Sabtu, 02 Juni 2018

Kadés Dukun

Ilustrasi -- (Topeng Seni Bebegig, Panjalu, Ciamis)


Carpon DHIPA GALUH PURBA

            RICEUW deui baé dina émprona mah. Padahal saméméhna Kuwu Jékong geus ngawanti-wanti, sangkan ulah aya kajadian anu teu diharepkeun. Atuh para kokolot Cigorowék ogé, geus nyanggupan –malah ngajamin—yén hajat lembur dina raraga milih Kadés anyar di Cigorowék téh bakal lumangsung kalayan lungsur-langsar. Ari ieu, kakara kompanyeu ogé, geus dur-der nu démontrasi. Mémang nurutkeun katerangan Uyut Joni ogé, ti jaman mimiti ngadegna lembur Cigorowék kira taun 1946, kayaanana teu weléh harénghéng, pangpangna upama nyanghareupan mangsa ganti kapamingpinan lembur. Aya baé perkara nu kudu jadi bahan piributeun téh.

Saperti dina taun ieu, sabagéan masarakat aya nu hayangeun dipingpin ku pangsiunan hansip. Aya ogé anu hayang  dipingpin ku juru tulis manten. Tapi anu jadi pasualan mah, para nonoman Cigorowék ngadadak buringas, basa sumebar béja yén Bah Dinta rék nyalonkeun Kadés. Malah isukna ogé, para nonoman téh langsung ngayakeun sabangsaning démontrasi, anu jejerna henteu nyaluyuan upama Bah Dinta nyalonkeun Kadés Cigorowék. Ari nu jadi tinimbanganana, alatan kasangtukang Bah Dinta anu salila ieu katelah jadi dukun sakti, utamana urusan pullut-pélét atawa asihan. Padahal upama nilik kana pasaratan Kadés mah, taya hiji pasal anu ngahalangan tangtungan dukun pikeun jadi balon (bakal calon) Kadés.

“Gara-gara Si Dukun Gejul, déwék kapélét ku Si Arnasih! Padahal tadina mah déwék téh rék ngawin Néng Iis…” Mang Winta susumbar di warung Mang Ajat. Kawasna mah hayang katangar ku barudak pamuda, anu harita keur ngareureuhkeun kacapé, balas ti rebun-rebun kénéh geus abring-abringan dibarung jojorowokan.

“Baruk?” Si Among semu anu rada cangcaya.

“Ih, ieu mah, sok tara percaya baé. Piraku kudu ditanyakeun ka Néng Iis mah…” kituna téh bari ngarérét ka Jang Isud, anu ti tatadi mula ngabandungan lalampahanana.

“Jadi beuki jelas euy! Bah Dinta téh tukang nyasabkeun haté batur! Teu pantes jadi Kadés mangkeluk nu kitu mah!” Jang Isud beuki sumanget ngaluluguan demontrasi.

“Satujuuu…!” saur manuk.

“Satuju naon siah?” Jang Isud muncereng, bari kop kana cai kopi.

“Enya, satuju wé pokona mah…”

“Kudu paruguh nyebut satuju téh. Ulah padu engap baé siah!” kituna téh bari cengkat. Tuluy ngarérét ka Si Bahro, anu keur ngalageday bari udud, bangun anu nikmat naker.

“Hayu, urang démontrasi deui! Lamun henteu didéngé baé, urang ngayakeun mogok nyatu sakalian!” pokna Jang  Isud.

“Ulah mogok nyatu atuh, da déwék mah tara kuat nahan lapar. Mending kénéh mogok maén kartu…” témbal Si Bahro.

“Teu bisa! Uing moal bisa saré, ari henteu maén kartu heula téh…!” aya nu nyelengkeung.

“Meunggeus, batan mogok maén kartu mah, mending mogok meuli togél…!” Mang Baron némbrong.

“Enya teu nanaon, tapi isukan mimitina. Sabab peuting ieu mah, uing boga nomer jétu pamahanan ti Uyut Joni,” Si Bahro nyaluyuan.

“Tong loba teuing pidato atuh. Rék iraha inditna ari kitu mah? Hayu…!” ceuk Jang Isud bari miheulaan ngagidig, ninggalkeun warung Mang Ajat. Nu séjénna ogé henteu loba catur deui, tuluy nuturkeun Jang Isud.  

Bisa jadi lumangsungna démontrasi Jang Isud saparakanca téh mémang didasaran ku sanubarina séwang-séwangan, dina harti  taya anu ngabiayaan atawa muruhan. Sok sanajan ari Bah Dinta mah keukeuh nuding yén barudak pamuda téh pasti aya nu numpakan (menunggangi, dgp) pihak katilu. Lumrah pisan ari kituna mah, da Bah Dinta  anu didémona.

"Naon salahna sih, upama pangsiunan dukun jadi Kadés?" kitu hohoakna Bah Dinta, basa  ditepungan di imah dinesna ku Ulis Kowi. Nurutkeun Bah Dinta, sakali-kali mah lembur téh kudu nyobaan dipingpin ku dukun. Kalah kumaha ogé, dukun téh kudu dibéré kasempetan pikeun nété karir, da puguh taya aturan anu nyengker atawa ngahalang-halang dukun pikeun jadi Kadés.

"Padahal ka dewek téh loba pajabat anu daratang, ti suklakna-ti siklukna, rék ngadon tatamba, hayang kapaké  ku balarea. Hartina Déwék téh diguruan ku para pajabat..." ceuk Bah Dinta deui. Malah sajeroning kitu téh, Bah Dinta ogé malik “nyerang” ka nu darémo. Ceuk Bah Dinta, Jang Isud ogé, anu ngaluluguan ngadémo manéhna,  apan taun kamari mah ampir unggal mangsa, ménta jangjawokan keur mélét Néng Lina. Naha ari ayeuna, ngadon culangung wani-wani ngademo? Siga nulungan anjing kadempét! Untung cenah, harita téh  ukur dibéré jangjawokan tingkat duapuluh hiji. Matak teu anéh, upama nepi ka kiwari Néng Lina can kungsi kataji ku kelét Jang Isud.

            “Urang lembur ogé saruana pisan, teu ngajénan pisan ka dukun téh! Padahal jasa-jasa dukun keur masarakat téh, kacida gedéna. Silaing ogé, Kowi,   bisa lahir ka alam dunya téh, apanan ku ayana jasa dukun! Da sidik jaman baheula mah can aya doktor…” pokna Bah Dinta bari tutunjuk kana tarang Ulis Kowi.

            “Sumuhun, abdi ogé ngartos…” Ulis Kowi teu kapangaruhan ku caritaan Bah Dinta.

            “Heueuh ari ngarti mah, naha atuh ari ayeuna kéna-kéna geus loba dokter, mani teu ngajénan pisan ka dukun téh!”

“Teu kedah bendu, Bah. Margi abah ogé kedah ngamaklum kana kaayaan jaman kiwari,” Ulis Kowi satékah polah ngaleuleuyan Bah Dinta.

            “Ngamaklum kumaha, Kowi?”

            “Sumuhun, rupina mah barudak pamuda téh sanés henteu panuju dipingpin ku dukun, tapi barudak ayeuna téa atuh…”

            “Lah, naon bédana barudak ayeuna jeung barudak baheula? Abah ogé sarua ngalaman ngora heula. Bisi hayang nyaho, lamun euweuh abah mah silaing téh biheung salamet. Basa lembur Cigorowék diserang ku pamuda Rancakatél, apan abah pisan anu ngayonanna téh! Dibabad ku abah mah kabéhanana ogé…!”

            “Ih, paralun, sanés henteu ngajénan ka dukun. Ari barudak mah apan teu tiasa ngabédakeun, nu mana dukun asli, sareng nu mana dukun palsu…”

            “Aéh, aéh… na mangkeluk téh masih cangcaya ka déwék? Bisi perelu dikaluarkeun SK-na, déwék ogé da gableg atuh. Lain dukun dudukunan déwék mah, dilantikna ogé langsung ku pupuhu Paguyuban Panglawungan Dukun Sakti sa-Jagat Raya!” Bah Dinta ngadadarkeun kasangtukangna minangka dukun anu kakoncara jeung kauji salila puluhan taun. Atuh puguh Ulis Kowi mah ngabandungan kalawan daria naker, da mémang tujuan nepungan Bah Dinta téh apan rék ngotéktak track record Bah Dinta, pikeun kapentingan administrasi balon Kadés.

            Sanggeus meunang katerangan anu dianggap cukup mah, Ulis Kowi tuluy amitan, bari teu poho ngawawadian Bah Dinta, sangkan ulah kapangaruhan ku barudak pamuda anu ngayakeun demontrasi.  Demi Bah Dinta teu bisa tumarima kitu baé, da tina neuteuli alatan didémo téh, geus ngararancang pikeun marabkeun Jang Isud ka sabangsaning dedemit. Tadina mah rék disébakeun ka Buta Héjo atawa Kélong Wéwé. Hanjakal pisan cenah, Buta Héjo mah geus kungsi maén sinétron, jadi sok rada cambal. Antukna Bah Dinta milih Jurig Jarian baé,  anu  ceuk pamanggihna, Jurig Jarian mah asa can kungsi wawanohan jeung dunya entertainment. Puguh baé Bi Iwah, pamajikanana, teu panuju pisan kana paniatan Bah Dinta.

            “Geus puguh pangna barudak ngadémo téh, lantaran urang sok ngalibetkeun sabangsaning mahluk gaib…!” kitu ceuk Bi Iwah. Tapi ninggang ka Bah Dinta anu keur dilimpudan amarah, diélingan téh kalah malik nyangangan.

            “Naon salahna ieuh? Déwék ogé boga hak, sosobatan jeung mahluk gaib! Naha maké jeung ulah sagala rupa?!”

            “Dibéjaan téh kalah ka kitu. Bisi hayang apal, antara bangsa manusa jeung bangsa gaib téh, geus puguhan béda alam. Urang ditu, teu meunang ikut campur urusan alam dunya, pon kitu deui sabalikna,”

            “Salah pisan pamadegan téh, belegug! Lamun urang hayang wanoh ka Nu Maha Gaib, nya kudu wanoh heula kana gaib leutik, kayaning bangsa jin…”

            “Dasar kolot kolopétong! Na tara ningali tivi? Apan ayeuna ogé sakitu mahabuna, anu ngadémo tayangan mistik téh! Teu ngadidik!”

            “Belegug baé nu nyaram tayangan mistik mah! Mangkeluk borangan ngaranana! Teu ngahargaan kréativitas batur nu kitu téh, nyaho! Puguh ogé, urang téh kudu wanoh jeung alam gaib, ngarah henteu sieun ku sabangsaning dedemit jeung ngarah urang yakin yén alam gaib téh aya, kalayan lain ngan saukur béja, titik siah.” Kituna téh bari ngajéngkat, muru ka kamar praktékna. Geus teu anéh deui pikeun Bi Iwah mah, upama geus asup ka kamar prakték, pasti Bah Dinta tuluy ngonték sobat-sobatna di alam gaib. Geus kitu mah Bi Iwah ogé, tara kumawani ngaganggu.

              Teu salah tina ijiran Bi Iwah, mémang Bah Dinta téh langsung ‘curhat’ ka Jurig Jarian. Pangpangna mah ménta bantuan tanaga pikeun mulangkeun katugenah ka Jang Isud, minangka pupuhu anu ngadémo manéhna. Atuh Jurig Jarian ogé teu loba catur deui, da harita kénéh ogé langsung ngabelesat, muru ka padumukan Jang Isud. Kira wanci sareureuh kolot, Jurig Jarian geus padangkrang-pédengkréng di buruan imah Jang Isud. Sakapeung cecetrakan atawa huhuitan. Kawasna mah ngarah Si Among ka luar ti jero imah. Maklum ari kituna mah, da puguh Jurig Jarian tara kumawani ngalacat ka imah, lantaran bareresih téa. Ari Jurig Jarian, apan watekna téh resep di tempat anu kalotor, da sapopoéna ngancik di jarian. Upama sakali mangsa Jurig jarian ulin ka tempat nu rada berséka téh, balikna sok tuluy tuluy harééng atawa muriang dibarung ngéhkéh batuk, sakurang-kurangna ararateul.

"Isuuud....! Ka luar siah...! Ilaing kudu jadi parab déwék peuting ieu...!" antukna Jurig Jarian ngagorowok, awahing ku keuheul tayohna téh, duméh Jang Isud henteu ka luar waé. Teu pati lila, Si Buruy, alona Jang Isud,  ka luar bari gigisik panon. Rét ka Jurig Jarian anu keur ngabedega hareupeun wadah runtah. Puguh waé Si Buruy rada ngaranjug.

"Mana Si Isud?!" tanya Jurig Jarian bari molotot ka Si Buruy.

"Teu aya, nuju ka Jakarta..." témbalna.

"Na ti iraha inditna? "

"Nembé ogé tadi sonten. Paling uihna samingguan deui,"

Sakedapan Jurig Jarian ngahuleng bari mencétan tarang, keur mikir kawasna mah, da teu lila téh tumanya deui.

"Ari Si Isud, Bogaeun hand-phone?" Jurig Jarian nanya deui.

"Gaduheun,"

            "Cik déwék ménta Nomer-na. Wang sms wéh, ngarah irit pulsa,"

"Aéh... da nomorna ogé tos hangus kétang..." témbal Si Buruy bari hulang-huleng.

"Euh, teu balég pisan! Geus wéh titip pesen ka Si Isud, mun geus datang ka lembur, buru-buru ngirim e-mail ka déwék, jurig@jarian.com. Aya penting pisan kituh!" kitu ceuk Jurig Jarian bari ngaleos, ninggalkeun Si Buruy anu masih kénéh molohok mata simeuteun.

Jurig Jarian muru ka kamar prakték Bah Dinta, sejas ngalaporkeun hasil pagawéanana. Puguh baé Bah Dinta ngarasa hanjelu, barang ngadéngé Jang Isud, anu keur suwung.

“Naha henteu disusul baé sakalian ka Jakarta?” Bah Dinta rada ngananaha ka Jurig Jarian.

“Aéh, aéh, kawas teu apal baé. Apan lalakon ka Jakarta téh sakitu jauhna. Leuheung basa bangsa manusa, kari numpak beus. Ari bangsa aing, rék naék nanahaon?” Jurig Jarian rada muncereng.

“Atuh kari nyulusup baé kana beus. Da moal aya nu nganyahoankeun ieuh,”

“Boro-boro moal aya nu nganyahoankeun siah! Dasar so tahu, manéh mah! Mangkaning aing wegah kudu urusan jeung jurig-jurig Jakarta mah…”

“Na kumaha kitu?”

“Ribet pisan birokrasina. Pasti aing kudu laporan heula ka Siluman Hayam, Siluman Ucing, Siluman Lauk Emas, Siluman Sendal, jeung siluman-siluman séjén. Marukana henteu pikasebeleun mangkeluk-mangkeluk siluman téh! Komo ka Siluman Sapatu mah, mani hayang najong aing mah!”

“Ari sugan téh, sasama jurig mah, moal maké jeung kudu urusan sagala rupa…” Bah Dinta gogodeg, ngarasa hémeng.

“His, sarua waé deuleu! Teu bangsa manusa, teu bangsa jurig, persaingan mah tetep aya,”

“Nya, teu nanaon ari kitu mah. Mending dagoan mulangna waé,” ahirna mah Bah Dinta léah.

“Heueuh, dagoan waé saminggu deui. Engké kari sms déwék, mun Si Isud geus pararuguh mulang mah…” ceuk Jurig Jarian bari cengkat tina diukna.

“Lah, moal maén sms déwék mah, mending langsung ditelepon waé,”

“Kumaha manéh, ari loba pulsa mah. Tapi mun bisa, ulah nelepon aing jam dalapan nepi ka jam sabelas beurang,”

“Na kunaon kitu?”

“Aing keur kursus basa Mandarin ka Si Vampir.” Kituna téh bari tuluy ngabelesat, ninggalkeun Bah Dinta. Sakedapan mah Bah Dinta neuteup ka jauhna, bari hulang-huleng. Tapi teu lila ogé, tuluy cengkat bari nyepengan beuteungna anu geus mimiti kukurubukan, ménta dieusian.

“Hidup Bah Dinta…! Hidup Bah Dinta…! Bah Dinta calon Kadés, pilihan urang saréréa…!” hawar-hawar aya anu jojorowokan di luareun imah. Bah Dinta curinghak, bari ngojéngkang muka panto. Blak, dibuka. Jep, anu jojorowokan jeung ayeuh-ayeuhan téh ngadadak eureun. Kaayaan di luar ogé poék mongkléng buta rata, taya kalangkang jalma nu ngulampreng hiji-hiji acan. Tiis, jempling. Ukur sora angin halon anu nebak daun cau. Puguh baé Bah Dinta ngembang kadu bari nengetan kaayaan di sakuriling buruan imahna. Mémang taya nanaon jeung taya sora nanaon.

Bah Dinta nutup deui panto, malah tara ti sasarina mani langsung dikonci. Karasa bulu pundukna rada muringkak. Bah Dinta ngarasa keueung anu lain dikieuna. Haténa tingsérédét, tingsareblak, sari-sari nu nyidem rasa kahariwang.  “Teu kaharti…” gerentesna.***

(Ranggon Panyileukan, 1425 H

Comments
0 Comments

0 komentar: