Sabtu, 02 Juni 2018

Koordinasi 898 Pucuk Andéwi





Carita Pondok DHIPA GALUH PURBA

CARITAAN Néng Déwi téh bangga pisan disirnakeun tina sagara pikir. Masih kénéh gantung déngéeun, tug nepi ka mindeng kabawa ngimpi. Hanjakal pisan, nurutkeun paririmbon ogé, impian anu kajurung ku lamunan mah, henteu kaasup ngimpi anu bisa dipaluruh pihartieunana. Kétang, nanahaonan barina ogé maké jeung percaya kana paririmbon sagala.

“Janten, akang téh masih turunan Cikembar?” kitu pisan pananya Déwi harita, semu anu hanjelu.

“Sumuhun, pun biang ti Cikembar. Ari pun bapa mah ti Ciamis…” témbal kuring.

“Hanjakal pisan atuh nya… abdi mah apan ti Cianjur…” pokna deui, teu kebat.

“Naon hubunganana?” mimitina mémang tacan ngarti, naon patalina antara kuring jeung lembur luluhur. Kakara saminggu ti harita, kuring bisa surti ka mana léokna maksud caritaan Déwi. Enya, mitos! Urang Cianjur dipahing hahadéan, komo kawin jeung urang Cikembar. Nurutkeun katerangan Si Badar mah, caritana téh Radén Astramanggala pupusna ditewek ku condré tug nepi ka kakoncara jadi ‘Dalem Dicondré’. Demi anu boga pamolahna taya lian beubeureuh Nyai Apun Gencay, kabeneran urang Cikembar.

Salah sahiji kahéngkéran karuhun téh mémang lebah dinya; sok sangeunahna nyakompétdaunkeun rupaning pasualan. Abong kéna anu deleka téh lembur matuhna di Cikembar, hayoh sakur urang Cikembar disahurun-suluhkeun. Antukna Néng Déwi nampik cinta kuring. Cinta anu kajurung ku rasa ihlas, hayang ngajait kahirupan Néng Déwi—bari jeung bogoh wé pangpangna mah.

Kuring jadi korban hiji mitos. Antukna kuring henteu pati resep kana éta carita. Malah jauh ti sagaraning haté, ujug-ujug ngananaha éta carita masih kénéh sumebar tur digarugu dina jaman kiwari. Kaya kieu mah, mending ulah aya carita éta di dunya téh!

Tina ijid kana carita, bet jadi malindes ka diri sorangan; katarajang panyakit parna: teu bisa ngaréka carita. Rék kumaha mun geus kieu? Mangkaning hirup téh éstuning ukur ngandelkeun honor tina ngaréka carita. Cilaka. Ka mana kudu néangan ubar? Pamohalan ari los-los ka rumah sakit mah, da piraku teuing rék diinpus sirah.

Geus adug lajer, diperejel-perejelkeun, keukeuh teu bisa.  Lian ti éta,  ampir saban poé udar-ador dina raraga néangan bahan carita. Kungsi manggihan atawa meunang béja anu tabrakan, paséa, bobogohan, kawin, salingkuh, tatalakan, riributan dina ngareuah-reuah kamerdékaan, pro-kontra pornografi, jeung sajabana. Tapi naon anu bisa diréka? Kitu kénéh, kitu kénéh. Kalah matak ngajangarkeun sirah.

“Ké, ké, basa panungtungan nganjang ka si Déwi, béjana ilaing kungsi  ngawangkong jeung supir treuk?” Si Badar tumanya, sakaligus ngabuyarkeun lamunan. Geus ampir sajam ngawangkong jeung si Badar téh. Minangkana mah tukeur pikiran, pédah baé manéhna minangka hiji-hijina sobat kuring anu sapopoéna jadi wartawan, kalayan rada euyeub ku luang jeung pangalaman.

“Enya, bener, uing ngobrol jeung Mang Kowi,” kuring curinghak.

“Ngobrol naon baé tah?”

“Lah… biasa baé, ngobrol sabulang-béntor. Mang Kowi nyaritakeun pangalamanana ngakut kulit sapi ti Tanjung Priok,”

Berarti kuli sapi impor? Ti mana ngimporna? Tuluy, rék dijieun nanahaon kulit téh?”

“Béjana mah ti Koréa. Nya tangtu baé keur kulubeun, dijieun kikil, dijual deui ka Jakarta, keur parab jalma…”

“Tapi… naha manéhna bet ngagunakeun jalan Jonggol? Maksud téh, naha henteu maké jalan tol Cipularang?”

“Manéh mah nanya téh aclok-aclokan kitu, kawas lain wartawan baé! Yeuh, kangaranan mawa mobil treuk, béda deui jeung mawa mobil biasa. Lamun maké jalan tol, tangtu kudu kandel bekel…”

“Duit, maksudna? Ah, asa bakal irit kénéh ka jalan tol…”

“Ngirit nanahaon! Enya lamun sakadar bénsin mah, tapi apan kudu ngemél ka oknum Polantas. Biasa, tradisi…”

“Oh, enya, bener, kakara inget. Tapi… naha lamun maké jalan Jonggol, tara kudu ngemél?”

“Angger ari osok mah. Tapi tara pati gedé méntana ogé, béda jeung oknum Polantas jalan tol,”

“Tah, sayah rék méré ideu cemerlang. Éta obrolan kamu jeung supir treuk téa, kawasna menarik lamun dijieun carita!”

“Lebah mana nyongcolangna? Geus ilahar carita siga kitu mah. Najan ku uing ditulis ogé, moal ngadak-ngadak supir treuk bébas tina pungli…”

 “Geus, kieu baé ayeuna mah, naon anu ayeuna aya dina pikiran kamu?”

“Andéwi! Pucuk andéwi!”

“Andéwi? Naon maksudna?”

“Sabangsaning sasayuran, chicarium endivalim. Jangkungna hiji satengah méter, warna kembangna bulao sarta daunna ngandung protéin, kalsium, jeung zat besi,”

Naha bet mikiran éta?”         

“Enya, keur dipikiran kénéh, kumaha carana sangkan bisa nyambung ka Néng Déwi. Uing geus bosen ngadéngé kembang malati, eros, tanjung, komo samoja…”

“Teu kudu dijieun-jieun ari rék nyieun carita mah. Lamun hayang nyaritakeun Déwi, teu kudu mikiran pucuk andéwi sagala. Anu réalis baé, saujratna!”

“Kumaha carana? Ti mana ngamimitianana?”

“Har… naha kalah nanya ka sayah? Kawas anu kakara baé ngaréka carita téh!”

Sakedapan kuring ngahuleng, bet jadi mikiran deui Mang Kowi. Harita téh mémang ngawangkong kalayan panjang lébar di warung Néng Déwi, anu perenahna di wewengkon Giri Jaya. Sarua jeung Mang Kowi, kuring ogé tara maké jalan tol Cipularang (Tapi alesanana tangtu rada béda). Ti Pekayon téh henteu asup ka gerbang tol Bekasi Barat, tapi mapay-mapay Bantar Gebang jeung Narogong bari nengetan sawatara aréna ronggéng nu nonggérak sisi jalan. Hanjakal, euweuh hiji ogé anu pipanteseun pikeun diréka jadi carita. Bosen. Kitu kénéh, kitu kénéh.

Anjog ka 0 KM Cileungsi-Jonggol, méngkol ka kénca. Enya, jalan ieu pisan anu disebut jalur alternatif téh. Ngagunakeun jalan éta mah, kari nuturkeun jalur utama, moal kungsi manggihan macét. Bédana jeung jalan tol téh duméh henteu lempeng, jeung nanjak-mudun. Tapi teu kudu mayar jeung bisa reureuh heula di Giri Jaya.

Aya puluhan warung nu mapaésan sapanjang jalan. Tangtu baé warung nu dimaksud téh, aya warung nu ilahar jeung warung mingsal. Ti mimiti lembur Srena, Giri Jaya, Cipinang, Cimuncang tug nepi ka Tanjakan Keusik, teu saeutik warung-warung mingsal. Ari kuring mah, geus ngalanggan reureuh di warung Néng Déwi. Teuing saha kétang anu bogana mah. Nu écés, kuring sok diladangan ku Néng Déwi. Anu dipesen téh biasa baé sabudeureun cikopi jeung roko. Minangka rada royal, paling ogé cikopi campur susu.

Sakali mangsa, diparengkeun panggih jeung Mang Kowi di warung Néng   Déwi. Harita, wanci geus nyedek ka tengah peuting. Kaayaan di warung Néng Déwi mingkin haneuteun. Musik dangdut disetél harus naker, matak rawing daun ceuli. Tingcikikik, tingcakakak, patémbalan antara nu laladang jeung nu diladangan. Cindekna mah iwal jadi jalur jalan alternatif téh, sakaligus nyadiakeun diskoték alternatif.

Tara-tara  ti sasari,  maké jeung hayang ngajak ngawangkong ka Mang Kowi, sabot Déwi keur laladang ka tamu séjén. Kabeneran deuih Mang Kowi ngalayanan kalawan soméah. Nanya itu, nanya ieu, sabulang-béntor., ngalér-ngidul tug nepi ka uplek ngobrolkeun oknum polantas nu kokoro. Bras kana stiker “KOORDINASI 898” (dipasang dina hulu mobil treuk Mang Kowi). Palebah ngobrolkeun éta mah, Mang Kowi rada haharéwosan.

“Sabaraha mayarna éta téh?” tanya kuring.

“Tiluratus rébu sataun…” témbalna.

“Sataun? Hartina kudu aya perpanjangan?”

“Sumuhun, biasa baé siga memperpanjang STNK atanapi SIM…”

“Lamun henteu nganggo stiker, kumaha akibatna?”

“Wah, bahaya, Cép. Anak buahna riab di mana-mendi, garalak deuih. Réréncangan abdi ogé, kantos aya nu dicegat, digarebugan..”

“Pédah naon?”

“Sumuhun, pédah elat memperpanjang stiker…”

Naha atuh, sanés lapor ka pulisi?”

“Ah, teu aya gunana, Cép. Angguran langkung bahaya. Sareng deui… da siga anu diasuh …”

“Piraku?”

“Mangga baé tengetan ku Encép …” kitu pokna semu humandeuar.

Asa jadi milu ngahelas, mangkarunyakeun nasib Mang Kowi jeung supir treuk séjénna. Deudeuh teuing, Mang Kowi. Di satukangeun pacabakan nyupiran treuk téh, manahoréng loba pisan reregedna. Tah, palebah dieu mah asa kalintang pentingna pikeun dijieun carita. Pasualanana lain resep atawa teu resep, lain nyastra atawa teu nyastra, tapi ieu téh pasualan nu kudu geuna-geuna diréngsékeun kalayan daria.

“Geus manggih ayeuna mah! Uing geus meunang inspirasi!” cekéng téh bari ngarérét ka Si Badar anu keur anteng ngumbar paneuteup ka luareun kamar kontrakan bari nyerebungkeun haseup roko.

“Sukur atuh ari kitu mah. Rék ngangkat carita naon?” pokna Si Badar, meupeus simpéna peuting.

“Koordinasi 898 Pucuk Andéwi!” témbal kuring kalayan daria.

“Sok atuh, geura der nulis!” Si Badar méré sumanget.

“Enya arék. Tapi uing kudu ngobrol deui jeung Mang Kowi,”

“Iraha?”

“Ayeuna! Uing rék ka Giri Jaya heula, ayeuna,”

“Wanci kieu?” tanya si Badar, bangun anu mangwegahkeun.

“Enya, da henteu jauh ieuh. Paling ogé dua jam…” témbal téh bari ngarérét kana jam tangan, panceg mangsa pucuk peuting.

*

ANJOG ka Giri Jaya téh kira wanci janari leutik. Kaayaan geus simpé. Kilang kitu, di buruan warung Néng Déwi, aya mobil treuk anu parkir, ditambah ku motor aya kana limana. Hanjakalna lain treuk anu Mang Kowi, sanajan sarua dipasangan stiker “KOORDINASI 888”

Jrut turun, tuluy ngaléngkah muru ka lawang warung. Sakedapan ngarandeg bari rurut-rérét nengetan anu keur dariuk bari nyanghareupan gelasna séwang-séwangan.

‘Mangga, calik…” kitu ceuk hiji awéwé, bari nyampeurkeun kalayan daréhdéh naker. Apal kana rupa jeung dedeganna mah, da mindeng panggih, tapi teu apal ngaranana.

“Néng Déwi ka mana?”

“Oh, nuju istirahat sakedap…” témbalna. Aya nu nyentug kana haté. Tapi teu hayang loba cacarita, gék baé diuk, nyorangan.

“Badé ngaleueut naon?”

 “Cikopi baé sareng roko sabungkus…”

“Moal ngaleueut nu haneut-haneut?”

“Apan cikopi ogé langkung ti haneut…”

“Ih si Aa mah…” kituna téh bari nyiwit pigeulang. Léos manéhna indit muru ka rohangan tukang.

            Sajeroning ngadagoan pesenan, pangangguran nengetan deui para tatamu nu keur anteng ocon jeung pelayan warung. Karérét dina méja pangjuruna, hiji lalaki diuk nyorangan bari ngaroko bangun nikmat naker. Upama nilik kana rupa jeung dedegan mah, umurna moal jauh ti tilupuluh taunan. Awakna kaitung seseg, najan pendék. Manéhna unggeuk rengkuh, basa panon pareng paadu teuteup.

Pesenan kaburu datang kalayan masih dijajapkeun ku awéwé nu bieu. Sanggeus nyimpen gelas dina méja, gék manéhna diuk gigireun, malah siga ngahaja nyedekkeun. Padahal korsi téh lega kénéh.

            “Diréncangan ku abdi baé nya. Néng Déwi mah sok lami…” pokna.

            “Wios, nyalira baé,”                                       

            “Idih, mani somse…” kituna téh bari cengkat. Barang manéhna rék ngaléngkah, ras inget ka Mang Kowi.

            “Éh, sakedap!”

            “Tuh, pan hoyong diréncangan…”

            “Sanés, mung badé tumaros, manawi kenal ka Mang Kowi, anu sok nyandak treuk…”

            “Oh, biasana mah tabuh dua atanapi tabuh tilu tos aya di dieu, tapi duka kétang, da tara unggal wengi ka dieu sih,”

            “Ari ayeuna, ka dieu atanapi moal?”

            “Duka atuh. Engké baé taroskeun ka Néng Déwi,”

            “Ké, naha kedah naroskeun ka Néng Déwi?” puguh baé rada kerung.

            “Nya muhun atuh, da istrina!” pokna bangun nu héran.

Teu hayang némbalan, da ngadadak ratug tutunggulan, reuwas kareureuhnakeun. Naha jeung kumaha? Éta pananya minuhan kereteg dada, tapi teu hayang dikedalkeun. Teu kaharti. Apan Mang Kowi téh geus boga anak pamajikan di lemburna? Apan…

            “Har, naha janten ngalamun?” sorana ngagareuwahkeun rupaning sawangan.

            “Hen… henteu. Emh… iraha kitu nikahna?”

            “Aya panginten dua minggu mah,”

            “Oh, nuhun atuh nya…”

            “Si Aa itu ogé, nuju ngantosan Mang Kowi…” pokna deui bari ngarérét ka lebah lalaki nu tatadi diuk nyanghareupan méja pangjuruna.

            “Wargina panginten, nya?” tanya téh, pangangguran.

            “His, sanés! Ka dieu geura…!” kituna téh bari ngadeukeutan, biwirna méh antel kana cepil. Manéhna ngaharéwos. Najan teu pati écés, teu burung matak muringkak bulu punduk. Késang badag, késang lembut mimiti karasa maseuhan awak. Pangpangna mah ku teu nyangka, lalaki anu sakitu daréhdéhna pajarkeun téh salahsahiji usung-ésang KOORDINASI 898 anu kakoncara pangganggasna; Si Kampak.

            Teu hayang loba catur deui, harita kénéh ogé jung nangtung bari maling rérét ka lebah Si Kampak. Gap kana pésak calana, ngodok duit lambaran limapuluh réwu.**       

                       

 

Pondok Mustika, 25 Rajab 1426 Hijriyah


Comments
0 Comments

0 komentar: