Sajak Sunda: Bapa

BAPA Dhipa Galuh Purba Jogjog anjog ka golodog Nyampeurkeun lunjaran kolot Nuruban bangbarung Nepi ka lali kana panakan caladi Nu noroktok nakonan diri Bapa, basa tikukur ngelik, Lawang sigotaka muka Carita naratas béwara Cenah piit jeung manyar silih témpas Aya béja ti awang-awang Sanghiyang medar lalakon Bapa, kuring poho kana sora puter jeung dederuk nu nitah wirid ka Nu Agung Béngrasna sanghiyang beurang Nitah sumujud ka Nu kawasa Panakon manuk, Nuruban samak anyam-anyaman Widian kuring leumpang Rék ngukur deui sora tikukur Rék ngalenyepan sora dederuk Bapa, kuring rék sumujud Tanjakan Simpar, 20 Pebuari 1993 - 2000 (Dimuat di Majalah Mangle)

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post