Rangkidut - Sajak Sunda Dhipa Galuh Purba


Sajak DHIPA GALUH PURBA

Reumis janari mimiti tunggara 
Lempay, neundeun asih urut peuting
LĂ©ngkah leutik  nyacag jukut
haté rangkidut
ibun kaibunan, sumirat teu nĂ©mbongan                                 
munding begang, kebo hideung ngawuluku,
sawah teu nyawaan

Budak leutik lĂ©ngkahna teu ajeg  
ngadupak sasajén haturaneun
buta hejo  ngajodo jeung kĂ©long wĂ©wĂ©
nyisir ku garu,  ngerok janggot ku pacul
pamidangan geus henteu maké bangbarung


Domba geus salin sora, hayam geus béda cacakar
loba mojang remen nganjangkeun tuur
di jalan satapak nu awor jeung sora buta hejo
parawan di sawah diculik,
jajaka di tegalan  di sumputkeun kĂ©long wĂ©wĂ©…
teu nyawaan

LĂ©ngkah leutik nyacag  jukut, hatĂ© rangkidut
ibun ka ibunan, sumirat teu nĂ©mbongan      
nĂ©njrag  kalangkang, awong-awongan bari kabekem 

Nyi Buyut DĂ©wi  Sri…
kuring mapag mawa payung kabuyutan
ngampar samak di galengan             
pacul…singkal…Munding panghudangkeun

LĂ©ngkah leutik  nyacag jukut, hatĂ© rangkidut
ibun kaibunan, sumirat teu nembongan                      
saha nu rĂ©k luas nukeurkeun ranggeuyan      
saha nu rek luluasan…?

Ranggon Panyileukan, 2001




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post