Ngan hiji nu teu disabit-sabit ku éta jalma téh. Lamun enya ieu kaayaan téh mémang cocog jeung eusi uga téa, sabaraha nyawa nu bakal jadi tandonna,” cék manéhna deui, halon.

“Enya meureun, kangaranan ganti pamaréntah mah cék dina sajarah gé kudu dicukangan heula ku bayabahna getih,” si Butak ngéngklokan.

“Leuwih ti bayabahna getih malah. Banjir getih saenyana mah.”

“Rohaka kacida kitu?”

“Enya. Da cénah cék béja ti luhur, sakur pangeusi kota anu hirupna beukah mah bakal dipérénan. Kaom pergerakan geus nyieun garis wates antara musuh jeung batur perjoangan.”

“Naha bet kabéh dipérénan?”

“Sabab hirupna geus kangeungeunaheun teuing. Nu kitu cénah asupna kana kolom musuh.”

“Atuh meureun béak masarakat téh?”

“Teu jadi halangan najan béak satengah nagara gé, asal nu nyésa murni kaom revolusioner. Sabab cénah anu méntalna borjuis-statusquo mah, daripada disina angger hirup, leuwih hadé dimusnahkeun, lantaran bakal ngahalangan tumuwuhna révolusi. Da cénah engké gé revolusi bakal nyieun sistem masarakat anyar nu adil palamarta. Iwal ti lamun manéhna taluk, jeung daék ngabdi kana pamaréntahan nu anyar. Tanwande bakal dihampura.”

Manéhna ngarénghap panjang, ngawahan deui piomongeun.

“Ngan meureun wayahna, harta milik pribadina bakal dijabél ku nagara. Lantaran cénah éta nu dijieun paneumbleuhan téh. Da tampolanana, pangabutuh saréréa dihak ku manéhna. Sabodo nu lian teu kabagéan. Butuh, wayahna kudu daék ngantay. Henteu butuh, jung indit.”

Eureun deui sakeudeung, lantaran pibatukeun teu kawawa nyelek dina tikorona. Ohék, ohék manéhna batuk. Kecrot diciduhkeun. Reuhakna geuneuk semu beureum. Tuluy engap-engapan néangan hawa teureuyeun.

“Ti mimiti ayeuna rahayat mah geus moal ngaboga-boga deui. Kabéh dikawasa ku nagara,” cék manéhna bari ngarahuh, tuluy ngarénghap panjang. Neuteup deui umpalan cai walungan. Rét kana awakna nu méh béak digorogotan panyakit. Totol-totol hideung pikagilaeun. Kitu deui awak nu séjénna, anu keur nyalangkéré tibra dina témbok tanggul, lir nu sadrah ngadagoan malakal maot.

 “Tétéla, umatna nu geus tumpur mangabad-abad, ayeuna bakal hirup deui. Ajaranana nu geus lila diruang, ayeuna dilaludang deui,” pokna, laju rénghap ranjug.

Sakedapan simpé. Si Butak ngusapan sirahna, anu beuki carang ku buuk. Ras manéhna inget kana kajadian sawatara taun katukang. Sanggeusna salasahiji instalasi ngabeledug, manéhna disilibkeun ka handapeun kota.

Pohara nyeri haténa, asa dianggap runtah. Asa dianggap sasalad masarakat. Padahal manéhna baheula anu milu tihothat ngawangun kota. Manéhna pisan nu milu dug hulu pet nyawa ngawangun instalasi. Ti mimiti ngadegkeun tug nepi ka ngurusna.

“Lamun enya révolusi téh ngabéla rahayat leutik, naha atuh urang lain milu guyub jeung nu di luhur?” Tanya si Butak deui.

Bet tuluy ngalieuk. Neuteup anteb sakedapan, bangun nu nganaha-naha ka si Butak.

“Naha bakal ngajamin bisa mémérés kaayaan kitu pamaréntahan nu anyar téh?” Cénah halon. “Geus jareneng mah bakal poho ka rahayat. Éta geus kabuktian dina sajarah. Pirang-pirang nagara kungsi kitu. Rusia, Cina, kaasup nagara urang, basa merdéka taun 45. Saksian wé, sakeudeung deui gé bakal parebut, hayang bancakan jeung pada baturna sorangan. Révolusi bakal ngahakan anakna sorangan.”

“Jelema mah ukur bisa nyieun cita-cita hébat, anu ngahaja digantélkeun di langit pingpitu. Bari dina prak-prakanana mah remen teu kataékan. Da hambalan nu geus ngagulusur nangtung téh paheula-heula naékan, tangka silih jejek sirah jeung pada baturna. Nu katalangsara mah angger nu di handap, nu nyekelan hambalan sangkan angger ajeg. Teu weléh kitu dina sajarah mah.”***


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post