Anugrah Budaya Kota Bandung 2009





ANU kaopat kalina “Anugrah Budaya Kota Bandung” dihaturkeun ka para tokoh anu dianggap gedĂ© jasana dina miara, ngamumulĂ©, jeung ngamekarkeun kabudayaan sunda. Dina taun ieu, aya genep urang tokoh anu dilĂ©lĂ©r anugrah tĂ©h, diantarana Kang Ibing, HĂ©ndarso, JĂ©ihan Sukmantoro, Purwacaraka, Iyar Wiarsih, jeung Éndo Suwanda. Dina taun 2006 ngalĂ©lĂ©lĂ©r genep anugrah, taun 2007 ngalĂ©lĂ©r 10 anugrah, taun 2008 ogĂ© ngalĂ©lĂ©r 10 anugrah. Hartina, dina taun 2009, dikurangan opat urang. Padahal, dina sambutan tinulisna, Drs. Priana Wirasaputra, MM., Kepala Dinas Kabudayaan dan Pariwisata Kota Bandung, nĂ©tĂ©lakeun yĂ©n ajĂ©n anugrah budaya taun 2009 satĂ©kah-polah ditingkatkeun, boh kuantitasna pon pilalagi kualitasna.

Nilik kana komposisina , biasana anu dilélér anugrah téh diwengku ku tokoh jeung lembaga. Dina taun 2009 mah ukur tokoh-tokoh wungkul,


Tan DĂ©sĂ©ng henteu jadi dilĂ©lĂ©r anugrah. Padahal, dina daptar eusi buku panduan “Anugrah Budaya Kota Bandung 2009”, ditataan ngaran-ngaran anu dilĂ©lĂ©r anugrah budaya, diantarana aya ngaran Tan DĂ©sĂ©ng. Tapi, dina kanyataanna Tan DĂ©sĂ©ng mah henteu dilĂ©lĂ©r Ă©ta anugrah.

Acara pamasrahan Anugrah Budaya Kota Bandung 2009 lumangsung di Grand Pasundan Hotel, Bandung (10/12). Ngahaturkeun wilujeng ka Kang Ibing, Hendarso, Jeihan Sukmantoro, Purwacaraka, Mamah Iyar, jeung Endo Suanda anu dilĂ©lĂ©r Anugrah Budaya Kota Bandung 2009. ***(DGP)



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post