Senin, 04 Juni 2018

Pop Sunda Napak Jaman

Wina, dina klip lagu "Budak Saha" (Valentino Jaya Abadi)


Catetan DHIPA GALUH PURBA

----Milu Ngabagéakeun Acara “Pop Sunda ti Mangsa ka Mangsa” di UNPAD, 24 Désémber 2013

MALEM Juma’ah, 19 Désémber 2013, kira jam 22.00, kakara mulang ti bioskop Jatos (Jatinangor Town Square), réngsé lalajo film “Tenggelamnya Kapal Van Der Wijck”. Biasana mah numpak angkot, lantaran sok manggih pangalaman anyar. Tapi peuting harita mah nginjeum motor da rék sumarimpang heula. Aya nu nawaran nginjeum mobil, tapi kapaksa ditolak lantaran nu bogana hayang milu lalajo. Lain teu hayang ngajak, tapi kapan rék sumarimpang heula silaturahmi ka sababaraha urang babaturan.

Kaluar ti bioskop, bari nyusutan cipanon muru ka tempat parkir. Lumayan hadé film téh, nepi ka bisa nyeurikan batur sagala. Motor gagaléongan. Pas ditingali, banna bocor. Teu ceurik ban motor kempés mah, kari didorong, naon héséna. Sapanjang tukang tambal ban aya kénéh, asa teu perlu hariwang. Tong boro di Kota, kuring kungsi bocor ban di tengah leuweung gé teu keueung. Buka ban luarna, coplokeun ban jero, tuluy nyabutan jukut dicampur dangdaunan jeung diselapan kaos jero, bebeskeun kana ban, teu burung maju. Tara dipaké riweuh ku perkara nu kararitu.

Anjog ka tukang tambal ban, aya ku kabeneran, gigireunna muka kénéh tukang cikopi. Motor mah dipasrahkeun ka ahlina, kuring asup ka warung kopi, gep kana bala-bala. Ceuli rancung barang ngadéngé aya nu keur ngawangkong ngeunaan pop Sunda dina radio. Rada serius wangkongan téh.

“Cik gedéan radio téh, Kang!” ceuk kuring. Manéhna surti. Lain kudu ngagedéan radiona tangtuna ogé, tapi naékeun volume radio. Beuki atra saha-sahana nu keur padungdengan.
 
Kang Ganjar Kurnia, réktor Unpad, keur ngabahas kamekaran lagu-lagu pop Sunda ti mangsa ka mangsa. Aya ogé Kang Abo nu milu mairan. Aya informasi nu katangkep, Unpad seja ngagelar acara pintonan Pop Sunda ti jaman ka jaman, poé Salasa, 24 Desember 2013, jam  13.30 di Graha Sanusi Hardjadinata Unpad, Jl. Dipati Ukur 35 Bandung. Cenah nu bakal manggung téh diantarana Tetty Kadi, Nining Meida, Bungsu Bandung, Rika rafika, Rita Tila, jeung salian ti éta.  Teu lila, diputer lagu légéndaris ”Mojang Priangan” ciptaan Iyar Wiarsih. 
 
”Resep sigana nya lalajo pop Sunda? Tapi sabaraha duit mayarna, pasti mahal...” pokna tukang cikopi.
 
”Gratis, Kang... pan bieu saur Pa Ganjar ogé gratis... sakitu jelasna, Kang,”
 
”Oh kitu? Emang mah resep pisan kana lagu pop Sunda téh, Sép. Komo éta Rita Tila mun geus nyanyi Wengi Tadi Salira Imut ka Saha... Aduhhh pokona mah bisa cul ngaladangan,” pokna deui. Maksudna mah lagu ”Teuteup jeung Imut” ciptaan suwargina Nano S. 
 
”Lagu naon deui nu akang resep?”
 
”Wah seueur, Sép... saha bieu téh... euuuh… Rafika Rafika kitu...” 
 
”Rika Rafika...”
 
”Tah, éta... Rika Rafika... palebah nyanyi Layung Luhureun Galunggung... ngareunah pisan kana cepil téh, Sép. Komo éta budak leutik nu nyanyi lagu  Duh Indung... saha téh... oh enya, Néng Wina...”
 
”Budak leutik naon, Kang? Geus boga budak ayeuna mah Néng Wina téh...”
 
”Haaar... kutan?”
 
”Nya muhun atuh, Kang. Kapan nyanyi Duh Indung téh taun sabaraha... nya ayeuna mah tos ageung Néng Wina ogé...”
 
”Ké, ké... dupi Asép kenal kitu ka Néng Wina?”
 
”Ah ari akang... dimana teuing abdi kenal ka artis. Asa pernah maca wé dina koran,”
 
”Ari asép damel dimana kitu?”
 
”Kuli wé, Kang... cik ménta samsu sabatang, Kang...”
 
Tukang cikopi téh mangnyokotkeun udud, bari ngabebenah chanel radio, lantaran rada ngeresek. Kadéngé galindeng lagu ”Néng Geulis pujaan engkang... Néng geulis...”. Sarua, lagu légéndaris, nu kungsi ogé dinyanyikeun ku Titim Fatimah. Sababaraha waktu kaliwat, aya FTV anu ditayangkeun di SCTV, dijudulan ”Néng Geulis Pujaan Hati”, kalayan diperankeun ku Si Geulis Vanessa Angel. Dina wangkongan dina radio, katangkep ogé yén Unpad keur ngayakeun digitalisasi lagu-lagu heubeul. Sakumna masarakat anu boga kasét, piringan hitam, atawa dina wanda naon baé, bisa milu partisipasi pikeun milu ngarojong ku cara nginjeumkeun koléksina ka Unpad, pikeun dirobah kana wanda digital.
 
**

Mémang karasa hirup jeung huripna basa téh lamun éta basa dipaké dina rupaning hal. Lain baé saukur dipaké basa jadi basa obrolan sapopoé, tapi dihariringkeun dina wanda lagu, ditulis dina winangun laporan jurnalistik, karya sastra, téater, film, jeung sajabana. Basa Sunda, nepi ka kiwari masih kénéh karasa hirup jeung hurip makalangan ti jaman ka jaman. Lagu-lagu nu ngagunakeun basa Sunda, ti mimiti pop Sunda nepi ka tembang, masih kénéh kapiara kalumangsunganana. Para kréator jeung afrésiator teu weléh nyampak.

Pop Sunda minangka salahsahiji lagu nu dipikalandep ku balaréa. Anu mikalandepna réa para rumaja. Atuh penyanyina ogé ti mangsa ka mangsa tingpucunghul sirung-sirung nu ngarora. Nilik kana kaayaan kitu mah, katingalina kahirupan basa Sunda téh panjang kénéh.

Di dunya pop Sunda, gumelar ngaran-ngaran biduan sohor nu dipakalandep ku balaréa. Asa moal bireuk deui upama ngadangu nami Nining Méida, Doel Sumbang, Rika Rafika, Wina, jeung sajabana. Puguh deui ari Detty Kurnia jeung Darso mah, sasatna jadi maéstro pop Sunda. Boh Détty atawa Darso, teu eureun ngagelar karya tug nepi ka rénghap panungtungan. Anyar-anyar ieu, urang Sunda kaleungitan dua penyanyi pop Sunda nu lagu-laguna masih kénéh ngalingling wiati ngalanglang jomantara. Lagu-laguna tetep hirup tur henteu weléh dipikatineung ku masarakat nu micinta pop sunda.

Bras kana téma laguna. Asa moal éléh ku téma lagu-lagu nu ngagunakeun basa séjén. Sanajan aya diantarana anu cawokah, tapi teu saeutik rumpaka lagu nu nyosok jero, nyastra, tur ngandung rupaning pituah geusan lenyepaneun. Ku kituna, rumpaka nu nyastra téh lain baé dina tembang Sunda atawa kawih, da geuning kapanggih ogé dina sawatara lagu-lagu pop Sunda. Contona lagu “Dadali Manting” (dinyanyikeun ku Darso), “Ka Angin” (Dinyanyikeun ku Détty Kurnia), “Layung Galunggung” (dinyanyikeun ku Rika Rafika), “Baluweng” (dinyanyikeun ku Oon Bawani), “Bonganna” (dinyanyikeun ku Détty Kurnia), jeung sajabana. Upama dilenyepan, éta rumpaka téh henteu dapon jadi. Aya nu bisa dicukcruk deui di satukangeun rumpakana.

Lagu-lagu Pop Sunda réligi ogé kaitung réa tur dipikalandep ku balaréa. Contona lagu “Dina Amparan Sajadah” (Cipt. Doel Sumbang), “Jang” (Cipt. Oon Bawani), jeung sajabana. Lagu-lagu pop Sunda réligi (Islam) tetep karasa hawa réligina sanajan henteu ngagunakeun diksi Arab. Leuwih nandeskeun deui yén basa Sunda kacida ampuhna pikeun syiar Islam. Boh dina lagu, pon kitu deui dina mimbar, basa Sunda minangka basa rasa nu gampil nyerep kana dadasar kolbu. Minangka babandingan, juru dawah KH. Gazali dipikaresep ku umat, lantaran ngagunakeun basa Sunda nu kacida merenah. Kadieunakeun, para juru dawah loba nu ngagunakeun basa Sunda saperti KH. Jujun Junaedi. Aya ogé anu saukur alih kode atawa campur kodem saperti Aa Gym, Mamah Dédéh, jeung sajabana. Salahsahijina, bisa jadi, ku ayana mindeng ngasupkeun kosakecap basa Sunda, anu antukna dipikaresep ku umat.

Tétéla, basa Sunda lain sakadar basa keur gogonjakan, ambek, atawa cawokah. Kalungguhanna éstuning luhur upama dimanpaatkeun keur ngagelar karya linuhung. Kuduna mah urang Sunda téh reueus kana basa Sunda, leuwih daria miarana, leuwih tarapti mupustina. Basa Sunda, basa rasa, basa indung, basa nu jadi lambang luhurna ajén-inajén budaya Sunda

Dina jaman téknologi internét siga kiwari, ngalantarankeun rupa-rupa informasi gancang pisan nerekabna. Informasi dina sagala widang. Kaasup anu patali jeung seni budaya daérah. Kiwari, anu bisa ngalenyepan kasenian daérah lain baé urang daérahna sorangan. Sabab, urang mamana ogé bisa milu ngaafrésiasi kalayan babari. Lagu-lagu pop Sunda diantarana. Sakumna masarakat di alam dunya kiwari bisa ngadéngékeun lagu-lagu pop Sunda di internét. Hartina bisa dimana baé ngaaksésna.

Coba ilikian di youtube, sakitu ceuyahna lagu-lagu pop Sunda, ti mimiti Nining Méida, Detty Kurnia, Darso, Wina, Dhea Rizky, Rika Rafika, Lia Refany, Oon Bawani, Bah Dadéng, Dewi Azkia, Sulé, Ina Hamid Tria, jeung sajabana. Kari tulis ngaran penyanyi atawa judulna, dijamin bakal ngabéréndél vidéona. Komo deui atuh dina wanda MP3 mah kacida gampilna dikunjal.

Sajabana ti penyanyi anu geus heubeul ancrub di dunya pop Sunda, kiwari tingpucunghul sirung-sirung anyar biduan pop Sunda anu teu éléh karancagéna. Rupaning kamonésan jeung torobosan anyar lumangsung dina kahirupan pop Sunda. Anu matak ngajenghok, grup musik Debu bisa digandéng ku Dose Hudaya pikeun milu ngahaleuangkeun lagu pop Sunda. Mustapa Debu ngarasa kataji ku pop Sunda, tug nepi ka kabawa aub ngaramékeun pop Sunda.

Rék siga kumaha baé kamonésan jeung torobosan anyar dina pop Sunda, tapi aya hiji anu teu kungsi robah. Nyatana: basa Sunda anu tetep dijadikeun basa rumpaka. Leupas tina kualitas basa Sundana siga kumaha, anu penting mah basa Sunda milu “kaberkahan” ku éarna lagu-lagu pop Sunda. Sakurang-kurangna, nepi ka kiwari basa Sunda tetep kapiara jeung diparaké jadi basa komunikasi sapopoé ku urang Sunda. Ku kituna, basa Sunda masih kénéh jadi basa penting kalayan mibanda kalungguhan di satengahing masarakat Sunda.

Ku gampilna ngawanohkeun lagu-lagu pop Sunda ngaliwatan dunya maya, antukna réa diantara biduan anu kabanjiran tawaran manggung, saperti dina hajatan, kampanye pulitik, promosi produk, jeung sajabana. Pop Sunda dianggap hiburan anu merenah pikeun ditanggap dina rupaning acara. Nilik kana témana ogé, lagu-lagu pop Sunda kaitung variatif. Ti mimiti téma réligi, asmara, heureuy, tug nepi ka anu memper kana cawokah. 

Anu pikabungaheun, ti waktu ka waktu afrésiasi masarakat kana rumpaka lagu-lagu pop Sunda ogé beuki undak. Lain baé rumpaka anu gampil kaharti anu dipikaresep téh. Sabab lagu-lagu anu ngandung rumpaka simbolik ogé bisa ditarima tur dipikaresep ku masarakat. Lagu “Papatong” anu dihaleuangkeun ku Bah Badéng minangka contona. Lamun dilenyepan kalayan daria, éta lagu téh sabenerna lain saukur nyaritakeun lalakon papatong. Aya harti anu kudu disurahan deui di satukangeun papatong. Eusining lagu “Papatong” saéstuna ngandung pesen moral kahirupan geusan lenyepaneun balaréa. Éta lagu bisa baé dikatégorikeun minangka lagu réligius.

Ku ayana pangaruh kamajuan téknologi, mémang aya ogé karugianana pikeun para praktisi lagu-lagu pop Sunda. Patalina jeung penjualan VCD lagu-lagu pop Sunda. Lamun diperséntasekeun (sanajan tacan aya panalungtikan anu daria), ku sabéngbatan ogé bakal loba kénéh masarakat nu ngunjal sacara gratis batan meuli ka toko. Hésé diakalanna da geus kitu alamna.

Akibatna tina royalti penjualan VCD mah katingalina teu pati ngajangjikeun. Tapi lain baé tumiba ka para biduan pop Sunda, da kaayaan siga kieu mah lumaku keur sakumna biduan. Matak, anu jadi andelanna taya deui iwal ti manggung. Jadi, dipulangkeun deui ka masarakatna. Lamun hayang laguna mah kalintang babari tur gratis, ditebusna ku cara méré kasempetan ka para biduan pop Sunda pikeun minton dina rupaning acara. Ku cara kitu, katingalina kahirupan lagu-lagu pop Sunda bisa panjang, dina harti hirup jeung huripna.***




Comments
0 Comments

0 komentar: