Kamis, 31 Mei 2018

Basa Sunda di Rancakasumba




Catetan DHIPA GALUH PURBA

ANJOG ka pertélon di wewengkon Désa Rancakasumba, kapaksa kudu ngarandeg heula. Pangna kitu, lantaran tacan apal lebah-lebahna anu rék dijugjug. Jrut, Dadan Sutisna turun tina kandaraan. Tuluy tumanya ka tukang ojég anu keur ngetém di pangkalan.

            “Punten badé tumaros, dupi SD Babakan Lapang palih mana nya?” tanya Dadan.

            “Oh, tos caket. Kantun lempeng ti dieu mah. Engké di palih kénca bakal mendak kantor désa. Gédéngeunana aya jalan, lebet wé ka dinya. Di pengkereun pisan balé désa pokona mah...” kitu témbalna kalayan soméah. Sajabana ti ngagunakeun basa Sunda téh, sikepna ogé nyunda. Manéhna henteu hayang apal saha anu nanya jeung naon kaperluan natanyakeun SDN Babakan Lapang.

            Teu nyalahan naon rupa panuduh tukang ojég téh. Enyaan wé, di lebah dinya pisan tempat anu rék dituju téh. Kepala sakola jeung sawatara guru ngabagéakeun kalayan daréhdéh. Sababaraha urang murid SD ogé geus tatahar pikeun mintonkeun kamonésan rampak sekar jeung rampak suling, kalayan diaping ku Éni Rohaéni. Teu lila, prung acara dimimitian.

            Sebut baé ngaran acara téh “Sawala Sastra jeung Pangarang Sunda” (Saptu, 10/ 03/ 07). Éta acara téh minangka ladang rampak gawé Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Kleub Buku Lawang Gintung, jeung Perpustakaan SDN Babakan Lawang, Désa Rancakasumba, Kacamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Puguh baé diluuhan ku sababaraha urang pangarang Sunda jeung pangurus PP-SS, saperti Holisoh MÉ, Aan Merdéka Permana, Dadan Sutisna, Ua Sas, Lin RN, jeung Ibnu Hijar Affandi. Ari anu diajak sawalana taya lian para kepala sakola jeung guru anu aya di lingkungan Cabang Dinas Pendidikan Kacamatan Solokan Jeruk.

            Saméméh sawala dimimitian, acara dibuka ku pintonan rampak sekar jeung rampak suling, pidangan murid-murid SDN Babakan Lapang jeung SDN Rancakasumba I. Satuluyna Turnawan, S.Pd., kepala SDN Babakan Lapang jeung SDN Rancakasumba I, sakaligus ketua PGRI Kacamatan Rancakasumba, ngadugikeun biantara pamapag acara sawala sastra. Dina éta biantara, Turnawan nétélakeun yén di pilemburan ogé geus mimiti karasa kadéséhna kahirupan basa Sunda. Turnawan ngarasa hariwang upama basa Sunda leungit teu pupuguh. Ku kituna, Turnawan miharep sangkan basa Sunda bisa leuwih hirup tur diparaké ku urang Sunda, pangpangna barudak. Pikeun narékahan  kalumangsungan basa Sunda di kalangan barudak, salahsahijina ku cara ngokolakeun pabukon anu nyadiakeun buku bacaan basa Sunda. Kitu ceuk Turnawan.

            Béda deui jeung biantara Drs. Yuyu Ruhiat, kepala Cabang Dinas Pendidikan Kacamatan Solokanjeruk, anu umajak sangkan guru-guru leuwih daria deui diajar basa Sunda. Yuyu nandeskeun yén sanajan geus mibanda pangalaman jadi guru atawa kepala sakola, tapi tetep baé kamekaran basa Sunda kudu diteuleuman kalawan daria. Yuyu ogé miharep sangkan kagiatan anu divokalan ku PP-SS téh ulah ngan saharitaeun, tapi kudu aya lajuning laku ka hareupna.

            Saméméh sawala dimimitian, para pangarang jeung pangurus PP-SS, katut karya-karyana diwanohkeun ka nu ngaluuhan éta acara. Holisoh MÉ minangka pangarang favorit anu ngaranana geus dipikawanoh ku para peserta. Puguh baé réa nu ngedalkeun rasa bungah, lantaran bisa paamprok jonghok sacara langsung jeung jalmina.

            Dina émprona sawala, aya sababaraha urang peserta anu tumanya jeung ngedalkeun bangbaluhna ngeunaan kalumangsungan basa Sunda. Saperti Aan Abidin, guru SMP PGRI anu ngarasa hariwang ku ayana basa Sunda anu digunakeun ku barudak jaman kiwari. Cenah mah mémang bener basa Sunda, tapi loba anu basana kasar. Sajabana ti éta, loba anu pabeulit dina cara ngalarapkeunana. Basa anu kuduna keur sorangan, kalah dipaké keur batur, pon kitu deui sabalikna.

Méh sarupa jeung anu dikedalkeun ku Endang, guru SDN Patrol III, yén basa Sunda barudak kiwari téh pabeulit jeung pasoléngkrah. Sajabana ti éta, Endang ngarojong naon rupa nu didugikeun ku Yuyu ngeunaan pentingna ngokolakeun perpustakaan kalayan daria. Hanjakalna, Endang ngarasa bingung, kudu ka mana maluruh buku-buku basa Sunda. Perkara éta dihaminan ku Éli, guru SDN Babakan Lapang, anu nganggap penting dipedalkeun deui buku-buku anu siga Taman Pamekar. Dumasar kana pangalaman Éli basa keur jaman budak, maca buku Taman Pamekar téh anteng, matak kataji, tur pangaruhna ogé kalintang hadé. Iwal ti éta, Éli miharep sangkan digelar kagiatan anu leuwih munel, contona sabangsaning panataran basa Sunda pikeun guru-guru anu diayakeun ku PP-SS. Anu pamungkasna, Éli tumanya, ari PP-SS bisa ngabantuan guru anu hayang ngabukukeun karya-karyana?

            Ngalenyepan rupa-rupa anu dikedalkeun ku para peserta sawala, kuring wani nyindekeun yén basa Sunda di Rancakasumba masih dipaké dina kahirupan sapopoé, boh ku kolot atawa ku budak. Perkara basana anu kasar (ceuk urang Priangan kasar sotéh), kawasna henteu kudu dipikamelang teuing. Kajaba lamun tingkatna geus garihal, tangtu kudu buru-buru dilelempeng. Conto basa garihal téh nyaéta nataan ngaran sasatoan kalayan dilarapkeun ka jalma.

            Perkara salah ngalarapkeun basa ogé, ceuk kuring mah asa henteu perelu teuing dipasualkeun. Contona pahili ngalarapkeun kecap “nguping” (keur sorangan) jeung “ngadangu” (keur batur). Lamun sakali mangsa aya nu tibalik, teu kudu langsung diségag. Keun baé heula, nyarita basa Sunda sabisana, batan henteu pisan. Sabab lamun hayuh baé disasalah, lila-lila barudak bakal ngarasa sieun salah. Tina sieun salah téa, teu pamohalan bakal milih henteu ngagunakeun basa Sunda. Rék “ngadangukeun” atawa “ngupingkeun” sarua baé lamun ditarjamahkeun kana basa Indonésia hartina “mendengarkan”. Mémang para ahli basa Sunda anu arogan jeung nganggap basa Sunda manéhna pangbenerna, tangtu bakal nganggap cara kitu téh sarua baé jeung ngalalanyahan tumpurna basa Sunda. Tapi lebah dieu mah dipuhit pikeun leuwih wijaksana, yén diajar basa Sunda ogé perelu prosés.



Méh unggal padungdengan ngeunaan basa Sunda, nu sok remen dipasualkeun téh undak-usuk basa Sunda. Dina “Sawala Sastra & Pangarang Sunda” gé, éta pasualan téh kungsi dikedalkeun ku sawatara peserta. Tétéla geuning, urusan undak-usuk téh keur sawatara urang mah masih kénéh jadi ukuran hadé-goréngna basa Sunda. Malah aya kesan yén nu henteu ngalarapkeun undak-usuk waktu nyarita, dianggap kurang merenah.

Sawatara kepala sakola nu milu kana éta riungan, cenah mindeng ngimeutan kumaha basa Sunda barudak ayeuna. Teu kurang-kurang nu nyebut melang hariwang, mireng kekecapan nu dipaké barudak téh. Tapi deuih, cenah tong boro barudak, dalah guruna gé—ayeuna mah—réa nu titatarajong ngalarapkeun basa Sunda téh.

Perkara undak-usuk basa Sunda, nu mairan téh di antarana Aan Merdéka Permana. Ceuk Aan, dumasar kana panalungtikan sajarah, datangna undak-usuk basa Sunda téh ti saprak urang Sunda “dijajah” ku Mataram. Dina sawatara naskah Sunda, sakumaha nu kapaluruh ku Aan,  nyebut “sia” ka raja téh bisa jadi henteu dianggap kasar.

Ari ceuk pamanggih M.B. Sasmita (Ua Sas), salila ieu nu dianggap basa Sunda lulugu téh réréana basa Sunda ti wewengkon Priangan. Nepi ka aya kesan basa Sunda ti wewengkon séjén mah kasar  atawa kurang merenah. Padahal perkara kasar-lemes mah gumantung di mana éta basa dipakéna. Urang Baduy upamana, nu sapopoéna sarua maké basa Sunda, mun basana ku wewengkon séjén disebut kasar, ceuk maranéh mah meureun lumbrah wé.

Kitu deui di kalangan barudak, ceuk Ua Sas, ukuran kasar-lemes téh kudu ditilik ka saha éta budak nyaritana. Mun nyarita ka kolot maké kekecapan nu garihal, komo bari poporongos mah, bisa jadi disebut kasar. Sapanjang nyaritana jeung papantaranana mah masih kénéh bisa dimaklum. Ceuk légégna mah lingkungan papada barudak disebutna sub-curtural.

Sacara pribadi, kuring henteu panuju upama undak-usuk basa Sunda dipaksakeun ka barudak pikeun jadi aturan baku nyarita basa Sunda. Cukup baé dibagi ku lemes jeung kasar. Sabab ku ayana undak-usuk téh ngalantarankeun panta-panta (ngabéda-bédakeun jalma) cacah, rada cacah, ménak, ménak pisan, jeung sajabana. Padahal Pangéran ogé ngabédakeun jalma téh ukur ditilik tina kataqwaanna, lain tina pakayana atawa kalungguhanana. Béda deui lamun ngagunakeun basa lemes ka sepuh atawa ka saluhureun, tujuanana ogé apan ngajénan atawa ngahormat. Ku ayana kitu, keun baé barudak sina nyarita basa Sunda sabisana (heula). Engké ogé manéhna bakal maluruh tur neuleuman basa Sunda anu bener.

Perlu aya sabangsaning rawayan anu baris nganteurkeun generasi ngora micinta basa Sunda jeung karya sastra Sunda. Dumasar kana perkara éta pisan, Aan Merdéka nyieunan buku-buku bacaan anu—sebut baé—ngepop, pikeun jadi rawayan nu baris ngajajapkeun kana karya anu dinggap nyastra. Sabab lamun ujug-ujug dibéré bacaan anu “beurat”, bisi kalah olab. Aan Merdéka moal nyeri haté, sanajan karya-karyana henteu disebut sastra. Anu penting mah dibaraca tur dipikalandep ku nu maraca.

Tina lalakon Aan Merdéka medalkeun buku-bukuna, sakaligus bisa ngajawab pananya Éli, anu hayang medalkeun karya-karyana kana winangun buku. Lain baé pikeun Éli, tapi keur sing saha baé nu hayang medalkeun buku, jaman ayeuna mah geus lain perkara anu bangga. Ayeuna keur ngetrén buku-buku indi (dipedalkeun ku sorangan sarta jumlahna henteu réa). Ti saméméh usum indi book, Aan Merdéka mah geus leuwih ti heula medalkeun bukuna ku cara kitu, dicitak ku sorangan sarta didagangkeun ku sorangan. Sakali nyitak téh paling 100 éks. Tuluy disebarkeun ka toko-toko buku. Lamun anu 100 éks geus ledis, kakara nyitak deui. Sanajan jumlahna ukur raratusan, tapi buku-buku karya Aan Merdéka béjana geus aya di Walanda jeung Malaysia. Satuluyna, HU. Galamédia ogé kataji ku carita Silalatu Gunung Salak, sarta dimuat jadi carita nyambung.

PP-SS bisa baé ngabantuan anu hayang medalkeun buku. Tapi PP-SS mah lain lembaga anu nyadiakeun waragad pikeun ngabiayaan pamedalan buku. Ngabantu téh paling ogé samet ngahubungkeun penulis jeung penerbit. Dipedalkeun atawa henteuna, gumantung kana kawijakan penerbit. Basa PP-SS milu ngarojong medalkeun buku ogé, apan waragadna ihtiar heula.


Ngokolakeun Perpustakaan
Puguh baé nyadiakeun bahan bacaan pikeun barudak téh kalintang pentingna. Di sakolaan kudu aya nu sacara husus ngokolakeunana. Pikeun ngamajukeun basa Sunda di sakolaan, Disdik henteu kudu asa-asa ngaluarkeun sarupaning kawijakan. Sabab dina UUD 1945 Amandemen ogé geus diécéskeun yén “Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional” (Pasal 32, ayat 2). Hartina pamaréntah pusat ogé geus sadar kana pentingna miara basa daérah.

Malah lain baé di sakola, tapi di imah ogé perelu. Nurutkeun Ua Sas, anu disebut perustakaan téh henteu kudu ngahajakeun nyieun rohangan anu lega. Najan ukur di juru bari henteu pati lega, nu penting mah kudu aya kasapukan jeung sakur pangeusi imah yén éta téh lahan perpustakaan. Hartina lamun aya nu hayang maca, kari néangan ka dinya, sarta urutna simpen deui ka dinya. Saréréa kudu sapuk pikeun miara buku kalayan apik.

Pikeun ngeuyeuban perpustakaan, bukuna henteu kudu meuli disakaliguskeun. Nungtut baé, saban manggih buku anu pantes dibaca tur réa mangpaatna. Lebah dieu, tangtuna ogé kudu selektif milihan buku-bukuna, sabab rék diajangkeun keur bacaeun sakulawarga.

Patali jeung ngeuyeuban buku Sunda di sakola, nu jadi bangbaluh perpustakaan sakola téh di antarana héséna néangan buku-buku Sunda. Ku ieu kagiatan, dipiharep perpustakaan sakola bisa meunang informasi ngeunaan buku Sunda. Atuh ti PP-SS, sapanjang kadada-kaduga mah, baris narékahan pikeun “ngadeukeutkeun” buku Sunda ka sakola, di antarana ku nyieun sabangsaning agén buku Sunda di unggal kacamatan.***


Tina Harian Koran Sunda, édisi 12-13 Maret 2007


Comments
0 Comments

0 komentar: