Jumat, 01 Juni 2018

Anugrah Budaya Kota Bandung 2007


PIKEUN anu kadua kalina, Anugrah Budaya Kota Bandung dilélérkeun ka para tokoh nu dianggap gedé jasana ka Kota Bandung. Malah dina taun ieu mah, kritériana henteu saukur tokoh. Aya tujuh kriteria nu jadi dadasar pikeun nangtukeun saha-sahana nu dianggap pantes narima Anugrah Budaya Kota Bandung. Di antarana  (1) perorangan, lembaga, badan, kelompok, atawa grup, sarta organisasi anu mibanda integritas, katitén, jeung rasa cinta ka kota Bandung; (2) perorangan, lembaga, badan, kelompok, atawa grup, sarta organisasi anu ngayakeun kagiatan nu mawa seungit kota Bandung, boh sacara local, regional, nasional, pon kitu deui internasional; (3) perorangan, lembaga, badan, kelompok, atawa grup, sarta organisasi anu sacara consistén jeung tekun ngayakeun kagiatan seni budaya nu kréatif, inovatif, jeung ngandung guna manpaat pikeun masarakat, hususna masarakat kota Bandung; (4) perorangan, lembaga, badan, kelompok, atawa grup, sarta organisasi anu sacara kontinyu ngayakeun kagiatan pikeun kapentingan ngalestarikeun, miara, jeung ngamekarkeun seni budaya di lingkungan Kota Bandung; (5) perorangan, lembaga, badan, kelompok, atawa grup, sarta organisasi anu mampu ngagerakeun masarakat ngayakeun parobahan budaya ka arah anu leuwih hade, sacara social, ékonomi, pendidikan, kaséhatan, jeung seni budaya; (6) perorangan, lembaga, badan, kelompok, atawa grup, sarta organisasi anu hasil karyana mibanda ajén éstétis sarta henteu papalimpang jeung moral, agama, norma, jeung hokum anu lumaku di masarakat Jawa Barat, hususna Bandung; jeung (7) perorangan, lembaga, badan, kelompok, atawa grup, sarta organisasi anu nyumponan criteria butir (1) nepi ka (6), ogé mampu ngajaga kahormatan dirina, ngajungjung ahlak jeung mental, mibanda sikep sopan-santun, iman jeung taqwa, sarta ditarima masarakat Jawa Barat, hususna warga Kota Bandung.

Ku ayana tujuh kriteria anu didadarkeun, mangka déwan juri milih Ajip Rosidi, Aki Anong Naéni, Apung Supena Wiratmadja, Enoch Atmadibrata, Euis Komariah, grup Bimbo, Himéndra Wargahadibrata, Nyoman Nuarta, Saung Angklung Udjo, jeung Studi Klub Téater Bandung (STB), pikeun dilélér Anugrah Budaya Kota Bandung 2007. Jumlah anu narima Anugrah Budaya Kota Bandung taun ayeuna, leuwih undak dibandingkeun taun saméméhna (taun 2006 nu narima Anugrah Budaya Kota Bandung jumlahna genep urang). Sajabana ti éta, jumlah kagegelanana ogé milu undak, tina 5 juta jadi 7,5 juta.


Demi anu ngokolakeun ieu Anugrah Budaya Kota Bandung, masih BACC (Bandung Art & Culture Council), anu diluluguan ku Arthur S Balan, S.Sen., M.Hum. Ari para déwan juri mah béda deui, nyatana Dr. Ganjar Kurnia (ketua), Arthur S. Nalan (anggota), Hawé Setiawan (anggota), Wahyu Wibisana (anggota), jeung H. Us Tiarsa (anggota). Dina béjér pangajén anu dibacakeun ku Ganjar Kurnia, déwan juri ngayakeun babadamian anu daria, kaasup guntreng ngadu arguméntasi dina nangtukeun calon anu baris narima Anugrah Budaya Kota Bandung 2007. Aya 80 nominasi nu disaring ku para juri, tug nepi ka ahirna kapilih 10 tokoh jeung pakumpulan anu pangpantesna narima Anugrah Budaya Kota Bandung.  Éta anugrah dilélérkeun 5 Séptémber 2007 di Hotél Savoy Homann, kalayan diluuhan ku Walikota Bandung H. Dada Rosada, jeung sawatara inohong Sunda.

Dina biantara pangbagéana, H. Dada Rosada nandeskeun pentingna ngajénan para seniman jeung budayawan anu nyeungitan kota Bandung. Ku kituna, saban taun Anugrah Budaya Kota Bandung baris lumangsung, kalayan jumlah anu narimana katut kagegelanana diundakeun. Ku kituna, Dada Rosada ogé umaja ka pihak swasta pikeun milu ngarojong Anugrah Budaya Kota Bandung.

Acara pamasrahan Anugrah Budaya Kota Bandung lumangsung kalayan lungsur-langsar, dimimitian ku narasi rajah jati panghurip, sarta satuluyna digelar prosési husus masrahkeun Anugrah Budaya Kota Bandung 2007. Ieu acara ogé direuah-reuah ku pintonan kasenian ti STSI Bandung, Sekolah Tinggi Musik Bandung, Saung Angklung Udjo, Komunitas Téater Transformasi, Swara Kania, tug nepi ka acara puncakna mintonkeun lagu-lagu anu digalindengkeun ku Déwi Yull.

Nu Narima Anugrah Budaya Kota Bandung
Taya nu ngayakeun protés ku ayana para tokoh jeung pakumpulan anu dilélér Anugrah Budaya Kota Bandung. Sabab, saréréa ogé kawasna moal aya nu bias nampik upama para tokoh jeung pakumpulan anu dipilih téh mémang pantes pikeun narima Anugrah Budaya Kota Bandung.

Ajip Rosidi (l. Jatiwangi, Jatiwangi, 31 Januari 1938), tokoh sastrawan, budayawan, anu  karya-karyana geus kakoncara lain baé di tingkat local atawa nasional, tapi diajénan di tingkat nasional (profilna kungsi dipidangkeun dina “SB”).

Aki Anong Naéni, seniman atawa ahli nyieun gitar sacara manual (handymade). Loba di antara musisi anu geus ngarasa sugema maén musik upama geus ngagunakeun gitar akustik made in Bandung, anu dijieun ku Aki Anong.  Ku kituna, Aki Anong mémang leuwih ti sakadar pengrajin.

Apung Supena Wiratmadja, juru tembang anu mibanda sora mandiri, ogé pemikir jeung penggiat tembang Sunda. Tulisanna mindeng dimuat ku sawatara media massa, boh basa Sunda pon pilalagi basa Indonésia.Buku-buku karya Apung di antarana Kuring jeung Tembang Sunda, Lagu Liwung Urang Bandung (kungsi diguar dina “SB”), Nu Sarimbag jeung unak-anik Tembang Sunda, jsté.

Enoch Atmadibrata, tokoh tari nu kakoncara di tingkat local, nasional, jeung internasional. Enoch minangka salahsahiji anu ngarintis ngadegna ASTI (Akademi Seni Tari Indonésia), anu satuluyna mekar jadi STSI. Enoch kungsi nyutradaraan sendratari “Mundinglaya Dikusumah”, “Lutung Kasarung”, jsté. Enoch ogé kungsi ngajar di UCLA, Amérika Serikat.

Euis Komariah, tokoh tembang Sunda anu mibanda sora emas. Anu mikalandep tembang Sunda, pasti bakal wanoh ka Euis Komariah (profilna kungsi dipidangkeun dina “SB”. Ngaliwatan “Déwi Pramanik” minangka grup kesenian sakaligus pausahaan rékaman, Euis medalkeun galindengna anu dipikalandep ku masarakat. Kamekaran Euis beuki natrat sabada babarengan jeung salakina, Gugum Gumbira, ngadegkeun “Jugala”.

Grup Bimbo, grup musik anu ngadeg taun 1967, kalayan geus nyorang umur nincak ka 41 taun. Bimbo tetep consistén kana warna musikna, sarta dipikaresep ku balaréa. Bimbo ngaracik sajak-sajak karya sastrawan kayaning Ramadhan KH, Taufik Ismail, jsté. Contona, piusi karya Taufik Ismail anu diracik jadi lagu nyaéta “Tuhan”, “Rindu Rosul”, jeung “Ada Sajadah Panjang”. Nepi ka kiwari, éta lagu masih kénéh dipikalandep ku masarakat.

Himéndra Wargahadibrata, manten Réktor UNPAD dua jail masa jabatan. Saméméh jadi rector, Himéndra téh kaasup salahsahiji pamaén andelan kasawelasan Pérsib Bandung. Sajabana ti micinta olahraga, Himéndra ogé titén pisan kana seni-budaya Sunda. Salila nyangking kalungguhan jadi Réktor, Himéndra mindeng ngayakeun kagiatan anu patalina jeung seni-budaya Sunda. Kiwari, sabada Himéndra henteu nyangking deui kalungguhan Réktor, Himéndra aktif di Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS).

Nyoman Nuarta (Koméng), ahli seni rupa pituin Bali. Kilang kitu, Nyoman jadi urang Bandung ti umur 20 taun. Karyana mangrupa monument, patung relief, jsté, kalayan sumebar méh di sakabéh kota di Indonésia. Karyana anu spéktakulér nyaéta Monumén Arjuna Wijaya anu numpak Karéta Kancana ditarik ku dalapan kuda., ngalengkepan kaéndahan jeung kamégahan Jakarta; patung Garuda Wisnu Kancana (GWK) anu diperenahkeun di Bukit Batu Kapur, wewengkon Badung, Bali, jsté. GWK dijieunna di Bandung. Ku kituna loba urang Bali anu ngalandi karya Nyoman téh mangrupa “ GWK ti Bandung ka Badung”.

Saung Angklung Udjo, ngadeg taun 1966 ku alpukahna Mang Udjo Ngalagena suwargi. Luyu jeung ngaranana, Saung Angklung téh mibanda ciri mandiri, nyaéta ngajadikeun angklung minangka media pagelaran. Kiwari Saung Angklung Udjo jadi obyék wisata budaya Kota Bandung, anu kakoncara tug nepi ka tingkat internasional (profilna kungsi dipidangkeun dina “SB”).

Studiklub Téater Bandung (STB), hiji-hijina grup téater di Indonésia anu tetep panceg nepi ka kiwari. STB gumelar taun 1958. Dina lalakonna anu sakitu panjangna, STB tara kungsi reureuh mroduksi téater. Teu anéh upama STB jadi kiblatna pintonan téater modern Indonésia.***(DGP)

Foto-foto Acara Anugrah Budaya Kota Bandung 2007

















Comments
0 Comments

0 komentar: