Selasa, 29 Mei 2018


Carpon  DHIPA GALUH PURBA



 “Moal eureun ngaririwaan, satungtung Nyi Enung acan pepegatan!”

Kitu kecap-kecap panungtung anu ditulis Jang sarmud, saméméh manéhna nelasan pati ku jalan ngagantung manéh. Mutuh matak ngageunjeungkeun lembur Pasir Haur, anu sasarina adem tur ayem. Mémang kakara harita pisan, di lembur Pasir Haur aya kajadian sarupa kitu. Pangpangna mah anu matak ngaguyurkeunna téh, ku ayana implik-implik surat ancaman anu eusina matak muringkak bulu punduk. 

Mang Dasim anu pangheulana manggihan layon Jang Sarmud téh. Cenah mah keretas beunang nulis Jang Sarmud téh ngagolér dina méja rohangan tamu. Dibaraca sotéh bubuhan rada anggang tina layon Jang Sarmud. Da ari kudu ngadeukeutan mah, taya hiji ogé anu wanieun. Teu anéh lamun waktu geus nyedek ka wanci sareupna ogé, layon Jang Sarmud masih kénéh ngagulantung di tengah imah. 

Sakur anu pareng nyaksian, taya anu henteu ngabirigidig. Malah Bi Cucu jeung anak-anakna mah, harita kénéh ogé langsung beberengkes. Béjana mah rék ngungsi heula ka imah mitohana. Pantes ari kituna mah, sabab padumukan Bi Cucu téh ngaréndéng pisan jeung  padumukan Jang Sarmud. Mangkaning harita téh diparengkeun poé Kemis,  nyanghareupan malem Juma’ah kaliwon pisan. 


            "Duruk baé imahna sakalian!" Si Doya nyelengkeung rada tarik. Kawasna mah pédah layon Jang Sarmud tacan aya waé anu daék nguruskeun. Dalah dulurna sorangan ogé kalah ngabiur ka Tasik. Nyaritana mah rék ngabéjaan kulawargana. Tapi nepi ka harita ogé, tacan embol-embol deui. Kaasup Ajengan Suha jeung Ustad Otong, cenah mah kalahka aya kaperluan anu ngadadak tur henteu bisa ditinggalkeun.

            "Saha anu rék ngaduruk imah aing?!" Teu kanyahoan ti mana datangna, Mang Ook jol morongos ka Si Doya. Puguh baé Si Doya rada ngaranjug. Kawantu saréréa ogé pada apal, mun yén imah anu dicicingan ku Jang Sarmud téh apan imah Mang Ook.

            "Heureuy, Kang…" ceuk Si Doya rada bari alangah-éléngéh. Rét ka gigireunana. Kasampak Mang Ook molotot kénéh semu anu ambekeun naker. Tapi barang rék nyarita deui, Mang Ook teu kaburu kebat, sabab Bi Iroh, pamajikanana kaburu ngurunyung bari nembongkeun pasemon baketut haseum.

“Nya, ceuk kami ogé kumaha? Lamun harita teu dikontrakeun mah, moal kieu balukarna!” ceuk Bi Iroh, kawas anu ngananaha ka salakina. Da puguh Bi Iroh mah ti baheula ogé mémang kurang panujueun imahna dikontrakeun ka Jang Sarmud téh. Sajabana kaayaan Jang Sarmud anu jamburaya, katambah di lembur Pasir Haur mah ngontrakeun imah téh can pati ilahar cara di kota. Hanjakalna Mang Ook keukeuh maksa. Teuing lamun pedah budakna ngagaéng baé hayang dipangmeulikeun motor. Anu ngalantarankeun Bi Iroh ogé antukna teu bisa majar kumaha. Batan kudu paséa jeung anu jadi salakina.

“Geus atuh gandeng! Éra ku batur. Da ayeuna mah geus kieu kaayaanana, rék kumaha deui,” Mang Ook rada ngagebes pamajikanana.

“Teu sangka Jang Sarmud téh geuningan, nya Mang,” ceuk Mang Sarkowi rada halon. Ari Mang Ookna mah teu némbalan, ukur ngarérét bari unggeuk. Aya anu ngeyembeng dina dua panon Mang Ook.

“Sabara lila kira-kirana Jang Sarmud nyicingan imah ieu téh, Mang?”pokna deui Mang Sarkowi.

“Lamun diitung nepi ka poé kamari mah, sigana jangkep pisan kana sataun…” témbal Mang Ook bari miceun paneuteup ka jauhna. Lalakon Jang Sarmud ngadadak narémbongan deui. Bubuhan salila ngumbara di Pasir Haur, Jang Sarmud téh deukeut pisan jeung manéhna. Teu anéh upama Mang Ook kacida apalna kana kahirupan Jang Sarmud dina sapopoéna. Prah baé jeung batur, taya anu katara minculak dina dirina. Malah saréréa ogé kawasna geus pada arapal, Jang Sarmud cekel gawé jadi supir mobil angkutan barang. Ngabatang mobil kol-bak bogana Haji Among, urang Cigorowék. Ngadatangkeun rasa cangcaya anu nyangkaruk dina haté Mang Ook. Komo lamun ras inget Jang Sarmud téh sok mindeng ngahajakeun milu solat berjamaah atawa pangajian di masigit.

            “Alhamdulillah, Mang. Abdi nuhunkeun pidu’ana…” kitu caritaan Jang Sarmud anu masih kénéh nongtoréng dina ingetan Mang Ook. Harita Jang Sarmud katara bungangang naker, siga anu keur meunang kabagjaan anu taya hinggana. Atuh Mang Ook ogé geus leuwih surti deui. Sanajan teu saendeng-endeng ngawaskeun Jang Sarmud, tapi béja ngeunaan Jang Sarmud anu miharep Nyi Enung geus ngabalabar kawat di lembur Pasir Haur. Malah Mang Ook ogé apal pisan lamun Jang Sarmud mindeng pisan nganjang ka imahna Nyi Enung. Nepi ka ahirna Mang Ook ngadéngé omongan Jang Sarmud anu ngawakcakeun patékadan pikeun mileuleuheungkeun Nyi Enung. Moal laas dina sawangan Mang Ook, basa Jang Sarmud dadahut pikeun bekel nyorang rumah tangga jeung Nyi Enung.

            “Nyi Enung…” Mang Ook ngagerentes dina heroning haténa. Ngadadak rupa Nyi Enung kokolébatan, minuhan kongkolak panon haténa. Ngaran Nyi Enung mémang teu weléh jadi bukur catur balaréa. Puguh deui sanggeus Jang sarmud maéhan manéh mah. Tapi saacanna ogé, ngaran Nyi Enung téh mindeng diwayangkeun. Sakur pangeusi Pasir Haur sigana geus pada apal, mun yén Nyi Enung téh kagurnita jadi hiji kembang seger anu murag di patamanan. Randa béngsrat katelahna. Budak cikal Mang Sudinta ti tilu sadulur. Kilang kitu, ukur sabagéan leutik pangeusi Pasir Haur anu apaleun kana jero-jerona Nyi Enung. Tangtu baé dina sabagéan leutik téh, Mang Ook mah kawasna anu pangapalna pisan kasantukang Nyi Enung.      

            Mang Ook geus apal ti anggalna mula, basa tilu poé saacan Nyi Enung bébas idah, Cép Dudu, popotonganna Nyi Enung datang deui ka Pasir Haur kalayan sapuk  pikeun ngajak ruju. Bisa jadi, loba urang Pasir Haur anu ngaranjug. Pang-pangna mah anu pikiranana musat ka Jang Sarmud. Lumbrah pisan upama Nyi Enung diaranggap cidra tur sulaya kana jangjina sorangan. Tapi dalah dikumaha, saréréa ogé ukur ngarecewis samet tungtung biwir. Anu boga hak pikeun mutuskeun pilihan mah ukur Nyi Enung sorangan. Pasti saréréa ogé bakal boga panyangka, mun yén Nyi Enung boga tinimbangan sorangan pikeun ngabandingkeun Jang Sarmud jeung Cép Dudu. Upama ditilik tina rupa, atawa ditingali tina pacabakanana, antara Jang sarmud jeung Cep Dudu kalintang jauhna. Kabéhanana ogé bakal nyangka hal éta pisan anu ngalantarankeun Nyi Enung milih balikan deui nyorang rumah tangga jeung Cép Dudu. Komo deui sanggeus ibur mun yén basa pipisahan maranéhna, masalahna téh datang ti kolot Cép Dudu. Padahal lain éta masalahna mah. Ukur mang Ook anu apal pisan kana sagala rupana.

            "Enyaan, Si Sarmud téh kagégéloan ku Si Enung…" ceuk Mang Lili bari nengetan sakur tulisan anu bacacar dina témbok. Tulisan-tulisan anu kabéhanana ditujukeun ka Nyi Enung.

            “Batur mah boga cita-cita téh hayang jadi Présidén. Ari ieu, kalah hayang jadi ririwa!” Si Atek milu mairan. Tadina mah Si Doya ogé rék nyelengkeung deui baé. Tapi teu kebat, sabab rentang-rentang katingali dua urang patugas ti Polsék datang. Leumpangna mani ngingkig semu anu rurusuhan naker. Tuluy nyingray-nyingraykeun sakabéh jalma anu keur meujeuhna ngaliud di sakuriling imah kontrakan Jang Sarmud.

            "Nya, pulisi di urang mah, sok tarelat baé datangna téh!" Si Doya ngaharewos ka Mang Lili.

            "Mémangna Pulisi apalaeun, lamun Si Sarmud rék ngagantung manéh?" Mang Lili rada muncereng.

            "Kuduna mah apaleun, Mang. " pokna bari nyéréngéh.

            "Geus gandéng. Bising kadéngéeun manéh téh!" ceuk Mang Lili. Panonna ngarérét ka Pulisi, anu geus ngamimitian nalungtik kaayaan Jang Sarmud. Jelema beuki napuk. Ti suklakna, ti siklukna pada ngadeugdeug tur pada ngadongdon. Malah teu pati lila, jol aya anu tingjaleprét motoan. Tangtuna ogé wartawan daérah anu kabeneran meunang iber. Sabab ti barang datang téh, mani langsung tunyu-tanya ka sakur jalma anu kabeneran deukeut jeung manéhna. Mang Ook narik napas panjang, semu anu ngarahuh, basa Pulisi jeung wartawan muru ka lebah manéhna.

*

            Waktu geus nyedek ka wanci sareureuh kolot. Angin ngahiliwir, nobros kana jandéla kamar anu ngahaja dikeblakeun ku Cép Dudu. Tangtuna ogé kulantaran kaayaan hawa anu bayeungyang tur cakueum, teu matak pikabetaheun. Langit beuki angkeub. Nandakeun sakeudeung deui ogé pasti bakal aya hujan. Cép Dudu lir anu anteng ngalangeu dina lawang jandéla. Ngumbar lamunan bari miceun paneuteupna, nobros belegbeg poék anu beuki mongkléng, meredong nyimbutan alam. Katara paromanna semu anu marudah. Teu maliré Nyi Enung, anu tatadi mula geus  gogoléhéan dina enggon. Najan awak Nyi Enung ukur ditutupan ku simbut samet dada, tapi teu matak narik haté Cép Dudu cara peuting-peuting saméméhna.

Cungungung, cungungung, anjing babaung. Sorana patémbalan méh ti saban madhab. Canéomna kaayaaan mutuh matak ngadatangkeun hawa anu beuki geueuman. Lembur Pasir Haur ngadadak jadi simpé kawas di pajaratan. Sasarina mah ronda ogé sok nakolan kohkol. Tapi dina peuting éta mah, sakur pangeusi Pasir Haur lir anu kasirep ku kasimpé. Taya hiji ogé anu daékeun kaluar ti imahna séwang-séwangan. Sigana salah sahijina lantaran Jang Sarmud anu maot kasarad. Matak ngabibira sakur pangeusi lembur Pasir Haur.                      

            “Kang, abdi sieun ririwa!” ceuk Nyi Enung rada halon. Panonna neuteup ka lebah Cép Dudu anu masih kénéh nonggongan manéhna.

            “Naha maké jeung sieun ku nu kararitu!” témbal Cép Dudu, bari angger teu ngobahkeun awakna.

            “Apan dina suratna ogé, nyebatkeun moal eureun ngaririwaaan satungtung…” teu kebat nyaritana, sabab kaburu ditémpas ku Cép Dudu.

            “Lah…tong teuing dijieun bahan pamikiran!” kitu pokna.

            “Ari akang, teu sieun ku ririwa?” Nyi Enung tetep ngarasa bangreung ku ayana béja ngeunaan surat pamungkas Jang Sarmud, anu matak guyur salelembur jeung éar sadésa.

            “Teu! Akang mah can kungsi manggihan jurig bungkeuleukan. Barina ogé asa can ngadéngé, aya jalma anu paéh ku ririwa!” témbal Cép Dudu teuneung tur ludeung. Taya karingrang jeung kahariwang ku ayana ibur ngeunaan bakal aya ririwa Jang Sarmud. Tapi tetep, aya anu ngaganjel dina jeroning haté Cép Dudu. Hiji hal anu hésé pisan dipohokeunana. Pangpangna mah tulisan anu minuhan témbok imah kontrakan Jang Sarmud, kumalangkang baé dina ingetanana. Mémang teu matak ngajadikeun bahan carita, sabab kurang payus diomongkeunana. Ukur disidem dina haté séwang-séwangan. Nu écésna mah, sakabéh tulisan Jang sarmud geus jadi rusiah umum.

            Lila taya nu lémék. Cép Dudu ngarahuh, siga anu hanyang miceun bangbaluh anu minuhan dadana.

            “Ari akang kunaon?” Nyi Enung cengkat bari memener simbutna. Tuluy nyampeurkeun Cép Dudu anu ngalangeu kénéh hareupeun jandéla.

            “Akang rék tumanya ka Enung. Tapi akang hayang jawaban anu jujur!” ngadadak Cép Dudu malikeun awakna. Tuluy neuteup seukeut ka Nyi Enung.

            “Naros naon, Kang?” Nyi Enung tumanya, rada caleuy.

            “Euh…ari hubungan Enung jeung Si Sarmud téh geus nepi ka mana?” Cép Dudu katara semu anu manteng.

            “Naha akang bet naros kitu?” Nyi Enung ngagebeg, reuwas kareureuhnakeun.

            “Akang téh nanya! Naha kalah malik ditanya?” Cép Dudu ngadadak jadi rengkeng. Atuh puguh sakedapan mah Nyi Enung kalah molohok, teu waka daék némbalan. Ukur paromanna anu cumalimba. Dituturkeun ku cimatana anu nyalagkrung, maseuhan dua pipina.

            “Poé Saptu, jam dalapan peuting, di kamar kontrakan Si sarmud. Ngalakukeun naon manéh téh?” Cép Dudu basana jadi kasar. Malah bari jeung nulak cangkéng sagala rupa. Panonna beuki seukeut neuteup Nyi Enung, semu anu buringas.

            “Abdi, abdi, teu…” témbal Nyi Enung, bari ceurik balilihan.

            “Dasar ungkluk!” amarah Cép Dudu beuki muncak. Ras inget kana tulisan anu digutretkeun dina témbok kamar mandi di imah kontrakanna Jang sarmud. Napsuna beuki ngagugudug. Héab amarahna beuki teu kawadahan.

            “Akang!” ukur kecap éta anu kaluar tina biwir Nyi Enung.

            “Poé Kemis, jam lima burit, di kamar mandi kontrakan Si sarmud. Ngalakukeun naon manéh jeung Si Sarmud?” sorana beuki tarik.

            “Akang!”

            “Poé Minggu…” antukna Cép Dudu nataan sakur tulisan di imah Jang Sarmud, anu kabaca ku manéhna, basa milu nyaksian Pulisi nu keur nurunkeun layon Jang Sarmud.

            “Kang Dudu, sing émut…” Nyi Enung satékah polah mépélingan salakina.

            “Gandéng siah ungkluk! Aing teu sudi kudu narima céda dina awak manéh. Ayeuna kénéh ogé, aing rék indit!”

            “Akang badé ngantunkeun abdi?” Nyi Enung ngagabrug awak Cép Dudu. Tuluy ceurik inghak-inghakan bangun anu kanyenyerian. Cimatana maseuhan taktak Cép Dudu. Mungguh matak pikawatireun. Hanjakalna haté Cép Dudu geus dilimpudan ku rasa kacua anu taya hinggana. Awak Nyi Enung diképéskeun nepi ka ngagubrag kana téhel. Cép Dudu tuluy beberengkes, mérésan pakéanana.

            “Kang, ulah ngantunkeun abdi, Kang. Abdi sieun ririwa…” Nyi Enung nyoba-nyoba ménta dipikarunya ka salakina. Ngajadikeun Cép Dudu ngahuleng meunang sakedapan. Tuluy neuteup pamajikanana anteb pisan.

“Teu kudu sieun ku ririwa manéh téh! Jurig nyiliwuri, sétan marakayangan, kabéhanana ogé moal bisa ngéléhkeun manusa, nyaho!” kitu pokna Cép Dudu bari ngan sakilat malikeun awakna. Taya sakecap carita deui anu dikedalkeun ku manéhna. Gajleng, kana jandéla. Tuluy leumpang ngagidig, meulah poékna peuting kalayan baluas pisan. Dituturkeun ku paneuteup Nyi Enung, anu ngan saukur bisa ngembang kadu. Cimatana ngalémbéréh deui, basa Cép Dudu geus leungit dilegleg ku poékna peuting. Cungungung, anjing babaung kalayan beuki atra kadéngé ku Nyi Enung. Puguh baé bulu pundukna ngadadak muringkak.

“Tong sieun ku ririwa, Nyi!” teuing ti beulah mana datangna, Mang Ook geus nangtung hareupeun Nyi Enung. Méh baé Nyi Enung ngocéak. Untungna Mang Ook buru-buru ngantelkeun curuk kana biwir Nyi Enung. Térékél, Mang Ook naék kana jandéla. Blus, asup ka jero kamar. Sakedapan Nyi Enung ukur molohok. Nyi Enung teu sadar upama simbut anu saméméhna dipaké mungkus awakna,  tatadi ogé geus ngalayah dina lanté.

Bluk, jandéla kamar ditutupkeun ti jero. Bareng pisan jeung nyéakna hujan ti beulah kulon. Kilat patingburinyay, patémbalan jeung sora guludug.  Anjing beuki tarik babaung, patémbalan jeung sora bueuk.

“Moal! Moal aya ririwa! Tong sieun lah pokona mah!” hawar-hawar kadéngé sora  Mang Ook ti jero kamar Nyi Enung. Tapi sora Nyi Enung mah teu kadéngé pisan. Kasilep ku ngaguruhna hujan dor-dar gelap, lir anu dicicikeun sakaligus ti langit.

***

Ranggon Panyileukan, 2002



Dimuat di Majalah Mangle, 2002
Comments
0 Comments

0 komentar: