Sabtu, 02 Juni 2018

Surat Wanci Sareupna




Carpon Dhipa Galuh Purba

KAWASNA moal aya nu bisa ngaganti manéhna, sanajan ku manéhna. Ieu surat ogé ditulis keur manéhna, sangkan manéhna bisa surti yén taya deui nu bisa ngungkulan carita cinta jeung kahéman anu teu weléh tingsariak dina kongkolak mata panon, ogé mata haté. Mangsa langit ngungun kulawu, rék mungkas wanci beurang, taya anu bisa ngalindih manéhna. Tapi sanajan manéhna datang pikeun ngawiru raheut, marengan mongkléng peuting, tur mapag mata poé isukan: tetep moal bisa ngaganti manéhna. Sakali deui, moal aya nu bisa ngaganti manéhna, sanajan manéhna.

Dina ieu surat, pamohalan ngaguar lalakon lawas nu kalah matak waas. Keun, nu lawas mah sina laas salawasna. Nu leuwih utama, manéhna perelu nyaho yén bieu pisan angin ngagelebug amuk-amukan. Mata poé anu kuduna amitan, kalah beuki morérét ngabesét saban lalangsé. Tapi teu lila, kaayaan ngadadak simpé, reup matapoé ilang saharita.

“Aya naon di dunya téh?” teu jelas, saha anu nanya, jeung nanya ka saha. Di dunya geus lumangsung kajadian ahéng. Malah henteu kungsi tumiba dina sajarah kahirupan manusa.

“Enya, aya naon di dunya téh?” beuki teu écés baé nu nanya téh.

Geus sumebar miliaran pamplét jeung selebaran séjénna, anu ditapelkeun di sakur tempat ibadah jeung puseur kagiatan kaagamaan. Anu satuluyna, éta warta téh lain baé sumebar ngaliwatan pamplét, brosur, atawa baligo. Da puguh kaasup ngajejelan warta  média citak atawa éléktonik, di antara warta ngeunaan présidén anu beuki gumasép.

 Warta anu geus lain sakadar isu. Eusina mah pondok, tapi temahna matak ngageunjleungkeun: ‘Mugia kama’lum ku sadayana, yén pangéran parantos maréntahkeun ka para ahli agama sareng sakur jalmi suci sadunya, sadaya larangan dina agama kudu dicabut kalayan henteu perelu diberlakukeun!’.

Warta rongkah tangtuna ogé. Sabab pikeun anu munggaran, sakur ahli agama sapuk pikeun ngajalankeun paréntah ti nu ngaku pangéran téa. Loba di antarana anu boga pamadegan, yén kahirupan di langit ogé kawasna geus katépaan isu posmo. Tapi sawatara tokoh nétélakeun, kawasna pangéran geus weudeu ku kalakuan manusa di ieu dunya.

 Anu leuwih hébat deui, taya saurang ogé anu cangcaya kana éta paréntah. Saréréa sapuk tur siap ngajalankeunana.

“Satuju?”

“Setuju…!”

“Tuluy, kumaha atuh aturanana?” teuing saha nu nanya. Saréréa bingung.  Sabab para tokoh ogé tacan apal,  naon anu munggaran kudu dilalanyahan.

“Tenang, tenang….!”  Aya di antarana anu nyoba-nyoba ngécéskeun sacara singget. Naon rupa anu saméméhna dianggap haram atawa dipahing dipilampah, ti mimiti detik harita kudu dilakonan.

“Ramékeun deui prostitusi jeung judi!”

“Satujuuu…!” saréréa surak. Komo deui ninggang ka jalma anu ti saméméhna geus anti agama, kaayaan kitu téh éstuning kacida matak pikabungaheun.

Tapi dina mangsa tukang maling rék ngaranjah, maranéhna ngarasa bingung. “Saha calon korbanna? Apan kabéhanana geus jadi penjahat?” pokna bari garo-garo teu ateul.

“Awas, ulah kumawani nyieun kajahatan ka penjahat!” tokoh penjahat anu saméméhna tokoh masarakat, ampir saban mangsa ngawawadianan.

“Jadi, saha atuh sasaran urang?” tanya sakelompok pamuda, anu kakara pindah propési, tina aktivis sosial kana bangsat kelas kakap. Sakedapan, tokoh penjahat bingung. Tapi teu lila, manéhna imut.

“Sasaran kajahatan urang mah nyaéta penjahat anu geus tibaheula jadi penjahat!”

“Satuju…!”

Para penjahat senior ngaranjug tur reuwas kareureuhnakeun. Kaasup jalma-jalma anu saméméhna teu percaya ka Pangéran, mimiti muringkak bulu pundukna.

“Bancang pakéwuh ieu mah!”

“Enya, bahaya!”

“Duh... Pangéran…” penjahat senior sumujud.

Ukur kaselang sababaraha poé,  tempat ibadah jeung puseur kagiatan keagamaan ngadadak pajejel-jejel deui. Maranéhna téh nyaéta jalma-jalma anu salila ieu ngalélécé, ngahina, malah nganggap euweuh Pangéran. Teuing ku lantaran  ngarasa kalindih pacabakanana, atawa bisa jadi kagero pikeun jadi jalma anu ngagem agama. Nu écés mah, maranéhna munajat ka Pangéran pikeun mulangkeun deui hukum-hukum jeung rupaning pantrangan dina agama. Maranéhna ngadu’a, sangkan agama jeung syari’at buru-buru ditanjeurkeun. Nu jahat tarobat. Tapi teuing lamun kaayaan geus dipulangkeun deui siga sabihara-sabihari.

Ngan sakitu lalakon anu ditulis dina surat keur manéhna. Tangtuna ogé lain lalakon nyata, sanajan nyata minuhan satungkebing ieu pikir. Éta mah ukur dongéng nu kulayaban wanci sareupna, marengan hiji pananya ka manéhna: Naon nu jadi pangjurung manéhna, nepi ka hayang mulangkeun ieu diri ka gigireunana? Salawasna? Ah, manéhna kudu apal yén taya deui nu bisa ngaganti manéhna, sanajan diganti deui ku manéhna.***


Ranggon Panyileukan, 1423-1428 Hijriyah

Dimuat dina Koran Sunda, taun 2007

Comments
0 Comments

0 komentar: