“Jang, geus bedug Lohor?”
ENYA, moal poho. Harita, waktu masih kénéh cicing di lembur (kira
taun 1980-an), mindeng pisan bapa kuring (alm) tumanya kawas kitu. Pangpangna
mah upama waktu geus nyedek ka wanci tengah poé. Malah lain baé bedug Lohor,
anu sok ditanyakeunna téh. Kaasup bedug Asar, bedug Magrib, bedug Isa, jeung
bedug Subuh. Tangtu wé bapa kuring téh rék ngalaksanakeun ibadah solat pardu;
hayang mastikeun waktuna geus manjing atawa acan. Bapa téh tara nanyakeun “Geus
adan lohor?” Lumrah pisan, sabab harita mah can pati usum pangeras, da puguh
tacan aya listrik téa.
Iwal ti di buruan Masjid atawa Tajug, asa can kungsi aya bedug anu
“nangkring” di tempat séjén. Sebut baé bedug téh (di lembur kuring) kacida
raket patula-patalina jeung Masjid. Malah Mama Haji sok ambekeun naker; upama
aya barudak anu ngoprék bedug lain wayah, lain mangsa. Nya minangka nu rada
samemena ngoprék bedug téh, taya lian dina mangsana Bulan puasa; ngadulag. Ti
saréngséna solat subuh nepi ka wanci tengah poé ogé, tara kungsi aya nu nyaram.
Kari daékna jeung kari kuatna wungkul, sing rék nepi ka utah-uger ogé. Malah
dina maleman takbir mah, bedug téh aya kalana sok diangkut kana mobil bak;
ngadulag bari ngurilingan lembur.
Teu karasa; Bedug, dina harti kecap barang, geus jadi salah sahiji
bagéan tina kalengkepan masjid. Ditilik tina kagunaanna, écés pisan keur
ngabéjaan urang lembur mun yén geus manjing waktuna solat. Husus di lembur
kuring; unggal bedug lohor, nakolna sok didulugdugkeun. Sarua jeung bedug asar
–husus—dina poé Jumaah. Sajabana ti éta mah, nakolna ukur dua kali, ditambah
sakali, diselangan heula ku kentrong (nakol kohkol).
Ka béhdieunakeun, sanggeus rada gaul jeung dunya kasenian, kakara
apal mun yén bedug téh lain baé aya di Masjid. Basa lalajo pintonan kasenian
rampak bedug, apan bedug téh maké jeung naék kana panggung sagala. Komo anu
matak barieukeun mah, upama geus nyaksian festival bedug atawa paradeu bedug.
Sora bedug téh, upama diracik cara nabeuhna mah, enyaan henteu éléh ku alat
musik séjénna. Pon kitu deui upama nengetan sababaraha kelompok musik, anu
ngagunakeun unsur sora bedug, karasa pisan ceuli téh nikmatna. Tapi da keukeuh,
grup musik anu ngagunakeun unsur bedug, sasarina anu mibanda nuansa Islam.
Nyaritakeun perkara bedug, bet jadi ras inget ka Masjid Agung anu
perenahna di Kelurahan Yudanegara, Kacamatan Cihideung, Kabupatén Tasikmalaya.
Di dinya pisan aya hiji bedug anu (sebut baé) pangbadagna sa-alam dunya. Keur
anu resep kana bedug mah, kawasna moal bireuk deui ka éta bedug. Saméméh
diperenahkeun di Masjid Agung Tasikmalaya, éta bedug diiderkeun heula ka 56 kota
di Pulo Jawa (kurang leuwih nyorang jarak 3.104 KM). Rék henteu calangap
kumaha, da puguh éta bedug téh diameter
ogé nepi ka 2,05 M, panjangna 4 M, luhurna 2 M, kalayan beuratna ku ijiran mah
kawasna aya bahan leuwih ti saton. Hanjakal teu kaburu nyobaan mangku harita
téh, da rada rurusuhan. Éta Bedug minangka sumbangan ti PT. HM Sampoerna anu
ngahaja dijieun ku Trimanto alias Mpu Triwigono (70 taun), ahli gamelan ti
Yogyakarta. Bahan bakuna ogé kawilang hade, tina kulit munding jeung kai
bingkerey demak (kai anu weweg). Sakumaha anu kungsi diwartakeun ku HU Pikiran
Rakyat (17 Novémber 2002), ieu bedug téh meunang pangajén ti Museum Rekor
Indonesia (MURI), kalayan dicatet dina Guiness Book of Record minangka
bedug pangbadagna jeung pangpanjangna sa-dunya. Atuh puguh kagunaanana ogé lain
baé pikeun ngabéjaan waktu solat atawa buka puasa. Ieu bedug kareueus urang
Tasik téh jadi salah sahiji tujuan wisata. Loba anu ngahajakeun unggah ka
Masjid Agung Tasik pikeun ningali sacara langsung bedug ‘ahéng’ téa; anu dipoto
bareng artis…aéh bareng bedug, anu hayang
nyoba-nyoba nabeuh, tug nepi ka anu ngamangfaatkeun pikeun dijieun
lokasi shoting.
Kilang kitu, bedug di Masjid Agung Tasikmalaya, henteu kasebut bedug
‘ahéng’ anu munggaran. Sabab sawatara taun katukang, di Masjid Purwerojo ogé
geus ngajengléng hiji bedug anu diaméterna 1,94 M, kalayan panjang 2,92 M. Upama bedug di Tasik bahanna ngagunakeun
kulit munding, bedug anu dingaranan Bedug Agung Kiai Pendowo atawa Kiai Bagelen
mah, dijieunna ngagunakeun bahan kulit Banténg. Tapi ku lantaran aya karusakan
(Maklum umurna geus heubeul), dina taun 1993 kulit bagéan tukangna diganti ku
kulit sapi. Nurutkeun sajarahna, éta bedug téh dijieun dumasar kana paréntah
Adipati Cakronagoro, anu harita jeneng Bupati Purworejo (1831). Awahing ku
beuratna, pikeun ngangkut bedug ti Purwodadi (tempat nyieunna) ka Purworejo,
nepi ka méakeun waktu aya kana 2 minggu. Anggangna kurang leuwih 9 KM.
Meujeuhna, da jaman harita mah can aya alat transportasi anu canggih siga jaman
kiwari.
Sajabana di Tasik jeung di Purworejo, anu bisa dikatégorikeun wanda
bedugna badag téh, aya deui di Masjid Attaqwa, anu perenahna di Desa Kalierang,
Wonosobo. Éta bedug téh panjangna 2 M, kalayan diameter-na 1,71 M. Atuh di
lembur kuring ogé, lamun dihijikeun mah, kawasna bakal leuwih badag. Mindeng
pisan nyieun bedug anyar téh. Pangpangna mah da sok ruksak, upama maleman
takbir. Da éta apan sok diangkut téa, dibawa ngurilingan lembur bari ngadulag.
Ari anu ngadulag, teu saeutik anu sok sasangkleng nabeuhna. Saperti basa malem
takbir taun kamari, bedug téh totos ku Si Buruy. Puguh baé sirahna
didegungkeun. Tapi dasar budak jauh ka bedug, dicarékan téh kalah némbalan,
bari rada muncereng, ”Enya da sirah uing téh bedug…”
Dina basa Sunda, aya hiji babasan anu unina; Jauh ka bedug (hartina;
dusun meledug). Atuh lamun kitu mah, sangkan henteu jadi jalma dusun, nya kudu
‘deukeut’ ka bedug. Beuki écés baé mun yén bedug téh mibanda ajén anu luhung,
boh ditilik tina interpretasi urang Sunda, pon kitu deui agama Islam. Aya
prosés transformasi budaya anu saluyu (baca; sajalan). Pang kitu téh, da
nurutkeun anu kapaluruh ti guru ngaji kuring, bedug mah asalna lain tina
tradisi Islam, tapi bisa ditarima di kalangan Islam di Indonésia. Kilang kitu,
aya ogé umat Islam anu terang-terangan ngalarang ngagunakeun bedug, kalayan
alesan; bidah. Saperti pamadegan Kiai Fakih ti pasantrén Mas Kumambang Gresik.
Puguh baé kudu pabéntar paham jeung umat Islam anu ngarojong sangkan ‘deukeut
ka bedug’. Sebut baé Kiai Hasyim Ashari ti Pasantrén Tebu Ireng Jombang (akina
Gusdur). Nurutkeun sababaraha sumber anu
kapaluruh, ieu dua tokoh téh mindeng debat madungdengkeun perkara bedug. Malah
nepi ka duaanana dipundut ku Nu Kagungan ogé, padungdengan perkara bedug teu
kungsi réngsé.
Béda pamadegan dina nyawang hiji perkara, kacida dimeunangkeunna
dina agama Islam. Malah sabenerna Islam leuwih démokratis sanajan dibandingkeun
jeung partéy-partéy anu make lébel
démokrasi ogé. Buktina Kiai Fakih jeung Kiai Hasim, teu kungsi kabéjakeun paséa
alatan pabéntar paham ngeunaan bedug. Tali silaturahmi teu kungsi pegat, ku
ayana éta perkara. Akur wéh, da puguh duanana ogé Kiai linuhung nu apal jeung
ngarti sarta narima kana ayana béda paham di antara manusa. Nu matak kagugu,
hémeng jeung tajub; upama aya iber Kiai Hasyim bakal nganjang ka Pasantrén Mas
Kumambang, Kiai Fakih maréntah ka para santri-na sangkan néangan atawa nginjeum
heula bedug pikeun ditunda di masjid-na saheulaanan. Pon kitu deui sabalikna,
upama Kiai Fakih nganjang ka Pasantrén Tebu Ireng, Kiai Hasyim ogé maréntah ka
para santri-na sangkan nyumputkeun heula bedug saheulaanan. Silih ajénan, silih
hargaan kana béda pamadegan. Henteu maksakeun kahayang jeung pamadegan
sorangan. Jajauheun nepi ka paséa –komo—galungan kawas para inohong jaman ayeuna
mah anu siga jarauh ka bedug. Ku lantaran kitu, aya hadena upama bedug téh lain
baé disayagikeun di Masjid-Masjid. Geus waktuna nunda bedug di Kantor Walikota, Kantor Bupati, Kantor Gubenrnur, Gedong DPR, MPR, tug nepi
ka di Istana Présidén. Sugan atuh ari ‘deukeut’ ka bedug mah, moal jarauh ka bedug.***
Dimuat dina Majalah Manglé, Taun
2002
Komentar