Jumat, 01 Juni 2018

Anugrah Keur Sing Saha “Nu Mawa Sunda Kajauhna”




ANU katilu kalina, Anugrah Budaya Kota Bandung dipasrahkeun ka para seniman jeung lembaga anu dianggap nyongcolang dina kagiatanana. Puguh baé kagiatanna patali jeung seni budaya Sunda, bisa mawa ngaran Sunda kajauhna. Acara pamasrahan Anugrah Budaya téh lumangsung dina bulan Désémber 2008 katompérnakeun di Grand Ballroom Savoy Homan, Jl. Asia-Afrika, Bandung. Ieu anugrah téh minangka pangajén ti pamaréntah ka para seniman ti pamaréntah Kota Bandung. Anugrah mangrupa piagem jeung duit anu gedéna sapuluh juta rupia.
Réngréngan juri anu milih tokoh jeung lembaga anu pantes dilélér anugrah budaya téh diwengku ku Us Tiarsa, Wahyu Wibisana, Arthur S. Nalan, Etty RS, jeung Hawé Setiawan. Tina puluhan nominator, ahirnya déwan juri mutuskeun anu pantes dilélér anugrah budaya téh nyatana Déty Kurnia, Gugum Gumbira Tirasonjaya, Hérry Dimyati, Iwan Abdurahman, Rachmat Hidayat, Yus Rusyana, Bandung Heritage, Pabukon Doddy Tisnaamidjaja, Téater Sunda Kiwari, jeung Studio Tari Indra. Dina meunteun anu saha-sahana nu pipanteseun dilélér éta anugrah, déwan juri henteu dipangaruhan ku pihak pemkot, éstuning dibébaskeun milih sacara obyéktif.
Acara pamasrahan Anugrah Budaya Kota Bandung direuah-reuah ku rupaning pintonan kasenian ti Swara Kania, Studio Tari Indra, Abah Iwan, Samba Sunda, Iis dahlia, Rita Tila, jeung pintonan tari “Kawung Anten” karya Gugum Gumbira. Sasarina pamasrahan Anugah Budaya Kota Bandung, langsung diluuhan ku Walikota Bandung. Tapi dina acara pamasrahan kamari mah, Walikota Bandung henteu ngahadiran éta acara, kalayan diwakilan ku Ayi Vivananda, wakil Walikota Bandung.

Déty Kurnia
Déty Kurnia, penyanyi Sunda anu geus moal bireuk deui di masarakat Sunda. Malah, ieu penyanyi kalahiran 22 Agustus 1961 téh dipikalandep ogé ku masarakat luar nagri. Déty geus ngarilis leuwih ti 100 albeum kasét, kalayan lain baé payu di tatar Sunda, da puguh urang luar nagri ogé réa nu resepeun. Di Jepang, contona, album Déty rata-rata bisa payu 15 rébu kasét. Déty ogé kungsi rékaman di Jepang, tug nepi ka meunang pangajén World Organization Music Art and Dance dina Festival Musik di Yokohama, Jepang.
Déty neuleuman dunia kasenian téh diaping ku ramana, Iding Martawidjaja. Iding anu ngaping Déty pikeun nyangkem rupaning alat musik jeung nyanyi. Ku kituna lagu-lagu anu dihaleuangkeun ku Déty kalintang variatif, ti mimiti Sunda klasik, pop Sunda, disko Sunda, calung (babarengan jeung Darsu katut Adang Céngos), tug nepi ka lagu dangdut. Teu anéh lamun lagu naon baé, kaasup lagu anu teu pati hadé, ana digalindengkeun ku Déty mah ngadadak jadi ngeunaheun dilenyepanana.

Gugum Gumbira Tirasonjaya
Ieu tokoh anu lahir di Bandung, 4 April 1945 téh dipikawanoh minangka pencipta tari jaipongan. Kalayan bekel atikan jeung pelatihan dina widang penca silat jeung tari Sunda, saperti Ibing Keurseus jeung tari topéng, Gugum Gumbira ngawanohkeun tari Jaipongan dina ahir dasawarsa 1970-an. Di satengahing kontroversi anu kungsi tumiba mangsa harita, Gugum mampuh ngamasarakatkeun tari Jaipongan  tur dipikalandep ku balaréa. Gugum ogé nyiptakeun koréografl sorangan, saperti "KawungAnten ' "KésérBojong",  “OrayWelang", "Réndéng Bojong", "Toka-toka", "Sonténg", jsté.
Gugum Gumbira ogé narékahan pikeun ngadegkeun studio rékaman sorangan, anu dipikawanoh "Jugala". Salah sahiji produkna nyaéta kasét rékaman jaipongan. Tari jaipongan kalintang populér di rupaning kalangan, lain baé di Tatar Sunda, da puguh kakoncara di daérah-daérah séjén, malah di luar nagri. Nurutkeun hiji panalungtikan, tari Jaipongan téh jadi salahsahiji di antara opat ikon Indonésia. Ku jasa-jasana éta, Gugum kungsi dilélér Anugrah Abdi Yasa Seniman Jaipongan ti Komunitas Seniman Bandung dina taun 2004. Dina taun 2006, Gugum ogé meunang panglélér ti Menteri Kebudayaan dan Pariwisata di Yogyakarta. Anu leuwih pikareueuseun, Microsoft, pausahaan software pangrohakana sadunya, ngasupkeun ngaran Gugum Gumbira kana entri Enchorta Encyclopaedia.

Hérry Dimyati
Hérry Dimyati alias Hérry Dim nyaéta hiji seniman Bandung, anu karya-karyana, pangpangna mangrupa lukisan (paintling), dipikawanoh ku masarakat. Herry Dim mindeng milu pameran, saperti di International Exhibition of Asian Artists (Bandung), Biennale Yogyakarta, Festival IstikIal, Biennale Jakarta, Non-Aligned Countries Contemporary Art Exhibition, 3 Indonesian Contemporary Artists, Rites to the Earth, International Exhibition ofAsion Artists (Kualalumpur), jeung International Exhibition of Asian Artists (Fukuoka).
Dina taun 2008, Hérry mangrupa seniman Indonésia anu munggaran meunang kasempetan mamérkeun karyana di gedung Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) di Geneva. Salahsahiji di antara karya-karyanya dijadikeun koleksi PBB. Hérry ogé aktif dina widang seni pertunjukan, hususnya téater. Dina taun 2001, contona, Hérry nyiptakeun "gambar motekar", sajenis seni pertunjukan wayang anu dijieun keur lalajoaneun barudak, minangka lawang pikeun ngawanohkeun barudak kana seni pertunjukan wayang. Hérry ogé aktif ngokolakeun galeri, ngamekarkeun kritik seni, tur rupaning kagiatan séjénna anu patali jeung widang seni budaya. Padumukanana, di Komplek Perumahan Cibolerang, Bandung, mindeng jadi tempat ngumpul para seniman jeung cendekiawan pikeun ngabahas pasualan kabudayaan, malah jadi tempat pintonan karya seni, kalayan rarancangna ayeuna rék dijieun pabukon. Sajabana ti éta, Hérry ogé aktif ngagabung jeung rupaning pakumpulan anu kagiatanna pikeun kamaslahatan umum saperti ngajaga lingkungan, nata kota, jsté.

Iwan Abdulrahman
Lengkepna Ir. Ridwan Armansyah Abdulrahman. Tapi sapopoéna kiwari leuwih dipikawanoh Abah Iwan. Ieu seniman téh lahir di Karangnangka, Sumedang, 3 September 1947. Ngaréngsékeun atikanna di Fakultas Pertanian Unpad (1975), sarta kungsi nyuprih pangarti tambahan di luar nagri, pangpangna dina widang militér (1967-1996). Ti leuleutik tug nepi ka ayeuna, Abah Iwan karesepna ulin ka leuweung.
Abah lwan kungsi ngadegkeun Grup Pencipta Lagu (GPL, 1971) di Bandung, anu ngahijikeun pencipta lagu jeung musisi ngora kalayan karakter musik anu has. Lagu anu diciptakeun ku Abah Iwan  diantarana “Melati dari Jaya Giri", turt kalintang populér sanggeus dihaleuangkeun ku Bimbo. Abah lwan ogé aktip dina rupaning kagiatan, saperti Penasehat Masyarakat Cinta Citarum, Anggota Ketua PPS Satria Muda Indonesia, Anggota Kehormatan KOPASSUS, Anggota KADAMAS, jeung Anggota Parachutist Club Indonesia.

Rachmat Hidayat
Sigana moal aya nu bireuk deui ka Rachmat Hidayat. Bintang film kalahiran Bandung, 1 Juli 1933. Padahal saméméhna mah Rachmat téh teu boga cita-cita hayang jadi bintang film, da puguh hayang jadi tentara. Cita-cita Rachmat kabiruyungan, nyaéta jadi tentara. Kungsi ngagabung di Batalyon III Siliwangi. Dina taun 1953, Rachmat mancén di CIVIP Intel. Dina mangsa jadi CPM, Rachmat panggih jeung Usmar, sarta ditawaran maén dina film Toha Bandung Selatan. Nya ti harita pisan, Rachmat jadi betah di dunya film. Karierna terus naék, hususnya sabada ngaliwatan dekade taun 70-an. Rachmat kungsi meunang panglélér Piala PM, sarta sababaraha kali meunang Piala Citra minangka pamaén pinunjul.
Rachmat kungsi maén dina film kalayan témana rupa-rupa. Mampuh merankeun tokoh antagonis, bajak laut, pahlawan, atawa naon baé anu dipikahayang ku skenario. Malah maén dina film komédi ogé, Rachmat kaitung suksés. Sanajan Rachmat mindeng manggih kasempetan pikeun hijrah ka Jakarta, kalayan tangtu baé ngajangjikeun karier nu leuwih hadé, tapi Rachmat tetep milih matuh di Bandung. Rachmat mindeng méré bantuan tur rojongan ka para calon bintang anu tingkuniang di kota kalahiranna.

Yus Rusyana
Yus Rusyana dipikawanoh minangka sastrawan Sunda jeung ahli basa jeung sastra anu salila puluhan taun ngajar di Institut Keguruan dan Ilmu Kependidikan (ayeuna ngaranna Universitas Pendidikan Indonesia./ UPI). Minangka sarjana, sajabana ti ngajar di universitas, Yus ogé mindeng ngayakeun panalungtikan dina widang basa jeung sastra, boh sacara individu pon kitu deui babarengan jeung para sarjana séjénna. Yus ogé narjamahkeun buku-buku ngeunaan basa jeung sastra Sunda, di antaran buku klasik Tata Bahasa Sunda (Soendoneesch Sprackkunst) karangan S. Coolsma, anu di tarjamahkeun tina basa Belanda babarengan jeung Huséin Widjajakusurnah. Kaasup milu kana tim penerjemah AI-Quran kana basa Sunda.
Minangka sastrawan, Yus nulis puisi, carpon, jeung naskah drama dina basa Sunda.  Yus milu ngadegkeun Lembaga Bahasa jeung Sastra Sunda (LBSS) jeung Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (ayeuna ngaranna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda/ PPSS). Kungsi ogé mancén jadi salah sahiji redaktur majalah Sunda Manglé. Teu anéh upama Yus mangrupa sastrawan Sunda munggaran anu dilélér Hadiah Sastra Rancagé dina widang karya, dina karyana mangrupa kumpulan carpon anu judulna Jajatén Ninggang Papastén. Pon kitu deui, Yus kungsi dilélér Hadiah Sastra Rancagé dina widang jasa.

Bandung Heritage
Bandung Heritage dipikawanoh minangka salahsahiji lembaga masarakat di Kota Bandung anu kawilang aktif miara, ngadokuméntasikeun tur nalungtik wanda cagar budaya di Kota Bandung, mangrupa bangunan-bangunan antik anu ngandung ajén historis. Ieu lembaga ogé aktif mépélingan pentingna warga Kota Bandung, kaasup Pamaréntah Daérah Kota Bandung, pikeun miara, ngarawat tur nangtayungan wanda-wanda cagar budaya. Ngaliwatan rupaning aktivitasna anu salila ieu  dimekarkeun, Bandung Heritage gedé jasana dina miara rujukan kolektif ngeunaan sajarah sosial Kota Bandung. Bandung Heritage ogé aktif ngadorong Pamaréntah Kota Bandung, ogé kota-kota gedé séjénna di Indonesia, sangkan nyusun peraturan daerah sorangan anu patali jeung panangtayungan tur miara kawasan jeung wangunan nu ngandung sajarah.

Pabukon Doddy Tisnaamidjaja
Aya sababaraha perpustakaan anu dikokolakeun ku swasta kalayan bukuna bisa diinjeum ngaliwatan prosédur anu geus ditangtukeun. Contona Perpustakaan Prof. Dr. Doddy A. Tisna Amidjaja. Ieu pabukon téh perenahna di Jalan Mutumanikam 69, Bandung, Tetepon/Fax: (022) 7310530. Puguh baé diajangkeun keur umum. Hartina, saha baé bisa nganjang ka ieu pabukon. Anu sok ngaranjang ka pabukon Dr. Doddy antarana siswa-siswa TK, SD, SLTP, SLTA, Mahasiswa, Sarjana Peneliti, jeung Masarakat Umum. Ngadegna ieu pabukon téh sasat jadi cita-cita  Prof. Dr. Doddy  basa masih kénéh jumeneng. Munggaran ngadeg 5 Méi 1994, mareng jeung miéling sataun pupusna Prof. Dr. Doddy.
Ieu pabukon téh kawilang aktip ngagayakeun rupaning kagiatan. Contona taun 2001-2003 kungsi gawé bareng jeung CCFI (Coca Cola Foundation Indonesia) dina ngundakeun SDM pabukon jeung minat baca masarakat. Salian ti mibanda pungsi minangka pusat informasi jeung dokuméntasi ilmu jeung budaya, ogé mibanda pungsi minangka pusat pembelajaran masyarakat (Community Learning Centre = CLC).
Satuluyna, bulan Januari 2003, pabukon Prof. Dr. Doddy ngadegkeun Kelompok Belajar Bahasa: (Sunda, lndonésia, lnggris, Perancis, Jepang, Mandarin, Arab); Seni: (Ngalukis, Ngagambar, Piano, Olah Vokal); Katerampilan: (Komputer, Ngaput, Daur Ulang, dll). Sangkan bisa ngahontal masarakat leuwih lega, utamana masarakat leutik, saprak taun 2000 ngadegkeun Pabukon Satelit (Mini) anu nginduk ka Pabukon Prof. Dr. Doddy, kalayan lokasina di 3 Kacamatan Kota Bandung (8 Kelurahan) jeung 1 Kecamatan di Kabupatén Bandung (sakelurahan).
Taun 2003, ieu pabukon kalibet dina Project Star CCFI dina raraga ngungkulan HIV/AIDS di kalangan siswa SMU/SMK nu aya di sabudeureun pabukon. Lajeng ngadegkeun Peer Educator anu diwengku ku siswa-siswa SMU/SMK, gawé bareng jeung PKBI/MCR (Mitra Citra Remaja Propinsi Jawa Barat). Di ieu pabukon téh disayagikeun koléksi husus ngeunaan Budaya Sunda (Sundanologi), anu jumlahna 5.307 eksemplar. Iwal ti éta, puguh baé nyampak karya-karya tulis Prof. Dr. Doddy A. Tisna Amidjaja minangka karya ilmiah, kumpulan pidato, jeung kumpulan ceramah agama.

Téater Sunda Kiwari
Téater Sunda Kiwari (TSK) diadegkeun ku R Dadi Danusubrata, R Hidayat Suryalaga, jeung sababaraha urang séjénna dina taun 1975 di Bandung. Ti harita TSK ngayakeun pintonan téater moderen dina basa Sunda, najan pangurus katut anggotana ngarasa kakurangan naskah pikeun dipanggungkeun, lantaran para pangarang Sunda ngan saeutik nu sok nulis naskah drama. Ti 1988 TSK ngayakeun Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) dua taun sakali. Basa mimiti diayakeun, grup nu milu kana FDBS téh aya salapan, tapi taun-taun saterusna tuluy nambahan. Taun 2006 nu marilu téh aya 53. Dina taun 2008,  beuki réa baé anu miluan Féstival Drama. Nu marilu féstival téh terus nambahan ti taun ka taun, najan tacan hasil ngadorong lahirna grup-grup téater Sunda profesional. Lolobana nu marilu FDBS téh barudak sakola, lantaran TSK boga niat hayang ngahudang minat katut kacintaan barudak kana basa indung.
Dina taun 2008, TSK  dilélér sertifikat ti MURI minangka pangajén kana kagiatan FDBS nu diayakeun 20 poé noron, ti tanggal 11 Februari-1 Maret 2008. Mémang dina taun 2008, patandangna nepi ka 71 grup, midangkeun naskah drama “Jeblog” karya Nunu Nazaruddin Azhar, “Rorongo” karya Arma Djunaédi, “Badog” karya Dhipa Galuh Purba, “Randu Jalaprang” karya Tatang Sumarsono, “Karikatur Nu Gélo” karya Arthur S. Nalan, jeung “Akalna Si Apin” anu mangrupa saduran bébasa Rosyid É Abby tina naskah “Akal Bulus Scapin” karya Moliere.

Studio Tari Indra
Studio Tari Indra (STI) ngadeg sacara mandiri ti taun 1968 kalayan diluluguan ku Indrawati Lukman, penari anu kakoncara di jamanna. STI milu miara jeung ngamekarkeun tari Sunda ku cara ngayakeun atikan seni tari Sunda. Puguh baé mintonkeun karya-karya tarina sacara konsistén, boh di nagri sorangan pon kitu deui diu luar nagri. Ku kituna, STI milu ngamekarkeun diplomasi ngaliwatan jalur kasenian jeung kabudayaan. Malah pintonan STI di Istambul, dina taun 2008 STI dilélér pangajén minangka pintonan pangpunjulna. Saméméhna, STI kungsi dilélér pangajén anu sarupa di Afrika Selatan.
Dina taun 2008, STI meunang panglélér ti Menteri Kebudayaan dan Pariwisata minangka kelompok kasenian anu reumbeuy préstasi di luar nagri. STI ogé mindeng ngabantu Pamaréntah Kota Bandung dina mapag tamu-tamu ti luar nagriu ku pintonan kasenian. Ku ayana karya tari STI, puguh baé jasana geus narékahan pikeun ngawewegan citra éstétis Kota Bandung.***(DGP)

Foto-foto Acara Anugrah Budaya Kota Bandung 2008









Comments
0 Comments

0 komentar: