Senin, 28 Mei 2018

Among Roko



Heureuy Bandung DHIPA GALUH PURBA



Sakampus Cipadung waé mah geus moal biereuk deui kawasna téh. Lamun aya anu manggihan mahasiswa anu tara eureun ngaroko, pasti pamohalan salah deui, manéhna téh Si Among téa. Mémang sawatara dosén jeung mahasiswa séjénna ogé, loba anu sok ngaroko. Tapi teu cara Si Among, anu ngelepus siga karéta api. Taya eureunna kawasna téh. Teu di mana, teu di mendi, pasti bari ngaroko. Geus puguhan deui ari di WC mah. Nepi ka sakalieun rék solat ogé, pasti di téras masjid téh aya roko anu ngelun. Pantes pisan lamun Si Among dilandi ngaranna jadi Among Roko.
            Poé Senén, basa Dosén keur nerangkeun mata kuliah agama, Si Among ngabandungan bari ngalepus udud.
            “Cik atuh sakalieun keur kuliah mah, eureunan heula ngaroko téh!” ceuk Dosén, semu anu keuheuleun naker.
            “Punten, Pa. Abdi mah da nyesep téh demi kapentingan ibadah,” témbalna kalem naker.
            “Kaperluan ibadah kumaha manéh téh? Tong pararadu siah ari nyarita téh! Buru geura Istighfar!”
            “Tenang baé atuh, Pa. Da Kampus  Cipadung mah anu gaduh Sawarga ieuh,”
            “Kalah ngalawan ka dosén téh. Hayoh geura jawab! Naon hubunganana antara ngaroko jeung ibadah?”
            “Kieu, Pa. Abdi mah da ngaroko téh nikmat pisan. Saterasna, upami abdi dipasihan kanikmatan, abdi mah sok émut ka nu masihan kanikmatan éta,”
            “Kumaha maksudna?”
            “Muhun, matak abdi mah upami seueur nyesep téh, bakal seueur émut ka nu masihan kanikmatanana. Apan anu masihan kanikmatan mah Gusti. Da di warung mah ukur ngical rokona wungkul,” pokna lancar naker. Ari Dosén ukur gogodeg, bari ngusap beungeut. Cacakan lamun di SMU kénéh mah, moal teu dipentrang bari ngahormat bandéra Si Among téh.
*
            Basa keur nyanghareupan mata kuliah Pengantar Ekonomi ogé, Si Among masih kénéh teu eureun ngaroko. Puguh baé diherengan pisan. Kawantu Pa Anip mah da tara ngaroko deuih.
            “Yeuh Among, batan dipaké meulian roko mah, duit téh mending kénéh ditabungkeun!” pokna.
            “Teras kumaha, pa?”
            “Nya geus ditabungkeun mah, duitna bisa leuwih mangpaat. Contona keur meuli baju atawa calana, ngarah sakali-kali mah pakéan téh rada diganti atuh,”
            “Atuh anggoanna ogé bakal kaduruk,”
            “Har, naha?”
            “Apan artos anu dianggona ogé, jatah kanggo nyesep. Ari sesepeun téa, apan kanggo durukeun.” Siga sasarina Si Among tara béakeun piomongeun. Bisa baé némbalanna téh.
            Keur ramé pacéntal-céntal ngadu arguméntasi, aya anu keketrok rada tarik. Blak, panto muka. Na atuh, ari lol téh Bi Usup, tukang kantin.
            “Aya naon, Bi Usup?” puguh baé Pa Anip rada ngahuleng.
            “Punten, pa Anip. Ibi téh rumaos kirang sopan. Namung kapaksa pisan, wiréh aya kaperyogian anu  rada darurat,” kitu témbal Bi Usup, bari ngarérét ka Si Among anu katara samar polah. Si Among nangtung, bari tuluy nyarita ka Pa Anip,”Punten, Pa. Badé ka pengker,” pokna.
            “Apan kakara bieu ka cai téh. Hayoh diuk deui!” Pa Anip rada nyentak. Atuh Si Among teu bisa kumaha, kapaksa diuk deui.
            “Aya naon, Bi, maké jeung los-los ka kelas sagala?” Pa Anip tumanya deui ka Bi Usup.
            “Sumuhun, Pa Anip. Ibi téh kapaksa lebet ka kelas, kumargi Ibi téh séépeun modal,”
            “Har, naha béakeun modal bet ngomong ka kuring atuh? Najan kuring dosén ékonomi ogé, lain hartina loba duit…”
            “Sanés kitu maksadna, Pa Anip. Ibi mah mung badé nagih hutang ka Cép Among, margi bon rokona tos seueur teuing. Ari diantosan di kantin, da teu sumping baé.”
            Barang ngadéngé omongan Bi Usup, ana ger téh sarurak mani ayeuh-ayeuhan. Katara beungeut Si Among mani reup geuneuk, ray pias awahing ku éra. Mangkaning dipelong pisan ku Néng Wiwin jeung Néng Wida. Karuhan ari Néng Ita mah, mani ngadilak pisan.
            “Boga kénéh  argumén?” ceuk Pa Anip bari mencrong ka Si Among.
*
            Saprak kajadian éta, Si Among tara asup kuliah deui. Pokona mah ngereles, teuing ka mana. Nurutkeun katerangan sobat dalitna mah, Si Among téh balik heula ka Cigorowék, rék ngajual sawah anu ninina. Tapi dina hiji poé, Si Encé papanggih jeung Si Among dina beus kota. Harita Si Among keur dagang roko, bari ngaroko. Puguh baé, barang ningali Si Encé téh, paromanna ngadadak robah.
            “Tong dibéja-béja uing dagang roko, euy!” kitu pokna Si Among.
            “Moal. Asal sayah ménta roko!” témbal Si Encé.
            “Sok nyokot, kari milih, hayang roko naon?”
*
Bubuhan  Si Encé mah tara kuateun nyepeng rusiah. Antukna landian Si Among Roko téh jadi nambahan. Ayeuna mah ngaranna jadi Among Tukang Roko.

***

 

Péso Pangot, 1421 H


Dimuat Dina Rubrik "Heureuy Bandung" H.U. GALAMEDIA, Bandung, Jawa Barat
Comments
0 Comments

0 komentar: