Totondén keur Nu Cadu Éléh Jajatén



---keur nu milangkala: Dadan Sutisna

Ku DHIPA GALUH PURBA

Sigana aya rarancang anyar anu keur ditataharkeun, geusan mapag mangsa nu mingkin caang narawangan.

Siga mangpirang carita kalunta-lunta di satengahing gerotna kahirupan. Tapak-tapak baheula masih kénéh natrat sapanjang ruhitna jalan rumpil nu kungsi disorang.

Siga beurang jeung peuting nu tara jalir piligenti. Pamohalan lumungsur jangji gurat cai. Pamohalan. Rasa hanjelu sasarina kembang-kembang geusan kagunturan madu.

 Rasa kuciwa sasarina kembang-kembang geusan karagragan béntang. Totondén keur nu cadu éléh jajatén. Sabab sasarina ogé teu weléh ngandung maksud tinangtu.

Siga titimangsa gumelar ka pawenangan, anu ti 14 taun katukang bet ngadadak disurupkeun patutur-tutur jeung poé basa indung.

Sigana lain saukur kabeneran. Siga aya maksud agung ti Nu Maha Linuhung. Kari nganti wanci nu mustari, geusan ngadeugdeug handeuleum sieum, sarta néang hanjuang siang.

22 Februari 2013




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post