Riska Prorina, Penyanyi Pop Sunda

Riska Prorina



DUNYA pop Sunda kungsi nyatet hiji ngaran artis anu ngajaul ngaliwatan lagu “Amit-amit”. Riska Prorina katelahna. Mojang Bandung kalahiran 15 Agustus 1975, kungsi sababaraha kali diisukeun maot. Diantarana, Riska kabĂ©jakeun maot lantaran kasetrum. Padahal, Alhamdulillah, nepi ka kiwari ogĂ© Riska masih kĂ©nĂ©h jumeneng binarung sĂ©hat walapiat. Hanjakalna, ayeuna mah Riska geus henteu pati aktip deui nyanyi. Riska kungsu mancĂ©n ngasuh barudak di TK Kuntum Cemerlang, Jl. Cipaku Indah XL 2, Bandung. Riska ngarasa betah pagilinggisik jeung barudak, tug nepi ka ampir mopohokeun dunya nyanyi anu kungsi nganteurkeun Riska jadi bĂ©ntang panggung nu pada ngadeugdeug. Kilang kitu, nepi ka kiwari ogĂ©, Riska masih kĂ©nĂ©h aya nu sok ngulem pikeun manggung. Upama Riska manggung, salawasna makĂ© raksukan buni, lantaran geus kitu watekna, risi nĂ©mbong-nĂ©mbong aurat. Komo deui ayeuna mah Riska sapopoĂ©na makĂ© jilbab.

Riska Prorina, mimiti nété karir dina widang nyanyi ti jaman nyuprih pangarti di SMP. Sabenerna, ari bakatna mah geus natrat ti Riska diuk dina bangku SD mula. Tapi mimiti daria ngasah kamampuhna basa Riska nyuprih pangarti di SMPN 27 Bandung. Riska milu tandang tur jadi juara kahiji dina Festival Pop Indonésia HAPMI tingkat Kota Bandung 1989, Festival Pop Sunda se-Bandung Raya 1990, Student Pop Singer Tingkat SLTP 1990, jeung salian ti éta. Jadi, warna sorana bisa kabula-kabalé, pop Indonésia, pop sunda, jeung dangdut. Buktina Riska ogé kapilih minangka pinunjul II Festival Penyanyi Dangdut Jawa Barat 1992.

Sabada reumbeuy ku prĂ©stasi dina widang nyanyi, ahirna nganteurkeun Riska ka dapur rĂ©kaman, tur ngalahirkeun sawatara albeum anu kaitung suksĂ©s. Sajabana ti “Amit-amit”, Riska ogĂ© medalkeun albeum “Tara Lana”, “Tunggang Nyeri”, “Jalir Jangji”, jstĂ©. Puguh baĂ© salaku artis sohor, sapopoĂ©na sibuk ngatur jadwal manggung. Suka bungah sakaligus pait-peuheurna manggung, geus kaalaman ku Riska. Lain sakali-dua kali Riska nyorang lalampahan anu kacida jauhna tur hara-haraeun pikeun manggung. Pon kitu deui, rupaning pangalaman nu matak muringkak bulu punduk di tempat manggung, saperti aya penonton garelut, mobilna dieundeuk-eundeuk ku nu marabok, jstĂ©. Untungna Riska salawasna sok dibaturan ku ibuna. Kamana baĂ© Riska manggung, pasti diaping ku ibuna. Malah ibuna pisan anu sakaligus jadi “manager” Riska Prorina. Jadwal manggung jeung rupaning nu patali jeung kaartisan Riska, ibuna nu langkung uninga batan Riska. Ku ayana pangaping ti sepuhna, Riska bisa daria nyuprih pangarti kalayan nuntaskeun atikan di SMA Pasundan 1 Bandung, sarta nuluykeun ka FIKOM UNISBA tug nepi ka rĂ©ngsĂ©na nyangking gelar Sarjana Sosial.***(Dhipa Galuh Purba)

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post