Carita Pondok Guyon: Antara Pikabogoheun jeung Pimitohaeun


Heureuy Bandung DHIPA GALUH PURBA



TADINA mah moal dibéja-béja ka sasaha ogé. Ceuk paribasana mah bulu tuur ogé moal dibéré nyaho. Hanjakal pisan, meunang saminggu mah éta kajadianna teh bet kaimpi-impi baé. Teu kaur rék mayar hutang, pasti wé kaburu inget. Anu antukna kuring jadi léah, éta pangalaman rék dibéjér béaskeun baé. Pangpangna mah honorna rék dipaké mayar kopi jeung udud, tur ieu pangalaman éndah téh bakal dicatet minangka hiji panineungan anu pangistiméwana saumur kumelendang di alam dunya. Hébat pokona mah!

            Harita tĂ©h poĂ© Saptu, 2 Januari 2002. Di rĂ©daksi ManglĂ© keur aya acara pamasrahan hadiah para pinunjul ngarang carpon jeung novĂ©lĂ©t. Sanajan kuring mah teu asup kana pinunjul nanaon, tapi kuring ngahajakeun ngaluuhan. DisagĂ©dĂ©ngeun hayang mĂ©nta tanda-tangan ka sabangsaning Godi Suwarna, kuring ogĂ© hayang 'ningali' para pinunjul ngarang rumaja (anu bĂ©jana mah awĂ©wĂ© kabĂ©h). Jeung dina enyana deuih. Ti mimiti NĂ©ng Nunung, NĂ©ng DĂ©dĂ©h, nepi ka NĂ©ng Hilda, kabĂ©hanana ogĂ© gareulis jeung malĂ©ncrang. Nya, sanajan rupa kuring teu sabara kasĂ©p ogĂ©, ari perkara anu ngait mah aya pisan, baju kuring kana tulak panto.

Harita téh nyoba-nyoba ngadeukeutan Néng Nunung, sanggeus saméméhna mémérés heula buuk di kamar mandi (teu poho mapatkeun jampé pamaké, pamahanan Bah Dinta). Gék, diuk di gigireunana. Néng Nunung imut ngagelenyu, bari harita kénéh ogé langsung beberengkes rék mulang ka Purwakarta. Puguh baé, kuring ngembang kadu, bari panon mah nuturkeun Néng Nunung anu ngagidig rurusuhan semu anu manggih kasieun. Éling-éling sotéh basa hareupeun kuring, aya hiji ibu-ibu anu geus ngajanteng bari uluk salam.

"Badé nepangan saha, Bu?" kuring tumanya. Susuganan wé atuh aya kaahéngan. Bisa baé apan éta téh pimitohaeun.

"Badé ngagaleuh buku bacaan Sunda. Manawi buka kénéh," témbalna.

"Kaleresan nuju aya acara ieu téh, Bu. Ibu Ai-na ogé teu aya. Peryogi buku naon kitu ibu téh?" ceuk kuring.

"Ah, buku naon baé, anu penting mah buku bacaan basa Sunda,"

"Dupi Ibu langganan Manglé?"

"Kantenan atuh. Ibu mah resep macaan carpon-carponna. Sanaos carponna téh asa saraé kénéh dina Manglé kapungkur," Si Ibu nyarita rada kapapanjangan.

"Upami Ibu, resep kana carpon kénging saha?"

"Ibu mah resep pisan tah kana carpon-carpon Holisoh MÉ," témbalna kalayan daria naker.

"Ari carpon kénging Dadan Sutisna?"

"Lumayan wĂ©…" pokna bari ngarĂ©rĂ©t ka Dadan Sutisna, anu kabeneran ngalalar.

"Ké, ké, ké...saha deui nya pangarang téh?" kuring ngagerendeng rada tarik bari kerung. Hayang katangar keur mikiran ngaran-ngaran Pangarang. Da ari anu dikedalkeun mah kieu, " Muhun émut ayeuna mah. Dhipa, Dhipa Galuh Purba, dupi Ibu resep kana karanganana?"

"Ah, teu resep ibu mah," témbalna saharita kénéh.

"Teu resep kumaha?" tanya kuring bari satékah polah nyumputkeun pasemon.

"Muhun, teu resep wé. Teu resep pisan. Eusina téh kararitu baé..." Si Ibu beuki norolang nyaritakeun perkara kagoréngan karangan kuring. Didédéngékeun ku kuring kalawan daria. Enya, asa kakara, ari aya anu ngritik bébéakan hareupeun irung pisan mah. Tapi hikmahna kacida gedé. Kuring syukuran ka Nu Maha Agung. Apan kakurangan hiji jalma mah bakal hésé pisan kapanggih ku diri sorangan.

Nepi ka Si Ibu mulang, sigana teu engeuheun lamun pangarang anu digogorĂ©ng tĂ©h nya kuring pisan. "Duh Ibu, hatur nuhun kana sagala rupi kritikanana. Éta pisan anu dipiharep ku abdi, minangka pangarang anu masih kĂ©nĂ©h cacarakan. InsyaAlloh, satĂ©kah polah, abdi baris  ngalereskeun sagala rupi kakirangan abdi." Antara rasa sedih, bungah, jeung sĂ©Ă©leun, pagaliwota dina dada kuring. Antara Si Ibu, NĂ©ng Nunung, Tukang Warung, jeung Paramitha Rusady, kalangkangna ririakan piligenti minuhan kongkolak panon.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post