Sabtu, 02 Juni 2018

Langit Liwung




Carpon Dhipa Galuh Purba

MÉH baé Sarkim ngajéngkat lamun pigeulang leungeunna henteu kaburu dicekel ku Imas. Kawasna Sarkim teu panuju barang ngadéngé rarancang anu dikedalkeun ku Imas.
“Pokona budak mah ulah aya hiji ogé anu dibawa!” ceuk Sarkim bari muncereng.
“Kang, barudak kudu dibawa kabéhanana…” pokna Imas bari nyium leungeun Sarkim. Cipanon Imas ogé milu ngumbah tonggong dampal leungeun Sarkim nu geus jegang ku késang.
“Apan barudak téh keur sakola! Sugan wé budak urang mah nasibna henteu siga urang. Komo si Ucu mah di sakolana ogé calakan, réngking kahiji baé. Lebar, Imas…” Sarkim keukeuh kana pamadeganana, sanajan ayeuna mah nyaritana rada leuleuy.
“Tapi, Kang, abdi mah melang. Piraku urang henteu watir ka budak urang? Kumaha lamun budak urang pada ngagugujeg ku nu naragih hutang? Sok timbang-timbang deui ku akang…” Imas semu ngalengis.
Sakedapan Sarkim ngahuleng. Liwung bingung ngalimpudan haté nu kapahung. Ras kana nasib diri nu keur ninggang diapes. Ngumbara di satengahing gerotna kota Bandung pikeun numbu umur ngahirupan anak pamajikan. Sapopoé usahana muka kios roko di Jalan Déwi Sartika. Ladangna ogé teu sabaraha, ukur cukup keur nyumponan pangabutuh sapopoé, mayar kontrakan, jeung mayar sakola dua urang budakna. Lamun keur tiiseun, puguh baé mayar SPP jeung kontrakan ogé pasti sok telat, kalayan jalan kaluarna taya deui iwal ti nginjeum duit ka réntenir. Kari-kari ayeuna kiosna diringkid ku Satuan Polisi Pamong Praja, lantaran sapanjang Jalan Déwi Sartika kudu beresih tina PKL (Pedagang Kaki Lima). Tangtu buntu laku. Ku ayana kitu, maranéhna geus sapuk pikeun pundung ti Bandung.
Kapikir ku Sarkim, caritaan Imas téh aya benerna. Mangkaning budakna téh laleulik kénéh. Si Dédéh kakara naék ka kelas lima SD. Atuh Si Ucu mah komo deui kakara rék naék ka kelas dua SD. Mana teuing tunggarana lamun ditinggalkeun téh.
“Ari si Ucu kumaha?” tanya Sarkim.
“Hih, ari Kang Sarkim téh kumaha? Si Ucu ogé kudu dibawa! Bawa kabéhanana!”
“Karunya budak téh. Tadina mah hayang jeujeuh sina sakola …”  pokna Sarkim bari malédogkeun paneuteup ka jauhna. Neuteup kalangkang nu pamohalan kadongkang. Dina kalangkang, aya si Ucu anu geus salin jinis jadi pamuda gandang, turun tina mobil sédan di buruan bank kakoncara. Cita-citana hayang jadi pagawé bank. Kolébat, tangtungan Dédéh nu sarua geus salin jinis jadi mojang perténtang, nangtung di jero kelas, nyanghareupan murid-murid sakola. Mémang, Dédéh mah ti barang mimiti diajar nyarita, cita-citana téh teu kungsi robah nepi ka ayeuna, hayang jadi guru.
“Ah, Si Ucu mah urang titipkeun wé atuh ka uwana atawa bibina. Piraku henteu daékeun nyakolakeun mah,” ceuk Sarkim.
“Ulah ngandelkeun batur, Kang. Buktina, salila ieu euweuh saurang ogé dulur nu miroséa kahirupan urang. Dulur geus jadi batur, Kang!” témbal Imas semu humandeuar.
“Jadi, kumaha atuh?”
“Ulah asa-asa, Kang. Bawa kabéhanana, Si Dédéh jeung Si ucu!”
“Heug baé atuh ari keukeuh kudu kitu mah…” ahirna Sarkim léah.
“Sok, teruskeun nulisna, Kang!” ceuk Imas bari mikeun pulpén.
“Enya, heug. Ké heula, nulis naon deui nya?” pokna Sarkim bari ngarérét ka lebah jandéla anu ngeblak kénéh. Rét deui ka lawang panto, anu sarua tacan ditutupkeun. Sasarina mah saban wanci sareupna, Imas sok gura-giru tutulak. Tapi dina poé éta, Imas lir anu hayang méré kasempetan ka angin sangkan leuwih laluasa ngalahir hiliwir, ngajugjug gelebug, ngalingling dalingding ngusapan haté nu kingkin. Sarkim jeung Imas ogé siga nu ngahaja hayang ngajajap panon poé nu paturay jeung wanci beurang, miang miheulaan ka nu rék mariang.
“Isukan, urang moal neuteup deui panonpoé di buruan imah. Moal nyeuseup hiliwirna angin…” Sarkim ngagerendeng.
“Teu kudu nineung sagala, Kang. Panonpoé nu morérét ukur meuleum awak urang sapanjang beurang. Angin nu ngahiliwir ogé saukur racun nu saban engapan ngarangsadan umur urang. Angin di dieu mah geus kotor, kacampuran ku haseup ti jalan raya jeung kebul pabrik. Naon nu matak nineungna?”
“Enya, bener, mending tinggalkeun baé lah…”
Keur uplek ngawangkong, teu kanyahoan datangna, Bahro geus ngajanteng di lawang panto.
“Kunaon ieu téh mani ngareblak kieu? Ngahaja?”  Tanya Bahro bari kalacat ka jero imah.
“Enya, ngahaja. Asa bayeungyang pisan hawa téh…” témbal Sarkim.
“Ih, sakieu taririsna,” ceuk Bahro bari gék diuk dina samak.
“Tiris kumaha? Tiris mah ukur milik jalma beunghar nu masang asé atawa nu boga taman di buruan imah! Bangsa urang mah salawasna hareudang bayeungyang, panas nyongkab nembus kana mamaras rasa,”
“His, teu menang panas baran jadi jalma mah. Urang ogé bisa jadi jalma beunghar, asal daék usaha. Tah, kumaha isukan téh jadi rék nyaba téa?”
“Puguh ieu ogé keur badami jeung pamajikan,”
“Lah, ti kamari ngan badami baé, mani euweuh tungtungna badami téh. Déwék mah geus diidinan ku pamajikan ogé. Keun wé, da unggal bulan rék mulang…”
“Justru kuring mah hayang indit jeung anak pamajikan. Melang ditinggalkeun mah…”
“Wah, barabé ari kitu mah atuh. Mémangna rék disenangkeun di ditu téh? Kangaranan transmigrasi mah kudu ripuh heula, moal ujug-ujug senang. Engké mun di ditu geus pararuguh kumaha-kumahana, kakara kuring mah rék ngajak anak pamajikan…” kitu ceuk Bahro.
“Kuring mah rék nékad baé, Mang,” témbal Imas bari sakolébat ngiceupan salakina.
“Oooh… teu nanaon atuh ari kitu onaman. Nu penting mah kudu siap méntal wé,”
“His, puguh wé atuh éta mah…” méh bareng, Imas jeung Sarkim.
“Nya enggeus atuh, ké isukan disampeur ku kuring. Hayu ah rék tatahar lalajo piala dunya heula. Mangpang-meungpeung, da di ditu mah biheung manggihan tipi. Bisi rék tumpangan deui, lalajona di imah Si Mahmud wé ngarah ramé,” Bahro cengkat bari tuluy ngaléngkah ka lawang panto.
“Boro-boro mikiran maénbal kuring mah. Jung wé, teu nararapsu lah…” témbal Sarkim.
“Aéh… ari barudak kamarana? Asa teu katénjo hiji-hiji acan geuningan?”
“Apan geus arindit, rék ngaraji di Mama Iking. Ké marulangna ogé wanci Isya,” kitu ceuk Imas.
“Heueuh silaing mah boga budak téh saroléh pisan. Budak kuring mah mumul pisan kana ngaji téh. Hayu ah bisi kaburu magrib…” ceuk Bahro bari ngaléngkah ninggalkeun lawang imah. Bareng jeung ngaléosna Bahro, ngong kadéngé adan magrib ti lebah munara masjid. Semu nu wegah, Imas ngaléngkah muru ka lawang-lawang imah. Nutupkeun panto, nutupkeun jandéla. Ngahurungkeun listrik. Geus kitu mah, Imas nyampeurkeun deui Sarkim.
Sasarina wanci Magrib téh Imas jeung Sarkim gura-giru wudu, sarta berjamaah solat. Tapi harita mah leungeun Sarkim kalah cég deui kana pulpén. Gutret nuliskeun naon rupa nu aya dina kereteg haténa, ditambah ku omongan Imas. Sakapeung padungdengan heula saméméh dituliskeun. Nepi ka teu karasa nyérélékna waktu. Nulis tacan aya tungtungna. Adan Isya geus henteu dipaliré. Eureun sotéh sanggeus kadéngé sora Dédéh uluk salam.
“Geuning ngan sorangan? Mana ari Si Ucu?” tanya Imas bari nuteup anakna.
“Si Ucu mah dipiwarang ngéndong di bumi Mama Iking. Mmmm… dipiwarang ngaréncangan Cép Aday. Margi… Ibu Hajina pan nuju angkat ka Padalarang, ngalongok sepuhna anu teu damang…” témbal Dédéh.
“Haaar… lain bébéja heula atuh! Nyaho rék diajak indit, kalah hayoh meuting di imah ajengan!” Imas muncereng.
“Apan abdi dipiwarang wawartos ka ema sareng ka bapa. Malih… upami diwidian mah abdi ogé badé ngéndong di bumi Mama Iking, ngaréncangan…” teu kebat nyaritana, kaburu ditémpas ku Imas.
Montong meuting sagala rupa! Angguran Si Ucu ogé ayeuna kénéh papagkeun deui! Hayoh indit! Papagkeun Si Ucu! Béjakeun ka Mama Ajengan, rék nyaba kituh!” pokna Imas.
“Badé nyaba kamana kitu, Ma?”
“Tong loba tatanya, hayoh geura indit, téang Si Ucu!”
“Ih si ema mah mani ambek-ambekan waé…” kituna téh bari ngaléos ka lebah panto, sarta ngaléngkah ninggalkeun imah.
“Tong suntuk-sentak teuing ka budak téh, karunya…” ceuk Sarkim bari rada muncereng.
“Keuheul atuda, teu ngahargaan pisan Mama Iking téh, abong-abong guru ngaji, mani sangeunahna pisan ngajak budak batur téh. Pantesna mah manéhna nu datang kadieu, bébéja ka urang…” témbal Imas.
“Apan lain sakali-dua kali Si Ucu diajakan meuting téh. Biasana ogé didinya tara ngambek. Malah… sakapeung mah apan didinya anu sok nitah meuting di Mama Iking, ngarah… dibéré dahar nu ngeunah,”
“Ayeuna mah béda deui situasina, Kang. Apan urang rék indit!” témbal Imas bari rada jamotrot.
Geus leuwih ti sajam, Dédéh tacan mulang kénéh. Imas geus lengo deui-lengo deui kana jandéla. Ari Sarkim mah beuki anteng nulis surat, bari dadapangan.
“Kudu disusul sigana mah budak téh! Kalah ngalelep duanana,” ceuk Imas.
“Rék disusul mah kari susul wé atuh!” témbal Sarkim.
“Piraku disusul ku kuring? Pantesna ogé akang nu nyusulan mah…”
“Enya heug atuh,” ceuk Sarkim bari cengkat, jung nangtung, sarta ngoloyong ka lebah lawang panto. Léos indit muru ka imah Mama Iking.
Anjog ka buruan imah Mama Iking, tuluy ngaléngkah ka lebah panto. Sarkim keketrok bari uluk salam. Kolotrak, panto dibuka. Mama Iking ngabagéakeun dibarung paroman marahmay.
“Aéh, Jang Sarkim geuning, bagéa teuing. Sok ka jero…” kitu saur Mama Iking.
“Hatur nuhun, Mama. Sawios di dieu baé, da moal lami. Mung badé… mapagkeun pun anak,” pokna Sarkim.
“Haaar… naha mani dipapagkeun sagala? Apan sasarina ogé tara dicaram ieuh meuting di dieu mah. Puguh pamajikan keur ngalongok indungna. Jadi wé Si Ata euweuh baturna…”
“Euuuh… numawi énjing téh abdi badé mios, Mama…”
“Rék kamana kitu?”
“Badé… euuuh… ngiring trasmigrasi…”
“Trasmigrasi? Ké… ké… rék luluasan waé ieu téh?” Mama Iking neuteup seukeut ka Sarkim.
“Da kumaha deui atuh, Mama,” témbalna bari ngeluk tungkul.
“Nya ari kitu mah heug waé. Mama mah ukur sambung du’a wé. Tapi ari barudak mah keun wé sina mareuting didieu, itung-itung sosonoan jeung babaturanana. Ké bada subuh, ku mama dianteurkeun ka ditu,”
“Euuuh… mangga, Mama. Aéh… ari Dédéh mah badé diacandak wangsul wé ayeuna…”
“Enya sok teu nanaon. Si Ucu wé anu meuting didieu mah. Ngahaja bieu si Dédéh téh diandeg, da melang geus peuting. Ari sugan téh moal disusulan…” saur Mama Iking bari tuluy nyalukan Dédéh. Anu digeroan norojol ti lawang patengahan.
“Éh… aya bapa geuning? Abdi hoyong ngéndong di dieu, Pa,” pokna Dédéh.
“Ih, itu saur ema bantosan bébérés. Keun wé Si Ucu wungkul anu maturan Cép Ata mah,” ceuk Sarkim bari nyepeng pigeulang leungeun Dédéh satengah dipencét.
“Nya ari dititah babantu ku kolot mah ulah baha. Kadé wé di jalanna bisi…” Mama Iking teu kebat nyarita, sabab teuing ti lebah mana jolna, dua ucing silih udag bari silih herengan.
“… Astaghfirulloh… na ucing téh bet paraséa atuh! Hus hus hus…! Kudu dibanjur hadéna mah…” kitu saur Mama Iking. Ucing birat duanana, bari angger silih herengan. Beuki lila, sorana beuki laun, tug nepi ka ngilesna.
“Mangga atuh Mama, abdi badé permios heula. Assalammuálaikum…”Sarkim amitan bari nungtun Dédéh.
Waálaikum salam warohmatullohi wabarokatuh…” témbal Mama Iking bari tetep ngajanteng dina lawang panto, panonna ngajajapkeun Sarkim jeung Dédéh tug nepi ka ngilesna di lebah péngkolan. Hawar-hawar kadéngé sora anjing babaung patémbalan. Asa karareueung. Jep sora anjing. Peuting simpé mépéndé nu tibra saré. Peuting jempling ngalingling saban haté nu masih éling.
**
Isukna, rebun-rebun kénéh, di buruan imah Sarkim geus ngaliud jelema, kolot-budak, lalaki-awéwé. Méh kabéhanana tingbirigidig dibarung paroman nu nyidem kasieun. Komo Bahro mah nepi ka harita ogé tacan bisa diajak nyarita. Beungeutna pias konéas, awakna lungsé naker. Pantes ana kitu mah, da Bahro pisan anu pangheulana manggihan mayit Sarkim jeung Imas, katut Dédéh. Mayit Dédéh nyangsaya di sisi ranjang, awakna pinuh ku tatu siga tapak ngarogahala. Ari mayit Sarkim jeung Imas mah ngagawing kalawan beuheungna digantung ku tali tambang.
“Bener-bener telenges manusa téh. Taya ras-rasan, nepi ka sakulawarga dipaéhan. Duh Gusti… muga-muga mangkeluk dolim téh sing buru-buru kacerek!”
 “His… ulah waka suudon ka batur. Tuh, Mama Iking manggihan keretas…”
Nu tingkecewis téh eureun bari panonna tamplok ka Mama Iking nu keur nengetan runtuyan tulisan dina salambar keretas.***


Ranggon Panyileukan, 7 Juli 2008

Comments
0 Comments

0 komentar: