Carpon
Dhipa Galuh Purba
GUYUR salembur. Najan teu ilahar, tapi
méh sakur urang lembur ngarasa kahibur. Rupaning pintonan ditanggap: bajidoran,
dangdut, kosidahan, wayang golék, tug nepi ka tablég akbar. Olot Ukar, Ulis
Kowi jeung Kulisi Ook, katara bangun sugema. Meunang hésé capé tatahar téh,
dina emprona mah geuning lungsur-langsar.
Peuting
éta, malem Jumaah kaliwon, buruan balé désa téh ngadadak ngajanggélék jadi
pasar malem.
“Para
hadirin anu ku simkuring dipihormat, teu karasa geuning, peuting ieu téh geus
nincak peuting katilu hajat lembur. Enya, dina raraga ngareuah-reuah maotna Si
Réwok…” kitu cék Olot Ukar, basa keur biantara di luhur panggung. Nu surak mani
sahéng, matak eundeur salelembur. Malah awahing ku ramé, nu keur biantara mah taya
nu ngabandungan. Nyaho-nyaho Lurah Ukar geus mungkas biantarana. Tuluy
disambung ku Kuwu Amas, minangka tamu istiméwa.
“Kuring
minangka kuwu, milu bungah nu taya papadana, duméh Si Réwok geus
nemahan
pati. Sugan wé ari Si Réwok maot mah, lembur urang téh jadi aman tur tingtrim…”
teu kebat biantarana, da kasilep ku surak nu lalajo mani ayeuh-ayeuhan. Malah
nepi ka réngséna biantara, biheung aya nu nyaho naon nu caritaan ku Kuwu Amas.
Komo Hansip Baron mah, ti mimiti prung acara ogé, ngan hayoh baé ngalindeukan
Néng Lina. Mangpang-meungpeung, sabot Olot Ukar bongoh. Padahal sasarina mah
Hansip Baron téh tara kumawani, da puguh ngaragangan Lurah Ukar. Tapi
sanggeusna Hansip Baron dilélér pangajén minangka pahlawan lembur, Olot Ukar
siga nu méré lolongkrang hadé. Hartina, tinggal Cép Érik nu kudu disanghareupan
téh. Duka ku naon, da Cép Érik mah ti
baheula ogé mémang teu panujueun upama adina kudu réréndéngan jeung Hansip
Baron.
Fotografer: Syahdarina |
Tatabeuhan
dangdut mimiti ngagembrung. Nu lalajo mimiti motah. Aya awéwé maké baju merecet
naék ka panggung. Nu lalajo beuki moyég. Hansip Baron mah kalah ka anteng
neuteup beungeut Néng Lina.
“Kang
Érik nuju ka mana, Néng?” Hansip Baron nanya. Diukna rada ngised, semu
nyedekkeun Néng Lina.
“Duka…”
ukur kitu walon Néng Lina téh. Pangpangna mah geus bisa ngabadé yén Hansip
Baron téh ukur basa-basi. Da mun seug enya aya Cép Érik, tangtuna ogé moal
kumawani diuk di gigireunana.
“Si
Érik mah keur nganjang ka imah calon pamajikanana di Rancakatél. Geus ampir
saminggu, henteu balikna téh...” kalah Olot Ukar nu némbalan téh, bari panonna
mah angger manco kana panggung, lir embung kaliwat nuturkeun nuturkeun nu keur
ngagéol luhur panggung.
*
TILU
poé katukang, Si Réwok geus jadi mayit. Puguh baé langsung ibur salembur, éar
sadésa. Malah mimitina mah loba nu cangcaya. Pangna kitu téh, ngaran Si Réwok
geus jadi kacapangan balaréa, dipikasieun ti baréto. Éstuning matak muringkak
bulu punduk, mun ngaguar kaganggasan Si Réwok. Lain hiji dua nu nyebut leuwih
gangas alah batan sato téh. Kakara ngadéngé ngaranna, nu soak mah tuluy
ngocéak.
Sanggeus
sumebar béja yén Si Réwok maot, réa nu tumanya, saha nu geus bisa maéhanana? Da
puguh salila ieu mah can aya nu metu nyangkalalak éta jalma. Dalah aparat
kaamanan ogé méh béak-déngkak. Cék Bah Dinta téa mah, dukun sohor ti urang
Ciparabun, majarkeun téh Si Réwok boga ajian meunang ngalap ti Siluman Belut.
Leueur, matak hésé ditéwakna. Ngalawan Si Réwok mah, lain sanghareupaneun jalma
bolostrong.
Olot
Ukar terus ngayakeun saémbara. Sing saha nu bisa nyerek Si Réwok, boh hirupna
boh paéhna, baris meunang hadiah, duit sapuluh juta! Kawasna mah Olot Ukur geus
liwat ti jangar, duméh kulawargana gé
jadi korban kaganggasan Si Réwok.
Hansip
Baron ngadadak jadi bahan catur balaréa. Cenah manéhna pisan nu nyangkalak Si
Réwok téh. Saméméhna tarung heula di Pasir Haur. Layon Si Réwok terus dibulen
ku boéh, henteu kungsi dimandian heula. Satuluyna dipanggul ku ka buruan balé
désa. Urang lembur tumplek ka balé désa, hayang ngayakinkeun éta béja.
“Cik
singkabkeun boéhna, hayang neuleu heula beungeutna! Rék diciduhan sakali
mah!” aya nu nyelengkeung semu nu
ngenes.
“Meugeus,
teu kudu diténjo sagala rupa, beungeutna raca pisan!” cék Hansip Baron rada
teugeug.
“Mending
mandian baé heula. Terus urang kurebkeun sakumaha mistina…” cék Mama Iking.
“Teu
kedah, Mama. Jalma kieu patut mah, mending langsung dikurebkeun wé, da tos
puguh bakal dirérab seuneu naraka!” témbal Kulisi Ook.
“His,
ari taeun téh, sok nyanyahonan Nu Kagungan. Teu meunang, dosa éta téh…” saur
Mama Iking.
“Lah,
tong loba catur. Hayu urang rungkup baé! Iringkeun ku kuda rénggong!” Hansip
Baron bangun nu teu sabar. Rombongan kuda rénggong geus anjog ka buruan balé
désa.
“Nya
ari geus kieu mah, sok wé atuh kurebkeun di Cijéngkol! Omat, ulah wani-wani
dikubur di Makam Jambu, bisi ngotoran arwah-arwah jalma suci,” kitu cék Olot
Ukar.
“Ari
Pa Olot, moal milu ngubur?” Ulis Kowi nanya.
“Apan
kuring rék nyiapkeun raraméan jeung barudak nonoman…” témbalna.
Hansip
Baron gugupay ka lebah rombongan kuda rénggong, tuluy ngagorowok rada harus.
“Hayoh
tabeuuh…!”
Der,
tatabeuhan kuda rénggong téh dimimitian. Nu nyanyi, nu ngigel, nu sarurak,
mutuh matak harénghéng. Layon digotong ku Kulisi Ook, Hansip Baron, jeung Ulis
Kowi. Ari Mama Iking mah tuluy baé ngaléos. Pasemonna bangun nu hanjelu.
“Mama,
moal ngiring ngurebkeun?” cék Olot Ukar.
“Moal.”
témbalna pondok, bari tonggoy ngaléngkah ka kulonkeun.
“Atuda
aya ku mararodél Pa Olot mah. Piraku rék ngurebkeun nu maot kalah ka
diiringkeun ku kuda rénggong…” aya nu nyarita tukangeun Olot Ukar. Barang
dilieuk, mana horéng Ustad Otong.
“Lah,
Mang Ustad mah da can kungsi ngalaman jadi korban Si Réwok. Jadi moal
ngarasakeun kanyeri urang lembur…”
“His,
sanés kitu, Pa Lurah. Tapi kalah kumaha ogé, ari nu maot dikitu-kitu mah,
henteu saé. Komo deui ngadangu téh badé tatanggapan sagala?”
“Enya,
Mang Ustad. Kuring rék tatanggapan tujuh peuting noron. Bisi Mang Ustad rék
lalajo, tangtu bakal disadiakeun korsi husus di jajaran hareup…” teu kebat
nyaritana, da Ustad Otong kaburu ngaléos.
*
BEUKI
peuting, acara dangdutan mingkin ramé baé. Aparat désa tingcakakak dina korsi
jajaran hareup. Kituna téh bari tingserebung haseup udud, tinglaleguk inuman.
Duka kumaha téténjoanana, da nu ngigel téh siga nu pikalucueun. Hansip Baron
beuki laluasa ngalindeukan Néng Lina.
Teu
lila, Hansip Baron cengkat.
“Badé
ka pengker heula sakedap,” pokna ka Néng
Lina.
“Mangga,
masing lami ogé…” témbal Néng Lina. Rada nyentug kana angen Hansip Baron. Najan
kitu, Hansip Baron kalah ka sarangah-séréngéh, api-api teu ngadéngé. Léos muru
ka pipir balé désa, rada rurusuhan.
Kakara
ogé muka seléting, Hansip Baron ujug-ujug curinghak. Panonna melong ka lebah
tangkal kihujan. Najan ukur sakolébat, katénjo aya nu sasalingkeran, maké
pakéan sarwa hideung.
“Saha
éta?” cék Hansip Baron teuneung. Hanjakalna ukur diwalon ku sora gaang jeung
jangkrik. Éta jirim nguliwed ka
kulonkeun. Hansip Baron beuki panasaran, lat poho kana sagala rupa. Harita
kénéh ngaberengbeng lumpat, ngudag jirim nu geus leungit dilegleg mongkléngna
peuting. Hanjakal, najan diberik bari lumpat satakerna, henteu kaudag.
Ditéangan ka ditu ka dieu, teu kapanggih. Antukna Hansip Baron ngalempréh bari
rénghap-ranjug, késang ngoprot sakujur awak.
“Nuju
naon, Mang Baron?”
Gebeg.
Ustad Otong geus nangtung di hareupeunana.
“Bieu
téh aya jalma nyurigakeun, lumpat ka lebah dieu. Tapi dasar keur apes, nepi ka
henteu kaudag tah Si Ontohod téh. Padahal mun beunang mah, rék dipodaran
sakalian, ngarah Si Réwok aya baturna di naraka!” témbalna.
“His,
ari nyarita téh…”
“Ké,
ké, ké, ari Mang Ustad rék ka mana?”
“Biasa
wé, rék menerkeun cai. Tuluy balikna rék nyimpang ka Mama Iking.”
“Kadé
atuh, bisi éta mangkeluk ngarogahala.”
“Kuring
mah pasrah wé ka Alloh, Mang. Hayu ah, bisi peuting teuing,
Assalammu’alaikum…”
kituna téh bari ngaléngkah rada rurusuhan. Hansip Baron
sakedapan
mah ngahuleng ngaragameneng. Siga nu keur mikir. Uleng naker. Teu lila, Hansip
Baron cengkat. Tuluy leumpang rurusuhan.
Bras
ka buruan imah Mama Iking. Hansip Baron ngarandeg. Kapireng di jero aya nu keur
paguneman, semu gegerendengan. Manéhna tuluy ngeteyep ka pipir imah Mama Iking.
Satuluyna ngintip tina séla-séla bilik. Gebeg, Hansip Baron ngaranjug, bangun
cangcaya kana téténjoanana. Késang badag késang lembut mimiti rarenung maseuhan
sakujur awakna. Angenna ratug tutunggulan, basa sora nu paguneman beuki atra
kadéngé.
“Alloh
mah lautan hampura, Jang. Dosa-dosa Jang Réwok anu bieu dicaritakeun téh,
mémang matak muringkak bulu punduk. Kilang kitu, rék sakumaha lobana dosa Jang
Réwok, ari geus boga itikad rék tobat jeung rék babalik pikir mah, lawang
pangampura masih kénéh muka. Mama ogé ngarasa bungah nu taya papadana…” sora
Mama Iking meupeuskeun simpéna peuting. Ti kajauhan, sora tatabeuhan dangdut
masih kénéh ngagembrung.
“Nuhun,
Mama. Abdi téh leres-leres hoyong ngubur tapak kapungkur, nanging nya kitu
téa…” Réwok teu kebat nyaritana, sabab piceurikeun geus nyelek dina tikoro.
Antukna kalah nginghak bangun nu nalangsa.
“Geus,
teu kudu ceurik, Jang. Ayeuna mah hayu urang abdas. Wayahna sapeuting ieu mah
ulah hayang saré. Mending solat tobat, solat hajat, solat istikharoh,
masrahkeun awak sakujur kalayan neda pangampura ti Nu Maha Kawasa. Isukan, bada
solat subuh, pék masrahkeun diri ka nu berwajib, ngarah urang lembur aréling,
saha sabenerna anu geus dikurebkeun téh. Bisi sieun mah, keun ku mama dianteur.
Deudeuh teuing ana kitu mah Lurah Ukar téh…” kitu pokna Mama Iking.
Hansip
Baron kekerot. Cacak mun di nu caang mah, tangtu bakal katénjo geuneukna
beungeut Hansip Baron. Gap kana gagang bedog; Si Waja Karang, nu tara lésot
disosorén saban mangsa.
“Dasar
sia mah bangkawarah, Réwok! Cidra kana jangji sia sorangan…” Hansip Baron
ngagerentes, bari ngojéngkang rék muru ka lebah tampian. Teu kahaja, sukuna
nincak ucing kukutan Mama Iking, nu keur depa di tukangeun Hansip Baron.
Méooong…!
Sora sakadang ucing bangun nu kanyenyerian.
“Saha
di luar?!” cék Mama Iking, rada harus. Puguh baé angen Hansip Baron beuki ratug
tutunggulan. Komo barang mireng sora panto ngulutrak mah. Rasa bingbang jeung
tagiwur minuhan satungkebing haténa.
“Aéh,
geuning Mang Ustad. Sok ka jero! Naha teu uluk salam heula atuh?”
“Punten,
Mama, tadi téh nembé ogé badé éngab, tapi reuwas ngadangu sora ucing…”
“Ucing?”
Mama Iking naros. Hanjakal pisan Hansip Baron mah teu bisa nyaksian paroman Mama
Iking.***
Pondok
Mustika, 15 Mulud 1426 H
dimuat dina Majalah Cupumanik
Komentar