Carpon Kabéngbat di Serambi Mekah - Pinunjul Harepan Hadiah Sastra Bujangga Maya


Carita Pondok AGUS HÉRMAWAN
(Pinunjul Harepan “Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008”)

KARÉK leupas ti parapatan Gegerkalong, pas SMS hénpon kuring disada téh. “Sgr hub ktr, penting!” ceuk SMS  téh. Keur jalma nu gawéna modél kuring mah—tukang udar-ider— asa teu anéh meunang SMS kitu téh. Nya teu anéh ogé, mun kuring teu pati maliré pesen modél kitu téh.

Pamajikan nu diuk di gigireun kuring, mairan. “Rék dipangmaoskeun moal?” cenah. Leungeunna nu lentik manéhna rék ngaraéh hénpon.

Dua budak kuring—hiji jalu umur dalapan taun nu kasép siga bapanya, nu bungsu awéwé lima taunogé Alhamdulillah siga indungna—keur ocon di bangku tengah. “Keun wé antep,” ceuk kuring. Leungeun mah angger waspada nyepeng stir.

Usum peré di Bandung ayeuna mah, da macétna kabina-bina. Éta téh SMS katilu kalina ti kantor. “Kawas euweuh deui jelema, keur cuti gé dibeberik kantor,” ceuk kuring.

Pamajikan mah imut ngagelenyu. “Har.. da tugas mah kawajiban atuh,” cenah halimpu. Resep boga pamajikan téh.

Tara wani muka SMS mun teu diidinan ku kuring mah. Béda jeung batur, cenah mah, pamajikana sok ngintip SMS salakina. Teu jarang, maranéhna salaki pamajikan téh paraséa ku sabab eusi SMS nu matak pitumburueun.

Harita téh pas liburan barudak semésteran. Nya, kuring maksakeun cuti rék maturan barudak jeung indungna ngeusi liburan.

Enya, maksa dan rada hésé rék nyokot cuti kantor téh. Penting-penting teuing mah heunteu posisi di kantor téh. Ngan nyaéta, sok ngéléhan ka batur nu rék cuti. Ari rék maksakeun cuti karunya ka wakil kuring anu katempuhan  pagawéan kuring.

Nya kusabab geus lila barudak nagih hayang jalan-jalan ka Bandung, akhirna maksakeun cuti. Teu kamamana da barudak téh resepna ulin ka Bandung. Meureun “korban iklan” bapana nu méakeun umur ngorana nepi ka kuliah jeung ngoléksi kabogoh di kota nu dijugjug.

Harita soré téh karék balik nyaba ti Gunung Tangkuban Parahu nu beuki pakusut pamandangannaa kunu daragang. Isuk-isukna ngadon ngojay dina cai panas di Ciater.

Kamari karék ti Kawah Putih jeung Ranca Upas Ciwidéy. Resep ningali barudak jeung indungna nu gumbira, lantaran kahayangna kacumponan. Kajeun aya dulur gé di Cililin, ngahaja ngadon ngéndong di hotel wé.

Teu lila, hénpon kuring ngajerit. Kuring ngarérét nomerna. Nomer kantor. “Angkat atuh, bisi penting,” ceuk pamajikan ngingetkeun.

 Nya kuring ahirna ngéléhan. Hénpon téh diangkat. Bedul téh! Bener wé, pimpinan kantor jojorowokan. Naha cenah di-SMS teu dijawab, keur di mana, naha cuti téh lila-lila teuing, keur usum naon di Bandung, tong poho mangmeulikeun kaos di FO.

Nya tungtuna mah. “Cik ka Acéh deui lah. Urang rék nyieun biro husus di ditu. Pangnéangankeun kantor biro di ditu,” ceuk manéhna.

Asa teu karasa sabulan saacana, kuring gé karék balik ti Acéh, anu dua tilu poé saacana katibanan musiban tsunami.

Nya harita mah, sagala darurat. Kantor biro Acéh beak dilegleg ombak tsunami. Babaturan nu pituin urang ditu gé aya nu jadi korban.

Kusabab, kondisina darurat nya harita pas poé-poé awal musibah, saminggu sakali gantian jeung babaturan tugas di Acéh téh.”Lila teuing mah bisa kabawa stress,” ceuk kantor. Teu stress kumaha, unggal poé ninggali pamandangan nu matak muringkak bulu punduk.

Bau layon  di mamana. Mayit apatingsoléngkrah, wangunan urug. Salila tugas, dahar gé saaya-aya. Paling ngeusian beuteung ku mié instan. Sakapeung mun kabeneran ka posko bantuan, sok aya kabeneran nasi goréng.

Bari jeung haroréam, nya kuring ngajawab telepon ti kantor téh ku heueuh-heueuh wé. Lain horéam ku tugas, tapi na atuh bet datang pas kuring keur liburan jeung barudak. Jalma modél kuring mah liburan modél kieu téh asa can pasti kacumponan lima tahun sakali.

Ceuk paribasa mah, unggal poé indit isuk balik tengah peuting. Jarang papanggih jeung barudak. “Untung barudak téh teu nyalukan emang ka bapakna. Balik gawé barudak geus saré, isuk-isuk barudak sakola akang héés kénéh,” ceuk pamajikan. Ngaheureuyan. Biasana mun diomongan kitu téh kuring mah biasana ukur nyéréngéh bari ngeukeupan manéhna. Geugeut ka pamajikan nu soléhah kabina-bina.

Pas rék nepi ka tempat parkir hotél, kuring kakarék ngabéjaan pamajikan. Kudu ka Acéh isukan. Jadi liburana teu réngsé.

“Teu nanaon atuh kang, da lumayan dua dinten gé barudak tos mendakan kabingah. Iraha angkatna?” ceuk pamajikan. Duh! Keur geulis téh manéhna mah pinuh kasurtian kana tugas salaki. Nya barudak mah pas dibejaan peuting éta kudu balik ka Jakarta rada ogo sakeudeung. Dipépéndé és krim gé répéh.

**

SABULAN ti saprak kuring ninggalkeun Acéh, teu pati aya parobahan nu kaharti di nagari nu kungsi kawentar Sarambi Acéh téh. Saleupas ti bandara Blang Bintang, di daérah Lambaro kuburan massal kalah ngalegaan.

Nepi ka dua minggu ti waktu kajadian musibah mah, di dinya ceuk paribasana unggal jam, puluhan mayit diangkut dikuburkeun. Nya dipulasara sabisa-bisa bari jeung sagala darurat. Da ngali kuburanna gé lain maké pacul siga biasana. Tapi maké buldozer, siga rék nyieun balong.

Walungan Krueng Acéh lumayan geus rada bersih. Teu siga pas waktu kajadian, loba mayit angkleung-angkleungan kabawa caah. Layon bisa ditarik ka pasisian, ditumpukeun nungguan aya nu ngangkut. Biasana mah sukarélawan, utamana ti pasukan Marinir, sok dibawa ka kuburan massal model nu di Lambaro téa. Malah pasukan Marinir téh katelah disebat Tim Pemburu Hantu sagala.

Ka palebah pusat kota gé, sabunderan Masjid Baiturrahman atawa pusat kota sarua bae. Can bisa disebut normal. Mun panas ngabetrik, kebul minuhan hawa siga halimun nutupan kota. Matak eungap kana napas.

Untung kuring mekel masker. Nya lumayan rada nulungan. Kitu deui sabalikna mun hujan bahé ti langit. Leutak nu tadina geus garing nya dibanjur cihujan mah kalahka tambah jorok. Bau kacida nyelekit kana irung. Di sababaraha tempat, ténda-ténda pengungsian masih pinuh ku pangungsi. Mémang aya imah-imah nu dibangun keur penampungan samentara. Tapi alakadarna, teu matak betah sigana mah. Aya nu dijieun tina triplék, aya ogé tina bahan deklit, terpal saaya-aya.

“Asa teu kabayang, ieu kota bakal merenah deui. Siga urut kiamat,” ceuk si Pe’i, supir nu maturan kuring salila di Acéh. Manéhna, jalma pituin Meulaboh, geus apal tabeat kuring jeung babaturan sakantor. Da unggal tugas ka Acéh, ti saprak operasi militer jaman DOM (Daerah Operasi Militer) manéhna biasa sina nyupiran. Nya kitu deui, pas pascatsunami manéhna nu maturan kuring. “Resep kénéh jaman GAM. Aya tegangna. Dibeberik bedil,” gerendeng manéhna, waktu ku kuring diajak ka Pendopo Kantor Gubernuran.

Da waktu jaman DOM mah manéhna téh geus biasa kaluar asup leuweung maturan kuring ngaliput operasi militer. Sakapeung mah kungsi kacegat ku lima urang gorombolan GAM maraké loréng, lengkep jeung bedilna di hiji daérah hitam.

Mun teu salah mah di Désa Cot Keung, Kecamatan Kota Baru, Kabupatén Acéh. Rada hahaok jelema nu nyegat téh nanya kuring. Rék kamana siah, manéh cantoy (mata-mata) nya?Jeung réa-réa deui pertanyaan nu matak nyorodcod tuur. Ngadégdég harita téh. Untung teu ngompol ogé. Babacaan mah ti kulhu nepi ka kulhu deui geus dikaluarkeun. Nya si Pe’i nu nulungan téh. Teuing naon nu diomongkeun, da maké basa Acéh. Nya, mobil kuring kakarék meunang liwat.  Ngaliwat gorombolan, si Pe’i nyéréngéh seuri sorangan. “Teu ngompol pan Bang?” cenah. Bedul téh!

Sanajan aya di Acéh, ari pagawaéan sapopoé mah digawékeun ke batur kuring nu datang ti Médan. Nya ari kuring mah tugas utamana néangan imah keur kantor biro téa.  Najan kitu lain pagawéan gampang.

Da kumaha atuh tsunami téh ibaratna ngaratabumikeun sakabéh imah nu aya di Banda Acéh jeung sabudueranana. Enya éta gé ari di daérah Blang Bintang, Lampeunuereut, Mata Ie, Neusu, Katapang masih aman. Masih loba imah nu bisa dipuluk.  Nya lolobana mah ngadon mulung muntah. Imah-imah téh loba nu disewakeun ka sukarélawan, boh ti nagri boh ka bangsa urang.

Tapi duka atuh, da najan aya musibah gé—jeung loba jelema datang rek ngadon nulungan—harga kontrakan imah di Acéh téh asa kabina-kabina teuing. Teu kira-kira, harga kontrakan hiji imah téh nepi ka puluhan nepi saratus juta perak sataun!

Malah aya hiji lembaga internasional wani nyéwa imah di Jalan Sudirman Acéh nepi ka Rp 1,3 miliar sataun. Biasana mah moal sapersapuluhna harga kontrakan téh. Paling Rp 5 juta – Rp 10 juta sataun. Da sababaraha taun katukang kuring gé kungsi ngontrak hiji imah di dekeut Pasar Katapang, masih wajar pisan hargana. R]k saha ogé nu nyéwa atawa kontrak, keukeuh harga téh teu bisa turun. Kajeun sukarélawan, LSM atawa badan-badan dunya, pokona daék teu daék kudu mayar nu sakitu mahalna.

“Néangan imah, Bang? Imah paman kuring rék disewakeun tuh. Tinggali wé heula. Soal harga mah gampil,” ceuk hiji pemuda. Harita téh kuring keur jongjon nyedot téh botol. Manéhna ngajak sasalaman, bari jeung nyebut ngarana. Abidin. Teu poho manéhna mere nomer hénpon nu ditulis diana keretas urut bungkus roko.

“Nya.. engké kuring ningali. Sugan wé cocok.” Ceuk kuring bari nyakuan nomer telepon manéhna. Biasa, lian manéhna, loba jelema nu nawar-nawarkeun imah ka pendatang téh. Nu séjénna, ngahaja némpél-némpélkeun keretas di tempat-tempat biasa pendatang atawa sukarélawan ngumpul saperti di pendopo atawa posko-posko bantuan lianna.

Karék poé ka opat, kuring ngahaja ninggali imah paman si Abidin téh. Ayana di hiji kampung deukeut Neusu nu kawéntar loba warung kopi Acéhna. Najan gedé, éta imah gedong téh can anggeus diwangunna sawaréh.

Bagian hareupna kakara dipéléstér, can dicét. Ari jerona mah geus lumayan, dipasang karamik. Lalangitna luhur pisan—aya kana opat-lima meter mah. Meureun ngahaja keur ngalawan hawa Acéh nu rada panas, modél dayeuh Cirebon. Nya harita gé nu boga imahna, Pak Azhar, nyampak.

Manéhna ngajak kuring ningalian kondisi imah. Nerangkeun kumaha cara ngahirupkeun kompa cai. Mareuman listrik. “Ieu imah tabungan. Ké mun kuring pangsiun meureun pindah ka ieu imah,” ceuk Pak Azhar, pagawé di hiji instansi. “Tapi duka kumaha atuh, tsunami ngabuyarkeun sagalana,” cek manéhna ngagerentes siga ngomong ka dirina sorangan. Beungeutna semu dumareuda.

Nya kusabab hésé pisan néangan kantor samentara jeung hargana nu “wajar”, poé éta ogé kuring ngajadikeun ngontrak imah manéhna. Ngan basa kuring rék balik, manéhna ngajak ngobrol, nanyakeun geus aya jalma keur mantuan beberesih imah, keur nyeuseuh, nyieun kopi.. “Mun daék, kuring boga alo.

Tah manéhna boga pembantu. Mun daék, éta pembantu bisa dititah ku bapa. Ngan manéhna embung leupas jeung alo kuring. Mun satuju, kumaha mun alo kuring jeung pembantuna cicing di hiji kamar imah,” manéhna nawaran. Imah téh memang rada lega. Aya opat kamar, dapur ruang tamu jeung ruang kerja. Perlengkapan mébel jeung dapur mah aya alakadarna, ngarana gé imah satengah jadi.

Der we manéhna ngadongéng, alona téh salah sahiji korban tsunami. Sakulawarga kabawa caah. Ngan manéhna jeung pembantuna nu salamet.

Cenah mah geus ditawaran cicing di imah manéhna, ngan si alo teu daékeun. “Rada teu cocog jeung pamajikan kuring,” cenah. Sanggeus dipikir-pikir pasti ngurus imah lega jeung gawé nu riweuh, butuh pembantu, nya kuring ngidinan. “Soal sabaraha gajihna mah engké diomongkeun ka alo kuring atawa pembantuna,” ceuk Pak Azhar. Kuring nyatujuan. Teu poho manéhna ngomong, keun wé cenah soal lapor ka pengurus RT/RW mah urusan manéhna. Kuring mah tarima bérés wé. Kuring nganuhunkeun.

Kuring ngontak aka Jakarta ngabéjakeun geus meunang imah keur kantor biro,  kaasup pangabutuh naon waé keur kantor biro. Nya soré éta ogé kuring pindah ti posko samentara ka imah nu dikontrak téa.

Lumayan, kampung tempat kuring cicing ayeuna  teu pati kaambeu bau bangké tsunami. Da najan deukeut ka pusat kota, ku sabab rada luhur teu kaganggu ku ngamukna ombak. Ngan pipindingna mah rada bareulah saeutik, kauyag ku lini nu datang saacan tsunami ngagerus daratan. Mun aya masalah paling gé cai. Kuring teu wani nginum cai PDAM, mending ngamodal meuli cai mineral botolan.

Keur mandi gé, ngahaja meuli antiseptik botolan. Unggal rék mandi dicicikeun ka bak mandi. Jadi nu kaambeu téh bau antiseptik, lain bau lianna nu matak ngabirigidig, komo mun mandi peuting mah.

Poé kadua, babaturan tilu urang nungtutan datang ka kantor anyar téa. Dua babaturan sakantor nu rék ngarintis biro Acéh. Saurang deu bagéan TI nu rék menerkeun sagala perlengkepan gawé ti telepon satelit, telepon komputer nepi ka  jaringan internét.

Poé kaopat,  hiji soré. Kuring karék balik ti Palabuhan Malahayati. Bari ngopi kopi Acéh jeung ngaroko ngahaja peureum-peureum hayam méakeun kacapé. “Assalamualakum,” ceuk hiji sora halimpu. Kurig beunta. Hiji mojang, imut. Buru-buru kuring ngajawab salamna bari nyodorkeun leungeun.

Awakna nu jangkung dibungkus ku baju sport bodas. Ka handapna make jeans belél. Teu poho mastakana dibungkus ku jilbab bodas. Biwirna siga beureum dalima. Sarérét mah boh beunget boh pangawakana ngingetkeun kuring ka Cut Keke, sélébritis urang Acéh téa. Leuwih geulis malah. Si Pe’i mah supir kuring tea, siga ucing garong ningali lauk asin. Matana molotot teu kiceup-kiceup. Untung teu ngacay gé ninggali éta tamu awéwé nu penampilanna siga mahasiswi.

Teu lila manéhna ngawanohkeun diri. “Hilda,” cenah nyebutkeun ngarana. Ranselna warna hideung, pinuh ku eusina diturunkeun tina tonggongna. Cenah manéhna  téh alo Pak Azhar téa. Kuring langsung ngahiap nitah asup ka jero imah. Hiji deui awéwé, nu bareng jeung manéhna, sigana mah pembantuna téa, milu asup ka imah.

Sanggeus diuk, kuring nyokot cai kemasan gelas plastik nu salawasna sok disayagikeun. Karunya Néng Hilda  téh. Ayeuna manéhna pahatu lalis. Cenah mah sakulawarga manéhna, indung-bapana tumpur teu nyésa kaléléd musibah tsunami téa.

Nya meureun geus tabéat urang ditu, najan kahantem ku musibah gé teu pati kaciri paromanna. Ceuk hiji pendapat mah, meureun maranéhna mah geus biasa sedih, katalangsara salila DOM. Jadi pas aya musibah tsunami téh saukur pasrah ka Nu Maha Kawasa.

Sakumaha kasapukan kuring jeung Pa Azhar, Hilda téh nempatan hiji kamar pelebah dapur jeung pembantuna téa. Kuring jeung babaturan biasa ngagero si pembantu téh Inong wé. Kacida gumbirana babaturan téh aya pembantu mah.

Maranéhna teu kudu riweuh teuing mun hayang mie rebus atawa ngopi tengah peuting bari gawé. Kitu deui, nyeuseuh baju aya nu mantuan ayeuna mah.

Mun sore, biasana Néng Hilda ngahaja ngajak ngobrol. Saacan musibah, mojang eta téh gawé di hiji kantor asuransi.

Teu jarang mun manéhna ngadongéng téh bari rambisak. Utamana mun ngadongéng babaturana, kulawargana jeung tunangana nu geus taya dikieuna. Biasana kuring mah mung ukur ngadéngékeun carita manéhna wé. Nya ari aya waktu, kadang-kadang manéhna diajak dahar bareng jeung babaturan di hiji warung di daérah Ulee Kareeng.

Sababaraha kali, manéhna ku kuring diajak gawé ngurilingan Acéh. Diajak nalungtik tempat-tempat pangungsian atawa lokasi-lokasi séjénna. Ti ujung Lhok Nga, nepi ka Mata Ie, hiji tempat nu éndah pamandangana.

Pamikir kuring, taya salahna ngabrangbrangkeun jalma tunggara. Aya kalana kuring sok babanyolan atawa ngadongéng kaayan  di Jakarta. Hayang, cenah hiji mangsa manéhna ka Jakata. Gampil ceuk kuring téh, ké dianteur ka mamana. Biasana mah manéhna sok rada resepeun mun kuring ngadongéng si Kabayan. Lucu cenah, naha enya urang Sunda siga si Kabayan kabéh cenah?

Sok teu ngahaja, panon kuring jeung manéhna paamprok. Biasana mah manéhna langsung tungkul.  Hiji poé, kuring ngahaja ngajak manéhna, ka Ulee Lheue, hiji daérah basisir nu saacan musibah mah kacida éndahna.

Saacan musibah mah cenah geus biasa barudak ngora téh sok ngaradon ulin ka dinya. Cenah mah, turis mancanegara gé loba nu ngahaja ulin ka dinya. Komo malem Minggu mah. Ayeuna mah sagalana rata taya sésana. Palabuan tempat meuntas ke Pulo Beras gé ngan nyésa tunggulna.

Basa kuring ngadaweung, Hilda gigireun bari tutunjuk ngadongéngkeun jaman katukang. Cenah, sering pisan manéhna jeung tunangan ngabrangbrangkeun haté ka éta basisir téh. Nya saterusna mah manéhna ngadongéng sagala wé.

Seperti biasana, kuring  ngan ngabandungan bari sakapeung nanya nu teu ngarti. Teu lila, katinggali panon Hilda téh siga rembes beueus ku cipanon. Kasedih lantaran ingetanna nagnjang  ka jaman nyorang kaéndahan jeung tunanganna.

Rada lila, manéhna nyurucud cimata. Mastakana nu rambutna seungit malati, nyarandé dina dada kuring. Leungeuna nu bodas ku kuring dihiap, diusapan kalayan niat mah ngubaran kasedih manéhna. Tungtungna mah kuring jeung manéhna jempling. Ngan séahna ombak jeung hiuk angin nu kadéngé.

Kuring ngoréjat, kahudang ku SMS hénpon. “Kang, si Aa hayang ditelepon cenah ku bapana. Jaga kaséhatan, barudak jeung indungna mah saréhat. Iraha uih?” Kuring nyéréngéh sorangan, euh SMS ti pamajikan. Buru-buru hénpon téh disakuan deui.***



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post