Elin Karlina



Elin Karlina (Foto Istimewa)



Loba artis-artis anyar anu hayang ngundakeun komara dina dunya selebritis. Kaasup para artis senior oge, satekah polah meberkeun aweuhanna sangkan leuwih dipikawanoh ku balarea, boh ngaliwatan nyanyi atawa maen sinetron. Tapi naha Elin Karlina mah, kalah milih pangsiun? 

**


Elin Karlina (Foto Istimewa)
          
Elin Karlina milih pangsiun tina dunya tarik sora. Artis Pop Sunda, anu padumukanna di Panumbangan (Teu pati jauh ti puseur dayeuh Panjalu), kiwari leuwih loba meakeun waktuna keur urusan rumah tangga. Elin Karlina kaasup artis penyanyi entragan ngora, anu umurna oge kakara duapuluh tilu taun. Sawatara waktu katukang kungsi ngaluarkeun sababaraha judul lagu pop Sunda. Sorana anu halimpu, tur keureutan rupana anu manis, ngajadikeun Elin teu bisa lila-lila hirup 'nyorangan'. Kakara rengse nuntaskeun SMU oge, Elin langsung 'dicangcang' ku Cep Yanto, hiji jajaka teureuh Panumbangan, putra cikalna H. Ikin. Memang kacida hadena. Batan kapiheulaan ku batur, nyaah pisan apanan. Da teu salawasna anu kawin rumaja sok nimbulkeun bancang pakewuh. Saperti rumah tanggana Elin jeung Cep Yanto, nepi ka kiwari oge tetep runtut raut sauyunan.

Elin Karlina (Foto Istimewa)


            Taun 2001 memang Elin keur nataharkeun albeum pop Indonesia anyar anu judulna 'Cinta Remaja'. Tapi beuki dieu, Elin kalah beuki riweuh. Sajabana ti ngurus rumah tangga, Elin oge sok ngabantuan carogena ngurus pausahaan Agung Jaya di Panumbangan. Komo deui saprak Elin dipaparin titipan 'turunan geulis' ku Alloh SWT, Elin leuwih betah cicing di imahna. Ceuk Elin, sanaos abdi teu junun oge, keun mamanawian tiasa diteraskeun ku putra abdi." Ku kituna, Elin boga harepan sangkan budakna, Febyliya Salsadian, isuk jaganing geto baris jadi re-generasina.

Elin Karlina (Foto DGP)

            Memang Febby kaasup budak anu calakan. Getih seni Elin Karlina bener-bener nurun ka Feby, atawa Febyliya Salsadian. Sanajan Feby umurna kakara tilu taun, tapi pangabisana kana nyanyi geus katara. Komo deui dirojong ku Elin, anu geus mimiti ngarahkeun Feby kana nyanyi anu bener. Keur mah Feby-na sorangan, boga pangaresep kana nyanyi, atuh kana tangtu bakal rada nyambung. Teu aneh, upama kabeneran aya panggung hiburan di Panumbangan, Feby mindeng 'kaul' babarengan jeung Elin Karlina. "Pokona mah Feby hoyong jadi penyanyi anu langkung sukses batan abdi." Kitu ceuk Elin Karlina, bari nyelang heula ngaladangan anu balanja onderdil motor.

Elin Karlina (Foto Istimewa)

            Ditanya ngeunaan ngaran budakna anu rada 'aheng',  mana horeng pikeun nembongkeun rasa romantisna hubungan Elin jeung Cep Yanto. Febyliya Salsadian teh singgetan tina 'Februari, Elin, Yanto, Salapan-salapan. Gabungan ngaran dua kolotna, jeung katerangan kalahiranana. Tanggal 14 Pebruari kamari, memang umur Feby teh jejeg tilu taun.. ***(DGP)

Dimuat di Majalah Seni Budaya, Edisi Mei 2008

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post