Sabtu, 02 Juni 2018

Sapanjang Jajap Ratna




Ku Dhipa Galuh Purba

ATUDA Ratna anu teu sabaran téa mah. Cacak upama henteu maksa hayang mulang ka Cianjur, kawasna moal nepi ka kudu ngalaman balangsak di satengahing lalakon. Mangkaning kaayaan wanci geus liwat mangsa tengah peuting. Kaayaan tiis jempling, da kandaraan geus langka nu lalar-liwat. Kétang, sanajan loba kandaraan ogé, da pamohalan aya nu  bisa dipuntangan tulung barina ogé. Anu diarep-arep mah taya deui iwal ti susuganan aya kénéh tukang tambal ban anu muka.

Geus ampir sakilo méter nyurung motor, tacan manggih kios-kios acan. Maksud téh hayang reureuh heula bari udud jeung ngopi, sakalian nanyakeun tukang nambal ban téa. Upama sakira-kirana geus pamohalan aya anu muka mah, moal kapalang rék milu ngadagoan beurang sakalian. Ratna ogé kapaksa leumpang, kéncaeun kuring, kalayan teu lésot muntang kana cangkéng.

            “Capé, A?” sora Ratna meupeus simpé.        

“Henteu, tenang baé. Ratna capé?” témbal téh, malik nanya.

            “Raos kénéh mapah, da numpak motor baé tatadi, cangkeul...” teu kebat nyaritana, pédah aya mobil anu nyebrut ti beulah hareup. Lampuna mani nyebrot kana beungeut, sérab. Kuring ngarérét sabéngbatan ka Ratna. Bréh, paroman Ratna anu semu nyidem kahanjelu; teu luyu jeung anu dikedalkeunana. Enya, tangtuna ogé Ratna ngarasa kaduhung duméh mamaksa ngajak mulang. Tapi lamun henteu balik, kumaha teuing pibalukareunana.

            “Ieu téh daérah naon, Rat?” pangangguran nanya téh, bari jeung mémang henteu apal deuih.

            “Duka. Tagog Apu, kitu?” témbalna. Kawasna mah Ratna ogé henteu pati apaleun.

            “Tagog Apu? Sanés Cipatat  ieu téh?”

“Ah, duka teuing, da sanaos sering ngalangkung ogé, tara turas-taros...” témbalna, bangun anu hayang méngkolkeun jejer wangkongan. Enya, barina ogé naon pentingna madungdengkeun ngaran wewengkon? Wartawan lain. Nu écés mah dina jalan anu simpé, mudun, tur pépéngkolan. Untung kénéh henteu nanjak, sanajan upama bisa nawar mah bocor ban téh mending di Padalarang atawa Ciburuy kénéh, ngarah henteu keueung teuing. Atawa sakurang-kurangna di wewengkon nu masih kénéh ramé ku nu daragang peuyeum jeung rupaning arca sasatoan.

            “Ké, sakedap deui ogé di payun bakal aya anu aricalan peuyeum deui...” Ratna siga anu bisa ngabadé kereteg kuring. Kétang, kabeneran paling ogé, duméh samar-samar katingali aya anu caraang, kurang-leuwih limaratus méter deui.

            “Muhun, mudah-mudahan baé aya tukang tambal ban...” cekéng téh, sakalian ngabeberah Ratna, kaasup ngabeberah diri sorangan.

            Warung ngajajar sisi jalan, baruka kénéh jeung kaitung ramé. Malah aya sawatara urang nu ngajaranteng sisi jalan, awéwé atawa lalaki. Hanjakalna kuring teu hayang eureun, boh sakadar tumanya, komo ngadon milu reureuh mah. Tonggoy baé nyurung motor, api-api teu titén ka sabudeureun jalan anu keur disorang. Karasa ramo-ramo Ratna beuki pageuh muntang kana cangkéng.

            “Nuju rarusuh, A?” aya nu pangangguran tumanya. Najan henteu ditémbalan, tapi karérét ku juru panon, nu nanya téh tangtungan hiji wanoja camperenik, kalayan pakéanana papalimpang pisan jeung Ratna.

            “Tos, teu kedah dilayanan, A...” Ratna ngaharéwos. Sakedapan ramona leupas tina cangkéng, menerkeun tiungna.

            “Har... na atuh kawas kana domba baé, mani ditungtun sagala!” éta mah sora lalaki, disusul ku tingcakakakna sakur nu keur nalangkring di hareupeun warung.

            “His, kan takut leupas, belum dijinakkan...”

“Mending kantunkeun baé, Néng! Mangga ka dieu heula geura, seueur leueuteun di lebet mah. Tapi... husus kanggo Enéng wungkul nyalira!” aya nu mairan deui, masih kénéh balad-baladna nu bieu sigana mah.

            “Sumangga bilih badé ditambal, candak baé ka dieu! Sawios teu kedah mayar, nambal nu geulis mah!”

            Suér, Néng, tapi ditambal étana... ha ha ha...!”

            “Karunya teuing rahayat urang! BBM naék, motor ogé didarorong...”

            Aya nu nyéak dina dada kuring. Amarah motah nu pamohalan bedah, ambek kapegung. Dina maksakeun ngalawanan ogé, da geus kairong moal nguntup. Dasar tukang ngublag wungkul! Ungkluk malulu! Teu bikangna, teu jaluna, saruana pisan pikaresepeun peureup! Mangkeluk bejad wungkul!

            Astaghfirullohal’adziim...” Ratna ngagerendeng basa ngadéngé nu nyorowok rada harus. Kekecapan anu teu uni tur matak nyigeung. Sakedapan ramo-ramo Ratna ogé leupas deui tina cangkéng, dipaké ngusap beungeut.

            Teuing sabaraha puluh panon nu eunteup ka kuring jeung Ratna. Panon lalaki nu hanaang ku wanoja jeung panon wanoja nu kokoro ku eusi pésak.

            “Wartosna mah ieu téh kantos didémo ku masarakat, malah aya sababaraha
warung anu diduruk. Tapi duka kumaha, ayeuna kalah langkung maraceuh...” pokna Ratna, rada halon.

            “Kedah dibom pantesna ogé!”  najan kajurung amarah nu mingkin rosa, tapi sora kuring leuwih halon batan Ratna.

            “A, punten nya Ratna, manawi téh moal...”

            “Teu nanaon, Rat, da atos ieuh ayeuna mah. Solusina sanés hanjakal, tapi
milarian tukang tambal,” kuring némpas Ratna, da geus kabaca rék ka lebah mana léokna caritaan Ratna. Enya, da puguh sanajan ngarasa kaduhung atawa hanjakal ogé, moal aya gunana ieuh.

            Sajeroning nyepeng setang motor, bet kasawang deui basa tadi beurang, munggaran ngaranggeum ramo-ramo Ratna di Terminal Leuwi Panjang. Barang jrut turun tina beus, Ratna langsung dipapag binarung rasa bungah. Cacak mun lain di terminal, mani geus hayang ngarangkul jeung ngagaléntoran, nyacapkeun rasa sono nu geus sakitu lilana amuk-amukan dina dada.

            “A, pasti kesel ngantosan Ratna nya?” kecap éta pisan anu munggaran dikedalkeunana. Teu robah, angger baé palebah nikukurna téh.

            “Henteu...” témbal téh, teu hayang kapapanjangan.  Padahal ari nyaritakeun kesel mah, tangtu baé leuwih ti kesel. Jempol ogé mani geus cangkeul, urut mencétan keypad handphone. Teuing sabaraha kali, kuring ngirim SMS (Short Messages Service) anu unina: “Tos dugi ka mana, Rat?” Padahal sanajan teu hayoh baé di-SMS  ogé, asa moal matak mugagkeun lalampahan Ratna ka Bandung.

            “A, ari itu saha? Naha siga nu ningalikeun baé ka aa?” tanya Ratna bari ngarérét ka hiji lalaki nu keur nyarandé kana tonggong beus.

Gebeg, jantung ratug tutunggulan. Atra katingali, hiji lalaki jangkung luhur simbar dada, sakujur awakna pinuh ku tato. Enya baé manéhna téh siga anu keur nyidik-nyidik kuring. Kacida wanohna ka manéhna, da puguh kungsi sagulung-sagalang. Kilang kitu, lain hartina sosobatan. Malah sabalikna ti éta, ceuceub, rujit, geuleuh, teu hayang neuleu-neuleu acan.

            Inggis kaburu ingeteun, kuring buru-buru nungtun Ratna, muru ka tempat parkir.  

Lumayan, tos tiasa ngiridit motor ayeuna mah...” cekéng téh, ngarasa reueus jeung agul bisa némbongkeun motor weuteuh ka Ratna. Leuwih reueus deui, sanggeus Ratna diuk dina jok motor, diboncéng kalawan leungeun Ratna muntang pageuh naker. Taya deui anu dituju, iwal ti imah kontrakan.

            Basa motor geus anjog ka pakarangan, teu wudu Ratna siga nu hémeng. Malah bangun cangcaya upama kuring matuh di hiji imah anu perenahna di wewengkon komplék élit.

            “Bumi Aa ieu téh?”

            “Nu saha deui atuh. Hayu ka lebet...!” témbal téh, kapaksa ngabohong, keur ngayakinkeun Ratna yén kuring ayeuna, geus lain kuring baheula.

            “Hébat Aa...”

            “Sumuhun, tapi sadayana ogé nu urang duaan, Rat. Apan Ratna téh bojo Aa!”

            “Aa...” teu kebat nyaritana, da lawang sorana kaburu dipengpekan. Regeyeng dipangku, blus ka jero kamar. Panto kamar diantep sina muka, ngemplong taya hahalang; Teu béda jeung kaayaan kuring jeung Ratna, sawatara kedapan ti harita. Cacap rasa sono nu lawas nganteng méh saban mangsa, sabada leuwih ti opat taun nganti-nganti mangsana oléng pangantén.

            Pamohalan ilang tina tungtung sawangan. Kajadian opat taun kaliwat, bet narémbongan deui. Harita, basa kuring jeung Ratna unggah ka balé nyungcung, teu sirikna ubyag salembur Buni Ayu. Hajat gedéan, kalayan direuah-reuah ku tatanggapan kasenian wayang golék, dalang petingan. Rarancangna mah tangtu baé baris lumangsung sapeuting jeput. Hanjakal pisan, kakara ogé nyedek ka wanci sareureuh kolot, pintonan wayang golék kudu dieureunkeun. Lain aya pasualan nu patali jeung wayang golék, tapi ninggang apes diri kuring. Wiwirang di kolong catang!

            Kuring dipapagkeun ku Briptu Tisna Ramdani, pulisi résérse kriminal. Geunjleungna kasus kuring, bisa ngéléhkeun géhgérna palagan bratayuda dina carita wayang golék. Peuting panganténan kuring, sakaligus minangka peuting kabokérna rupaning rusiah kuring. Ratna jeung kulawargana méh cangcaya, upama kuring téh taya lian... gegedug bangsat handphone.

            Deudeuh teuing, Ratna. Kuring geus nguciwakeun tur ngawiwirang manéhna. Tapi kuring ogé apan leuwih deudeuh teuing, tacan kaburu nyorang mangsa panganténan. Peuting nu disawang baris pinuh kaéndahan téh, antukna kalah ngawiru kidung kulawu. Cindekna kuring didakwa ku pasal 363 KUHP, ngeunaan pencurian dengan pemberatan. Narima atawa teu narima, kapaksa kudu unggeuk, basa hakim monis pikeun ngabérok kuring salila lima taun.                           

            Rumpaka lagu Dalam Témbok Derita, teu méncog jeung anu kasorang ku kuring salila di pangbérokan. Malah leuwih tunggara, basa bulan kahiji Ratna jeung bapana ngabesuk kuring. Lain, lain rék ngalongok dibarung simpay katineung. Bapana Ratna téh maksa, sangkan kuring ngaragragkeun talak tilu. Demi Ratna, teu bisa kukumaha deui, teu wasa ngalawan ka kolot, sanajan kiceup deudeuh masih natrat dina juru panonna. Kuring yakin, Ratna masih gedé duriat ka kuring. Perkara éta pisan anu jadi kakuatan dina diri.

Karasa pisan pait peuheurna disengker jaruji beusi. Utamana mah dina nyanghareupan kacodékaan Si Gopar, batur di pangbérokan. Si éta mah jailna moal aya dua, pikasebeleun, pikaijideun. Asa aing pangjagona. Asa aing pangpinuhna tato. Tapi kuring satékah-polah sabar. Teu anéh upama salila di pangbérokan, kalakuan kuring dianggap hadé. Ku ayana kitu, kuring meunang rémisi, hukuman dikurangan sataun.

*

“Nuhun pisan, Mang...” cekéng téh bari ngasongkeun duit lambaran sapuluh réwu.

            “Sami-sami, Pa. Emh... engké deui mah upami bocor téh, parios heula banna, bilih aya pakuan deui. Cabut wé heula pakuna, supados ban lebetna henteu rangsak...” témbalna bari tuluy mérésan parabot paranti tambal.

            “Hayu, Rat!” cekéng téh bari ngalacat kana motor. Cékékés, motor di-start.

            Teu talangké deui, Ratna ogé ngalacat kana jok motor. Barang rék ngoper kana gigi hiji, tukang tambal ban ngageroan rada harus,  “Aéh, itu HP bapa kakantun!” kitu pokna bari nunjuk kana korsi dipan. Enya baé, handphone kuring ngagolér. Poho, henteu dipésakan deui, urut bieu nga-SMS ka barudak nu isukan bagéan ngajaga counter.

“Punten, pangnyandakkeun, Mang!” cekéng téh bari ngodok duit saréwu pérak. Anu dititah, teu talangké deui harita kénéh cengkat, mangnyokotkeun handphone.  Minangka buruh ngabéjaan jeung mangnyokotkeun handphone, duit anu saréwu pérak téh dibikeun ka tukang tambal. Mimitina mah nampik, tapi ari dipaksa mah teu burung ditarima.

Sanggeus mésakan handphone, tuluy baé ngabiur. Tina gigi hiji, dioper kana gigi dua, tilu, jeung opat. Motor beuki nyemprung muru ka Cianjur. Ratna muntang kana cangkéng, pageuh naker.

            “Badé dugi ka mana dijajapkeunana?”

            “Lungsur di pangkalan ojég Cipeuyeum baé, A!”

            “Naha? Naha henteu sakantenan di pangkalan ojég Buni Ayu?”

            “A, di dinya mah seueur ojég nu kenaleun ka Kang Yusuf!”

            Motor beuki nyebrut, meulah mongkléngna peuting. Ratna tipepereket nangkeup kuring. Rajamandala jeung sasak Citarum, geus kaliwat sakotépat.***


Ranggon Panyileukan, 26 Rajab 1426 Hijriyah


Comments
0 Comments

0 komentar: