Ku Dhipa Galuh Purba
Sarundéng tina kalapa
Disawang kaca sepion
Éng ing éng pers basa Sunda
Ngalanglang na saban panon
KU bubuka éta sisindiran—anu hartina baris diguar
dina ieu tulisan—neda widi ngawaler seratan Kang Tatang Sumarsono, anu judulna “Sarundéng
= Pérs Sunda” (KS/05/04). Kang Tatang mairan tulisan kuring anu judulna “Sataun
KORAN SUNDA; Nyawang Pasualan Pers Sunda” (30/03, 02-03/ 04). Alhamdulillah,
tulisan kuring dipairan ku penulis, anu sacara pribadi karya-karyana rada dipikalandep
ku kuring. Tapi sanajan nu mairanana sanés Kang Tatang, tetep bakal ngucapkeun Alhamdulillah,
kalayan insyaAlloh baris diwaler.
Leres
pisan di antara sabagéan tulisan kuring, aya kacindekan yén kuring nyawang mangsa
katukang. Tapi lamun dicindekeun sagemblengna kawasna bakal béda deui caritana.
Ari nyawang mangsa tukang mah tetep penting, sangkan—nambut istilah KORAN SUNDA—panceg
na galur. Ibarat nyupiran kandaraan, tangtuna kaca sepion téh henteu sakadar jadi
kamonésan.
Tapi lamun saendeng-endeng ningali kaca sepion, mémang dijamin tabrakan
atawa sakurang-kurangna tikusruk. Ku ayana kitu, tulisan kuring ogé henteu sakadar
nyawang katukang, da puguh nu utamana mah nyawang pikahareupeun.
Upama
pers Sunda diibaratkeun sarundéng, cara nyawang kuring mah bakal béda jeung
Kang Tatang. Ngabayangkeun nyieun sarundéng ti mimiti ngala kalapa, mesék
kalapa, mesékna, marudna, tug nepi ka nyangrayna, tangtos baé bakal capé ari ku
dipigawéna ku sorangan mah. Éta pancén téh bisa dibagi ku sababaraha urang
dumasar kana kaahlianana séwang-séwangan.
Basa di lembur nyieun sarundéng, kuring
mah ukur kabagéan mirun seuneu. Tapi sarundéng tetep asak, tur henteu karasa capé.
Komo deui di jaman ayeuna mah, rék nyieun sarundéng téh babari pisan. Di pasar,
loba nu ngajualan kalapa meunang marud, malah meunang ngagiling kétang ayeuna
mah. Teu kudu mirun seuneu, da geus usum élpiji. Lamun wegah nyangray dina katél,
diopen dina mikrowép ogé bisa.
Bras
kana lembaga pers, anu natrat mangrupa pagawéan tim (réréongan). Aya nu pancénna
ngawawancara, ngédit, ngadesain, ngalay-out, jst. Komo dina jaman kiwari anu téknologi geus sakieu majuna, ngirim
naskah ogé ukur sababaraha detik ngaliwatan e-mail (ku urang KusNet mah disebutna
sérélék, singgetan tina serat éléktronik). Program aplikasi keur ngadesain
atawa ngalay-out pabalatak, tur leuwih ngagampilkeun pagawéan kalayan saratna kudu bisa ngajalankeunana.
Numutkeun Kang
Tatang, pers basa Indonésia ogé teu kurang-kurang nu eusina taya araheunana,
malah ukur dipaké kamuflaseu pikeun kapentingan séjén nu kacida heureutna. Éta pamendak
téh leres pisan, nu matak aya istilah-istilah saperti jurnalisme got (gouter
journalism), mangrupa gaya jurnalistik anu saukur ngasongkeun warta
ngeunaan seks jeung kajahatan (sex and crime journalism), atawa gossip
journalism, anu ngagugulukeun gusap-gosip.
Tapi kuring mah kungsi
nyoba-nyoba ngudag ku pananya: kunaon média siga kitu bet payu? Kuring yakin, lain
sagemblengna watek pamaca nu resep gosip, tapi mémang anu ngokolakeunana pinter
ngagémbang masarakat ku kemasan. Desain grafis, artistik, atawa cover, kalintang
diutamakeun. Iwal ti éta, promosi jeung pelayanan ka nu maca ogé digarap super daria.
Lebah dieu, patalina tangtu baé jeung SDM.
Justru perkara
kualitas sabudeureun basa mah, asa hadé kénéh pers Sunda jaman ayeuna
dibandingkeun jeung jaman baheula. Boga pamanggih kitu, lantaran manggih
informasi, salahsahijina tina seratan Kang Tatang anu judulna “Asupna Kecap
Alanyar kana Basa Sunda Ngalantarankeun Ramijud atawa Ngabeungharan?” (Raksarasa;
Antologi Basa jeung Sastra Sunda katut Pangajaranana, Geger Sunten, 2004). Saur
Kang Tatang, dina Koran Sipatahoenan ahir taun 50-an, jaman meuweuhna
gorombolan DI/TII, kungsi midangkeun warta anu judulna ”Tentara Beuki Lalay, Gorombolan
Beuki Ganas”. Éta ungkara téh tarjamahan tina “Tentara Bertambah Lalai, Gerombolan
Bertambah Ganas” (kaca. 40).
Jaman kiwari, pérs
Sunda sacara umum basana geus leuwih merenah batan baheula, tapi nyanghareupan tangtangan
anu leuwih beurat. Baheula mah henteu pati loba teuing gogoda panon téh. Béda
jeung ayeuna, panon méh taya reureuhna molotot da loba pisan lalalajoaneun anu
haratis tur ramé.
Antukna budaya lalajo leuwih maceuh, batan budaya maca. Baheula
mah lamun nganjang téh “disuguhan” bacaeun di kolong méja, demi ayeuna mah “disuguhan”
rémot pikeun milihan lalajoaneun parab panon.
Lantaran anu
pangheulana digémbang téh panon, antukna pérs Sunda perelu ngaluarkeun ‘kelét Maronggé’
sangkan katarik ati kapentang asrama, aéh... asmara. Nginjeum “konci suksés média”
ala ASM. Romli (Jurnalistik Terapan, Batic Press, 2005, kaca. 24), aya
opat perkara anu kudu bener-bener diutamakeun. Nyatana (1) product, nyaéta
kualitas média, ngawengku rubrikasi, eusining warta, desain grafis, artistik,
cover, jsté anu antukna matak ngagémbang. (2) promotion, nyaéta tarékah éta
média pikeun ngahudang minat meuli jeung minat maca. (3) please, nyaéta kualitas
layanan éta média, pangpangna bagéan sirkulasi pikeun ngogo (to please) ngagampilkeun
masarakat pikeun maluruh éta média. Anu hartina kualitas layanan redaksi atawa
bagéan séjénna ka nu maraca. Jeung (4) price, nyaéta harga éta média, naha kahontal ku nu
meuli, luyu jeung kualitas produk jeung layanan, jsté.
Pers Sunda tacan maksimal
ngagarap promotion jeung please. Ari product mah sabagéan geus dipatéakeun
kalayan daria, saperti rubrikasi jeung eusina. Tapi tagogna masih kénéh tacan ngigelan
jaman. Lamun hayang ngigelkeun jaman, tangtuna ogé kudu bisa ngigelan jaman
heula. Perkara price mah kawasna geus lain pasualan.
Sabaraha baé ogé
pasti dibeuli, ari matak kataji mah. Perkara pamendak Kang Abdullah Mustapa anu
nyebutkeun pola pikir masih katalikung ku kondisi jaman kapungkur; yén pers téh
lapangan perjuangan, éta mah teu masalah jeung mémang kudu kitu. Lain baé
ngokolakeun pérs Sunda, dalah ngalakonan naon baé ogé, kaasup néangan pikabogoheun,
éta téh mangrupa perjuangan. Anu perelu disingkahan mah: prak-prakan nyieun
sarundéng masih katalikung ku pola pikir jaman kapungkur.***
Ranggon Panyileukan, 18 Mulud 1428 H
Komentar