Sabtu, 02 Juni 2018



Cartibag DHIPA GALUH PURBA

(1)

MANÉHNA ngabalieur bari nyumputkeun paroman beungeutna. Tapi da geus karérét najan ukur sakolébatan. Katénjo manéhna beuki samar-polah, teu puguh cabak. Kabuktian ramo-ramona kalah kop kana botol inuman. Padahal bieu téh asa teu salah nyarita, rék meuli roko.

“Sanés éta, Téh… abdi mah badé mésér roko!” ngahaja rada harus, bisi bieu teu kadéngéeun. Pré, botolna murag tur peupeus. Manéhna katara siga nu leuwih geumpeur.

“Punten, punten…” Kituna téh bari rampang-reumpeung. Beling jeung cai nu nguyumbang mah teu ditolih. Sorosod, manéhna muka kaca étalaseu. Kop kana roko, sabungkus. Ngasongkeun roko ogé tetep bari tungkul, siga nu hayang nyumputkeun rupana.

“Kadé bilih kacugak. Sawios diartosan wé nu peupeus ogé…” cekéng téh bari sok mikeun duit saratus réwu.

“Emh… teu kedah. Sawios da lepat abdi…” témbalna.

“Tapi pan gara-gara aya akang, janten wé peupeus,”

“Henteu. Sanés. Lepat abdi…” kituna téh bari muka sorog handapeun étalaseu. Teu kaciri eusina mah. Tapi tangtuna ogé sorog paranti nyimpen duit. Katingali leungeunna sga nu keur milihan duit keur pangangsulan. Tapi manéhna ngahuleng sakedapan.

“Punten, kagungan artos pas?” tanyana bari rada tanggah, tuluy tungkul deui, siga nu teu wanieun paadu teuteup.

“Teu gaduh. Sadayana saageung kitu. Mangga wé candak sadayana, da abdi mah rido…” ngahaja ngabanyolan, ngarah teu geumpeureun teuing.

“Ih, alim,”

“Ké sakedap, manawi aya dina mobil,” cekéng téh bari ngaléngkah, muru ka tempat markirkeun mobil. Blak, panto mobil dibuka. Sabenerna mah lain rék néangan duit anu pas, da lamun niat mah dina pésak calana ogé aya. Nyelang kana mobil téh rék nyokot kartu nama tina jero tas. Tapi ngarah jiga, kapaksa wé api-api kokotéténgan. Sangeus rada lila, kakara wé kaluar deui. Bluk, panto mobil ditutup. Saméméh muru ka warungna, ayeuna mah tanggah heula nengetan imahna nu kaitung agréng. Dua tingkat jeung lalega. Toko ngahiji jeung imahna. Ukur méakeun sapertilu tina lébarna imah.

Srog deui ka jero toko. Manéhna masih kénéh ngajengjen di tempat saméméhna. Masih kénéh ngeluk tur melenguk. Pasti manéhna bener-bener kasima. Sanajan bgeluk tur satékah-polah nyumputkeun rupana, tapi geus kaburu katohiyan. Ti barang mimiti jrut tina mobil ogé, beungeutna geus katénjo. Puguh baé basa srog ka buruan toko, rupana katingali leuwih atra. Mémang basa mimiti nénjo mah masih kénéh rada asa-asa, bisi salah titingalian, sanajan ti saméméhna geus ngarasa yakin yén ieu toko téh anu manéhna.

“Teu aya récéh, Yum. Wios wé atuh angsulna mah saayana wé heula. Ké énjing-pagéto, abdi kadieu deui…” nyobaan nebut ngaranana, kalayan réaksina beuki natrat. Teu salah, ngaran manéhna pasti Ayum. Tadina mah rada asa-asa, bisi saukur sandiasma.

Manéhna milihan duit tina sorog. Tuluy ngasongkeun sababaraha lambar uit pamulangan bari anger ngeluk. Gap, ramona diranggeum. Diusapan. Lemes kabina-bina tur aya nu nyérédét kana satungkebing rasa. Manéhna henteu baruntak. Tapi angger ngeluk, lir anu teu weléh hayang nyumput. Padahal geus taya gunana nyumput ogé. Sabab ayeuna mah beuki yakin, yén manéhna pisan anu patepung di…

**

WANCI ngagayuh ka tengah peuting. Malem Juma’ah Pon. Langit angkeub jajauheun ka geugeut. Bayeungyang awak sakujur. Hareudang satungkebing rasa. Kilat patingburinyay lir motrét puluhan beungeut anu keur pagelek-gelek di sabudeureun pajaratan. Awéwé jeung lalaki. Ku taksiran, rata-rata umurna antara saparapat nepi ka satengah abad. Pasesedek, hayang pangdeukeutna kana jahul.

Kaayaan ngadadak simpé basa Ki Kuncén mimiti gegerenyeman mapatkeun jampé-jampé nu basana teu pati kaharti. Basa Jawa sigana mah. Jempling ngalingling peuting. Ukur sora gegerenyeman Ki Kuncén nu meupeus simpé, sanajan ari galécok na saban haté mah bisa jadi kawilang ramé. Ti saban dadasar haté, mentangkeun jamparing sawangan jeung lalayang kahayang.

Ké, naon ari kahayang diri sorangan? Asa teu bararaid lamun kudu kabawakeun ku jalma-jalma anu cara mikirna geus jauh tina réalistis. Tadi rebun-rebun, tuturubun miang ti Bandung, ngagandong kantong nu eusina laptop jeung CD program. Tangtu wé program bajakan, da anu original mah awis kabina-bina. Jeungna deui, di Indonésia mah geus tradisina maké program bajakan. Meulina ogé ti nu ngampar di trotoar, peuntaseun pisan kantor pulisi.

Anjog ka statsion Hall. Gura-giru muru kana karéta. Clé, naék karéta bajakan… aéh, sigana karéta mah lain bajakan basana, tapi karéta séken. Bubuhan karéta original mah awis kabina-bina. Kajeun teuing lah, nu penting mah gancang wé ngabelesatna tur anjog ka tujuan kalayan salamet. Milih kelas éksékutif, ngarah tumaninah jeung gancang nepi. Jam dua leuwih saparapat, karéta séken geus anjog ka statsion Solo. Tadina mah rék solat lohor heula, tapi asa rada wararegah. Pangpangna mah melang kana eusi kantong. Sieun aya nu maling sabot keur wudu. Basa leungit kaméra digital di Terminal Cirebon ogé, apan harita téh sabot ditinggalkeun wudu. Padahal kantong téh dipihapékeun ka tukang nampung titipan barang anu resmi. Dasar bangsat! Boa-boa harita téh kongkalingkong jeung patugas penitipan barang.

Ti statsion karéta, naék beus jurusan Purwodadi. Bubuhan tempat anu rék dijugjug téh tacan pati apal perenahna, kapaksa rada tatanya heula ka kondéktur, puguh baé bari haharéwosan. Éra nanyanakeunana. Kondéktur ogé bangun anu surti. Manéhna ukur unggeuk bari jangji rék ngabéjaan lamun geus waktuna kudu turun. Atuda béda jeung dina internét. Hayang anjog ka nu dituju téh kari mencét www.anu.com. Dina teu nyaho atawa poho deui, kari muka situs www.google.com atawa situs séjénna nu méré layanan pikeun maluruh alamat. Tapi… anggap wé kondéktur ogé sabangsaning www.google.com.

Jrut, turun tina beus. Rét kana jam tangan. Kakara jam tilu. Tapi panonpoé geus ampir katutupan méga hideung. Langit ceudeum. Sigana hujan kari sacur-cureun. Rurusuhan muru ka jalan mudun. Saméméhna ngarérét heula kana plang anu ditancebkeun di sungut jalan. Enya, teu salah kondéktur téh, abong disebut google.com. Srog ka sisi situ. Aya tilu parahu jeung tukang ngawélah. Nu maké dudukuy ngabagéakeun tur nawaran pikeun meuntas. Mémang, taya deui jalan iwal ti kudu numpak parahu, da moal bisa nga-instal heula program kapal laut mah. Aya éta ogé jalan badarat, tapi asupna kudu ti Jalan Gemolong, geus kaliwat bari jeung sarua-rua kénéh kudu numpak angkutan tur tangtuna ogé kudu mayar. Sajeroning adu-rega ongkos naék parahu, saurang wanoja teu eureun ngaréwong nawarkeun kembang anu dibungkus ku daun cau. Cenah mah éta téh tujuh rupa kembang keur engké nyekar di pajaratan. Antukna mah ongkos numpak parahu geus sapuk, atuh kembang ogé kapaksa dibeuli, da ngajualna bangun anu maksa, pilakadar limarébu pérak.

Numpak parahu, ngangkleung meulah situ. Aya kasempetan tatanya ka tukang parahu ngeunaan tempat anu rék dituju. Barang dtanya téh, manéhna giak ngawalon, malah semu atoheun naker diajakan ngawangkong. Cenah mah ti isuk-isuk mula ogé geus ngaleut nu mareuntas, ti Jakarta, Bandung, Surabaya, jeung sajabana. Sabab, anu leuwih apdol mah nyekar ka pajaratan téh mémang dina malem Juma’ah Pon.

“Istrinya udah duluan ya, Mas?” tanyana.

“Saya belum punya istri, Mas,” témbal téh. Ngahaja, api-api teu ngarti.

“Lho, maksudku bukan istri yang di rumah. Tapi… istri batin…”

“Istri batin gimana?”

“Mas baru ya ke sini?” manéhna malik nanya.

“Iya, pingin tahu aja…”

“Ntar mau jiarah kan?”

“Iya,”

“Nah, nanti setelah jiarah, Mas harus ngejalanin saratnya,”

“Apaan saratnya?”

“Ya… harus nyari pasangan buat jadi istri batin,”

“Waduh, gimana caranya? Saya kan belum pada kenal…”

“Tenang saja, di sana banyak koq. Tapi kalau mau lebih bagus, mestinya Mas bawa istri orang. Itu bisa lebih cepat kaya raya, Mas…”

“Ah, masa?”

“Cobain saja…” pokna bangun nu yakin. Sakolébat beungeut Riska némbongan. Minggu kamari manéhna dibawa meuting di Cipanas, basa kaparengan salakina keur nyaba ka luar kota.

Naon rupa anu diomongkeun ku tukang parahu téh sabenena geus nyaho. Si Darojat, babaturan di Bandung, geus kaitung rada lengkep medar ngeunaan pajaratan Pangéran Samudro jeung Ratu Ondrowulan. Nurutkeun Si Darojat, éta pajaratan nu kiwari pada ngajugjug téh mangrupa pajaratan kutukan. Nurutkeun sasakalana, Pangéran Samudro katohyan salingkuh jeung indung téréna, Ondrowulan. Wiwirang di kolong catang tumiba ka kulawarga karajaan. Antukna duanana dipaténi. Tapi saméméh paragat, Pangéran Samudro jeung Ondrowulan masih sempet ngalahir: sing saha baé nu isuk jaganing géto aya anu daék nebus wiwirangna, mangka hirupna bakal medah-meduh, beunghar moal kapalang, tur bisa nyangking pakaya nu kawilang rongkah. Nu pacabakanana tatanén, bakal mucekil hasilna. Nu dagang, bakal payu daganganana. Jeung lian-lianna.

Jrut, tina parahu. Enya wé, sanajan langi beuki angkeub, tapi jalma mani ngaliud. Warung-warung nu ngajajar sapanjang jalan, katingalina téh mani haneuteun. Méh saban imah dipaké warung. Boa urang dieu mah kabéhanana ngawarung. Puguh baé mimitina rada barieukeun milih warung téh. Rét ka hiji warung anu teu pati réa jalma. Teu loba mikir deui, blus wé asup. Tilu urang lalaki jeung dua urang awéwé keur anteng nyuruput inuman bari sempal-guyon bangun anu geus loma. Lalaki nu pangkolotna buru-buru cengkat, ngabagéakeun bari nyiapkeun bangku kosong. Pasti manéhna nu boga warung.

Silahkan duduk, Mas. Mau minum apa?” kitu pokna. Teu nyalahan, mémang nu boga warung.

Kopi aja, Mas,” témbal téh bari ngécagkeun kantong kana bangku, sarta gék diuk. Manéhna gusat-gesut nyieun cikopi. Téréh naker, da teu lila ogé geus ngurunyung bari mawa cikopi. Sok, ditunda dina méja.

Rokoknya sekalian?” tanyana deui.

Iya, Mas, rokok kretek sebungkus…” témbal téh bari kop kana gelas cikopi. Suruput, disuruput, diuyup lalaunan, da puguh panas kénéh. Manéhna ngojéngkang deui muru kana rak. Teu lila, tuluy nyampeurkeun bari mikeun roko. Malah geus kitu téh manéhna ogé gék diuk gigireun. Sakolébat panon ngarérét ka awéwé anu saméméhna keur ngawangkong jeung manéhna.

Silahkan Mas, kalau lagi ngobrol, dilanjut saja…” cekéng téh bari ngarérét ka gigireun. Karunya, bisi kaganggu.

Ah, enggak, santai saja,” témbalna bari ngarérét ka nu beuki anteng sempal-guyon. Sakedapan kabawakeun ningali ka lebah maranéhna. Malah tuluy ditengetan saurang-saurang. Anu keur ocon sempal-guyon téh tiluan. Dua urang lalaki jeung saurang awéwé. Ari awéwé nu saurang deui mah diukna ogé rada nenggang, anteng sorangan ngenyot roko bangun anu nikmat naker. Pakéanana sing sarwa mini, lir anu hayang némbongkeun kapeungkeuran awakna. Beungeutna ogé camohok ku wedak. Teu pati alus keureutan rupana mah, tapi katulungan ku awakna. Sabéngbatan ogé langsung kataksir, yén éta awéwé pasti moal jauh ti ungkluk.

Rét deui ka nu tiluan. Awéwé diuk di tengah, diapit ku dua urang lalaki. Ké, ké… nilik kana keureutanna mah asa henteu jiga-jiga awéwé teu bener. Pakéanana biasa-biasa waé, basajan. Maké calana panjang kalayan henteu merecet, tur ka luhurna ogé dikaos panjang, lumrah wé. Beungeutna mémang henteu dilapis wedak, tapi da manéhna mah katingalina geus camperenik bawana ngajadi. Awakna ogé sampulur. Ku taksiran, jangkungna 170 Cm, beuratna 63 Kg. Tuuuh… idéal pisan. Atuh umurna paling ogé 30 taunan.

Anéhna, wanoja anu sakitu camperenik téh bet dadaékanan diuk pagéyé-géyé jeung dua urang lalaki anu kalintang henteu nurub cupuna. Teu mécing. Lalaki nu hiji, buukna gimbal, kulit hideung, rupana ogé henteu kasép, jeung umurna asa moal kurang ti 40 taun. Nu hiji deui mémang siga rada ngora kénéh. Tapi pakéanana asa mapantes manéh pisan. Iwal ti warnana anu teu nyambung téh, katambah mani kalalotor, boa geus saminggu acan diseuseuhna ogé. Rada aya rupaan, tapi kuleuheu.

“Dari mana, Mas?” tukang warung ngaharéwos, ngagareuwahkeun rupaning sawangan.

            Jakarta,” témbal téh, da piraku rék dipénta KTP mah.

            “Oh, jauh juga. Emh… enggak bawa pasangan? Atau udah janjian?”

            “Enggak, Mas…” témbal téh.

            “Kalau begitu, sama dia saja. Namanya Susi,” kituna téh bari ngarérét ka awéwé nu beuki anteng ngenyot roko, sakapeung diselangan ku nginum. Lain cikopi, da sidik tina mérekna ogé éta mah inuman anu ngandung alkohol.

            “Memangnya mesti punya pasangan, Mas?” pangangguran nanya téh.

            “Lho, itu kan buat saratnya. Nanti kalau sudah ziarah, Mas harus nikah batin…” témbalna.

            “Terikat apa enggak, ya?”

            “Ah, enggak. Cuma buat sarat aja, biar maksud cepat terkabul…”

            “Berapa bayarnya?”

 “Itu sih terserah. Nego aja sama orangnya…” témbalna bari ngojéngkang ka lebah Susi. Puguh baé ngaranjug. Tapi haté ngemplong basa leungeun tukang warung ngarongkong saklar lampu. Cetrék, bray! Beuki atra kaayaan jero warung téh. Bréh, di beulah tukang aya panto ngabaris, jumlahna tujuh. Saban panto dinomberan.  Siga hotél baé. Tapi kaayanana jauh taneuh ka langit. Di dieu mah kamarna ogé meni asa laleutik pisan ukuranana. Ditaksir téh paling ogé lébarna 1,5 méter. Teuing tah panjangna mah, kudu nyobaan heula asup. Mangkaning dipenggelna ogé sigana mah ku triplék, da puguh titibing warung ogé ku triplék. Lalangitna wé maké bilik.

Réngsé nengetan kaayaan warung, panon téh bet eunteup deui ka si camperenik. Teuing kunaon, saban neuteup manéhna, bet aya nu gaguruh dina jeroning dada. Sakolébat, manéhna malik neuteup. Buru-buru ngabalieur, méngparkeun panon ka tukang warung anu kakara diuk deui di gigireun.

            “Kalau dia udah ada diboking ya?” rada haharéwosan nanya téh, bari ngarérét ka nu keur digugulung ku dua urang lalaki.

            “Dia sih tamu, sama mau jiarah…”

            “Jadi, kalau tamunya wanita, gimana nyari pasangannya?”

            “Lho, yang laki-laki itu kan pasangan dia…”

            “Yang mana, Mas?”

            “Dua-duanya,”

            “Dua-duanya?”

            “Iya, dia memang punya suami batin dua orang. Katanya sih biar cepat kaya. Dan bener juga, sekarang usahanya makin sukses. Katanya sih dia buka toko…” manéhna kapapanjangan.

            “Emh… jadi… dia datang ke sini sama pasangannya?”

            “Enggak. Itu yang laki-lakinya orang sini. Dulu, saya yang ngenalin sama dia. Terus, saya kasih saran, kalau ke sini lagi, suami batinnya jangan ganti-ganti.

            “Oh…” ukur kitu koméntar téh, bari ngarérét kana jam tangan. Geus jam genep geuningan, tapi asa teu ngadéngé adan Magrib. Kaayaan di luareun warung beuki poék. Angkeub ti burit mula, tapi anéh hujan téh henteu cur baé.

Ngawangkong ngalér-ngidul jeung tukang warung, kaselang ku ditinggalkeun sabot ngaladangan. Beuki lila, tamu beuki loba. Jul-jol, nu daratang papasangan sarta tuluy dariuk di warung. Warung ogé mingkin haneuteun. Aya nu saukur nginum kopi, susu, téh manis, tug nepi ka inuman anu ngandung alkohol. Awéwé-lalaki geus henteu ragab. Sempal-guyon bari ocon, malah sakapeung mah sok kaleuleuwihi heureuyna téh, boh obrolan atawa paripolah.

“Berapa yang ke luar!” tukang warung ngagorowok, basa tilu urang  lalaki ngaliwat.

“98! Mau pasang lagi, enggak?” témbalna.

“Enggak ah, kalah terus dari pagi!” pokna tukangwarung, bari semu kutuk gendeng. Teu hayang nanyakeun, da geus pasti urusan judi lokal. Ngocokna ogé pasti manual, da asa teu ngambeu-ngambeu komputer. Suasana sabudeureun tempat jiarah téh éstuning matak kerung nu anyar apal. Untung wé saméméhna geus dibekelan rupaning informasi ti Si Darojat.

Tit…! Hapé disada, ngabéjaan aya SMS. Ngahaja nadana minimalis. Hapé dikodok tina saku calana. Tuluy SMS dibaca. Pa Handoyo nu ngirimna. Eusina, “Jadi besok ke Solo?” kitu cenah. Langsung wé dijawab deui ngaliwatan SMS, “Ok, jadi!” Cukup sakitu ogé. Hapé disimpen deui kana saku calana. Rét kana jam tangan. Wanci geus nyedek ka tengah peuting. Nu ngagimbung di warung mimiti carengkat. Tuluy babayar ka tukang warung. Si Camperenik ogé cengkat. Manéhna nyampeurkeun tukang warung. Tuluy ngasongkeun duit saratus réwu, bari pok nyarita, “Entar aja kembaliannya. Eh… kamarnya nomor satu ya Mas…!” kitu cenah.

“Siaaap…” ceuk tukang warung bari nyéréngéh.

“Ayo, takut enggak kebagian tempat!” lalaki nu rada ngora, ngaléng si camperenik ti kéncaeunna. Lalaki nu hiji deui ogé siga nu embung éléh, da langsung ngaléng si camperenik ti katuhueunana. Léos, maranéhna kaluar ti warung.

“Mas, kamar nomor dua, saya yang boking! Ntar aja ngitungnya” cekéng téh bari ngeupeulan duit anu jumlahna sarua jeung si camperenik.

“Itu tasnya simpan di kamar saja!” pokna tukang warung bari nunjuk ka panto kamar. “Mau dibawa aja, Mas,” kitu némbalan téh. Lalawora pisan lamun kudu nurut mah. Laptop téh lain barang murah. Nu leuwih pentingna, sagala rupa piduiteun téh ngancikna dina laptop. Cilaka kabina-bina lamun laptop leungit téh.

“Emang isinya apa, Mas?” tanya tukang warung.

“Cuma baju doang…” kitu némbal téh. Da piraku kudu ditataan nu sabenerna mah, kuriak aya nu ngadodoho.

“Oh, ya sudah kalau mau dibawa juga tidak apa-apa. Nanti tidurnya di sini ya…” pokna deui tukang warung.

“Iya, Mas…” bari ngajawab téh buru-buru ngaléngkah, hayang leumpang tukangeun si camperenik. Enyaan, lenjang disawang ti tukang téh. Manéhna tonggoy leumpang, nété tétécéan nu nganteurkeun ka hiji wangunan geusan pangiuhan pajaratan Pangéran Samudro jeung Ondrowulan. Blus, blus, arasup, paheula-heula sila hareupeun pajaratan. Ari awéwé mah tangtu wé arémok.

Enyaan teu réalistis cara malikirna téh. Saréréa némbongkeun pamulu nu husu, sigana pada-pada ngedalkeun rupaning kereteg haté, seja muntang tulung ka nu ngageugeuh…


(2)


“TADI sih didiemin saja, jadi keburu ada yang nyamber…” pokna tukang warung bari ngahéhéh. Kapaksa milu seuri. Padahal da asa henteu pati ngarasa hanjelu. Paduli teuing Susi rék diboking ku sasaha ogé, da teu pati ngarey. Tadi ogé ukur dirérét ku juru panon, basa Susi dikaléng ku saurang lalaki, sarta blus arasup ka kamar nomor tilu. Malah sakur nu arasup ka jero kamar téh karérét. Tina tujuh kamar, kabéh ogé geus aya eusian. Tinggal kamar dua nu tacan diasupan téh.

            Paralak, paralakak…! Sora ci hujan ninggang séng. Sora guludug piligenti jeung kilat tingburinyayna. Ger, hujan ngagebrét.

“Ya udah, saya cariin ke warung sebelah. Kali aja ada yang masih nganggur…” kitu pokna tukang warung bari cengkat. Tayohna mah karunyaeun pédah can meunang layan.

“Enggak usah, Mas. Nyantai saja…” témbal téh bari rada mésem.

“Lho, percuma jiarah kalau tidak ngejalanin saratnya…” manéhna kerung.

“Tapi saya agak pusing, Mas. Mual lagi. Kayanya mendingan tidur saja…” kitu témbal téh bari ngarérét ka lebah panto kamar.

“Ya, kalau memang pusing, tidurin aja, Mas! Buat sarat sih besok juga enggak apa-apa,” pokna. Plong, haté asa longsong. Ti barang anjog ogé haté geus panceg, moal nepi ka kagoda ku ungkluk di ieu tempat jiarah. Teu ari-ari maké jeung kudu ngaboking ungkluk. Sarua baé ungkluk mah di mamana ogé, boh di diskotik, di internét, pon kitu deui di tempat jiarah. Pangpangna mah haté teu méréan lamun kudu rucah dina raraga ngalakonan sarat hayang beunghar. Mémang rumasa henteu kaasup jalma bener. Tapi ari nepi ka kudu musrik mah kéheulaanan. Najan enya hayang beunghar, tapi ari ku cara muja ka Si Samudro mah asa bararaid. Maké jeung aya istilah istri batin atawa suami batin. Rucah mah nya rucah wé, teu kudu dibungkus ku mistik sagala rupa. Ti Bandung mula ogé niatna ukur hayang ngabuktikeun bener henteuna dongéng Si Darojat. Tétéla geuningan teu nyalahan.

Tujuan miang ti Bandung ka Solo téh, anu utamana mah rék nepungan Pa Handoyo, rék ngagawéan proyék web-site. Hayang ditungkulan cenah nyieun desain web-na, ngarah bisa luyu jeung sakahayangna. Teu bisa nampik, da manéhna siap mayar kalayan rega anu kawilang pantes. Biasana mun aya nu ménta dipangnyieunkeun web téh tara pangih-panggih acan jeung jelemana mah. Cukup ditalék, hayang jiga kumaha karakteristikna, sarta dibéré sababaraha alternatif desain piliheun. Tapi Pa Handoyo mah keukeuh nitah ka Solo. Kajeun ngongkosan, malah ngajangjian rék méré nu bahénol sagala. Tapi langsung ditampik, kalayan api-api teu resep. Atuda nu kararitu mah bisa néangan sorangan ieuh, teu kudu dipatalikeun jeung urusan bisnis, bisi apes. Rada narsis tah Pa Handoyo téh. Mangkukna geus dipangmeulikeun domain, kalayan ménta dingaranan www.handoyo-yes.com.

“Mau tidur sekarang?” tukang warung nanya deui. Kaayaan geus mimiti karasa simpé. Ukur séahna hujan nu beuki ngagedéan.

“Iya, tidur saja deh…” témbal téh bari jung nangtung, tuluy ngaléngkah muru ka lawang panto kamar nomber dua. Sakolébat ngarérét kana panto kamar nomber hiji. Enya, teu nginjeum panon, si camperenik téh asup ka kamar nomber hiji kalayan dituturkeun ku dua urang lalaki. Teu hayang ngarérét ka kamar nomber tilu mah.

Blak, panto dibuka, blus ka jero kamar. Enya, hareurin pisan. Panjangna ukur 2 méter. Teu nyalahan, pipindingna ogé maké triplék. Sok, kantong ditunda gigireun. Golédag, ngagolér bari neuteup lalangit bilik nu rupana konéng kacaangan ku lampu lima wat. Ceuli ngadadak rancung barang ngadéngé nu humarurung ti kamar tilu. Komo deui, sora ti kamar mah hiji asa leuwih harus kadéngéna, matak ngarey sakujur awak. Keteg jajantung ngagancangan. Haté teu puguh rarasaan. Sakolébat bet aya rasa hanjakal henteu ngaboking Susi.

Samenit, dua menit, haté masih bisa dikadalikeun. Sora rerekétan, nu humarurung, nu ngarahuh, teu weléh kadéngé. Lila-lila mah teu kuat. Buru-buru hudang, sarta ngojéngkang muka panto. Tuluy ka luar ti kamar dibarung rupa-rupa rasa nu pagaliwota minuhan dada. Kasampak tukang warung keur bébérés. Panto jeung jandéla warung geus ditutup-tutupkeun.

“Lho, belum tidur juga, Mas?”  

“Iya, ditidurin juga susah…” témbal téh bari gék diuk, nyanghareupan méja anu kakara dielapan.

“Mau minum kopi lagi?” tanyana.

“Jangan kopi, Mas. Coba minta yang hangat-hangat…” tangtu manéhna surti, yén anu dipénta téh inuman nu ngandung alkohol. Enya wé, da langsung ngojéngkang muka lomari. Tuluy nyokot inuman tilu botol. Tutupna dilaanan heula. Sanggeus kitu, dijagragkeun dina méja.

“Makanya biar bisa tidur, saya cariin buat nemenin…” pokna.

“Enggak usah, Mas. Mending minum aja. Ayo minum, Mas!” cekéng téh bari kop kana beuheung botol. Leguk, leguk, diuyup, teu dirasa sanajan pait ogé.

“Terimakasih. Saya enggak minum, Mas,” témbalna. Gék manéhna diuk di peuntaseun méja.

“Kalau mau tidur duluan, silahkan Mas. Biar saya sendiri aja di sini. Jangan takut, saya pasti bayar…” cekéng téh bari kop deui kana botol séjén.

“Wah, kalau itu sih percaya. Tenang saja. Saya masih nunggu istri koq…” témbalna.

“Memangnya lagi kemana? Dari tadi, saya tidak melihat istrinya Mas…” panasaran, da tatadi mula asa teu kungsi nyabit-nyabit pamajikanana. Tapi manéhna teu némbalan. Ukur mésem bari ngarérét ka lebah panto-panto nu ngajajar.

Kolotrak, panto nomber tujuh muka. Teu lila, sapasang manusa deukeut-deukeut kana tengah tuwuh kalaluar bari saukur dibulen anduk. Maranéhna muru kana panto pangtukangna. Gewur, gewur, kadéngé sora ti kamar mandi. Keur marandi sigana mah.

“Dia juga orang Jakarta,” pokna tukang warung, rada ngaharéwos.

“Yang laki-laki atau…”

“Ya, yang laki-laki. Dia bawa mobil sendiri,”

Panjang umurna mah. Nu lalaki geus norojol tina panto tukang. Tuluy asup deui ka kamar tujuh. Teu sawatara lila, ka laur deui bari geus maké pakéan sapuratina. Manéhna ngaléngkah, nyampeurkeun. Gék, diuk, gigireun tukang warung.

“Aku mau balik ke sekarang…” kitu pokna.

“Lho, masih hujan Mas,” ceuk tukang warung.

“Enggak apa-apa,” témbalna bari nyolongkrong ngajak sasalaman. Gap, ditampanan ku tukang warung. Jung, manéhna nangtung bari ngarérét ka nu ngalalar ti beulah tukang. Teu kanyahoan datangna, awéwé nu awakna ukur dibulen anduk ujug-ujug geus nangtung gigireun tukang warung.

“Jadi, mau maksa berangkat sekarang?” tanyana bari ngagibrigkeun buukna nu kulimis.

“Ya, malam Jum’at pon pasti ke sini lagi…” kituna téh bari gap kana tak-takna. Celepot, nyium tarangna. Tukang warung ngojéngkang ka lebah panto. Keletrék, tulakna dibuka. Blak, panto muka. Hujan geus ampir raat, tapi masih kénéh ngapruy. Lalaki urang Jakarta ngaléngkah ninggalkeun warung, dijajapkeun ku paneuteup tukang warung nepi ka leungit dilegleg mongkléng. Bluk, panto ditutupkeun deui.

“Boleh minta minumnya?” awéwé nu dibulen anduk geus diuk gigireun.

“Silahkan…” témbal téh bari ngagésérkeun botol inuman.

“Terimakasih ya…” kituna téh bari gap kana beuheung botol. Leguk, leguk, aya kana lima legukna nguyup inuman.

“O ya… kenalin ini Sumi, istri saya…” pokna tukang warung bari ngarérét ka awéwé nu diuk gigireun. Puguh wé ngaranjug kabina-bina. Sajongjongan mah asa cangcaya. Tapi da asa teu salah déngé. Rét, ka gigireun. Manéhna imut bari nyolongkrong ngajak sasalaman.

“Sumi,” pokna.

“Darma…” cekéng téh bari nampanan leungeunna. Haneut nyambuang tingseleser kana satungkebing rasa.

“Yang tadi itu suami batinnya,” pokna deui.

Aya kénéh nu hayang ditanyakeun téh. Tapi teu kebat, sabab aya nu gegedor kana panto. Malah bari tingceuleuweung ngageroan ngaran Marno.

“Wah, bahaya, cepat masuk ke kamar!” ceuk tukang warung.

Ada apa memangnya?”

“Dari kemarin, Si Marno sudah pada nyari. Pasti sekarang mau digebukin…”

“Marno?”

“Si Marno itu yang tidur di kamar satu! Ayo cepat masuk kamar!”

Sumi tibuburanjat bari ngajéwang pigeulang leungeun. “Ayo ke kamar saya aja!” kituna téh bangun nu maksa, metot leungeun, mamaksa asup ka kamar tujuh. Blus, ka kamar tujuh. Bluk, panto kamar ditutup. Jeprét, ditulakan.

Sumi ngagolédag dina ranjang bari barawél simbut. Tuluy diharudum simbut. Belewer, anduk dibalangkeun ka tunjangeun. “Ayo, tidur di sini!” kituna téh bari metot pigeulang leungeun.

“Ya, tunggu dulu…” cekéng téh bari ngépéskeun leungeun Sumi. Ukur diuk di sisi ranjang bari ngadédéngékeun nu pahibut di rohangan tengah. Sora lalaki, sigana leuwih ti tilu urang, sesentak ka tukang warung, nanyakeun kamar Si Marno. Tapi teu lila, aya panto kamar ngolotrak. Sigana mah ti kamar hiji. Sabab, nu sesentak ka tukang warung téh, jadi malik hahaok bari nyebut ngaran Marno. Malah aya sora ngajekuk jeung ngagoak.

“Sudah, sudah, kalau mau berantem, jangan di sini! Ini kan warung. Malu, lagi banyak tamu…” kadéngé sora tukang warung, rada leuleuy. Nu gararandéng téh ngajauhan. Beuki jauh, tug nepi ka henteu kadéngé deui. Geus kitu mah kakara wé cengkat.

“Mas, sudahlah tidur aja di sini…!” Sumi ngageroan. Teu hayang ngalieuk, da puguh ari pangjurung tina jeroning dada mah ngabebela. Hayang kitu, hayang kieu. Tapi… sieun musrik. Gap kana tulak panto. Blak, panto dibuka. Léos, ninggalkeun kamar Sumi. Di rohangan tengah, ukur aya tukang warung nu keur diuk sorangan.

Ada apa sebenarnya, Mas?” tanya téh bari gék diuk gigireunana.

“Biasa, masalah judi. Ah… itu urusan biasa, anak muda. Mereka tidak akan berani mengganggu tamu,”

Sakolébat, panon néwak lokét nu ngagolér handapeun méja. Teu loba mikir, langsung wé dicokot.

“Ini dompe siapa, Mas?” cekéng téh bari ngasongkeun lokét.

“Enggak tahu…” témbalna bari kerung.

Kita lihat saja isinya.Barangkali ada KTP…” cekéng téh. Manéhna unggeuk, nyatujuan.

Lokét dibuka. Dipariksa eusina. Tapi ukur aya duit sababaraha lambar. Teu maggih KTP atawa tanda pengenal nanaon. Aya ogé lipetan keretas anu geuslecek. Panasaran, tulisanana dibaca. Tapi ngaran awéwé jeung alamatna. Ké, ké, naha alamat Bandung? Keretas buru-buru dilipetkeun deui. Sup, disimpen deui kana urutna.

“Gak ada pengenalnya…”

“Ya udah, nanti besok aja ditanyain ke Si Marno. Sepertinya dompet Si Marno. Dia memang tidak punya KTP…” pokna tukang warung bari tuluy ngarawatan lokét. Lamun bener éta lokét si marno, hartina aya kamungkinan ngaran jeung alamat awéwé nu ditulis téh taya lian… si camperenik. Untung inget kénéh. Moal nepi ka poho. Piraku teuing, ngapalkeun pasword ogé aya kana duapuluhna, teu poho. Komo deui ngapalkeun ngaran jeung alamat hiji awéwé nu teu weléh rioriakan dina kongkolak panon.

“Kasihan, Mbak Lina ditinggalin…” pokna tukang warung.

“Dua-duanya pergi? Kan Cuma Si Marno?”

“Enggak. Si Tanto juga ikut pergi…” témbalna.

“Saya mau tidur dulu, Mas. Sekarang sudah mulai ngantuk…” jung nangtung. Léos, ngaléngkah muru ka kamar dua. Saméméhna ngarérét heula ka panto kamar hiji. Lina ngan sorangan. Siuup ka jero kamar. Gap kana kantong. Tuluy dipariksa eusina. Euweuh nu leungit. Golédag, ngagolér dina ranjang. Ti kamar hiji euweuh sora nu rerekétan deui, jempling. Tapi ti kamar tilu mah kadéngé sora tinggerendeng. Sakapeung Susi nyikikik. Ngagoda pisan Susi téh. Ras inget ka kamar hiji. Lina ngan sorangan. Moal nanaon kitu lamun pantona diketrok? Tuluy asup, ngajak wawanohan. Ah, bisi piomongeun kétang. Nu jelas, asa yakin pisan, ngaranana pasti lain Lina. Ras deui ka kamar tujuh. Kari daékna, tinggal blus ka jero kamar. Sumi pasti atoheun naker. Tapi éta kahayang téh buru-buru disieuhkeun jauh naker. Mémang rumasa lain jalma bener. Salila ieu, lamokot ku dosa. Tapi… ari digolongkeuyn jalma musrik mah kéheulaanan. Ku kituna, satékah-polah ngonci kahayang, sangkan henteu nyorang rucah di…


(3)


GUNUNG Kemukus. Lalakon nyileuk sapeuting jeput narémbongan deui. Bari nampanan pamulangan téh, panon teu leupas neuteup beungeutna. Bet kadéngé deui sora rerekétan, humarurung, jeung nu rénghap-ranjug.

“Malem Juma’ah énjing badé ka itu deui?” ngahaja nanya kitu, ngarah langsung keuna kana mamarasna. Teu nyalahan, da manéhna ngaranjug. Sakilat cengkat tina tungkul. Teup, neutep seukeut.

“Hé hé hé… meni galak melongna, tapi lucu. Asa langkung menggairahkan. Éh, muhun kan énjing téh dinten Kemis? Maksad téh Malem Juma’ah Kaliwon…” salsé wé nyarita téh, najan bari dipencrong sakitu seukeutna.

            “Maaah! Si Adé tos gugaaaah!” kadéngé sora lalaki ti jero imah. Manéhna ngaranjug kadua kalina bari ngalieuk ka lebah datangna sora.

            “Ieu kartu nami akang. Diantos telepon atanapi SMS-na!” nyarita kitu téh bari nyimpen kartu nama luhureun étalaseu.

            Ngan sakilat, katu nama dicokot, sarta tuluy disakuan. Léos, manéhna ngaléngkah muru kana panto anu nyambungkeun jeung imah. Saméméh muka panto, manéhna kaburu kénéh ngalieuk. Aya isarah nu kabaca tina beungeutna. Enya, manéhna nitah buru-buru indit sarta jangji bakal ngontak kana hapé. Kitu meureun ku kira-kira mah harti nu kabaca tina ekspresi beungeutna. Nyaah kabina-bina. Wanoja camperenik, tapi tukang rucah.

            Isukna, rebun-rebun kénéh manéhna geus ngirim SMS. Cenah mah manéhna geus ngadagoan di statsion karéta, tur geus meuli tikét keur duaaneun. Manéhna ngajak ka Solo babarengan.

            “Kadieu wé heula!” kitu témbal téh, sarua ngaliwatan SMS.

            “Énggal, bilih telat!” kitu balesanana.

            “Wios, gampil telat mah, kantun mésér deui tikétna. Ka dieu wé heula!”

            “Ka mana sih?”

            Ku nanya kitu ogé, pasti manéhna léah. Langsung wé ngetik alamat imah, kalayan nitah manéhna sangkan buru-buru nyampeurkeun tur numpak taxi. Sangeus kitu, tuluy dikirimkeun. Taya jawaban deui. Tapi haté bet ngarasa yakin yén manéhna langsung numpak taxi sarta sakeudeung deui bakal anjog ka imah.

            Selang sawatara menit, bél disada. Haté bungangang. Kahayang anu geus disawang téh tangtu baris kasorang. Kieu pisan éndahna hirup nyorangan téh. Ayum tangtu geus ngajanteng di lawang panto. Sakeudeung deui manéhna bakal pasrah sumerah, nyanggakeun sadaya-daya.

            Blak, panto dibuka. Teu salah. Manéhna nangtung di lawang, némbongkeun tangtungan nu jangkung lempay. Asa beuki méncrang baé.

            “Ayum…. sok, mangga, ka lebet!”

            “Aya saha di bumi?” manéhna kalah malik nanya.

            “Apan aya abdi sareng Ayum. Sok, mangga…” asa geregeteun, nepi ka teu kakontrol ujug-ujug ngarawél pigeulang leungeunna. Lemes, ngageleser, matak tingsariak kana satungkebing rasa.

            Manéhna henteu nampik. Nurut wé diajak ka jero téh. Gék, diuk dina sopa, tuluy ngeluk bari ngoprék tungtung seléting kantongna. Geus kitu mah, ngahaja diuk téh gigireunana, paadek, malah rada nyérédkeun. Manéhna rék ngoléséd, tapi kaburu dicekelan taktakna.

            “Ari carogé, terangeun Ayum sok ka Gunung Kemukus?” tanya téh, antaré wé, da asa teu kudu gurunggusuh. Manéhna ukur neuteup sakedapan, tuluy gideug. Luk, ngeluk deui.

            “Hé hé hé… hébat, tiasaan Ayum mah, dugi ka teu kapendak ku carogé. Kumaha tah karaosna hasil ti Gunung kemukus téh? Naha aya pangaruhna kana usaha Ayum?”

            “Karaos pisan, Kang. Kawitna mah toko téh sepi pisan. Saatos jarah ka ditu, rada majeng toko téh…” témbalna, bangun nu yakin.

            “Oooh… pantesan atuh mani tanginas ari tos karaos hasilna mah. Ké, dupi pameget nu duaan téh pendak dimana?”

            “Maksadna carogé batin abdi?” manéhna malik nanya.

            “Hé hé hé… muhun, nu mana deui atuh…”

“Abdi pendak di tempat jiarah. Dikenalkeunana ku tukang warung nu harita téa. Duanana ogé asli urang dinya. Kawitna mah abdi ogé mung badé saurang. Tapi… saurna téh bakal langkung saé upami gaduh carogé batin dua urang. Mémang leres deuih, asa karaos pisan béntenna icalan téh…”

            “Ayum, Ayum... asa teu réalistis pisan ngémut téh. Sageulis-geulis bet percanten ka nu kararitu…” bari nyarita téh leungeun mah geus leuwih teu kakontrol, ngaragamang sakahayang. Éling sotéh basa manéhna ngajéngkat bari ngépéskeun leungeun. Jung, nangtung, sarta undur-unduran ngajauhan.

            Kang, abdi sanés istri murahan! Abdi sadar, akang tos uninga rorompok abdi tur tiasa ngalakukeun naon waé kanggo ngancurkeun rumah tanggi abdi. Tapi abdi sanés ungkluk!” kitu pokna, najan sorana teu pati harus.

            “Ayum, ulah so suci lah! Hayu kadieu!” rada nyéak piambekeun.

            Alim, Kang. Abdi sanés ungkluk! Sing hawatos ka abdi, Kang. Ulah maksa abdi…” pokna deui, malah dibarung ku nu ngalémbéréh tina dua panonna.

            “Jadi… naon maksudna ngajak ka Gunungkemukus? Rék nitah ngalalajoanan anjeun sagebrug jeung dua urang lalaki?”

            “Kang… abdi ngajak akang ka Gunung Kemukus, taya sanés  badé ngajak nikah batin,”

            “Kawin batin?”

“Sumuhun, kang. Abdi badé nyarios ka Ki Kuncén… emh… badé pipirakan sareng carogé batin nu dua urang. Lajeng… badé nikah batin sareng akang. Kitu ogé pami akang kersa…” pokna, daria naker.

            “Ayum! Anjeun téh boga salaki pan?! Rék kawin batin atawa kawin nanahaon ogé, tetep wé ngaranana rucah!”

            Manéhna gideug. Tuluy nyarita leuwih antaré. “Kang, sakali deui, abdi sanés tukang rucah. Nikah batin mangrupi sarat ritual nu kedah disorang ku abdi dina ngahontal sagala cita-cita. Engké di ditu, saatos urang ngalaksanakeun nikah batin, nyanggakeun sakujur awak abdi kanggo akang. Badé dikukumaha ogé, abdi moal weléh kersa seja kumawula ka nu janten carogé batin…”

            “Bener-bener rieut anjeun téh! Anjeun hayang duit mah, ayeuna ogé dibéré ku akang. Teu kudu jig-jig ka Gunung Kemukus sagala rupa! Sok, ka dieu, Ayum, geulis, sayang, akang teu kuat hayang nyacapkeun kasono…”

“Upami akang keukeuh badé ngagadabah abdi, sawios abdi mah milih paragat nyawa!” kituna téh bari ngan sakilat ngaluarkeun péso tina jero kantongna. Seuseukeutna disongokeun kana palebah beuteungna.

            “Ayum!” puguh baé ngaranjugna mah. Amarah ngadadak léah. Napsu nu ngaugugudug langsung urug.***


Buahbatu, 1428 H

Comments
0 Comments

0 komentar: