Saulas Ngeunaan Longser DURIAT BEJAD




Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka (Bumi Panyileukan, Bandung)


TEU pati loba, grup atawa kelompok TĂ©ater nu konsistĂ©n ngagarap naskah-naskah basa Sunda, boh dina winangun TĂ©ater Modern, LongsĂ©r, Sandiwara Sunda, jeung sĂ©jĂ©n-sĂ©jĂ©n deui. Komo deui anu ngalibetkeun generasi ngora mah, kawasna masih kaitung langka. Ku ayana kitu, kacida perelu diajĂ©nan tarĂ©kah TĂ©ater Sunda Kiwari (TSK) anu nepi ka kiwari masih rutin ngayakeun FĂ©stival Drama Sunda (FDBS), unggal dua taun sakali. Saperti anu digelar taun 2008, FĂ©stival Drama Sunda  diiluan ku 71 patandang. Puguh baĂ© leuwih undak batan FDBS taun 2006 (diiluan ku 53 patandang) atawa atun 2004 (diiluan ku 40 patandang).

Tina 71 kelompok tĂ©h, leuwih ti satengahna diwengku ku para rumaja anu masih kĂ©nĂ©h diuk dina bangku SMP jeung SMA. Para rumaja beuki rĂ©a nu kahudang sumangetna pikeun milu ngamumulĂ© basa Sunda, nya salahsahijina ku cara aub ngagarap tĂ©ater anu ngagunakeun basa Sunda. TĂ©tĂ©la basa Sunda ogĂ© bisa dijieun basa gaul anu henteu dianggap tinggaleun jaman. Kalayan “PD”, para rumaja ngasongkeun ngaran-ngaran kelompokna, kayaning “WawanĂ©n”, “TĂ©roris”, “GĂ©mbĂ©l Élite”, “Patih”, “Senapati”, jstĂ©.

Lain baĂ© jumlah patandangna anu undak tĂ©h, da kualitas pagelaranana ogĂ© milu undak. Hartina, lain saukur hayang mĂ©jĂ©ng dina panggung, da kaciri ladang tina prosĂ©s anu daria, inopatip, reumbeuy ku krĂ©ativitas, tur rĂ©a impropisasi anu calakan. Sajabana ti kitu tĂ©h, dibarengan ku ngagedurna sumanget “getih ngora”. Kalintang loyogna TĂ©ater Sunda Kiwari dilĂ©lĂ©r sertifikat ti MURI (Musieum RĂ©kor IndonĂ©sia) anu ka 3070, minangka pangajen kana kagiatan Festival Drama Basa Sunda (FDBS) nu diayakeun 20 poĂ© noron, ti tanggal 11 Februari-1 Maret 2008. Nurutkeun Paulus Pangka, Manajer MURI, kagiatan FDBS minangka festival drama basa daerah sa-Indonesia panglilana, malah saalam dunya.

Nilik kana antusias generasi ngora kana Pintonan nu ngagunakeun Basa Sunda, aya saenyay harepan pikeun kalumangsungan pintonan Basa Sunda sacara umum. Teu perelu madungdengkeun wanda pintonanna dingaranan naon jeung bungkeuleukanana siga kumaha. Nu penting mah naon rupa nu pintonan nu ngagunakeun Basa Sunda, sakurang-kurangna geus bisa némbongkeun mun yén lalampahan Basa Sunda téh katingalina panjang kénéh.

Rupaning rarancang  pikeun ngamumulĂ© Seni Sunda atawa ngalahirkeun rĂ©-generasi dina seni Sunda, mĂ©mang mindeng pisan diayakeun. Didiskusikeun, diseminarkeun, diupadungdengkeun, mĂ©h taya anggeusna. Hanjakalna, kalolobaanna mah tara dibarengan jeung prak-na. Barang diskusi atawa seminar bubar, nya programna ogĂ© miluan bubar. Padahal nyĂ©boran sirung-sirung anyar tĂ©h kalintang pentingna. Komo deui dina mangsa globalisasi cara kiwari, jati kasilih ku junti tĂ©h teu pamohalan bakal kajadian, upama taya tarĂ©kah nu nyata.

Teu kudu lahuta heula saheulaanan mah, nu penting mah kumaha carana  ngahudang rasa kataji atawa kareueus para nonoman Sunda kana kabudayaan sorangan. Nya diantarana ngawanohkeun pintonan ku Basa Sunda di sakola-sakola atawa di paguron luhur. Sugan jeung sugan, ku jalan mindeng nga-afrĂ©siasi pintonan Basa Sunda, antukna jadi kataji tur reueus (deui) ngagunakeun basa Sunda dina pakumbuhan hirup sapopoĂ©.

Para  nonoman ogĂ© kudu dibĂ©rĂ© kalaluasaan pikeun ngagunakeun basa Sunda anu demokratis, henteu diusengker ku aturan itu-ieu, henteu dibeungbeuratan ku tumpukan undak-usuk. Keun baĂ© ngagunakeun basa Sunda saayana, sanajan henteu "nyunda", batan henteu pisan. MĂ©mang jalma-jalma  nu arogan jeung nganggap basa Sunda maranĂ©hna pangbenerna, bakal nganggap ieu tarĂ©kah minangka awal tina ruksakna basa Sunda. Tapi ngarah generasi ngora kataji ku basa Sunda, diperlukeun hiji proses, jeung tangtuna kudu leuwih ngarti kana dunya para nonoman.

MĂ©mang ngahirupkeun deui sumanget seni tradisi mah henteu cukup ku ngayakeun seminar atawa wangkongan sĂ©jĂ©nna, sanajan ngawangkong ogĂ© puguh baĂ© penting. HĂ©abna budaya deungeun anu ngakar di Pasundan, geus ngalantarankeun ajĂ©n seni tradisi Sunda mĂ©h kasingkirkeun. Padahal kacanggihan teknologi, lain hiji alesan pikeun leungitna jati diri Ki Sunda. Malah ku ayana hal Ă©ta, ajĂ©n seni tradisi Sunda bisa leuwih weweg tur nanjeur kalayan mekar dina ngolah wanda krĂ©asina. Sabab kasenian rayat Sunda bisa makalangan saluyu jeung kamajuan jaman. Nya  contona mah kasenian longsĂ©r nepi ka kiwari, tĂ©tĂ©la masih kĂ©nĂ©h dipikaresep.


Riyanti Rachmat


Saulas “Duriat Bejad”
Dunya beuki kolot. Globalisasi, emansipasi, Modernisasi geus mawa kahirupan ka nu leuwih maju. Hanjakalna sagala rupa anu datangna ti barat kurang disaring kalayan daria. Budaya anu teu cocog jeung adat katimuran geus nerekab tur ngakar ka masarakat Sunda. Jati Kasilih Ku Junti bisa baé lain saukur babasan. Tapi bisa kanyataan. Lamun geus kitu, tinangtu bakal kaleungitan ajén jati diri anu sayakti. Moal boga tatapakan pikeun ngalengkah. Bangsa anu rohaka, nyaéta bangsa anu miara tur ngalestarikeun budayana sorangan.

            “Duriat Bejad” ukur nginjeum judul wungkul, da ari eusina mah henteu bĂ©ak dipakĂ© nyaritakeun 'duriat'. Kuwu Éon kabungbulengan ku NĂ©ng Susi. Hanjakalna NĂ©ng Susi kakara kawin ka Jang Isud. Tapi sanajan kitu, kuwu Éon tetep merekedeweng, malah ngucurkeun dana ka tilu urang usung-Ă©sangna (Sarmud, Ukro, jeung Sarkowi) pikeun nyulik NĂ©ng Susi. Salian ti Ă©ta, Kuwu Éon ogĂ© nitah nyĂ©wa pasukan dĂ©montrasi sangkan pamaksudanana bisa tinekanan, bisi aya nu ngahalang-halang.

            Sanggeus NĂ©ng Susi diculik, sobat-sobat salakina ngumpulkeun massa pikeun nyieun ngadĂ©mo Kuwu Eon. Dina pamĂ©ntana, sajabana mĂ©nta dibĂ©baskeun NĂ©ng Susi, nu dĂ©mo tĂ©h nitah Kuwu Éon turun tina jabatan kuwu. Kuwu Éon sabenerna keur nyanghareupan hiji perkara anu kacida beuratna. Sabab pamajikanana boga kahayang nu lain-lain tur kalintang bejadna. Tapi kangaranan longsĂ©r, tangtu baĂ© tara leupas tina banyol jeung gogonjakan.

Pamungkasna, ieu naskah longsĂ©r “Duriat Bejad”, mugia baĂ© aya mangpaatna. Sabab salila ieu, lain sakali-dua kali para nonoman anu ngarasa bingung maluruh naskah longsĂ©r. Aya Ă©ta ogĂ© anu ngahajakeun nepungan ka imah, rĂ©k mĂ©nta naskah longsĂ©r pikeun digarap tur dipagelarkeun. Aya ogĂ© anu ngaliwatan e-mail. Ku kituna, ieu naskah longsĂ©r tĂ©h geus kungsi dipagelarkeun ku sababaraha grup tĂ©ater. Naskah “Duriat Bejad” munggaran dipidangkeun ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka(Bumi Panyileukan) di Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129 Bandung jeung di STSI (Sekolah Tinggi Seni IndonĂ©sia) Bandung, dina acara Parade LongsĂ©r 2001. Para pamaĂ©nna  Sanny Ferryanny, Dody Otong, Hendrayana, Intan Riesna Yuswana, Yunar Festovik, Bangbang, Hani, Fikri, Kurnia, Adit, Mia Ocktavia, Adji, Mega, Syaeful, Jsb. Anu ngibingna Riyanti Rachmat, Melly Marwati, jeung Dian Kharismasari. Nayagana Den Endul, Iwa Pranawa, Riki, Yudi, Elan, Jsb.

Jadi, keur pakumpulan kasenian atawa sanggar seni anu seja ngagarap ieu naskah, sumangga diwidian, kalebet ngawidian bisi perelu dirévisi atawa diluyukeun ku sutradarana.


Baktosna
Dhipa Galuh Purba

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post