Catetan DHIPA GALUH PURBA
Ini pakeun urang ngertakeun bumi lamba, caang jalan, panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan
Kitu di antara sempalan tina naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian, anu dijieun kira-kira abad ka-16 M.
Pihartieunna kurang leuwih: “Ieu jalan keur ngaharjakeun dunya kahirupan, beresih jalan, subur tatangkalan, cukup sandang, beresih pakarangan tukang, caang buruan".
Enas-enasna mah mangrupa hiji papatah pikeun ngaraharjakeun hirup manusa. Sakumaha anu kabandungan dina pagelaran karesmén Ngabeungkat Tirta Kahuripan (mapag cai kahirupan), produksi SMKN 10/SMKI Bandung sawatara waktu kaliwat.
Ngahaja digelar dina raraga mitembeyan program sosialisasi penataan ruang DAS Citarum Hulu; ngoméan jeung ngamumulé lingkungan, kalawan maké pendekatan agama jeung budaya. Ieu acara anu diluuhan ku H. Numan Abdul hakim, Wakil Gubernur Jawa Barat, minangka hiji torobosan dina kabudayaan Sunda. Saperti ngahirupkeun deui lembaga-lembaga adat “Jaga Tirta, Jaga Akidah, Jaga Krama, Jaga Raksa, jeung Jaga Wana” (Aos laporanna dina SB édisi ieu; Ngabeungkat Tirta Kahuripan).
Ngarumat budaya Sunda, minangka bagéan tina prak-prakan mikanyaah lemah cai. Deukeut jeung alam, sarta mikanyaah alam ku jalan miara kalayan pinuh kaihlasan, lain kalah ngaruksak kalumangsunganana.
Moal bisa dipungkir, ku ayana mindeng kajadian musibah (banjir, longsor, jsb), ku sabab manusa sorangan anu samemena ngaruksak alam. Papatah karuhun Sunda, taya nu henteu sapagodos jeung ajaran agama. Ku sabab kitu, kalintang hadéna naon rupa anu dijalankeun ku Dinas tata Ruang dan Pemukiman Jawa Barat; miara alam kalayan maké pendekatan agama jeung budaya.
Miara kabudayaan Sunda mémang mangrupa tugas masarakat Sunda jeung pamaréntah daérah. Ku sabab maju atawa mundurna hiji wewengkon, salah sahijina bisa ditilik tina kalumangsungan budayana sorangan. Upama nepi ka kajadian jati kasilih ku junti, nandakeun kahéngkéran masarakat jeung pamaréntah daérah dina enggoning miara jeung ngamekarkeun ajén kabudayaan.
Salah sahiji tarékah pamaréntah pikeun nanjeurkeun budaya di lemah cai sorangan, nyaéta ku dikaluarkeunna Peraturan daerah (Perda) kabudayaan Jawa Barat 2003. Di antarana Perda Jabar No.5 taun 2003, ngeunaan tarékah miara basa, sastra, jeung aksara daérah. Perda Jabar No.6 taun 2003, ngeunaan miara kalumangsungan kasenian. Perda Jabar No.7 taun 2003, ngeunaan tarékah dina enggoning ngokolakeun kapurbakalaan, kasajarahan, ajén tradisional, jeung musieum.
Puguh baé ku ayana tilu perda éta, minangka geus bisa méré saenyay harepan keur kalumangsungan budaya Sunda. Contona mah kagiatan Ngabeungkat Tirta Kahuripan, luyu pisan jeung tujuan Perda Nomor 7 taun 2003.
Kaunggel pisan dina Bab II, pasal 2, ti mimiti poin a nepi ka f; miara jeung ngalestarikeun warisan budaya, miara jeung ngamekarkeun ajén tradisional minangka lambang jati diri, ngundakeun kasadaran masarakat kana sajarah Jabar, afrésiasi kana warisan budaya, ngahudang rasa cinta ka lemah cai, jeung ngahudang motivasi, ngabeungharan inspirasi, jeung ngalegaan hasanah keur masarakat pikeun ngahasilkeun karya dina widang kabudayaan.
Hanjakalna janggélékna Buku anu ngamuat Perda Kabudayaan téh loba pisan salah citak, kaliwat citak, jeung sajabana. Padahal ari kangaranan Perda mah, kuduna diédit kalawan daria, henteu dapon asal jadi. Duka rarusuh atawa kumaha, nepi ka titi mangsa-na ogé aya nu kaliwat. Tapi ku lantaran nyanghareupan Idul Fitri 1424 H, nya perkara éta mah kawasna teu kudu digedé-gedékeun (tapi tetep kudu dirévisi). Nu penting mah, mugia naon anu dilaksanakeun di lapangan téh, luyu jeung “kahayang” anu dibéjér béaskeun dina Perda Kabudayaan 2003.
Minal Aidin wal faidin, neda agung cukup lumur jembar pangapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin; ti luhur sausap rambut, dugi ka handap sausap dampal, mugia balungbang timur, caang bulan opatwelas, jalan gedé sasapuan.***
Dimuat dina Majalah Seni Budaya, Desember 2003
Komentar