Dokumentasi - Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008 - Lomba Ngarang Sunda Dina Internet



Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008

Ku Dhipa Galuh Purba

TINA layar monitor, urang bisa apruk-aprukan maluruh rupa-rupa perkara nu aya dina internét, anu sok disebut ogé dunya maya.

Ampir sagala rupa perkara bisa kapaluruh di dunya internét, ti mimiti anu pidorakaeun tug nepi ka pisalameteun.

Rupaning website ngadu kasép ngadu geulis di dunya maya, kalayan ngasongkeun rupa-rupa susuguh pikeun ngirut sangkan réa nu ngaranjang.

Basa jeung sastra Sunda ogé milu makalangan di dunya maya. Sawatara website diadegkeun kalayan tujuanna hayang milu ngawanohkeun ajén-inajén Ki Sunda ka para néter saalam dunya. Sabab beuki dieu, jumlah néter beuki rongkah.

Warnét (warung internét) teu weléh pajejel-jejel beurang-peuting. Pangpangna pikeun kaum rumaja, dunya maya téh geus jadi alternatif pangulinan anu pikabetaheun.

Lain baé saukur nengetan website nu batur, da bisa nyieun blog sorangan kalayan ngagunakeun pasilitas haratis ti blogger.com, multiply.com, jeung sajabana.

Atuh eusi anu rék dipintonkeun ogé gumantung kana pangaresep sorangan. Ku kituna, di Iran aya adurényom di parlemén, cenah mah sing saha warga Iran nu wani-wani mintonkeun gambar porno jeung propokasi korupsi, mangka baris ditibanan hukuman pati.

Di Indonésia mah kakara bisa nyieun kawijakan pikeun ngablok situs porno. Kilang kitu, masih kalintang lobana situs porno anu nepi ka kiwari masih kénéh bisa diaksés kalayan babari.

Mémang rada bangga ari ngabendung situs-situs nu nyarasabkeun mah. Paling ogé narékahanna ku cara nyieun situs anu réa mangpaatna sarta dipapaés sangkan leuwih ngirut.

Kahirupan sastra Sunda di dunya maya ogé kalintang penting dipiara tur dimekarkeun, lantaran anu ngaksésna jalma saalam dunya.

Geus réa tarékah anu dijalankeun ku sababaraha situs kasundaan pikeun nanjeurkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, saperti situs Kusnet (Komunitas Urang Sunda di Internét).

Ku kituna, dina raraga hayang milu ngarawat-ngaruwat tur nanjeurkeun basa jeung sastra Sunda di dunya maya, bulan Maret nu kaliwat, situs Galuh-Purba.Com jeung Sunda.Web.Id, katut Daluang.Com., ngayakeun saĂ©mbara ngarang carpon di internĂ©t anu dijudulan “Hadiah Sastra Bujangga Maya”.

Ieu saémbara téh minangka anu anu munggaran digelar dina kahirupan sastra Sunda di dunya maya. Unggal pangarang ngirimkeun karyana ngaliwatan e-mail, sarta hasilna dipidangkeun dina website.

Ku kituna, sasaha ogé bisa maca jeung milu ngoméntaran kana karangan.

Demi anu ngawaragadanna nyaéta salahsahiji urang Sunda anu ngumbara di Texas, USA.

Ti barang dibuka tug nepi ka ditutupna tanggal 30 Juni 2008, panitia narima 37 judul naskah.

Ku Déwan juri, anu diwengku ku Dadan Sutisna, Ahmad Gibson Al-Bustomi, jeung kuring, diperedih sangkan bener-bener obyéktip dina ngajén karya patandang, kalayan dipahing pisan kong kalingkong.

Hasilna, carpon “Bulan SĂ©sa” karangan Imas Rohilah kapilih minangka pinunjul kahiji. Disusul ku pinunjul kadua jeung katilu, “Carita Sabada Runtag” karya A. Girang Pamungkas jeung “Calana Jero” karya Iwang Noor.

Aya deui lima pinunjul harepan, diantarana: “Kaburna Tokoh Carita” karya Ageng PangĂ©stu, “Layung Kiaragantung” karya Sang Niskala, “Mandahong Kahot” karya Aditia Gunawan, “Lain Ukur keur Kuring” karya Roro Siti Rohmah, jeung “KabĂ©ngbat di Serambi Mekah” karya Agus HĂ©rmawan.

Ieu saĂ©mbara tĂ©h satĂ©kah-polah dilaksanakeun kalayan daria tur pinuh tanggungjawab. Panitia “Bujangga Maya” ti anggalna geus ngawawadianan sangkan henteu katĂ©paan ku cara ngajĂ©n sababaraha saĂ©mbara di “darat”.

Contona perkara “Ă„nugrah Gubernur Jabar 2008” anu dikritik ku HM. UsĂ©p Romli, muga ulah tumiba deui. Kalah kumaha ogĂ©, naon rupa anu ditulis ku HM. Usep Romli ngeunaan hĂ©ngkĂ©rna penjurian “Ă„nugrah Gubernur Jabar” tĂ©h mĂ©mang kudu dijieun perhatian ku para juri sĂ©jĂ©nna.

Ulah pararadu, teu meunang wawayagon ari ngajén téh, sabab bakal ditungtut tanggungjawabna boh di dunya pon pilalagi di akhérat.

Ketua DĂ©wan juri “Anugrah Gubernur Jabar 2008” teu bisa ngajawab pananya HM. UsĂ©p Romli, ngeunaan alesan pangna milih salahsahiji penulis anu dianggap teu pantes dilĂ©lĂ©r Ă©ta anugrah.

Komo deui waragad anu dibagikeun ka para pinunjul téh mangrupa duit rahayat, minangka amanah nu kuduna dijalankeun kalayan daria dibarung rasa tanggungjawab.

Puguh baé ari anu dilélérna mah teu salah nanaon. Piraku teuing nampik pangasih ti gubernur, anu dirékoméndasikeun ku para juri nu geus dipercaya.

Ku kituna, kuring teu panuju lamun aya nu nyisikudi ka para pinunjulna mah, da aranjeunna mémang taya kasalahanana.

Dina Hadiah sastra LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) ogé, panitia kungsi ngalakukeun diskriminasi basa ngajén Hadiah Sastra LBSS 2004-2005.

Nurutkeun Déwan Juri anu ditétélakeun dina béjér pangajén, disebutkeun ukur narima karya-karya sastra anu dimuat di Majalah Manglé, Cupumanik, Kudjang, Galura, jeung HU. Pikiran Rakyat.

Panitiana henteu daria maluruh karya sastra sapanjang taun 2004-2005. Pangna disebut henteu daria, sabab loba kĂ©nĂ©h karya sastra di mĂ©dia basa Sunda sĂ©jĂ©n anu diliwat. Saperti dina Majalah Sunda Midang, Bina Da’wah, Seni Budaya, Iber, Giwangkara, Mandiri, Langlang Mitra, jstĂ©.

Leupas tina alus atawa goréngna, dina éta média téh nyampak tulisan mangrupa carpon, sajak, jeung éséy. Para pangarang saperti Holisoh ME, Pipiet Senja, Fendy Sy. Citrawarga, jsb, kaitung produktip nulis di éta média.

Leuheung kĂ©nĂ©h pangarang anu disebutan bieu mah, da sok narulis di ManglĂ© atawa Galura. Ninggang ka pangarang anu kakara kaburu ngumumkeun karyana di Sunda Midang atawa Bina Da’wah, tangtu maranĂ©hna leungiteun hakna pikeun diajĂ©n ku LBSS.

Taun ieu, LBSS rék ngalélér deui Hadiah pikeun karya sastra anu di muat di media massa Sunda sapanjang taun 2006-2007.

Taun ieu mah LBSS kacirina hayang ngarangkul sakur media massa basa Sunda, ku cara nunjuk redaktur saban média pikeun milihan naskah carpon, éséy, jeung sajak pikeun diajén ku déwan juri.

Puguh baé sabéngbatan mah geus némbongkeun kamajuan. Tapi ku lantaran jumlah naskahna diwatesan, tangtu baé timbul deui pasualan anyar. Malah sabada diteuleuman mah, cara siga kitu téh malah némbongkeun kamunduran LBSS.

Contona, Majalah Seni Budaya jeung Bina Da’wah ukur dipĂ©nta 5 naskah carpon, Ă©sĂ©y, jeung sajak (kuring teu pati terang mĂ©dia sĂ©jĂ©nna meunang jatah sabaraha judul naskah).

Nu jelas, lamun kitu carana mah hartina redaktur média massa ogé geus kaasup juri.

Pikeun redaktur anu sok nulis carpon, Ă©sĂ©y, atawa sajak di mĂ©diana sorangan, tangtu bakal Ă©ra parada lamun ngasongkeun karyana sorangan pikeun diajĂ©n ku dĂ©wan juri LBSS.  Sajabana ti Ă©ta, naskah-naskah anu dikirimkeun ka LBSS ogĂ© pasti saukur naskah anu luyu jeung pangaresep redakturna sĂ©wang-sĂ©wangan.

Ku ayana kitu, prosédur siga kitu téh lain kamajuan, tapi kamunduran. Panitia hadiah LBSS hayang gawé énténg bari henteu pati mikiran kualitas. Padahal ari ceuk pamanggih kuring mah mending dikumpulkeun wé sakabéh naskah ti saban média (siga taun-taun saméméhna).

Keun wé déwan juri sina milihan kalayan gemet. Jumlah naskah Sunda téh da moal sabaraha réa, ngarah kagéroh kabéhanana. Tapi omat, lain kuring teu percaya ka redaktur. Ieu mah pasualanna kulantaran diwatesan jumlahna.

MĂ©mang ari idealna mah LBSS tĂ©h ngalanggan sakur mĂ©dia basa Sunda. Jadi, palebah rĂ©k ngalĂ©lĂ©r Hadiah LBSS tĂ©h geus moal kudu paciweuh nĂ©angan naskah. Pangurus LBSS  kacirina kakara daĂ©k digawĂ© lamun geus turun waragad ti pamarĂ©ntah.

***

Balik deui kana Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008. Ieu pasanggiri tĂ©h minangka anu munggaran digelar di internet sapanjang sajarah kalumangsungan sastra Sunda. 


Rapat juri tĂ©h lumangsung dina Yahoo Mesenger conference bari teu cukup ku sakali padungdengan. Rapat kahiji, lumangsung 25 Juli 20008, jam 10.00 WIB nepi ka 26 Juli 2008 jam 00.15 WIB.

Rapat kadua lumangsung tanggal 29 Juli 2008, jam 07.30 nepi ka 12.39 WIB. Alhamdulillah dina rapat kadua, ahirna sakabéh déwan juri sapuk pikeun milih:

Carpon anu judulna Kabéngbat di Serambi Mekah, karya Agus Hérmawan, minangka pinunjul harepan.

Carpon anu judulna Lain Saukur keur Kuring karya Roro Siti Rohmah, minangka pinunjul harepan.

Carpon anu judulna  Mandahong Kahot karya Aditia Gunawan, minangka Pinunjul Harepan.

Carpon anu judulna  Layung  beureum Kiaragantung karya Sang Niskala, minangka Pinunjul Harepan.

Carpon anu judulna  Kaburna Tokoh Carita karya Ageng PangĂ©stu, minangka Pinunjul Harepan.

Carpon anu judulna  calana Jero karya Iwang Noor, minangka Pinunjul katilu.

Carpon anu judulna  Carita  Sabada Runtag karya AA. Girang Pamungkas, minangka Pinunjul kadua.

Carpon anu judulna Bulan SĂ©sa karya Imas Rohilah, minangka Pinunjul kahiji.


Wilujeng ka para pinunjul saémbara Ngarang Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008. Hadiah mangrupa duit jeung piagem sakumaha anu geus dijangjikeun ku panitia, baris dikirimkeun tanggal 1 Agustus 2008.


Bandung, 31 Juli 2008
Ketua Panitia



M. Sudama Dipawikarta




Catetan:
Agus Hermawan, Pangarang “KabĂ©ngbat di Serambi Mekah”. Dina pakumbuhan sastra Sunda mah ngaran Agus Hermawan tĂ©h kawilang asing kĂ©nĂ©h.

Mémang diaku ku Agus, yén ngarang carpon dina basa Sunda mangrupa pangalaman anu kaitung anyar.

Ceuk Agus, ngaliwatan e-mail, bungah tur gumbira nampi iber ti panitia réhna cocoretanana kapilih jadi salah sahiji pinunjul Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008. Mugia ieu téh janten pecut kanggo abdi dina raraga diajar deui nyerat dina basa sunda.

Agus hĂ©rmawan tĂ©h Sarjana Pertanian, lulusan Universitas Padjadjaran Bandung. Ayeuna, ieu pangarang  kalahiran 6 Agustus 1962 tĂ©h sapopoĂ©na mancĂ©n jadi  Wartawan Kompas. Matuhna di wewengkon Permata Pamulang, Serpong, Tangerang.

Roro Siti Rohmah, pangarang “Lain Saukur Keur Kuring
Roro Siti Rohmah tĂ©h pangarang kalahiran Sumedang, 9 November 1970. Ayeuna sapopoĂ©na matuh di  wewengkon Margahayu Kencana, Bandung.

Henteu pati kapapanjangan nuliskeun data ngeunaan pribadina. Nu jelas mah, karyana kapeunteun ku déwan juri minangka pinunjul harepan.

Aditia Gunawan, Pangarang “Mandahong Kahot”. Aditia Gunawan mah geus rada mindeng nulis dina basa Sunda.

Malah kungsi jadi juara 1 Lomba Ngarang tingkat mahasiswa anu digelar ku grup Pikiran Rakyat.  Ieu pangarang kalahiran Cianjur, 4 Juli 1983 tĂ©h ngarĂ©ngsĂ©keun kuliahna di Jurusan Pensatrada UPI Bandung.

Sang Niskala, Ageng Pangéstu, Iwang Noor, jeung A. Girang Pamungkas

Panitia ngaranjug barang nyusud tilu pangarang ieu. A. Girang Pamungkas (pangarang “Carita Sabada Runtag), Iwang Noor (pangarang “Calana Jero”),  Ageng PangĂ©stu (pangarang “Kaburna Tokoh Carita”), jeung Sang Niskala (pangarang “Layung Beureum Kiaragantung).

Manahoréng jinisna mah éta-éta kénéh. Mimitina panitia bener-bener teu terang. Tapi sabada dikonfirmasi ngaliwatan e-mail (lantaran datana teu lengkep), manahoréng éta opat sandiasma téh bogana LUGIENA DEA.

Panitia mémang hayang écés nyusud saha-sahana ngaran asli nu jadi pinunjul. Malah geus diniatan, mun aya patandang nu henteu nembrakeun biodatana kalayan écés, mangka hadiahna moal dipasrahkeun lamun diparengkeun meunang.

Ieu perkara dijalankeun ku panitia sangkan saémbara ngarang di internét téh bener-bener obyéktip, euweuh naskah anu ditulis ku salahsahiji déwan juri sarta dijadikeun pinunjul.

Éta kajadian siga kitu téh apan di darat mah tumiba. Bisi cangcaya, pék tengetan sing gemet buku Kanagan (kumpulan Carpon Pinilih Manglé).

Perkara saurang patandang anu nyangking pinunjul leuwih ti hiji, éta mah teu jadi pasualan. Sabab panitia teu ngawatesan karya-karya ti saban pangarang. Sanajan sakabéh juara diborong ku saurang ogé, ari mémang karyana hadé tur kapilih ku déwan juri mah nya tetep wé sah.

Lugiena De anu ngaborong opat pinunjul dina saémbara ngarang Hadiah Sastra Bujangga Maya, tangtu baé teu kudu dipasualkeun. Sabab déwan juri mah teu uningaeun éta karya téh beunang si A atawa si B, kajaba rada ngaraba-raba tina gaya nulis jeung cara mikirna.

Déwan juri, basa meunteun carpon, ukur dibéré kode naskah, teu uningaeun kana ngaran-ngaran pangarangna.

Lugiena De téh mahasiswa Pensatrada FPBS UPI Bandung, anu mémang karya-karyana mindeng dimuat di média massa. Ieu pangarang kaitung ngora kénéh umurna, lahir 13 Désémber 1983.***


Imas Rohilah, Pangarang “Bulan SĂ©sa”
Imas Rohilah téh pangarang anu lahir di Cianjur, 12 Nopémber 1971. Sigana ka ngaran ieu mah, geus moal pati bireuk. Sabab Imas geus mindeng ngumumkeun karya-karyana dina média massa. Ayeuna Imas matuh di Désa Cibulakan, Kacamatan Cugenang, Cianjur.***
Maruta Bayu



Ranggon Panyileukan, Agustus 2008


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post